• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1006597 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1006597 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun tindak

komunikasi verbal jeung nonverbal nu aya dina drama Sunda Juragan Hajat

karya Kang Ibing, sarta kasaluyuan di antara duanana. Tiori anu digunakeun

nyaéta tiori wanda tindak tutur John Asutin, tiori fungsi tindak tutur Searle sarta

tiori kinesik Jalaludin Rakhmat. Dina ieu panalungtikan, métode anu digunakeun

nyaéta métode déskriptif. Dumasar kana pidangan dina bab IV, ieu panalungtikan

bisa dicindekkeun dina pedaran ieu di handap.

Tindak komunikasi verbal (tindak tutur) nyoko kana dua hal, nyaéta wanda

tindak tutur jeung fungsi tindak tutur. Kahiji, wanda tindak tutur ngawengku tilu

rupa, nyaéta (1) tindak lokusi, (2) tindak ilokusi, jeung (3) tindak perlokusi.

Kadua, fungsi tindak tutur ngawengku lima rupa, nyaéta (1) fungsi asértif, (2)

fungsi diréktif, (3) fungsi éksprésif, (4) fungsi komisif, jeung (5) fungsi déklaratif.

Tindak komunikasi nonverbal nyoko kana opat polah (tindak), nyaéta (1)

polah awak (tindak gestur) anu ngawengku kana polah leungeun saperti nunjuk;

(2) polah paroman (tindak fasial) anu ngawengku 6 rupa polah, nyaéta paroman

sedih, bungah, reuwas, ambek, sieun jeung keuheul; (3) polah dedegan (tindak

postural) anu ngawengku 10 polah, nyaéta polah nangtung mongkoy, polah

leumpang, polah rengkuh, polah capé, polah nukangan, tagog ménak, polah

ngahormat, polah panata calagara, polah saregep jeung polah cacarita; sarta (4)

polah gabungan (tindak kombinasi), anu nyoko kana fasial jeung gestur, fasial

jeung postural, sarta gestur jeung postural.

Drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing mangrupa drama komedi

anu kalintang éksprésifna. Katitén nalika panyatur nepikeun pesen verbal, loba

pisan polah nonverbal anu marenganana saperti polah gestur, fasial jeung postural.

Kasaluyuan antara tindak komunikasi verbal jeung nonverbal téh didasarkeun

kana fungsi tindak tutur (asértif, diréktif, éksprésif, komisif jeung déklaratif)

(2)

181

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nonverbal nu marengan komunikasi verbal (tindak tutur) téh miboga fungsi salaku

panglengkep (komplemen) jeung méré kategasan (aksentuasi) kana naon nu

diucapkeun ku panyatur, nu utamana mah dina fungsi éksprésif.

5.2 Saran

Panalungtikan ngeunaan tindak komunikasi verbal atawa tindak tutur

saméméhna geus aya nu medar, tapi ieu panalungtikan béda jeung panalungtikan

saméméhna, lantaran salian ti medar ngeunaan tindak komunikasi verbal (tindak

tutur), dibahas ogé ngeunaan tindak komunikasi nonverbalna anu ngawengku

kinesik atawa gerak awak. Najan kitu, tangtu waé ieu panalungtikan téh masih

loba kénéh héngkérna, masih kénéh loba anu kudu dipedar pikeun panalungtikan

saterusna ngeunaan tindak komunikasi verbal jeung nonverbal. Patali jeung hal

éta, aya sababaraha saran nu perlu ditepikeun.

a. Panalungtikan ngeunaan tindak komunikasi verbal jeung nonverbal teu ngan

saukur dina drama wungkul, tapi bisa ogé aya dina karya sastra séjén saperti

carpon jeung novél. Ku kituna, masih perlu aya panalungtikan nu sarua tapi

datana mangrupa karya sastra warna séjén.

b. Salian ti analisis tindak komunikasi verbal jeung nonverbal dina drama Sunda

Juragan Hajat karya Kang Ibing, bisa ogé dianalsis tata krama basa nu

digunakeun dina paguneman drama Juragan Hajat. Ku kituna, perlu

panalungtikan séjén nu ngulik tata krama basa dina drama Sunda Juragan

Hajat karya Kang Ibing.

c. Drama Sunda Juragan Hajat karya Kang Ibing mangrupa drama komedi anu

euyeub ku ajén moralna. Ku kituna, ieu drama bisa ogé dianalisis ajén moralna

Referensi

Dokumen terkait

kalakuan anu didadasaran kana cara pandang (pamadegan, kayakinan jeung sawangan) salaku reaksi tina naon anu kajadian. Saenyana sikep mangrupa gambaran tina jiwa anu

Jadi, nulis téh mangrupa salah sahiji kaparigelan basa anu ngagunakeun lambang tulisan (aksara) atawa angka pikeun ngahasilkeun hiji karya. Ari tulisan téh dina

jeung paélmuan manusa. Tina ieu naskah, bisa kapaluruh yén masarakat Sunda miboga pangaweruh. anu kacida jembarna. Ieu hal bisa katitén tina dipakéna

Média ular tangga bisa dilarapkeun dina pangajaran nulis aksara Sunda. Matéri akasara Sunda anu aya dina ieu média nyakup aspék aksara ngalagena,. aksara swara,

jeung basa asing. Salah sahiji basa daérah nu aya di Indonesia nya éta basa Sunda. Nurutkeun Sudaryat, spk. 1) basa Sunda mangrupa basa indung pikeun.. urang Sunda, boh anu aya di

Bab IV mangrupa bagian skripsi anu ngadéskripsikeun jeung nganalisis hasil panalungtikan anu di jerona ngawengku: déskripsi téks dongéng-dongéng anu aya di

Naskah drama mangrupa karangan sastra nu eusina dialog tokoh anu ngaguluyur ngawangun hiji jalan carita, nu engkéna dijieun hiji pintonan drama, ieu hal luyu jeung

ngagunakeun basa Sunda anu luyu tur merenah. 3) Ieu panalungtikan ngan dilakukeun dina pangajaran nulis éséy ka siswa kelas. XII IPA SMA KARTIKA XIX-3 Bandung taun