• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1202961 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1202961 Chapter3"

Copied!
8
0
0

Teks penuh

(1)

Juju Jumanah, 2016

ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA DI DÉSA MEKARMUKTI KACAMATAN TALÉGONG KABUPATÉN GARUTPIKEUN BAHAN AJAR APRÉSIASI PUISI D I SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Ieu panalungtikan kagolong kana panalungtikan kualitatif. Panalungtikan

kualitatif nya éta salah sahiji pamarekan panalungtikan anu sumber datana

mangrupa kekecapan lisan, tulisan, atawa barang, anu ditalungtik kalawan gemet sangkan bisa nyangkem ma’na tina nu ditalungtik (Arikunto, 2013, kc. 22).

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif.

Métodé déskriptif nya éta métode pikeun ngaréngsékeun hiji pasualan sacara

sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta- fakta jeung sipat populasi atawa

daérah nu tangtu (Suryabrata, 2012, kc. 75). Métode déskriptif anu digunakeun

nya éta déskriptif analitik. Métode déskriptif analitik nya éta métode

panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dasar sacara deskriptif, teu nguji

hipotésis, jeung teu nyieun ramalan. Tujuanna nya éta nyieun gambaran sacara

sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta- fakta jeung sipat-sipat populasi

atawa daérah nu tangtu (Suyatna, 2002, kc. 14). Ieu métode digunakeun pikeun

ngadéskripsikeun sarta ngaanalisis struktur puisi mantra nu aya di Désa

Mekarmukti, Kacamatan Talégong, Kabupatén Garut. Satuluyna, éta hasil analisis

téh dijadikeun bahan ajar aprésiasi puisi di SMA kelas XI.

Dina ieu bab dipedar opat perkara nu patali jeung métode panalungtikan. Éta

opat perkara téh nya éta désain panalungtikan, sumber data jeung lokasi

panalungtikan, ngumpulkeun data, sarta analisis data.

3.1Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan téh mangrupa rarancang anu digunakeun ku

panalungtik pikeun meunangkeun data nu rék ditalungtik. Désain panalungtik téh

tujuanana pikeun ngagambarkeun léngkah- léngkah panalungtikan, ti mimiti

tatahar nepi ka nyieun kacindekan tina hasil panalungtikan. Sangkan leuwih jéntré

(2)

Juju Jumanah, 2016

ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA DI DÉSA MEKARMUKTI KACAMATAN TALÉGONG KABUPATÉN GARUTPIKEUN BAHAN AJAR APRÉSIASI PUISI D I SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Bagan 3.1. Désain Panalungtikan

3.2Sumber Data jeung Lokasi Panalungtikan

3.2.1 Sumber Data

Sumber data nya éta subjek anu dicangking atawa dikumpulkeun

(Arikunto, 2013, kc. 172). Sumber data mangrupa asal data panalungtikan ti

lapangan. Sumber data bisa dipasing-pasing jadi tilu, nya éta: 1) jalma nu bisa

méré data boh lisan boh tinulis; 2) tempat nu nembongkeun kaayaan cicing

atawa gerak; jeung 3) simbol nu mangrupa sumber data nu ngagambarkeun

tanda-tanda dina wangun huruf, angka, atawa gambar. Nyieun Kacindekan

Ngolah Data (Analisis)

Dokuméntasi

Wawancara Identifikasi Masalah

Tatahar

Ngumpulkeun Data

Talaah Pustaka Ngarumuskeun

(3)

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta jalma salaku narasumber

atawa informan, sarta tulisan mangrupa dokumentasi. Sumber data dina ieu

panalungtikan nya éta masarakat Désa Mekarmukti anu nyaho kana puisi

mantra.

Nurutkeun Isnéndés (2010, kc. 104), anu jadi informan atawa narasumber

téh kudu nyumponan sababraha sarat atawa katangtuan, nya éta: (1) kategori

umur informan: (a) 0-20 taun, (b) 21-40 taun, (c) 41-60 taun, (d) 61-80 taun,

(e) 81-100 taun, (f) 101-120 taun; (2) pituin asli ti wewengkon éta; (3) miboga

pakasaban anu matuh; (4) omongan béntés jeung teu kurang dédéngéan; (5)

masih kénéh séhat jasmani jeung rohani; sarta (6) apal kana puisi mantra nu

aya di daérah éta.

