Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
741/FPBS/0251/2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN
KABUPATEN GARUT
SKRIPSI
diajengkeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar
Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah
ku
Eva Nurlatifah
NIM 1002642
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI
EVA NURLATIFAH NIM; 1002642
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN
TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN
KABUPATEN GARUT
disaluyuan jeung disahkeun ku:
Pangaping I,
Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001
Pangaping II,
Drs. H. O. Solehudin, M.Pd. NIP 195701011980021004
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
CHILDREN ABILITIES, 4-5 YEARS OLD, IN UNDERSTANDING
VOCABULARIES IN AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING
LEUWIDAUN GARUT REGENCY
1)Eva Nurlatifah2)
ABSTRACT
The background of this research is based on how Sundanese people rarely use Sunda language in educating their children nowadays. The main goal of this research is to describe children abilities, 4-5 years old, in understanding their Sunda language vocabularies. The descriptive method is used to do this research. The researchers do the unstructured interview technique. The respondents of this research are six students from Aisyiyah kindergarten. Three of them are men and three of them are women who are 4-5 years old. The data sources are chosen randomly. In using words, there are some words which have same reference. The Sunda language, which is used, is not perfect. People still combine Sunda language and Indonesian language in one time when they are speaking. From 149 words which have been tested to kindergarten students’, their
abilities are still not good. From the data which have been taken, students’ abilities in
understanding the words are they know 55 words (36,85%) and do not know 71 words (47%). The highest is from student 5 who understands 67 words (44,97%), the second is from the student 6 who understands 60 words (40,2%), the third is from student 4 who understands 55 words (36,85%), the fourth is from student 1 who understands 53 words (35,56%), the fifth is from student 3 who understands 51 words (34,17%), and the last is from student 2 who only understands 47 words (31,54%). From the data, it can be seen that the most known words by kindergarten students are words about relationships which is 91,67%, and then cardinal numbers which is 83,88%. The third is the verbs which is 81,81%, and then the name of parts of body which is 75,54%, the term of
situation/characteristic which is 75%. The least terms which are understood by students are pronouns and direct words.
Keywords: children’s abilities, vocabularies
1)
This research guide by Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. and Drs. H. O. Solehudin, M.Pd.
2)
Student of Vernacular Education Department, Faculty of Language and Arts
1)
skripsi ini dibawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Drs. H. O. Solehudin, M.Pd.
2)
mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI
ii
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN
TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN
KABUPATEN GARUT1)
Eva Nurlatifah2)
ABSTRAK
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh masyarakat Sunda, yang dewasa ini sudah sedikit menggunakan bahasa Sunda dalam mendidik anak-anaknya. Tujuan dari penelitian ini untuk mendeskripsikan kemampuan anak pada usia 4-5 tahun dalam menguasai kosa kata dalam bahasa Sunda. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Untuk teknik yang digunakan dalam mengunpulkan data adalah wawancara tidak terstruktur. Sumber data dalam penelitian ini adalah enam orang anak TK Aisyiyah, dengan pertimbangan jenis kelamin dan umur. Tiga orang anak laki-laki dan tida orang anak perempuan dijadikan sumber data, usia responden ada dalam rentang 4-5 tahun. Sumber data dipilih secara acak. Dalama menggunakan kata ada berbagai macam kata untuk satu acuan yang sama. Bahasa yang digunakan belum sempurna, bahasa Sunda masih dicampur oleh bahasa Indonesia. Kemampuan menguasai kosa kata murid TK ada dalam kategori kurang, dari 149 kata yang sudah diujikan terhadap enam anak TK. Kemampuan anak dalam memahami bahasa Sunda dari data yang sudah didapa adalah 55 kata (36,85%) dan 71 kata (47%) belum diketahui oleh anak. Kemampuan paling tinggi anak TK 5 yang mampu menguasai 67 kata (44,97%), kamampuh tertinggi kedua adalah anak TK 6 yang mampu menguasai 60 kata (40,2%), kemampuan tertinggi ketiga diperoleh anak TK 4 yang mampu menguasai 55 kata (36,85%), kemampuan tertinggi keempat adalah anak TK 1 yang mampu menguasai 53 kata (35,56%), kemampuan tertinggi kelima yaitu anak TK 3 yang mampu menguasai 51 kata (34,17%), dan kemapuan terendah yaitu anak TK 2 yang hanya mampu 47 kata (31,54%). Dilihat dari kelompok kata yang banyak dikuasai oleh anak adalah istilah kekerabatan yakni 91,67%, kemudia kata bilangan pokok sebanyak 83,88%. Golongan kata ketiga yang banyak diukuasai oleh anak TK adalah kata kerja pokok 81,81%, kemuudian nama anggota badan yang mampuh dikuasai 75,54%, istilah keadaan/sifat pokok dikuasai sebanyak 75%. Golongan yang paling sedikit dikuasai anak adalah kata ganti dan kata petunjuk. Kosa kata yang paling sesuai dengan umur anak adalah kata yang berhubungan dengan istilah kekerabatan sebanyak 91,67%, kata bitangan pokok 83,33%, kata kerja pokok 81,81%, nama anggota tubuh 75,54%. Sisanya adalah kata yang kurang sesuai adalah kata ganti dan kata petunjuk 75% karena jumlah kata yang dikuasai siswa paling sedikit
1)
skripsi ini dibawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Drs. H. O. Solehudin, M.Pd.
