• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1006597 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1006597 Chapter3"

Copied!
4
0
0

Teks penuh

(1)

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nyaéta omongan jeung gerak tubuh (kinesik) nu

aya dina drama Juragan Hajat karya Kang Ibing. Sedengkeun sumber data ieu

panalungtikan nyaéta video drama jeung naskah transkripsi drama Juragan Hajat

karya Kang Ibing.

3.2 Desain Panalungtikan

Sangkan ieu panalungtikan bisa ngaguluyur kalayan lancar nepi ka ahir,

tangtu waé panulis nyieun hiji desain panalungtikan, di handap diébréhkeun

desain panalungtikan ti mimiti masalah nu diangkat dina ieu panalungtikan nepi

ka kacindekan.

Bagan 3.1: Galur Panalungtikan

Masalah

 Kumaha tindak komunikasi verbal dina drama Sunda Juragan Hajat?

 Kumaha tindak komunikasi nonverbal dina drama Sunda Juragan

Hajat?

 Naha saluyu antara komunikasi verbal jeung komunikasi nonverbal?

Instrumen Panalungtikan:

Kartu Data, Alat Elektronik Téhnik Ngumpulkeun Data:

Téhnik Dokumentasi

Téhnik Ngolah Data:

(2)

32

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3 Métode Panalungtikan

Métode asalna tina basa Latin Methodos, sedengkeun asal kata methodos téh

mangrupa gabungan tina kecap meta jeung hodos. Meta bisa dihartikeun melalui,

menuju, mengikuti, sesudah, sedengkeun hodos mah bisa dihartikeun jalan, cara,

arah. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén métode téh nyaéta dianggap minangka

cara-cara, strategi pikeun maham hiji réalitas, léngkah-léngkah pikeun

ngaréngsékeun rangkayan pasualan (Ratna, 2013:34).

Dumasar kana pedaran di luhur, ieu panalungtikan miboga rangkayan

pasualan, ku kituna ieu panalungtikan téh ngagunakeun hiji métode anu luyu

jeung pasualanana. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode

déskriptif, métode panalungtikan anu maksudna pikeun ngaréngsékeun

pasualan-pasualan aktual kalawan ngumpulkeun data, nyusun papasingan, nganalisis, sarta

nafsirkeun data (Arikunto, 1998:225).

Unsur-unsur anu didéskripsikeun nyaéta:

a. Tindak komunikasi verbal dina drama Sunda Juragan Hajat.

b. Tindak komunikasi nonverbal dina drama Sunda juragan Hajat.

c. Saluyu henteuna antara komunikasi verbal jeung komunikasi nonverbal nu aya

dina drama Sunda Juragan Hajat.

3.4 Wangeana Operasional

a. Tindak komunikasi téh mangrupa polah basa manusa dina prosés silih tuker

infomasi ngaliwatan simbol verbal jeung nonverbal.

b. Komunikasi verbal atawa komunikasi basa mangrupa komunikasi anu

ngagunakeun basa minangka médiana, boh basa lisan boh basa tulisan.

Komunikasi verbal dicirian ku kecap pagawéan saperti asértif, diréktif,

éksprésif, komisif jeung déklaratif.

c. Komunikasi nonverbal nyaéta komunikasi anu maké gerakan awak. Dina ieu

panalungtikan, komunikasi nonverbal nyoko kana opat polah (tindak), nyaéta

(1) polah awak (tindak gestur) saperti nunjuk, unggek; (2) polah paroman

(tindak fasial) saperti paroman sedih, bungah, reuwas, ambek, sieun jeung

(3)

33

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

leumpang; jeung (4) polah gabungan (tindak kombinasi), diklasifikasikeun

kana fasial jeung gesture, fasial jeung postural, sarta gestur jeung postural.

d. Kinesik nyaéta widang anu maluruh basa awak anu patali jeung komunikasi

nonverbal.

e. Drama nyaéta minangka karya sastra boh prosa boh puisi anu diréka dina

wangun paguneman (dialog), anu ngandung téma atawa jejer, réngkak jeung

paripolah para palaku, latar/setting pikeun dipagelarkeun.