Dina tabél 3.1. dipedar sumber data nu aya di Désa Mekarmukti,

Kacamatan Talégong, Kabupatén Garut. Sumber data ieu geus nyumponan

sababaraha sarat atawa katangtuan pikeun jadi informan atawa narasumber

(4)

Juju Jumanah, 2016

ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA D I D ÉSA MEKARMUKTI KACAMATAN TALÉGONG KABUPATÉN GARUTPIKEUN BAHAN AJAR APRÉSIASI PUISI D I SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.1.

Data Narasumber Puisi Mantra di Désa Mekarmukti, Kacamatan Talégong, Kabupatén Garut

(5)

3.2.2 Lokasi Panalungtikan

Lokasi panalungtikan nya éta lokasi di mana panalungtikan lumangsung

(Sukardi, 2013, kc. 53). Lokasi ieu panalungtikan téh dilaksanakeun di Désa

Mekarmukti, Kacamatan Talégong, Kabupatén Garut. Jarak ti Désa Mekarmukti

ka kacamatan kurang leuwih 20 kilometer, sedengkeun jarak ka kabupatén

kurang leuwih 360 kilometer.

Sacara administratif Désa Mekarmukti belah kulon diwatesan ku Ciawitali,

belah wétan ku walungan Cisurén, belah kidul ku Kali Cikahuripan, jeung belah

kalér ku Kali Cibaliung. Désa Mekarmukti miboga opat dusun, dalapan RW,

jeung 26 RT. Jumlah penduduk di Désa Mekarmukti nu kacatet taun 2015 aya

3.952 jiwa, anapon wicikanana nya éta: awéwé 1969 jiwa jeung lalaki 1983

jiwa. Luas wilayah ieu désa nya éta 1.940.085 Ha.

Pakasaban masarakat di Désa Mekarmukti réréana kana tatanén nya éta

jadi buruh tani, tapi aya ogé anu jadi tukang dagang, PNS, pagawé swasta, jeung

réa-réa deui. Basa nu dipaké sapopoé di Désa Mekarmukti nya éta basa Sunda.

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Téknik Ngumpulkeun Data

Téknik nu dipaké dina ngumpulkeun data nya éta téknik talaah pustaka,

wawancara, jeung dokuméntasi.

1) Talaah pustaka

Talaah pustaka mangrupa téknik anu dipaké pikeun néangan data, jeung

nangtukeun dasar-dasar téori nu aya patalina jeung obyék panalungtika n

nu ditalungtik (Isnéndés, 1998, kc. 30).

2) Wawancara

Wawancara nya éta dialog anu dilaksanakeun ku nu ngawawancara ka

informan pikeun meunangkeun informasi atawa data. Dina

ngalaksanakeun wawancara biasana nu ngawawancara mawa padoman

wawancara anu eusina mangrupa gurat badag hal-hal nu baris ditanyakeun

(6)

Juju Jumanah, 2016

ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA DI DÉSA MEKARMUKTI KACAMATAN TALÉGONG KABUPATÉN GARUTPIKEUN BAHAN AJAR APRÉSIASI PUISI D I SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) Dokuméntasi

Dokumén mangrupa catetan kajadian nu geus lumangsung. Dokumén bisa

mangrupa tulisan, gambar, atawa karya monuméntal ti hiji jalma

(Sugiyono, 2012, kc 240). Nurutkeun Arikunto (2013, kc. 274),

dokuméntasi téh nya éta néangan data-data atawa variabel nu mangrupa

catetan, buku-buku, transkrip, prasasti, jeung sajabana. Téknik ieu biasana

digunakeun pikeun ngumpulkeun data ti informan nu mangrupa foto- foto

ngeunaan informan.

3.3.2 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta pakakas atawa fasilitas anu digunakeun

ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanna leuwih gampang

sarta hasilna leuwih hadé (Arikunto, 2013, kc. 203). Dina ieu panalungtikan,

sangkan bisa meunangkeun data jeung hasil nu nyugemakeun sarta

ngayakinkeun, digunakeun sababaraha instrumén, nya éta ieu di handap.