2)
mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI
ii
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN
TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN
KABUPATEN GARUT1)
Eva Nurlatifah2)
ABSTRAK
Ieu panalungtikan dikasangtukangan ku kanyataan masarakat Sunda anu kiwari geus jarang maké basa Sunda dina ngatik budakna. Ieu panalungtikan miboga tujuan keur ngadéskripsikeun kamampuh budakumur 4-5 taun dina ngawasa kandaga kécap basa Sunda. Metodé anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta metode déskriptif. Tehnik dina ngumpulkeun data nyaéta wawancara teu terstruktur. Sumber data dina ieu panalungtikan genep urang budak TK Aisyiyah kalayan tinimbang wanda jinis jeung umur. Sumber data dipilih sacara acak. Basa anu dipaké ogé can sampurna, basa Sunda masih kenéh dicampuran ku basa Indonesia. Kamampuh ngawasa kandaga kecap murid TK aya dina katégori kurang, tina 149 kecap anu diujikeun ka genep budak TK. Kamampuh budak dina nyangkem basa Sunda tina data nu geus kajaring nyaéta, 55 kecap (36,85%) jeung 71 kecap (47%) teu dipikanyaho ku budak. Kamampuh anu pangluhurna nyaéta budak TK 5 anu nyangkem 67 kecap (44,97%), kamampuh kadua pangluhurna nyaéta budak TK 6 anu mampuh nyangkem 60 kecap (40,2%), kamampuh anu katilu panglobana nyaéta budak TK 4 anu mampuh nyangkem 55 kecap (36,85%), anu pangluhurna kaopat nyaéta budak TK 1 anu mampuh nyangkem 53 kecap (35,56%), kamampuh panglobana ka lima nyaéta budak ka 3 anu mampuh nyangkem 51 kecap (34,17%), jeung anu panghandapna nyaéta budak TK 2 anu ngan nyangkem 47 kecap (31,54%).Ditilik tina warna kandaga kecap anu geus dicangking gundukan kecap anu panglobana dicangkem ku budak nyaéta istilah pancakaki 91,67%, anu panglobana kadua nyaéta kecap wilangan utama 83,33%. Kecap anu panglobana katilu nyaéta kecap pagawéan utama 81,81%, ngaran babagian awak mampuh dicangkem 75,54%, istilah kaayaan/sipat utama dicangkem 75%. Gundukan kecap anu pangsaeutikna dicangkem ku budak nyaéta kecap gaganti jalma
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR EUSI
PERNYATAAN ... i
ABSTRAK ... ii
PANGJAJAP ... iii
TAWIS NUHUN ... iv
DAPTAR EUSI ... vi
DAPTAR TABEL... ix
DAPTAR SINGGETAN ... x
DAPTAR LAMPIRAN ... xi
BAB I BUBUKA ... 1
1.1. Kasang Tukang Panalungtikan ... 1
1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3
1.2.1. Watesan Masalah ... 4
1.2.2. Rumusan Masalah... 4
1.3. Tujuan Panalungtikan ... 5
1.3.1. Tujuan Umum ... 5
1.3.2. Tujuan Khusus ... 5
1.4. Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1. Mangpaat Tioritis ... 5
1.4.2. Mangpaat Praktis ... 6
1.5. Struktur Organisasi Skripsi ... 6
BAB II ULIKAN TIORI KAMAMPUH JEUNG KAMEKARAN KANDAGA KECAP ... 8
2.1. Fungsi Basa... 8
2.2. Kompetensi jeung Performansi Basa ... 11
2.2.1. Kompetensi Basa ... 11
vii
2.3. Prosés Nyangking Basa ... 12
2.3.1. Wangenan Prosés Nyangking Basa ... 12
2.3.2. Prosés Nyangking Basa Kahiji ... 13
2.4. Kamekaran Basa Budak... 14
2.4.1. Tahap Kamekaran Artikulasi ... 14
2.4.2. Tahap Kamekaran Kecap jeung Kalimah ... 16
2.4.3. Tahap Pra-Sakola ... 17
2.4.4. Kamekaran Kognitif ... 17
2.5. Kamampuh Ngawasa Kandaga Kecap ... 19
2.5.1. Wangenan Kandaga Kecap ... 19
2.5.2. Kandaga Kecap Dasar ... 20
2.5.3.
