• Tidak ada hasil yang ditemukan

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN"

Copied!
16
0
0

Teks penuh

(1)

Rosi Gasanti

Metode demontrasi pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngadongeng (studi kuasi eksperimen ka siswa kelas x-ii sma negeri 1 tasikmalaya taun ajaran 2012/2013) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode jeung Desain Panalungtikan 3.1.1 Métode Panalungtikan

Panalungtikan ilmiah dina enas-enasna mah mangrupa tarékah pikeun meunangkeun, mekarkeun, sarta ningali bebeneran hiji élmu pangaweruh. Unggal panalungtikan ilmiah miboga dadasar métode anu bisa dipertanggungjawabkeun bebeneranana.

Dina ieu panalungtikan, digunakeun métode kuasi ékspérimén. Numutkeun pamanggih Suyatna (2002:17), nétélakeun yén métode kuasi ékspérimén nya éta métode panalungtikan ngeunaan kaayaan praktis, nu di jerona ngan nyokot sababaraha variabel nu tangtu, sabab moal mungkin pikeun ngontrol sakabéh variabel nu rélevan.

3.1.2 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, desain nu digunakeun nya éta one group pretest jeung postést design. Mékanisme panalungtikan kuasi ékspérimén ieu, baris digambarkeun dina tabél di handap.

Tabél 3.1

Mekanisme Panalungtikan Kuasi Ékspérimén

O1 X O2

(2)

O2 : postést

X : pangajaran dongéng ngagunakeun métode Démonstrasi

(Sugiyono, 2006: 116).

X nya éta ngalaksanakeun pangajaran ngadongéng ngagunakeun métode Démonstrasi, sedengkeun O1 nya éta pretést jeung O2 nya éta postést atawa observasi anu dilaksanakeun sabada X lumangsung. Pangaruh X bisa dipikanyaho kalawan ngabandingkeun antara hasil O1 jeung O2 dina situasi anu kakontrol. 3.2 Variabel jeung Wangenan Operasional

3.2.1 Variabel

Dumasar kana pamadegan Arikunto (2002:96) nétélakeun yén anu disebut variabel téh nya éta objék panalungtikan atawa sagala hal anu jadi puseur panitén dina panalungtikan. Saterusna dina panalungtikan ékspérimén téh sok aya nu disebut variabel bébas jeung variabel kauger. Ieu hal luyu jeung pamanggih Arikunto (2002:97) nu nétélakeun yén dina panalungtikan aya dua variabel anu mangaruhan, ilahar disebut variabel bébas (independent variable) jeung variabel kauger (dependent variable). Ku kituna, dumasar kana jenis variabel di luhur, variabel bébas dina ieu panalungtikan nya éta métode Démonstrasi, sedengkeun variabel kaugerna nya éta hasil diajar ngadongéng siswa kelas X-11 SMA Negeri 1 Tasikmalaya.

3.2.2 Wangenan Operasional

Sangkan teu nimbulkeun salah tafsir, istilah dina ieu panalungikan ditétélakeun ieu di handap.

1) Métode Démonstrasi nya éta salasahiji métode pangajaran nu di jerona dikondisikeun yén guru kudu bisa ngadémonstrasikeun luyu jeung skénario pangajaran nu geus ditataharkeun kalawan aktif jeung kréatif. Siswa salaku paregep teu ngan saukur bisa ngaregepkeun wungkul tapi engkéna bisa ngadémonstrasikeun deui kalawan ngalaksanakeun

(3)

prakték-prakték ngagunakeun basa, sarta parigel dina prakték-prakték ngagunakeun alat peraga. Léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun ku guru dina Métode Démonstrasi di antarana: ngarumuskeun tujuan nu rék dihontal, nataharkeun alat-alat démonstrasi, netepkeun gurat badag, ngitung waktu nu dibutuhkeun jeung dipungkas ku évaluasi pikeun ngajén kamajuan siswa.