3.5 Instrumen Panalungtikan

Pikeun ngagampangkeun hiji panalungtikan, tangtu waé mikabutuh

instrumen minangka panglengkep atawa pangrojong dina prosés panalungtikan.

Instrumen anu digunakeun nyaéta mangrupa kartu data jeung pakakas elektronik.

Dina kartu data dicatet omongan atawa paripolah tina drama. Tukangeunana

dibéré katerangan nu mangrupa babak (Ba) jeung Adegan (Ad)

Tabel 3.1 : Kartu Data

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Dina ieu panalungtikan, téhnik anu digunakeun nyaéta téhnik dokuméntasi

(studi bibliografi). Dokuméntasi dina ieu panalungtikan pikeun nyirian tindak

komunikasi verbal jeung nonverbal sarta ngartukeun data tindak komunikasi dina

drama Juragan Hajat karya Kang Ibing. Ieu data dina drama Juragan Hajat téh

mangrupa data primer atawa data anu paling utama. KARTU DATA

Kalimah Perlokusi: “Ngahina siah ka abah,

ngahina? Ati-ati siah, Uje. Abah mah loba baladna tukang gula wungkul. Sia téh teu sieun dikoroyok

ku tukang gula?” (Unh/2/2)

(4)

34

Lian Suliani, 2014

Tindak Komunikasi Verbal Jeung Nonverbal Dina Drama Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Léngkah-léngkah ngumpulkeun data nyaéta:

a. muterkeun kasét drama Sunda Juragan Hajat;

b. nongton drama Sunda Juragan Hajat;

c. transkripsi dina CD kana wangun tinulis;

d. nyirian tindak komunikasi verbal jeung nonverbal; jeung

e. ngartukeun data tindak komunikasi.

3.7 Téhnik Nganalisis Data

Téhnik ngolah data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta analisis

unsur langsung. Ari léngkah-léngkahna nyaéta:

a. macaan deui naskah transkripsi drama Juragan Hajat karya Kang Ibing;

b. nyieun papasingan data tindak komunikasi;

c. analisis data anu geus dipasing-pasing;

d. ngadéskripsikeun data anu meunang nganalisis; jeung

Referensi

Dokumen terkait

cangkang telur bebek yang telah diaktivasi pada suhu 600 o C untuk menyerap. logam ion Cd 2+ , dan adsorpsi paling maksimum sebesar 64,6667%

Analisis Pengaruh Kualitas Produk Terhadap Kepuasan Konsumen Pada Lima Rumah Makan Sate Klasifikasi C di Kota Bandung.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Bagi partai demokrat/ sampai saat ini pun mereka masih menunggu arah koalisi di masa depan// Sebab reshuffle dan urusan koalisi/ murni menjadi kewenangan

Berdasarkan data yang diperoleh dari hasil kuesioner pada konsumen rumah makan sate di kota Bandung yang penulis data, dapat dilihat pada table 1.4 bahwa 44% konsumen puas

The Southeast Asian Journal of Tropical Medicine and Pasific Health The Journal of Allergy and Clinical Imminology. The Journal of Immunology The Journal of Physiology The Journal

Cerminan Kearifan Lokal Yang Terkandung dalam Wacana Mideur di Kampung Nusa, Kecamatan Cimanggung, Kabupaten Sumedang

Adapun permasalahan pokok yang dikaji dalam penelitian ini adalah sebagai berikut (1) bagaimana bentuk lingual dalam wacana mideur di Kampung Nusa, Kecamatan Cimanggung,

Hal ini berarti bahwa program bimbingan karier untuk memantapkan pilihan karier layak untuk diujicobakan pada peserta didik kelas XI SMK Negeri 1 Indramayu Tahun