Kualitas Kandaga Kecap ... 21BAB III METODÉ PANALUNGTIKAN... 23
3.1. Lokasi jeung Subjek Panalungtikan ... 23
3.1.1. Lokasi Panalungtikan ... 23
3.1.2. Subjek Panalungtikan ... 23
3.2. Desain Panalungtikan ... 23
3.3. Metodé Panalungtikan ... 25
3.4. Definisi Operasional ... 25
3.5. Instrumen Panalungtikan ... 26
3.5.1. Daftar Kecap ... 26
3.5.2. Kartu Data... 27
3.6. Téhnik Ngumpulkeun Data ... 27
3.7. Tehnik Ngolah Data... 28
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 30
4.1. Makéna Kandaga Kecap Basa Sunda Budak TK ... 30
viii
4.1.2. Makéna Kandaga Kecap Basa Sunda Budak TK 2 ... 38
4.1.3. Makéna Kandaga Kecap Basa Sunda Budak TK 3 ... 45
4.1.4. Makéna Kandaga Kecap Basa Sunda Budak TK 4 ... 53
4.1.5. Makéna Kandaga Kecap Basa Sunda Budak TK 5 ... 63
4.1.6. Makéna Kandaga Kecap Basa Sunda Budak TK 6 ... 72
4.2. Kamampuh Ngawasa Kandaga Kecap Budak TK ... 80
4.3. Analisis Warna Kandaga Kecap Dasar anu Dicangking ku Budak TK ... 82
4.3.1. Istilah pancakaki ... 82
4.3.2. Ngaran babagian awak... 85
4.3.3. Kecap Gaganti Jalma (Sulur) jeung Kecap Panuduh... 93
4.3.4. Kecap Wilangan Utama ... 94
4.3.5. Kecap Pagawéan Utama ... 96
4.3.6. Istilah Kaayaan/Sipat Utama ... 102
4.4. Kasaluyuan Warna Kecap jeung Kamekaran Umur ... 107
4.5. Pedaran ... 108
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 110
5.1. Kacindekan ... 111
5.2. Saran ... 112
DAPTAR PUSTAKA ... 113
LAMPIRAN ... 115
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR TABÉL
Tabél 4.1 Andini... 30
Tabel 4.2 Dina ... 38
Tabél 4.3 Sarah... 46
Tabél 4.4 Dika ... 53
Tabél 4.5 Fadil ... 63
Tabél 4.6 Nasrul ... 72
Tabél 4.7 Kamampuh Ngawasa Kandaga Kecap ... 80
Tabél 4.8 Frekuensi Istilah Pancakaki ... 82
Tabél 4.9 Frekuensi Ngaran Babagian Awak ... 86
Tabél 4.10 Kecap Gaganti Jalma (Sulur) jeung Kecap Panuduh ... 93
Tabel 4.11 Kecap Wilangan Utama ... 94
Tabél 4.12 Kecap Pagawéan Utama... 96
Tabel 4.13 Kecap Kayaan Utama/Sipat ... 102
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR SINGGETAN
BI: Basa Indonesia
F: Frekuensi
IR: Istilah Résponden
Jsb: jeung Sajabana
kc: Kaca
KD: Kecap dasar
KK: Kandaga Kecap
No: Nomer
S: Sampurna
TK: Taman Kanak-Kanak
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR LAMPIRAN
Lampiran 1 Tabél 3.1 Instrumen Panalungtikan ... 115
Lampiran 2 Transkrip Wawancara Andini... 117
Lampiran 3 Transkrip Wawancara Dina ... 130
Lampiran 4 Transkrip Wawancara Sarah... 137
Lampiran 5 Transkrip Wawancara Dika ... 145
Lampiran 6 Transkrip Wawancara Fadil ... 168
Lampiran 7 Transkrip Wawancara Nasrul ... 178
Lampiran 8 Biodata Budak 1 ... 189
Lampiran 9 Biodata Budak 2 ... 190
Lampiran 10 Biodata Budak 3 ... 191
Lampiran 11 Biodata Budak 4 ... 192
Lampiran 12 Biodata Budak 5 ... 193
Lampiran 13 Biodata Budak 6 ... 194
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB I
BUBUKA
1.1. Kasang Tukang Panalungtikan
Basa mangrupa alat anu dipaké ku unggal jalma pikeun komunikasi, naha éta
dina wangun lisan atawa tulisan. Unggal jalma miboga potensi anu sarua dina
makéna basa. Hiji jalma nyangking basa ngaliwatan prosés anu biasa disebut
nyangking jeung pembelajaran basa. Kridalaksana (2009, kc. 178) ngahartikeun
nyangking basa (language acquisition) mangrupa prosés mikaharti jeung
ngahasilkeun basa ku manusa ngaliwatan tahapan, ti mimiti ngejah nepi ka
parigelna. Ari pembelajaran basa (language learning) diartikeun salaku prosés
nyangkingna basa sorangan atawa basa lian ku hiji jalma.
Basa bisa ditingali tina kajian internal atawa éksternal basa. Anu kaasup
faktor internal basa nyaéta dimimitian tina struktur fonologi, morfologi, sintaksis,
népi ka struktur wacana. Ari nu kaasup kana kajian éksternal basa nyaéta
naon-naon anu aya disaluareun basa, saperti faktor sosial, psikologis, etnis, jsb. Dina
kajian éksternal biasana méré pangaruh anu gedé dina prosés ngawangun sistem
linguistik.
Chaer (2009, kc. 167) ngahartikeun nyangkingna basa nyaéta prosés anu
lumangsung dina otak budak nalika manehna nyangking basa mimitina. Hartina
nyangking basa mangrupa prosés alami anu lumangsung sanajan euweuh panitén
sacara sadar kana bentuk linguistik, kondisi minimal nyangking basa nyaéta
partisipasi dina situasi komunikasi alami.
Para ahli nyindekkeun yén aspék pangpentingna dina nyangking basa nyaéta
fungsi basa. Salasahijina fungsi basa téh alat komunikasi. Ku sabab kitu, saupama
hiji jalma mibanda kandaga kecap loba pikeun komunikasi, beuki luhur tingkat
kompetensi jeung performansina.
Aya dua prosés séjén anu aya nalika budak nyangking basa -utamana nalika
2
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Prosés pérformansi nyaéta prosés anu diwangun ku dua hal, prosés pamahaman
(kamampuan ngaregepkeun jeung kamampuan merhatikeun) jeung prosés
ngahasilkeun kekecapan. Prosés performasi nyaéta kamampuh ngahasilkeun
leunjeuran kalimah anyar dina linguistik transformasi generative.
Sanggeus ngaliwatan prosés jeung bisa maké basa sacara sampurna, basa jadi
bagian tina kahirupan sapopoé jeung teu bisa lesot tina dirina. Ku kituna, aya nu
disebut sikap bahasa. Sikap anu hartina unggah ungguh (body language) jeung
kalakuan anu didadasaran kana cara pandang (pamadegan, kayakinan jeung
sawangan) salaku reaksi tina naon anu kajadian.
Saenyana sikep mangrupa gambaran tina jiwa anu bisa katingali tina
kalakuan. Ngan nurutkeun sababaraha panalungtikan, naon anu katingali sacara
lahiriah henteu salawasna mangrupa gambaran tina sikep batiniah atawa
sabalikna.