1) Format Buku

Format buku digunakeun minangka instrumén pikeun ngumpulkeun data

waktu talaah pustaka. Anapon formatna nya éta ieu di handap.

Padoman wawancara digunakeun pikeun meunangkeun data sacara tinulis

jeung digunakeun pikeun data nu éngkéna baris diukur. Padoman

wawancara mangrupa runtuyan poin-poin patalékan dina tabél nu

dijadikeun patokan wawacara ka informan. Runtuyan-runtuyan patalékan

ieu mangrupa gurat badag tina perntanyaan di lapangan. Hartina, ieu

pernyataan bisa ditambahan salega-legana.

(7)

Tabél 3.3.

1.3. Jenis Kelamin Narasumber 1.4. Alamat Narasumber 1.5. Pakasaban Narasumber 1.6. Jenjang Atikan Narasumber 1.7. Kalungguhan Narasumber di

Masarakat

3) Handphone (Camera jeung Recorder)

Handphone mangrupa instrumén nu kalintang pentingna dina

panalungtikan. Aplikasi handphone nu digunakeun nya éta camera jeung

recorder. Recorder digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina wangun

audio. Ieu instrumén digunakeun waktu narasumber nétélakeun naon ari

puisi mantra, kumaha cara makena, sarta prak-prakkan nu langkung écés.

Camera digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun data. Ieu instrumén

digunakeun pikeun ngainvéntarisasi atawa pengarsipan puisi mantra anu

aya dina wangun tinulis, sarta pikeun ngadokuméntasikeun narasumber nu

(8)

Juju Jumanah, 2016

ANALISIS STRUKTURAL PUISI MANTRA DI DÉSA MEKARMUKTI KACAMATAN TALÉGONG KABUPATÉN GARUTPIKEUN BAHAN AJAR APRÉSIASI PUISI D I SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.4 Analisis Data

Sanggeus data kakumpul, diteruskeun kana analisis data. Anapon

léngkah-léngkah dina nganalisis data dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap.

1) Mariksa jeung ngolah data.

2) Klasifikasi jeung ngelompokkeun puisi mantra nu kakumpul dumasar kana

konsép papasingan Rusyana jeung kritéria Isnéndés, sarta méré kode

mantra dumasar kana penomoran Isnéndés.

3) Nangtukeun puisi mantra nu baris dianalisis.

4) Nganalisis data dumasar strukturna (wangun jeung wirahma, purwakanti,

babalikan, sarta citraan).

5) Nangtukeun puisi mantra nu sakirana luyu dijadikeun bahan ajar.

6) Nyieun bahan ajar aprésisasi puisi.

Referensi

Dokumen terkait

[r]

PENERAPAN MODEL COOPERATIVE LEARNING TIPE THINK PAIR SHARE UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN MENULIS PANTUN SISWA SEKOLAH DASAR.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

FAKTOR RISIKO AKNE VULGARIS DI KALANGAN MAHASISWA FAKULTAS KEDOKTERAN UNIVERSITAS SUMATERA UTARA.. ANGKATAN 2009, 2010,

Se o incumprimento de entregar o imposto a tempo se deve a uma deliberada tentativa de evitar o pagamento de imposto da parte do sujeito passivo, são aplicáveis o normal

Analisis data yang dicari melalui rumus statistika karya Sudjana (2001) yaitu, rata-rata kelompok 1 sebesar 4,62 dengan simpangan baku 1,68 dan rata-rata kelompok 2

Menganalisis data pretest dan postest. Langkah-langkah analisis data adalah sebagai berikut. a) Menganalisis hasil therapy siswa sebelum dan sesudah diberikan tindakan

1 Perilaku sosial dalam kecenderungan perilaku peran remaja tunadaksa yang menggunakan jejaring sosial facebook di sekolah. Menurut pandangan ibu, bagimanakah siswa

Tujuan penelitian adalah: (1) mengungkap kemampuan foto udara pankromatik hitam putih skala 1:50.000 dalam mendukung kajian gerak massa; (2) mengetahui potensi,