• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1006457 CHapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1006457 CHapter5"

Copied!
4
0
0

Teks penuh

(1)

99

NENDEN POPI NURASYIAH, 2014

Analisis Naskah Drama Pajaratan Cinta Karya Dhipa Galuh Purba

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana data jeung déskripsi tina bab-bab saacana, yén aya sababaraha analisis nu geus dilaksanankeun dina ieu panalungtikan nya éta: analisis struktur, gaya basa, jeung ma’na kiasan nu nyampak dina naskah darama

“Pajaratan Cinta”, nu hasil analisisna bisa dicindekeun saperti ieu dihandap.

Struktur pangwangun naskah drama “Pajaratan cinta”, nya éta: (1) tema, (2) fakta carita (alur, tokoh, penokohan, jeung latar), (3) sarana sastra (judul, puseur implengan, jeung gaya), sarta (4) unsur drama (prolog, dialog, babak, adegan, wawancang, jeung epilog). Tema dina naskah drama “Pajaratan Cinta”

nya éta, tema sosial nu leuwih condong kana perkara percintaan. Fakta carita

dina naskah drama “Pajaratan Cinta”, nya éta: alur dina naskah drama “Pajaratan

Cinta” nya éta alur mérélé; tokoh dina naskah drama “Pajaratan Cinta” aya

salapan tokoh, 4 palaku utama jeung 5 palaku tambahan; latar nu kapanggih dina

naskah drama “Pajaratan Cinta” aya 31, nya éta, latar sosial aya 25 (80,6%), latar

tempat aya 3 (9,6%), jeung latar waktu aya 3 (9,6%). Sarana sastra dina naskah

drama “Pajaratan Cinta”, nya éta: judul naskah drama “Pajaratan Cinta” ngacu

kana latar tempat lumangsungna carita; sudut pandang dina naskah drama

“Pajaratan Cinta” nya éta jalma katilu (third person); gaya basa umum nu

kapanggih dina naskah drama “Pajaratan Cinta” aya 12, 6 gaya basa retoris, jeung 6 gaya basa kiasan; gaya basa has dina naskah drama “Pajaratan Cinta” aya 13, 7 gaya basa asing, jeung 6 gaya basa idiolék. Unsur drama dina naskah drama

“Pajaratan Cinta”, nya éta: prolog dina naskah drama “Pajaratan Cinta”

ngajelaskeun ngeunaan tempat kajadian, suasana, jeung palaku; adegan dina

naskah drama “Pajaratan Cinta” aya VI adegan; babak dina naskah drama

“Pajaratan Cinta” aya sababak nu lumangsung dihiji tempat; wawancang dina

(2)

100

NENDEN POPI NURASYIAH, 2014

Analisis Naskah Drama Pajaratan Cinta Karya Dhipa Galuh Purba

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dina naskah drama “Pajaratan Cinta” aya 263 dialog pribadi antara palaku; jeung

epilog dina naskah drama “Pajaratan Cinta” nyaritakeun peristiwa pamungkas. Gaya basa dina naskah drama “Pajaratan Cinta” kapanggih 135 ungakara gaya basa, gaya basa retoris 29 (21,5%), sedengkeun gaya basa kiasan 106 (78,5%). Gaya basa retoris, nya éta: aliterasi, asonansi, asyndeton, ellipsis, eufemismus, pleonasme, jeung hiperbola, sarta gaya basa kiasan, nya éta: simile, metafora, personifikasi, alusi, metonimia, jeung satire. Makéna gaya basa retoris

jeung gaya basa kiasan dina naskah drama “Pajaratan Cinta”, nya éta: (1) gaya

basa aliterasi aya 9 (4,1%), (2) gaya basa asonansi aya 25 (11,4%), (3) gaya basa

asideton aya 13 (5,9%), (4) gaya basa elipsis aya 2 (0,9%), (5) gaya basa

eufemismus aya 16 (7,3%), (6) gaya basa pleonasme aya 7 (3,2%), (7) gaya basa

hiperbola aya 23 (10,5%), (8) gaya basa simile aya 9 (4,1%), (9) gaya basa

metafora aya 62 (28,2%), (10) gaya basa personifikasi aya 27 (12,3%), (11) gaya basa alusi aya 6 (2,7%), (12) gaya basa metonimia aya 10 (4,5%), jeung (13) gaya basa satire 11 aya (11 95%). Dina naskah drama “Pajaratan Cinta” gaya basa kiasan leuwih dominan ti gaya basa retoris, nyaéta: gaya basa retoris aya 95 (43,2%) sedengkeun gaya basa kiasan aya 125 (56,8%). Gaya basa kiasan

metafora mangrupa gaya basa nu panglobana kapanggih dina ieu naskah, nya éta 62 (28,2%).