Sanggeus diécéskeun di luhur kumaha prosés saenyana anu dilakonan ku
urang nalika diajar basa ti mimiti fonemik nepi ka bisa nyusun kalimah sintaksis.
Gening kudu loba interaksi salaku komunikasi urang. Basa anu diajarkeun keur
budak teu kawatesanan utamana dina basa kahiji tangtu mangaruhan kana bahasa
ka dua. Dina ieu hal basa Sunda salaku bahasa kahiji bisa mangaruhan kana
bahasa kadua. Unggal basa tangtu méré pangaruh anu beda, boh dina pola pikir
atawa psikologisna. Ku kituna, ti TK budak kudu diajarkeun basa anu bener,
sangkan budak bisa komunikasi kalayan lancar.
Kiwari geus éces pisan budak di Jawa Barat hususna diperedih pikeun
nyangkem basa indungna kalayan sampurna. Atuh aturanna ogé geus aya, anu
kiwari disebut kurikulum téa. Dina kurikulum anu aya budak kudu bisa nyangkem
kecap barang jeung bisa nyusun kecap-kecap jadi leunjeuran kalimah anu bisa
dipikaharti. Lamun ditilik interdisipliner dina widang psikologi, kognitif jeung
linguistik kandaga kecap bisa ngagambarkeun kumaha cara pikir hiji jalma.
Nurutkeun Paul Fraisse (Darjowidjodjo, 2011, kc. 7) psikolinguistik nyaéta
hubungan pangabutuh urang pikeun berekspresi jeung komunikasi kana barang
anu ditawarkeun ka urang ngaliwatan basa anu geus diajarkeun ti leuleutik jeung
3
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
psikolinguistik ngawatesanan hubungan basa jeung uteuk, (2) psikolinguistik
hubungan langsung prosés kode jeung narjamahkeun kode, (3) psikolinguistik
salaku pendekatan, (4) psikolinguistik ngaguar pangaweruh basa, makéna basa,
jeung robahna basa, jeung (5) psikolinguistilk museur kana akuisisi basa jeung
kalakuan linguistik.
Élmu psikolinguistik pisan anu nalungtik ngeunaan kumaha hubunganna pola
pikir hiji jalma anu sifatna mentalis kagambar dina kekecapan anu dilarapkeun
dina kalimah. Cara ieu ogé bisa dipaké pikeun mikawanoh hiji jalma (budak)
leuwih jero deui. Tangtuna ieu hal kudu diwangun pikeun ngawangun suasana anu
pikabetaheun dina pangajaran sapopoé jeung bisa jadi cukang anu
nyambungkeun/ngadeukeutkeun guru jeung siswana. Tangtuna lamun geus kitu
guru bisa ngungkulan masalah anu mindeng aya dina pangajaran TK.
Éta bahasan téh saenyana mah can pernah aya nu nalungtik dina ambahan
basa Sunda mah. Ku kituna, ieu panalungtikan baris ngaguar kumaha kamampuh
budak nyangking kandaga kecap utamana basa Sunda dina umur 4-5 taun.
Paélmuan basa urang masih heureut, lolobana ngan ukur analisis karya sastra,
pangajaran, jeung budayana. Ku sabab éta hal penting pisan ngayakeun ieu
panalungtikan pikeun nambahan paélmuan dina widang bahasa utamana kajian
psikolinguistik.
1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah
Kamampuh basa mangrupa pangaweruh hiji jalma ngeunaan basa. Tangtuna
bisa katingali saupama aya dina komunikasi, kamampuhna bakal katingali dina
paguneman anu luyu kana fungsi jeung situasi. Ku kituna, unggal jalma kudu
miboga kamampuh ngabédakeun kalimah anu merenah jeung kalimah anu kurang
merenah. Sarta miboga kamampuh pikeun nyusun basa anu luyu jeung kaayaan,
anu satuluyna ditepikeun ngaliwatan paripolah jeung kaayaan. Salian ti éta unggal
jalma ogé kudu bisa maham atawa mikaharti omongan jalma séjén.
Kandaga nyaéta gorbak gedé paranti ngawadahan upeti sanggakeuneun ka
Naléndra (Danadibrata, 2009, kc. 315). Kiwari aya istilah anyar kandaga kecap,
4
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.2.1. Watesan Masalah
Kamekaran jeung makéna basa sipatna unik jeung universal ku kituna, urang
kudu bisa ngahargaan unggal basa budak. Kamekaran basa budak dipangaruhan
ku lingkungan, kulawarga, jeung pola latihan. Manéhna ninggali tina kaayaan
imah atawa di masarakat anu tuluy jadi pangalamanna. Éta mangrupa salasahiji
faktor anu bisa ngabalukarkeun unggal budak miboga gaya basa jeung tingkatan
basa anu beda.
Aya sawatara dapuran kamekaran anu aya dina pangajaran TK. Éta
kamekaran ngawengku kamekaran pangajén agama jeung moral, kamekaran
sosial, kamekaran émosi, kamekaran kemandirian, kamekaran basa kabagi
sababaraha aspék narima basa, népikeun jeung kaaksaraan. Sedengkeun dina
kamekaran kognitif kabagi sababaraha konsép, konsép wangun, warna ukuran
jeung pola. Kamekaran fisik dina pangajaran TK kabagi tilu aya motorik kasar,
motorik halus, jeung kesehatan fisik.
Ieu panalungtikan baris diwatesanan ngan saukur mikanyaho kumaha basa
Sunda budak umur 4-5 taun. Ari wengkuan basa Sunda téh nyoko kana istilah
pancakaki, ngaran babagian awak, kecap pagawéan, kecap wilangan utama, kecap
sipat utama, kecap gaganti jalma (sulur) jeung kecap panuduh.
