Neneng Jeni Triwahyuni, 2014
Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1Lokasi jeung Sumber Data
3.1.1 Lokasi Panalungtikan
Kecamatan Cilawu téh salah sahiji Kacamatan nu aya di Kabupaten Garut. Kecamatan Cilawu legana 7.763 ha, wates wilayahna nya éta Pamulihan, Talégong, Ciséwu, Caringin, Pakénjéng, Mekarmukti, Kabupaten Bandung, jeung Samudra Hindia. Jumlah penduduk di ieu kacamatan téh 96.029 jiwa anu ngawengku 48.592 lalaki jeung 47.437 awéwé. Jumlah désa di ieu kacamatan aya 18 désa, sedengkeun tempat nu dijadikeun panalungtikan mah aya di Désa Pasanggrahan, Désa Karyamekar jeung Désa Ngamplang.
Pasanggrahan
Neneng Jeni Triwahyuni, 2014
Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Kaayaan tempat anu aya dina suku Gunung Cikuray anu ngalantarankeun pagawéan atawa mata pencaharian penduduk téh kana tatanén, ternak sato, perkebunan, jeung anu deket ka basisir mah jadi pamayang. Hasil tatanén di Kecamatan Cilawu ngawengku bawang daun, ganas, cau, gedang, siam atawa keprok, markisa, jeung peuteuy. Ternak mah biasana sapi, domba jeung hayam. Tina hasil perkebunan Cilawu katelah ku hasil perkebunan nya éta akar wangi atawa biasa disebut usar, salian éta aya oge cengkéh, entéh, jeung bako.
Kaayaan pendidikan di Kecamatan Cilawu kaitung maju, katingali aya sababaraha sakola ti mimiti TK nepi ka SMA/SMK. Jumlah TK di ieu kacamatan aya genep, RA opat, SD 68, MI tilu, SMP dalapan, MTs genep, SMA dua, jeung SMK dua.
3.1.2 Sumber Data Panalungtikan
Sumber data dina panalungtikan mangrupa subjék ti mana urang menangkeun éta data. Waktu panalungtik ngagunakeun kuisionér atawa wawancara dina ngumpulkeun datana, sumber datana disebut réspondén, nya éta jalma nu ngaréspon atawa ngajawab patalékan-patalékan panalungtik sacara tinulis atawa lisan (Arikunto, 2010. kc. 172). Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kagiatan dina upacara nujuh bulanan, barang-barang nu dipaké dina upacara nujuh bulanan, informasi ti indung berang sarta tina buku-buku sumber anu aya pakuat-pakait jeung judul panalungtikan.
3.1.3 Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan mangrupa prosés panalungtikan nu mangrupa studi pustaka, obsérvasi, ngumpulkeun data, ngolah data, jeung nyusun laporan panalungtikan.
Neneng Jeni Triwahyuni, 2014
Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.2Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Unggal panalungtikan téh salawasna baris merlukeun métode anu luyu jeung udagan anu baris dihontalna.
TUJUAN PANALUNGTIKAN Ngadéskripsikeun :
1. Prak-prakan nujuh bulanan.
2. Jenis folklor anu nyampak dina upacara nujuh bulanan. 3. Hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artikel
kabudayaan di SMA kelas XII.
NGUMPULKEUN DATA TINA BUKU-BUKU SUMBER NGEUNAAN TRADISI NUJUH BULANAN
NGAYAKEUN PANALUNGTIKAN DI KECAMATAN CILAWU JEUNG NGAWAWANCARA PARAJI
ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI DATA
Neneng Jeni Triwahyuni, 2014
Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Arikunto (2006, kc. 160) nétélakeun yén métode panalungtikan téh nya éta cara anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikanna. Harti métode sacara jembar dianggap mangrupa stratégi pikeun nyangkem réalitas, léngkah-léngkah sistematis pikeun nganalisis runtuyan sabab-akibat anu satuluyna. Salaku alat, sarua jeung téori, métode miboga fungsi pikeun ngabasajankeun supaya leuwih babari ditalungtik jeung dicangkem.