Ma’na gaya basa kiasan dina naskah drama “Pajaratan Cinta” nya éta, 50

ungkara gaya basa ti 106 ungkara gaya basa kiasan nu aya dina ieu naskah. Hasilna ma’na nu digunakeun leuwih loba ngagunakeun basa-basa injeuman nu sipatna babandingan.

Kacindekanna naskah drama “Pajaratan Cinta” kacida euyeub ku ungkara

(3)

101

NENDEN POPI NURASYIAH, 2014

Analisis Naskah Drama Pajaratan Cinta Karya Dhipa Galuh Purba

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2 Saran

Aya sababaraha saran anu baris ditepikeun dina ieu panalungtikan, nyaéta pikeun: para kritikus sastra, seniman téater di tatar Sunda, para mahasiswa JPBD, jeung para guru basa Sunda.

1) Kritikus Sastra

Saran pikeun kritikus sastra Sunda nya éta, sarua halna jeung carpon, novel, atawa sajak, naskah drama ogé mangrupa karya sastra anu perlu dikritisi, utamana unsur basa jeung ma’na nu nyampak dijerona, sabab naskah drama bisa leuwih kaharti mun harti tina basana kaguar sacara optimal.

2) Seniman Téater di tatar Sunda

Saran pikeun seniman téater di tatar Sunda nya éta méméh magelarkeun hiji naskah drama, leuwih alusna upama naskah drama dipaluruh heula struktur, gaya basa, jeung utamana ma’na tina unggal ungkara basa nu aya dijerona, sangkan dina magelarkeun naskahna leuwih optimal. Salian ti éta, naskah drama mangrupa karya sastra nu kawilang langka, ku kituna salian ti bisa mintonkeun hiji karya drama, nulis naskah drama utamana naskah drama dina basa Sunda ogé kawilang penting, sangkan karya sastra drama di tatar Sunda leuwih mekar.

2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah (Sunda)

Saran pikeun mahasiswa JPBD, salian ti novel, carpon, jeung sajak, drama ogé mangrupa karya sastra anu teu éléh penting pikeun dipaluruh jeung ditalungtik, boh dina strukturna boh dina basana. Lantaran dina drama miboga kahasan jeung kaunikan sorangan anu teu éléh ngirut jeung karya sastra séjéna. Kitu ogé dina nulis karya sastra drama, nu kiwari henteu pati loba peminatna.

3) Guru Basa Sunda

(4)

102

NENDEN POPI NURASYIAH, 2014

Analisis Naskah Drama Pajaratan Cinta Karya Dhipa Galuh Purba

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Referensi

Dokumen terkait

dipertimbangkan pegawai ARS dalam motivasi bekerja pada BROS dan mampu menjelaskan semua varian yang ada dalam data. Kelima faktor tersebut, yaitu: a. Faktor Affiliation

Perkembangan inflasi Kota Surabaya relatif sejalan dengan inflasi Jawa Timur yang menunjukan tren perlambatan terutama untuk kelompok administered price dan inti.. Di sisi

Menurut Zethaml dan Bitner (1996) kualitas pelayanan adalah tingkat keunggulan yang diharapkan dan pengendalian atas tingkat keunggulan tersebut untuk memenuhi

[r]

bentuk partisipasi masyarakat yang dapat dilihat dalam pembangunan desa adalah. bentuk pemikiran, tenaga, materi

Untuk tuna rungu ringan ada juga alat dan caranya agar anak-anak tuna rungu bisa mengerti apa yang kita bicarakan, sehingga tetap bisa berkomunikasi dan proses belajar

Atas parliipasirya .rebagai peserta

Adapun permasalahan pokok yang dikaji dalam penelitian ini adalah sebagai berikut (1) bagaimana bentuk lingual dalam wacana mideur di Kampung Nusa, Kecamatan Cimanggung,