1.2.2. Rumusan Masalah
Sangkan leuwih tétéla, rumusan masalah dina ieu panalungtikan bisa
ditepikeun dina wangun pananya ieu di handap:
a. Kumaha makéna kandaga kecap basa Sunda budak TK Aisyiyah Bustanul
Athfal Ranting Leuwidaun Garut?
b. Kumaha kamampuh ngawasa kandaga kecap anu bisa dicangkem ku
budak?
c. Kumaha warna kecap dasar nu dicangking ku budak?
5
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.3. Tujuan Panalungtikan
Ieu panalungtikan kalawan husus boga tujuan pikeun mikanyaho jeung
ngadéskripsikeun maké basa Sunda ku budak TK Aisyiyah Bustanul Athfal
Ranting Leuwidaun Kabupaten Garut, katut patalina jeung kamekaran umur. Ari
tujuanna dibagi dua aya tujuan umum jeung tujuan husus, anu ngawengku:
1.3.1. Tujuan Umum
Tujuan umum tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho jeung
ngadéskripsikeun babandingan kamampuh budak dina nyangking basa Sunda
jeung kamekaran umur.
1.3.2. Tujuan Khusus
Tujuan husus ieu panalungtikan nyaéta pikeun nganalisis jeung
ngadéskripsikeun opat hal, nyaéta:
a. Cara makéna basa Sunda budak TK Aisyiyah Bustanul Athfal Ranting
Leuwidaun Kabupatén Garut;
b. Kamampuh ngawasa kandaga kecap tina kecap dasar;
c. Warna kecap dasar nu dicangking ku budak; jeung
d. Patalina warna kecap jeung kamekaran umur budak.
1.4. Mangpaat Panalungtikan
Hasil tina ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat saloba-lobana boh
mangpaat praktis boh mangpaat tioritis.
1.4.1. Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, ieu panalungtikan gedé gunana pikeun linguis dina méré
informasi anyar ngeunaan analisis kandaga kecap nu mindeng aya di budak umur
6
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.4.2. Mangpaat Praktis
Sacara praktis, ieu panalungtikan gedé mangpaatna pikeun sababaraha
pihak, diantarana waé:
a. Pikeun guru TK bisa méré pangaweruh anyar dina nyusun matéri diajar.
b. Bisa jadi tinimbang nalika urang nyieun kurikulum pikeun ningkatkeun
kualitas dina pangajaranna sorangan (utamana pangajaran basa Sunda).
c. Pikeun kolot bisa jadi référénsi yén umur TK mangrupa masa budak ngawasa
kandaga kecap.
d. Jadi bahan référénsi panalungtikan prosés nyangkingna basa satuluyna.
e. Pikeun mikanyaho kumaha sabenerna kamampuh basa budak dina umut 4-5
taun (umur TK).
f. Mikanyaho kumaha saenyana prosés budak nyangkingna basa.
g. Pikeun ngaguar kamampuh budak dina ngangkem kecap-kecap basa Sunda.
1.5. Struktur Organisasi Tulisan
Ieu tulisan téh dirancang jadi lima bab. Dina bab I dipedar perkara
kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, métode
panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi tulisan.
Dina bab II dipedar tiori anu dipaké dina ieu skripsi, nyaéta perkara
fungsi basa nurutkeun Haliday jeung Barbara S. Wood, kompetensi jeung
performansi basa anu kabagi dua kompetensi basa jeung performansi. Subab
katilu nyaéta prosés nyangking basa, adu kabagi deui dua nyaéta wangenan
prosés nyangking basa jeung prosés nyangking basa kahiji. Subab satuluyna
nyaéta kamekaran basa sudak anu kabagi opat nyaéta tahap kamekaran
artikulasi, tahap kamekaran kecap jeung kalimah, tahap pra-sakola, jeung
kamekaran kognitif. Subab pamungkas nyaéta kamampuh ngawasa kandaga
kecap, anu dibagi tilu nyaéta wangenan kandaga kecap, kandaga kecap dasar,
jeung kualitas kandaga kecap.
Dina bab III dipedar perkara lokasi jeung subjek panalungtikan, desain
panalungtikan, metodé panalungtikan, definisi operasional, instrument
7
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Bab IV dipedar hasil analisis kandaga kecap budak TK Aisyiyah
Bustanul Athfal Ranting Leuwidaun Garut. Kandaga kecap ngawengku istilah
pancakaki, ngaran babagian awak, kecap sipat/kaayaan utama, kecap bilangan
utama, kecap pagawéan, jeung kecap gaganti jalma (sulur) jeung kecap panuduh.
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1.Lokasi jeung Subjek Panalungtikan
3.1.1. Lokasi Panalungtikan
Lokasi panalungtikan ditangtukeun ngaliwatan tinimbang kudu aya di daérah
Jawa Barat jeung maké basa Sunda salaku basa indungna tinimbang séjén nyaéta
tempat anu teu jauh sangkan aksés pikeun nyokot data henteu hésé. Ku kituna,
panalungtik milih Garut salaku lokasi panalungtikan. Sampel anu dipikabutuh
nyaéta budak umur 4-5 taun -budak umur sakitu kagolong kana umur PAUD/TK-,
miboga kamapuh mimiti, jeung maké basa Sunda. Panalungtik ngaheureutkeun
deui lokasi panalungtikan ka TK. TK anu dicokot nyaéta TK Aisyiyah anu geus
sawatara lila panalungtik milu ilubiung kana administrasina.
