• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1101089 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1101089 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Bisa dicindekeun yén naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar

ngaguar rupaning kaayaan sosial ngaliwatan problématika tokoh-tokohna.

Ditingal tina intensitas problématika nu dialamanana, aya opat tokoh problématik:

1) Dalka, 2) Sarwani, 3)Burhan, jeung 4) Wanoja. Luyu jeung peranna dina

naskah, opatanana bisa nganggeuskeun problématikana ku cara séwang-séwangan.

Hasil analisis ngeunaan kasang tukang kahirupan Nazarudin Azhar

ngawengku: biografina, karya-karyana, jeung konsép kapangaranganana. Bisa

dicindekeun yén Nazarudin Azhar nya éta pangarang Sunda lantaran anjeunna

pituin Sunda ogé loba karyana dina basa Sunda. Salaku pangarang anjeunna

miboga konsép kapangarangan sorangan, utamana dina bentuk naskah drama

Sunda. Naskah-naskah dramana miboga bentuk jeung eusi carita nu béda tinu lian.

Sawangan dunya Nazarudin Azhar dina naskah drama Jeblog ngawengku

kasang tukang, éksisténsi awéwé, pentingna mikanyaho sajarah jeung

kamandangna ngeunaan bentuk naskah drama Sunda nu masih kénéh bisa robah

sangkan teu karasa monoton.

5.2 Implikasi

Panalungtikan naskah drama Jeblog teu ngansaukur naluntik naskah salaku

teks sastra tapi pangarang salaku nu nulis ogé masarakat nu mangaruhan kana

warna tulisan pangarang. Kaayaan sosial masarakat jadi salah sahiji élemén

pikeun jadi objék dina ieu panalungtikan. Salah sahiji mangpaat ieu panalungtikan

nya éta salaku gambaran umum pikeun masarakat ngeunaan naskah drama jeung

strukturalisme génétik salaku tilikanana.

Tina ieu panalungtikan dipiharep anggota masarakat sacara umum maham

yén karya sastra dipangaruhan ku kahirupan sosial masarakat anu cicing

(2)

71

Yosef Mubarok Ibrahim, 2014

NASKAH DRAMA JEBLOG KARYA NAZARUDIN AZHAR (Tilikan Strukturalisme Génétik) Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

5.3 Rékoméndasi

Panalungtikan ngeunaan naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar

tangtu loba kénéh kurangna. Lantaran dina naskah drama Jeblog karya Nazarudin

Azhar masih loba hal anu perlu ditaluntik ngagunakeun pamarekan atawa teori nu

lian. Ku kituna perlu aya panalungtikan lain boh sacara struktural ogé sosiologis,

ngaliwatan pamarekan intertekstual jeung karya sastra séjén. Ku cara éta dipiharep

bisa méré kamandang lain tina sawangan dunya pangarang jeung makna lainna,

nu leuwih nyosok jero.

Panalungtikan karya sastra ngagunakeun pamarekan strukturalisme

génétik pikeun naskah drama ogé karya sastra Sunda sacara umum can loba

Referensi

Dokumen terkait

Dumasar déskripsi jeung analisis aspék sosial dina babasan jeung paribasa Sunda pikeun ngagambarkeun kahirupan sosial urang Sunda tur ciri has masarakat Sunda,

Sumber data utama dina ieu panalungtikan nya éta naskah drama Jeblog karya Nazarudin Azhar nu diterbitkeun ku Téater Sunda Kiwari (TSK) minangka salah sahiji naskah

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun asal- usul sarta wangun kecap Ragam basa Sunda Ciak ogé ngadéskripsikeun pola parobahan kecap

2) Média puzzle tétéla geus bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis sisindiran siswa,. Ku kituna ieu média bisa ogé dipaké ku guru mata pelajaran séjén

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉD AGOGIK D INA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WAND A PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA D I SMA Universitas

babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan. Salian ti éta, ogé. dipiharep murid sakola bisa tumuwuh kasadaranana pikeun

ANALISIS NASKAH DRAMA SADRAH KARYA NAZARUDIN AZHAR (TILIKAN SÉMIOTIK).. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

panalungtik boh sacara langsung boh teu langsung kana objék panalungtikan. Téhnik observasi dipaké pikeun néangan naskah sacara langsung ka. masarakat, lembaga, atawa