Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dina ngalaksanakeun panalungtikan, kudu maké métode anu luyu jeung judul
sarta rumusan masalahna, sangkan kahontal tujuan panalungtikan anu
sagemblengna. Metodé anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode
déskriptif.
Métode déskriptif mangrupa hiji métode panalungtikan anu miboga tujuan
pikeun méré gambaran ngeunaan realitas hiji hal sacara objéktif, nya éta
ngeunaan objek nu ditalungtik. Ieu métode mangrupa istilah anu umumna
ngawengku rupa-rupa téhnik déskriptif, di antarana ngajéntrékeun, nganalisis,
jeung ngelompokkeun kalawan téhnik survey, wawancara jeung observasi
(Arikunto, 2013, kc. 6).
Dina ieu panalungtikan, anu didéskripsikeun nya éta ajén falsafah dina
Upacara Séba Ciburuy Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupaten
Garut.
3.1 Désain Panalungtikan
Désain panalungtikan dina ieu panalungtikan nya éta gambaran prak-prakan
dina ieu panalungtikan nu katitén sakumaha nu digambarkeun dina ieu bagan di
Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Gambar 3.1
Désain Panalungtikan
3.2 Partisipan jeung Tempat Panalungtikan
3.2.1Partisipan
Tatahar jeung Ngarumuskeun Masalah
Ngumpulkeun Data
Observasi ka Lapangan
Wawancara ka Narasumber
Ngolah jeung Nganalisis Data
Nyieun Kacindekan tina hasil Ngolah jeung Nganalisis Data
Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
dina ieu panalungtikan. Sumber data anu digunakeun 1) ngaliwatan obsérvasi
kana banda, gerakan, prosés anu tangtu, jeung sakabéh kagiatan dina upacara Séba
Ciburuy anu aya di Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong kabupatén Garut. 2)
Wawancara anu sumber datana ti kuncén, aparat désa jeung warga masarakat,
jeung 3) data tina hasil kajian pustaka di antarana buku-buku anu digunakeun
pikeun référénsi.
3.2.2Tempat Panalungtikan
Kabuyutan Ciburuy mangrupa mangrupa lokasi anu dipaké dina ieu
panalungtikan, anu sacara geografis aya di Kampung Ciburuy, Désa Pamalayan,
Kecamatan Bayongbong, Kabupaten Garut. Ti kota kecamatan, kira-kira 3,5 Km
ka arah kulon, sedengkeun jarak ti puseur dayeuh + 17 km bisa maké mobil atawa
motor ngaliwatan désa anu geus di aspal. Aya dina titik koordinat 7° 17' 18" LU,
107° 49' 43" LS.
Sacara administrasi, wates wilayah Désa Pamalayan nya éta: beulah kalér
ngawates jeung Gunung Cikuray, beulah kidul ngawates jeung Désa Ciburuy
Kecamatan Bayongbong, beulah wétan ngawates Désa Cinisti Kecamatan
bayongbong, tur beulah kulon ngawates jeung Désa Cintanagara Kecamatan
Cigedug.
Kaayaan alamna nya éta sakuriling bungking pagunungan. Jumlah
pendudukna aya kana 5.772 jiwa, nu ngawengku 2.851 jiwa lalaki, jeung 2.921
jiwa awéwé. Pakasabannana rata-rata tani, aya nu ngebon, ternak, (lolobanana
ngangon sapi), buruh, aya ogé di antarana anu jadi pengrajin atawa wiraswasta.
Disagedengeun éta, masarakat di Désa Pamalayan téh leuwih loba anu
Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Gambar 3.2
Lokasi Panalungtikan
Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sumber : http://klosetide.wordpress.com/2013/07/11/pemekaran-kabupaten-garut-selatan
3.3Ngumpulkeun Data
3.3.1 Instrumen Panalungtikan
Dina prosés ngumpulkeun data dibutuhkeun instrumén panalungtikan sangkan
panalungtikan bisa kalaksanakeun kalawan lancar sarta babari. Instrumén
panalungtikan ngawengku sakabéh alat atawa cara anu dipaké pikeun
ngumpulkeun data nu diperlukeun. Dina ieu panalungtikan, instrumén anu
digunakeun nya éta saperti di handap.
1) Pedoman wawancara nya éta pedoman anu dipaké dina wawancara nu
mangrupa patalékan-patalékan anu rék ditanyakeun ka narasumber.
Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
No. Patalékan
1. Kumaha sajarah ngadegna Kabuyutan Ciburuy?
2. Ti iraha ngadegna Kabuyutan Ciburuy?
3. Kumaha sajarah upacara Séba Ciburuy?
4. Iraha lumangsungna upacara Séba Ciburuy?
5. Dimana tempat upacara Séba Ciburuy?
6. Saha waé nu datang dina upacara Séba Ciburuy?
7. Saha nu mingpin upacara Séba Ciburuy?
8. Naon waé kalengkepan upacara anu kudu aya dina upacara Séba
Ciburuy?
9. Kumaha prak-prakan upacara Séba Ciburuy?
10. Kumaha balukarna saupama upacara Séba kaliwat atawa teu
dilaksanakeun?
11. Naon mangfaat tina dilaksanakeunna upacara Séba Ciburuy?
12. Ajén falsafah naon waé anu aya dina upacara Séba Ciburuy?
2) Perekam sora (Hapé recorder) nya éta alat nu dipaké keur ngarekam sora
narasumber nu di wawancara sangkan kacangkem sagemblengna.
3) Perekam video (handycam) nya éta alat pikeun mideo kumaha prak-prakan
upacara jeung mideo anu di wawancara.
Rida Padilah, 2015
Ajen falsafah upacara seba ciburuy desa Pamalayan kecamatan Bayongbong kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
data. Panalungtik ngalakukeun survey ngeunaan objék panalungtikan. Téhnik
ngumpulkeun data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik studi lapangan
(observasi), téhnik wawancara, jeung studi dokumentasi.
Observasi nya éta ngalakukeun panalungtikan langsung ka lapangan pikeun
meunangkeun data anu faktual kalayan maké media anu bisa ngarojong kana
kalaksanana observasi, di antarana kaméra, handphone, jeung handycam.
Wawancara nya éta kagiatan nanya ka narasumber atawa informan pikeun
meunangkeun data atawa ménta kajelasan tina naon anu kapanggih dina
observasi.
Studi dokuméntasi atawa studi pustaka nya éta ngumpulkeun data ngaliwatan
réferénsi sababaraha buku anu ngarojong jeung patali jeung anu ditalungtik.
3.4 Téhnik Analisis Data
Téhnik analisis data dina ieu panalungtikan di antarana:
b. ngumpulkeun jeung ngaidéntifikasidata hasil kajian pustaka;
c. ngumpulkeun jeung ngaidéntifikasi data hasil obsérvasi ka lapangan;
d. ngadéskripsikeun jeung nganalisis data;
e. ngalarapkeun upacara Séba Ciburuy kana bahan pangajaran maca artikel
kabudayaan di SMA kelas XII;