• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1103056 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1103056 Chapter1"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

Aditia Solehudin, 2014

CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Basa mangrupa pakakas komunikasi dina kahirupan manusa. Ari sababna, ngaliwatan basa manusa bisa ngébréhkeun sagala pamaksudan. Basa nyaéta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvensional) antar anggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi (Sudaryat, 2004, kc. 6). Dina kahirupan sapopoé di imah ilaharna maké basa indung, lebah dieu basa Sunda. Kitu deui, di lingkungan masarakat Sunda dipaké basa Sunda. Ngan, aya ogé nu dicampur jeung basa Indonésia. Ku kituna, saméméh asup sakola, barudak téh maké basa Sunda, ari geus asup sakola maraké basa Indonésia minangka basa kadua. Tina katerangan di luhur, barudak Sunda téh sakurang-kurangna maké dua basa, nyaéta basa Sunda jeung basa Indonésia. Bisa disebutkeun yén barudak Sunda téh dwibasa.

Suwito (1983, kc. 39) nétélakeun yén masalah kadwibasaan moal leupas tina kontak budaya, sabab basa téh mangrupa ragam nu digunakeun sacara terus-terusan nu mangaruhan ayana unsur-unsur basa nu hiji kana basa nu séjénna. Dimana kontak sarupa baris ngabalukarkeun fénoména kabasaan. Kontak basa Sunda pohara dalitna. Basa Sunda dipangaruhan ku basa Indonesia alatan ayana kontak budaya. Kontak budaya nu ngawengku kontak basa mangrupa salah sahiji faktor baris lumangsungna campur basa di masarakat. Campur basa téh lumangsung dina wangun basa lisan jeung wangun basa tinulis.

(2)

Aditia Solehudin, 2014

CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Nurutkeun Chaer (2003, kc. 151), campur kode téh nyaéta:

Pemakaian kode utama atau kode dasar yang digunakan dan memiliki fungsi

keotonomiannya. Dimana kode lain yang ikut terlibat hanyalah berupa

serpihan tanpa fungsi.”

Nurutkeun Pfaff (1979) dina Jendra (2012, kc. 32), campur kode téh nyaéta:

Conversational code-mixing involves the deliberate mixing of two languages without an associated topic or situation change.

Ayana campur kode téh bisa jadi lantaran ayana kamajuan téhnologi, informasi jeung komunikasi (TIK). Ku ayana kamajuan téknologi ngabalukarkeun rupa-rupa kajadian dina widang komunikasi, éta kajadian téh bisa dihaja atawa teu karasa ayana. Kiwari basa Sunda geus loba kapangaruhan ku basa séjén samodél basa Indonesia jeung basa Asing. Wujud kamekaran nu teu karasa nyampakna

nyaéta dina wangun basa nu ditempo tina média sosial saperti facebook, twitter,

path, tumblr, jrrd.

Di antara éta kabéh média sosial téh, twitter nu pangdipigandrungna ku rumaja

ayeuna. Loba nu geus wanoh kana ieu média sosial sabab méh kabéh rumaja teu

bisa leupas dina nu ngaranna gadget atawa handphone anu miboga aksés internet

pikeun ngagampangkeun komunikasi. Dina taun 2014 nurutkeun enciety.co hasil

panalungtikan PeerReach, Indonesia kaasup pamaké twitter katilu panglobana

saalam dunya. Salian ti éta, Kota Bandung kaasup kota pamaké twitter kagenep

pangaktipna saalam dunya taun 2012 (forbes.com). Ku kituna, masarakat

Indonésia umumna keur migandrung kana twitter, kaasup mahasiswa Departemen

Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI ogé.

Ngagunakeun twitter tangtuna baé loba méré pangaruh ka nu makéna, boh

pangaruh hadé boh pangaruh goréng. Lantaran teu sakabéh akun twitter méré

(3)

Aditia Solehudin, 2014

CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Nababan (1991, kc. 32) dina Aslinda jeung Syafyahya (2007, kc. 87) nétélakeun ciri anu pangmucunghulna dina campur kode nyaéta dina situasi rinéh

atawa informal. Akun twitter mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah

FPBS UPI saenyana mah émang keur aya dina kaayaan anu teu formal. Ku kituna,

éta mahasiswa téh sacara teu sadar nyieun hiji status atawa tweet anu kaasup

campur kode. Contona dina tweet salah sahiji akun “@rianmantut atuh sateh ini

masih suasana lebaran kudu weh ngajak padungdeng téh hahaha” éta mangrupa

campur kode basa Sunda ku basa Indonesia. Hal éta téh nuduhkeun yén akun

twitter mawa pangaruh gedé kana kabeungharan kecap basa Sunda.

Panalungtikan ngeunaan campur kode téh lain perkara anyar. Ari sababna, saméméhna kungsi aya ogé nu ngulik perkara campur kode, diantarana waé nu

nalungtik ngeunaan Campur Kode dina Siaran Tarucing Salasa Naker (Tarsan)

I-radio 105,1 FM Bandung pikeun Bahan Ajar Ngaregepkeun di SMP (Nita Novita

Permatasari, 2010), Campur Kode dina Nulis Surat Pribadi Siswa Kelas VIII

SMPN 1 Lembang (Dian Astriani, 2013) jeung nu nalungtik ngeunaan Campur

Kode dina Siaran Béntang Parahyangan Bandung TV (Nisa Siti Zakiyah, 2014).