Dina ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif kualitatif. Nurutkeun Bodgan jeung Taylor (dina Basrowi, 2008, kc. 21), métode kualitatif salaku prosédur panalungtikan nyangking data déskriptif anu mangrupa kecap-kecap sacara tinulis atawa lisan ti jalma-jalma atawa pelaku anu ditalungtik.
Jadi, métode déskriptif kualitatif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadékripsikeun folklor nujuh bulanan di Kecamatan Cilawu Kabupatén Garut pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA kelas XII. Métode panalungtikan ieu dipiharep bisa ngahontal tujuan panalungtikan anu baris dihontal.
3.2.1 Wangenan Operasional
Wangenan operasional nya éta hiji hal anu dipercaya bebeneranna ku panalungtik anu miboga pungsi salaku hal-hal nu dipaké pikeun tempat nangtung panalungtik dina ngalaksanakeun panalungtikanna (Arikunto, 2006, kc. 24).
1) Tradisi Nujuh Bulanan
Upacara nujuh bulanan nya éta salasahiji upacara salametan nu keur kakandungan nalika umur kandungan geus nincak tujuh bulan, dina upacara nujuh bulanan biasana aya adat ngamandian nu keur kakandungan jeung ngarujak.
2) Folklor
Neneng Jeni Triwahyuni, 2014
Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
dongéng anu diwariskeun sacara turun-tinurun ti hiji generasi anu leuwih kolot ka generasi anu leuwih ngora kalawan ku cara lisan.
3) Bahan Pangajaran Maca
Bahan pangajaran nya éta salah sahiji komponén sistem pangajaran anu miboga peran penting dina ngabantuan siswa sangkan bisa ngahontal SKKD anu eusina pangaweruh, kaparigelan, sarta sikep atawa ajén anu kudu dipikaweruh ku siswa (Yuniawati, 2012, kc. 37). Maca nurutkeun Hodgson (dina Tarigan, 2008, kc. 7) maca nya éta hiji proses nu dilakukeun sarta dipaké ku nu maca pikeun menangkeun pesen, anu baris ditepikeun ku nu nulis ngaliwatan kekecapan atawa basa tinulis. Bahan pangajaran maca nya éta bahan pangajaran anu dijerona ngawengku aspék kaparigelan maca.
3.3Instrumen Panalungtikan
Instrumén panalungtikan mangrupa alat-alat nu dipaké pikeun menangkeun atawa ngumpulkeun data pikeun ngabéréskeun pasualan panalungtikan atawa ngahontal tujuan panalungtikan.
3.3.1 Kaméra Digital
Kaméra foto digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun kagiatan dina prak-prakan nujuh bulanan.
3.3.2 Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara indung berang atawa paraji. Dina ieu panalungtikan maké sistem wawancara terstruktur.
Neneng Jeni Triwahyuni, 2014
Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabel 3.2
Pedoman Wawancara
3.4Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik ngumpulkeun data mangrupa salah sahiji upaya dina panalungtikan ngagunakeun métode anu baris ditangtukeun sangkan tujuanna bisa kahontal. Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik obsérvasi, téhnik dokuméntasi, jeung téhnik wawancara.
a) Téhnik obsérvasi
Téhnik obsérvasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan kumaha prak-prakan tradisi nujuh bulanan jeung prak-prakan ngajarkeun materi maca artikel.
b) Téhnik dokuméntasi
Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ti sumber lain manusa, diantarana dokumén jeung rékaman. Dokuméntasi asalna tina kecap dokumén, anu hartina barang-barang anu tertulis. Dina ngalaksanakeun métode dokuméntasi, panalungtik nalungtik kana barang-barang tertulis saperti buku, majalah, dokumén, peraturan,jsb (Arikunto, 2010. Kc. 201).
c) Téhnik wawancara
No Pedoman patalékan wawancara 1. Prak-prakan tradisi nujuh bulanan.
2. Pakakas nu digunakeun dina tradisi nujuh bulanan.
3. Kadaharan has nu aya dina tradisi nujuh bulanan.
Neneng Jeni Triwahyuni, 2014
Folklor Dina Tradisi Tujuh Bulanan di Kecamatan Cilawu Kab.Garut Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Wawancara mangrupa hiji paguneman anu dilakukeun ku nu ngawawancara (interviewer) pikeun menangkeun informasi ti nu diwawancara.