3.1.2. Subjek Panalungtikan
Subjek panalungtikan nyoko kana bahan-bahan nu ditalungtik. Populasina
nyaéta wilayah generalisasi anu ngawengku subjek anu miboga kualitas jeung
kriteria anu tangtu nu geus ditangtukeun ku panalungtik pikeun diteuleuman jeung
dicidekeun (Sugiono, 2008, kc. 117). Sampel nyaéta bagian tina jumlah jeung
karakteristik anu dipimilik ku éta populasi (Sugiono, 2008, kc. 118).
Ieu panalungtikan sumber datana nyaéta tina sampel primer anu mangrupa
hasil dokumentasi (rekaman) di TK Aisyiyah Bustanul Athfal Ranting
Leuwidaun. Sampel-na nyaéta barudak kelompok A anu umurna 4-5 taun.
Kalayan kriteria ditilik tina umur, wanda jinis, basa mimiti, jeung status sosial. Ku
kituna, ditangtukeun genep urang sumber data tilu awewe jeung tilu lalaki.
3.2.Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan nyaéta babagian ieu panalungtikan anu kabagi
24
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
bisa ngeuyeuban tatapakan ieu panalungtikan, anu satuluyna tahap ngumpulkeun
data dina ieu tahap panalungtik ngalakukeun sababaraha kagiatan ngawawancara
jeung ngarekam omongan barudak pikeun bahan ngolah data. Dina tahap ngolah
data panalungtik nyusun data hasil tina wawancara jeung rekaman anu geus
dikumpulkeun téa, dina ieu prosés olah data luyu jeung tatapakan tiori anu geus
dikumpulkeun sangkan jadi hiji laporan skripsi anu bisa ditarima.
Diagram 3.1 Désain Panalungtikan
Masalah
•Urang can apal kumaha makéna basa sunda budak TK
•Urang can apal kecap anu bisa dicangkem ku budak
•Urang cana apal kumaha warna kecap dasar nu dicangking ku budak
•Urang can apal kumaha kasaluyuan antara warna kecap jeung kamekaran umur budak
Ngumpulkeun data
•Tehnik observasi pratisipasi pasip
•Wawancara
25
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3.Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah anu dipaké pikeun meunangkeun
data panalungtikan kalayan tujuan jeung kagunaan anu tangtu. Dina ieu
panalungtikan Métode anu baris dipaké nyaéta Métode déskriptif mangrupa
Métode panalungtikan anu dipaké dina panalungtikan déskriptif pikeun
ngagambarkeun kajadian anu aya. Panalungtikan déskriptif mangrupa
panalungtikan anu méré penjelasan kana gejala sosial anu ditalungtik ku cara
ngadéskripsikeun ngeunaan nilai variabel dumasar indikator anu ditalungtik, tapi
henteu nyieun hubungan jeung babandingan kana variabel séjén.
Ieu panalungtikan udaganna pikeun ngaguar kandaga kecap anu mampuh
dicangking ku budak umur 4-5 taun di TK Aisyiyah Bustanul Athfal, nu dianalisis
dumasar panyangreb fonologi jeung morfologina.
3.4.Definisi Operasional
Kamampuh basa mangrupa pangaweruh hiji jalma ngeunaan basa. Tangtuna
bisa katingali saupama aya dina komunikasi, kamampuh basana bakal katingali
dina paguneman anu luyu kana fungsi jeung situasi. Ku kituna, unggal jalma kudu
miboga kamampuh ngabédakeun kalimah anu merenah jeung kalimah anu kurang
merenah. Ogé miboga kamampuh pikeun nyusun basa anu luyu jeung kaayaan,
anu satuluyna ditepikeun ngaliwatan paripolah jeung kaayaan. Salian ti éta unggal
jalma ogé kudu bisa maham atawa mikaharti kana omongan.
a. Kamampuh ngawasa kandaga kecap nyaéta kabisa hiji individu dina maké,
nerapkeun jeung mikaharti kana basa pikeun komunikasi. Hiji individu
dianggap mampuh kana basa saupama bisa nerapkeun basa dina
konteks/kaayaan anu luyu jeung naon anu ditepikeun, bisa ngama’naan naon
anu ditepikeun ku panyatur, ogé bisa ngaréspon kana omongan panyatur. Éta
mangrupa indikator tina kamampuh individu kana basa anu dicangkingna.
b. TK kagolong kana Pendidikan Anak Usia Dini (PAUD) anu mangrupa
lembaga formal mimiti anu aya dina kamekaran budak. Ieu lembaga
dihususkeun keur budak ti umur 4-6 taun tur diatur ku UU Sisdiknas no.20
26
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
“Pendidikan anak usia dini ditujukan kepada anak sejak lahir sampai
usia 6 tahun melalui rangsangan pendidikan untuk membantu pertumbuhan dan perkembangan jasmani dan psikologis agar anak
memiliki persiapan dalam memasuki pendidikan lebih lanjut.”
Tina eusi aturan diluhur tumuwuhna kamekaran jasmani jeung psikologis
dina pangajaran sapopoéna dibagi sawatara dapuran kamekaran anu aya dina
pangajaran TK. Éta kamekaran ngawengku kamekaran pangajén agama jeung
moral, kamekaran sosial, kamekaran émosi, kamekaran kemandirian,
kamekaran basa kabagi sababaraha aspék narima basa, népikeun jeung
kaaksaraan. Sedengkeun dina kamekaran kognitif kabagi sababaraha konsép,
konsép wangun, warna ukuran jeung pola. Kamekaran fisik dina pangajaran
TK kabagi tilu aya motorik kasar, motorik halus, jeung kasehatan fisik.
3.5.Instrumen Panalungtikan
Aya dua istrumen anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta daptar kecap anu
jadi pedoman nalika ngumpulkeun data jeung kartu data anu fungsina keur
ngagampangkeun nalika ngolah data.