Éta tilu panalungtikan téh medar perkara campur kode dina makéna basa Sunda. Panalungtikan nu kahiji medar campur kode dina siaran radio acara tarucing salasa naker, panalungtikan nu kadua medar campur kode dina surat pribadi nu ditulis ku siswa SMPN 1 Lembang, ari nu katilu medar campur kode dina siaran Béntang Baranang di Bandung TV. Ieu panalungtikan téh ogé sarua pada-pada medar campur kode dina basa Sunda. Ngan pédah bédana téh, sumber data dina

ieu panalungtikan nyaéta akun twitter dina internet. Ari pangna dipilih média akun

twitter, lantaran ieu média sipatna universal tur kiwari pohara dipikaresepna.

Dumasar kana katerangan di luhur, panalungtikan campur kode dina akun twitter

can aya nu ngagarap. Ku kituna, panalungtikan anu ngulik campur kode dina akun

twitter dilaksanakeun.

Ieu panalungtikan baris ngulik makéna basa Sunda katut campur kodena nu

kapanggih dina akun twitter, utamana masalah kabasaan anu lumangsung di

masarakat ngaliwatan akun twitter mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa

Daerah FPBS UPI dina média sosial twitter. Panalungtik nilik kana kaayaan yén

(4)

Aditia Solehudin, 2014

CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

kana salah sahiji wangun tinulis hungkul. Lantaran kabiasaan makéna basa lisan sok kababawa kana wangun tinulis. Kabiasaan éta sok kababawa ku

dwibahasawan nalika nulis tweet dina twitter. Ku kituna ieu panalungtikan dibéré

judul “Campur kode dina Akun Twitter Mahasiswa Departemen Pendidikan

Bahasa Daerah FPBS UPI”.

1.2Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang jeung idéntifikasi masalah, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.

a. Kumaha wanda campur kode anu aya dina tweet akun twitter mahasiswa

Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI?

b. Kumaha wujud campur kode anu aya dina tweet akun twitter mahasiswa

Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI?

c. Kumaha adegan campur kode anu aya dina tweet akun twitter mahasiswa

Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun maluruh masalah basa, utamana campur kode nu dipaké ku mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa

Daerah FPBS UPI anu lumangsung di masarakat ngaliwatan akun twitter dina

média sosial twitter.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho jeung

ngadéskripsikeun campur kode dina akun twitter mahasiswa Departemen

Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Ari déskripsina ngawengku:

a. Wanda campur kode anu aya dina tweet akun twitter mahasiswa Departemen

Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

b. Wujud campur kode anu aya dina tweet akun twitter mahasiswa Departemen

(5)

Aditia Solehudin, 2014

CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

c. Adegan campur kode anu aya dina tweet akun twitter mahasiswa Departemen

Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

1.4Mangpaat Panalungtikan

Unggal panalungtikan tangtu miboga mangpaat. Kitu deui dina ieu panalungtikan. Mangpaatna ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis anu aya dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngaronjatkeun paélmuan basa nu kagolongkeun dina sosiolinguistik minangka élmu anu maluruh basa katut makéna basa di masarakat. Jadi, campur kode bisa diasupkeun kana ragam basa anu mangrupa masalah anu aya di masarakat multilingual.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nyaéta:

a. Méré informasi ngeunaan campur kode nu aya dina akun twitter mahasiswa

Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

b. Bisa nambahan pangaweruh pikeun ngalarapkeun basa Sunda dina ngalatih

kaparigelan nulis.

c. Mekarkeun pangaweruh para peminat sosiolingusitik Sunda.

d. Bisa jadi bahan tinimbangan pikeun guru jeung siswa ngeunaan kandaga kecap

basa Sunda.

e. Bisa dijadikeun référénsi panalungtikan campur kode satuluyna.

1.5Sistematika Tulisan

Ieu tulisan téh dipidangkeun dina lima bab, nyaéta; bab I dijudulan “Bubuka”.

Dina bab I medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika penulisan.

Bab II dijudulan “Tatapakan Tiori”. Eusina medar tiori campur kode, tiori

adegan kecap, jeung akun twitter, panalungtikan saméméhna jeung kalungguhan

(6)

Aditia Solehudin, 2014

CAMPUR KODE DINA AKUN TWITTER MAHASISWA DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FPBS UPI Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Bab III dijudulan “Métode Panalungtikan”. Dina bab III diguar ngeunaan

desain panalungtikan, sumber data panalungtikan, instrumen panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik analisis data..

Bab IV dijudulan “Hasil Panalungtikan jeung Pedaran”. Dina bab IV

dijéntrékeun analisis campur kode dina akun twitter mahasiswa Departemen

Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Bab V anu dijudulan “Kacindekan jeung Rékoméndasi” anu eusina mangrupa

Referensi

Dokumen terkait

Sedangkan secara parsial harga saham dan volume perdagangan berpengaruh negatif dan signifikan terhadap bid-ask spread dan varian return berpengaruh positif dan tidak

PSB IPB merupakan lembaga di bawah Lembaga Penelitian dan Pemberdayaan Masyarakat IPB yang menghimpun dan melibatkan peneliti-peneliti yang memiliki keahlian dan

[Nama Ketua

usaha terkini dari PT FM Global Logistics Medan untuk saat ini atau tahun. anggaran ini adalah sebagai

Pemeriksaan radiografi extra-oral seperti sefalometri dan panoramik sering digunakan untuk mengevaluasi asimetri skeletal dan jaringan lunak pada wajah karena dengan

Upaya yang Dilakukan Oleh Guru dan Kendala Yang Dihadapi Dalam Menanamkan Konsep Diri Positif Pada Siswa Kelas B TK Laboratorium Percontohan UPI. Sistem

Upaya Peningkatan Produktivitas dan Kinerja Lingkungan Pada Proses Retanning dengan Metode Green Productivity (Studi kasus PT..

Dalam penulisan ilmiah ini, penulis membuat program animasi dengan menggunakan Macromedia Flash MX karena pemakaiannya yang relatif lebih mudah serta kemampuannya yang mengagumkan