2) Kamampuh ngadongéng nya éta kamampuh nepikeun dongéng kalawan ngagunakeun aspék-aspék ngadongéng, nu ngawengku aspék lingusitik jeung aspék non-linguistik. Aspék linguistik ngawengku; ucapan (lafal) jeung lentong. Kamampuh ngagunakeun aspék linguistik kalawan hadé di antarana:

a) Lafal nya éta kamampuh ngadongéng kalawan lafal atawa ucapan anu jelas tur béntés dina ngucapkeun sora vokal jeung sora konsonan.

b) Lentong nya éta kamampuh ngadongéng kalawan lentong nu merenah luyu jeung pasipatan unggal tokoh dina carita dongéng. Aspék non-linguistik ngawengku;

a) Pamahaman eusi nya éta kamampuh ngadongéng kalawan bisa maham tur ngawasa sacara maluruh kana eusi dina éta carita. b) Sistematika dongéng nya éta kamampuh ngadongéng kalawan

sitematika caritana anu ngaruntuy ti mimiti nepi ka tungtung carita. c) Ngagunakeun alat peraga nya éta kamampuh ngagunakeun alat

peraga nu geus ditataharkeun pikeun prosés demonstrasi kalawan merenah, luyu jeung eusi carita.

d) Ngagunakeun réngkak jeung peta nya éta kamampuh ngadongéng kalawan bisa metakeun paripolah unggal tokoh dina éta carita sarta gerak nu teu kaleuleuwihi.

3.3 Tehnik Panalungtikan

(4)

Téhnik ngumpulkeun data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ditétélakeun ieu di handap.

a) Téhnik Tes

Téhnik tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan mangrupa tés lisan, dina harti siswa dititah ngadongéng di hareupeun siswa séjén. Tés dilakukeun pikeun meunangkeun data hasil ngadongéng siswa saméméh jeung sanggeus ngagunakeun métode Démonstrasi. Dina ieu panalungtikan, dilakukeun dua kali tés, nya éta pretés jeung postés. Pretés dilakukeun pikeun mikanyaho kamampuh ngadongéng siswa saméméh ngagunakeun métode Démonstrasi. Sedengkeun postés dilakukeun pikeun mikanyaho kamampuh ngadongéng siswa sanggeus ngagunakeun métode Démonstrasi.

b) Téhnik Observasi

Téhnik obsérvasi dilakukeun pikeun meunangkeun gambaran situasi salila lumangsungna pangajaran ngadongéng di jero kelas. Anu jadi observer dina ieu panalungtikan nya éta guru mata pelajaran basa Sunda di Sakola.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumén dina panalungtikan mangrupa alat nu kacida diperlukeunana, lantaran hasil panalungtikan téh dipangaruhan pisan ku instrumén nu digunakeun. Dina ieu panalungtikan, salian ti ngaggunakeun paréntah anu mangrupa tés ngadongéng pikeun maluruh hasil ngadongéng siswa, dilakukeun ogé téhnik observasi langsung ka kelas nalika prosés pangajaran lumangsung.

3.4.1 Lembaran Tés Lisan

Tés lisan mangrupa cara nu digunakeun sangkan siswa ngadongéng sasakala Biruang jadi Sato Galak di hareupeun siswa séjén. Hal ieu miboga

(5)

maksud pikeun ningali jeung ngukur kamampuh siswa dina ngadongéng. Ieu di handap mangrupa téks dongéng sasakala Biruang jadi Sato Galak anu baris didongéngkeun ku siswa.

Sasakala Biruang Jadi Sato Galak Sampurasun...

Di dieu simkuring seja ngadongéng anu judulna téh sasakala Kunaon Biruang Jadi Sato Galak, padahal baheula mah biruang atawa ontohod téh béjana bageur, malah sok daék tutulung ka jelema. Kieu yeuh caritana téh.

Kacaritakeun aya hiji juru tani boga sawah di sisi leuweung, sarta sosobatan jeung biruang. Basa sawahna dipelakan paré, unggal peuting sok ditungguan ku biruang, malah patani jangji ka biruang yén engké lamun waktuna panén biruang bakal diburuhan hasil panénna. Atuh soson-soson pisan biruang ngajaga sawah patani téh.

Dina hiji peuting, basa biruang keur nungguan sawah patani, na ari bring téh riab beurit nyampeurkeun ka éta sawah patani, heg bari disarada “cuit cuit cuit cit cit cit”, duka lapar duka kunaon éta beurit matak disarada téh, nu puguh mah éta beurit téh nyieun peta nu matak pikasebeleun sakadang biruang. Biruang nyahoeun yén éta beurit bakal ngaruksak sawah patani, tuluy biruang téh nyampeurkeun ka tempat nu loba beurit téa. Keteyep..keteyep..keteyep.. “Horda....huhahahahhhaha..huhhahahhaa...hag siah beunang manéh téh beurit, arék naon siah maranéh datang kadieu, nyaho aing gé manéh téh tukang ngaruksak, halig siah manéh téh nyingkah kaditu!” ceuk biruang sumanget ngagebahan éta beurit. Atuh beurit téh lalumpatan da puguh sieuneun nempo awak biruang nu sakitu gedéna. Geus beurit arindit mah gék deui biruang téh diuk bari ngahenang-ngahening bari hahariringan.