3.5.1.Daftar Kecap
Instrumen mangrupahiji alat anu dipaké pikeun ngukur kaayaan fenomena
alam atawa sosial anu ditalungtik Sugiono (2008, kc. 148). Tujuanana nyaéta
pikeun nyokot data kandaga kecap anu dipikabutuh pikeun panalungtikan. Ieu
instrumen ngawengku 149 kecap, anu digolongkeun kana genep dapuran kalayan
wincikan: (1) 12 kecap istilah pancakaki, (2) 44 ngaran babagian awak, (3) 12
kecap kecap gaganti jalma (sulur), (4) 12 kecap wilangan utama, (5) 33 kecap
27
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.5.2.Kartu Data
KARTU DATA
mastaka (Nrl/6/56)
Golongan basa: Basa Sunda
Kasampurnaan omongan: Sampurna
Ragam basa: Hormat ka batur
Dapuran kecap: Kecap sipat atawa kaayaan (warna)
Keur ngagampangkeun nalika ngolah data unggal data diberé kodeu. Aya tilu
kodeu anu daya dina ungggal data (1) ngaran budak TK, (2) runtuyan budak TK,
jeung (3) runtuyan kecap.
3.6.Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik ngumpulkeun data mangrupa léngkah nu kudu dilaksanakeun dina
panalungtikan, sabab tujuan utama panalungtikan nyaéta nghasilkeun data. Lamun
panalungtikan teu apal téhnik ngumpulkeun data, tangtu moal bisa ngahasilkeun
data standar nu geus ditangtukeun. Ditilik tina carana, téhnik ngumpulkeun data
bisa dilaksanakeun ngaliwatan: (1) téhnik observasi, (2) interview/wawancara, (3)
questioner/angket, (4) dokumentasi, jeung (5) gabungan opatannana Sugiono
(2008, kc. 309). Ari téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta:
a. Tehnik Observasi Pratisipasi Pasip
Tehnik anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta tehnik observasi partisipasi
pasif. Hartina panalungtik datang ka tempat kagiatan budak (sakola), ngan
panalungtik henteu ilubiung kana éta kagiatan. Ieu téhnik dipaké pikeun
28
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
b. Tehnik Wawancara
Tehnik wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta tehnik
wawancara teu nyetruktur. Wawancara henteu nyetruktur nyaéta wawancara
anu teu kauger (bebas) panalungtik henteu nyekelan cecekelan (pedoman)
wawancara anu geus disarungsum sacara sistematis jeung lengkep keur
ngumpulkeun datana Sugiono (2008, kc. 197). Ieu téhnik digunakeun pikeun
meunangkeun data anu mangrupa kecap anu bisa diomongkeun ku budak,
sangkan mikanyaho kumaha cara budak ngomong kecap basa Sunda. Ieu cara
wawancara di lapangan panalungtik menta tulung ka guru kelasna pikeun
ngawawancara budak. Sabab panalungtik dianggap asing ku budak anu
ngabalukarkeun budak embung nyarita. Cara ieu ogé dipaké ka guru jeng
kolot siswa sangkan mikanyaho kumaha kamampuh basa Sunda budak
diimah jeung di sakola.
c. Téhnik sadap
Téhnik sadap henteu beda jauh jeung téhnik rékam, cara ngalaksanakeunna
ngan saukur ngarékam paguneman. Ngan dina téhnik sadap, résponden
henteu mikanyaho yén omonganna dirékam. Éta cara dipaké sangkan budak
henteu geumpeur jeung henteu kabagi fokusna. Tujuan tina téhnik sadap
nyaéta pikeun nyampurnakeun (ngalengkepan) data anu geus kajaring.
3.7.Tehnik Ngolah Data
Data nu geus dukumpulkeun ti lapangan, tuluy diolah ngaliwatan
lengkah-lengkah ngolah data anu baris dipedar saperti kieu:
a) data rékaman ditranskripsi;
b) data kecap dikodeuan;
c) ngadaptarkeun kecap nu dikawasa ku budak sacara alpabetis;
d) tabulasi dumasar kana Kandaga Kecap Dasar (KKD) nu diujikeun, kodeu,
frekuensi jeung perséntase.
29
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Keur nangtukeun tingkat kamampuh digunakeun skala 100% saperti ieu di
handap.
91% -100% = istimewa
81% - 90% = hadé pisan
71% - 80% = hadé
61% - 70% = leuwih ti cukup
51% - 60% = cukup
41% - 50% = ampir cukup
31% - 40% = kurang
21% - 30% = kurang pisan
11% - 20% = goréng
1% - 10% = goréng pisan
(Rapor SD, 1998, hal. 1) e) nyusun papasingan jenis kandaga kecap dasar;
f) ngabandingkeun jumlah kandaga kecap unggal budak TK;
g) maluruh warna kecap, sora fonologis, undak usuk basa, jeung performasi
basana;
h) nganalisis jeung ngadéskripsikeun data; jeung
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1.Kacindekan
Dumasar kana pedaran bab IV bisa dicindekeun lima hal ieu di handap:
a) Dina ngagunakeun basa kecap-kecapna aya rupa-rupa kecap keur acuan anu
sarua. Basa anu dipaké ogé can sampurna, basa Sunda masih kenéh
dicampuran ku basa Indonesia.
b) Kamampuh ngawasa kandaga kecap murid TK aya dina katégori kurang, tina
149 kecap anu diujikeun ka genep budak TK. Budak mampuh nyangkem 55
kecap (36,85%) basa Sunda jeung 71 kecap (47%) teu dipikanyaho ku budak.
Kamampuh anu pangluhurna nyaéta budak TK 4 anu nyangkem 67 kecap
(44,97%), kamampuh kadua pangluhurna nyaéta budak TK 6 anu mampuh
nyangkem 60 kecap (40,2%), kamampuh anu katilu panglobana nyaéta budak
TK 4 anu mampuh nyangkem 55 kecap (36,85%), anu pangluhurna kaopat
nyaéta budak TK 1 anu mampuh nyangkem 53 kecap (35,56%), kamampuh
panglobana ka lima nyaéta budak ka 3 anu mampuh nyangkem 51 kecap
(34,17%), jeung anu panghandapna nyaéta budak TK 2 anu ngan nyangkem
47 kecap (31,54%).
c) Ditilik tina warna kandaga kecap anu geus dicangking gundukan kecap anu
panglobana dicangkem ku budak nyaéta istilah pancakaki 91,67%, anu
panglobana kadua nyaéta kecap wilangan utama 83,33%. Kecap anu
panglobana katilu nyaéta kecap pagawéan utama 81,81%, ngaran babagian
awak mampuh dicangkem 75,54%, istilah kaayaan/sipat utama dicangkem
75%. Gundukan kecap anu pang saeutikna dicangkem ku budak nyaéta kecap
gaganti jalma (sulur) jeung kecap panuduh.
d) Kandaga kecap anu saluyu jeung umur budak téh nyaéta kecap-kecap anu
111
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
pagawéan utama 81,81%, ngaran babagian awak 75,54%. Sesana kecap anu
kurang luyu nyaéta kecap gaganti jalma (sulur) jeung kecap 75% panuduh
lataran jumlah nu dikawasa siswa paling saeutik.
e) Jaba tina kacindekan di luhur, ieu panalungtikan manggihan sababaraha kasus
nyaéta (1) budak mikaharti naon nu diomongkeun sementara budak teu bisa
ngeunaan hiji istilah, (8) patuker istilah, (9) budak maké istilah anu teu ilahar,
(9) nyingget istilah pancakaki, jeung (10) jeung budak maké dua basa (campur
kodeu) keur ngagambarkeun hiji kecap dasar.
5.2.Saran
Sanggeus ngayakeun panalungtikan ngeunaan kandaga kecap basa Sunda
budak TK unur 4-5 taun, aya sababaraha anu perlu diperhatikeun, nyaéta:
a) Keur panalungtik
1) Ieu panalungtik leuwih museur kana kandaga kecap dasar budak umur 4-5
taun. Ku kituna, perlu diayakeun panalungtikan séjén dina kamekaran
umur nu béda.
2) Puseur kajian data ieu panalungtikan nyaéta kandaga kecap dasar anu
ngawengku genep gundukan kecap, (1) istilah pancakaki, (2) babagian
awak, (3) kecap gaganti ngaran (sulur) jeung kecap panuduh, (4) kecap
wilangna utama, (5) kecap pagawéan utama, jeung (6) istilah kaayaan/sipat
utama. Pikeun ngeuyeuban deui élmu ngeunaan kandaga kecap budak,
kudu aya panalungtikan anu leuwih jero deui.
b) Keur guru
1) Dina mimiti ngajarkeun basa Sunda guru ngajarkeun tina kandaga kecap
112
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2) Budak kudu tuluy diasah kamampuh basana sangkan sistem linguistikna
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAFTAR PUSTAKA
Chaer, A. (2009). Psikolinguistik Kajian Teoritik. Jakarta: Rineka Cipta.
Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat
Dardjowidjojo, S. (2012). Psikolinguistik Pengantar Pemahaman Bahasa
Manusia. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia.
Dinas Pendidikan dan Kebudayaan. (1998). Buku Laporan Pendidikan Sekolah
Dasar Negeri.
Haerudin, D. (2012) Daftar Kecap Undak-Usuk Basa (Ragam Hormat Jeung
Ragam Loma). Aya di: http://file.upi.edu (diundeur ping 20 Pébruari 2012)
Kridalaksana, H. (2009). Kamus Linguistik Edisi Keempat. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka Utama
Piaget, J. & Inhelder, B. (2010). Psikologi Anak. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Mahsun. (2011). Metode Penelitian Bahasa. Jakarta: Rajawali Pers.
Saripah, I. (2013). Paud Holistik dan Integratif. Disampaikan Dalam Pembekalan
Dosen dan Mahasiswa KKN 2013. Bandung, LPPM UPI .
Sudaryat, Y., Prawirasumantri, A., & Yudibrata, K. (2007). Tata Basa Sunda
Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
Sudaryat, Y., & Solehudin, O. (2009). Psikolinguistik. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Fonologi Basa Sunda. Bandung: CV Wahana Karya Grafika
Sugiono. (2008). Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D. Bandung: Alfabeta
Tanpa Nama, (2010). Pembelajaran Kosakata Menggunakan teknik Kartu Kata
untuk Meningkatkan Keterampilan Menulis Cerpen. (Makalah)
114
Eva Nurlatifah, 2014
KAMAMPUH NGAWASA KANDAGA KECAP BUDAK UMUR 4-5 TAUN TK AISYIYAH BUSTANUL ATHFAL RANTING LEUWIDAUN KABUPATEN GARUT
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tarigan, H. G. (2009a). Pengajaran Kompetensi Bahasa. Bandung: Angkasa.
Tarigan, H. G. (2009b). Pengajaran Morfologi. Bandung: Angkasa.
Tarigan, H. G. (2011a). Pengajaran Kosakata. Bandung: Angkasa.
Tarigan, H. G. (2011b). Pengajaran Pemerolehan Bahasa. Bandung: Angkasa.