Pupuh Balakbak

Kuring si ontohod nunggu pelak pare..nu hadé Bisi diganggu ku si beurit jeung si bagong..tuh paré Mun teu kitu mun teu kitu kuring moal bisa hasil..tatanén

Tah teu kungsi lila sakadang biruang ngahariring, jol bagong datang bari sesegrok “ngoook..grok..ngok grok”. Sakadang biruang ngoréjat cengkat, tuluy manéhna ngareureuwas bagong bari keprok “Hoyah! rék naon siah silaing kadieu, nya teu apal kuring keur ngahariring, na ari sia kalah datang ngaganggu aing, hus..hus.. nyingkah siah kaditu!” Ngadénge sora biruang kitu, bagong ngabecir. Pok deui biruang ngomong “Hag siah, saha deui nu wani datang kadieu, moal

(6)

sieun siah kaula mah, keur patani kami ikhlas ngorbankeun tanaga kami, sabab rék diburuhan paré kaula téh rék diburuhan ,huhhahahahhaha..huhahaha..kuring bakal meunang paré loba euy huhahahhaa....’

Kacaritakeun waktu dibuat, buru-buru juru tani ngangkut paré ka lemburna, dibunikeun di imahna, di sawahna mah teu ditinggalkeun saranggeuy-saranggeuy acan, malah biruang datang ka sawah kacida kagéteunana nénjo paré ngan kari jaramina wungkul. Gancang baé biruang téh nepungan juru tani ék nanyakeun paré bagéanana. Basa biruang nanyakeun ka juru tani, ku juru tani dijawab, yén bagian biruang mah nu handapna, ari bagian nu luhurna mah da geus puguh béak didahar ku manéhna jeung anak pamajikanna.

Omong biruang, “Lamun nyaho sampéan rék muruhan ku jarami mah, tangtu kaula gé moal daék mangjagakeun paré ti peuting, nepi ka taya nu wanieun ngaganggu. Bagong jeung beurit taya nu wani ngulampreng ka sawah da sieuneun ku kaula.” Ku juru tani diwalon, “Menta dihampura baé atuh Sakadang Biruang, kuring henteu bisa méré paré ayeuna, sabab geus béak. Taun hareup pangjagakeun deui, moal diburuhan ku jarami, keun kuring bagéan handapna, ari bagéan luhurna mah top baé kabéh keur sampéan”. “Hadé baé ari kitu mah, tapi ulah cidra nya!” ceuk biruang téh. Geus kitu mah tulu baé biruang téh balik deui, asup ka leuweung.

Kacaritakeun taun hareupna, jurutani di sawahna melak kumeli lain paré. Biruang wantuning sato, teu nyahoeun bédana paré jeung kumeli. Samarukna kumeli gé sok buahan kawas paré. Atuh soson-soson pisan biruan téh ngajagana. Barang kumelina geus kolot, juru tani sanak-pamajikanana, malah mah mawa tatanggana, gesat-gesut ngagarali kumeli tuluy diwadahan kana bongsang meunang ngahaja marawa ti imah. Méméh magrib geus teu aya satangkal-tangkal acan kumeli nu nangtung kénéh, beutina geus diaralaan kabéh, sarta tuluy diringkid ka lembur.

Basa biruang datang ka sawah, kumeli téh nyampak ngan tangkal jeung daunna wungkul patumpuk-tumpuk. Kakara manéhna ngarti, yén kumeli mah nu ngeunahna téh bagéan handapna, nya éta nu geus diringkid ku juru tani ka imahna. Ayeuna biruang yakin, yén juru tani téh teu beunang dipercaya, teu beunang dipisobat. Manéhna ngomong di jero haténa, “Aing sumpah nepi ka turun temurun rék jadi musuh jeung jelema. Lamun jelema datang ka leuweung, rék sina ngarasa pamales sobat nu geus ditipu.”

Tah ti harita nepi ka kiwari, biruang téh jadi sato galak, henteu beunang diheureuyan ku jelema, kuku jeung huntuna pohara pasakana, tanagana kacida bedasna.

(7)

Dina ieu panalungtikan ngaggunakeun instrumén nu mangrupa format meunteun ngadongéng siswa saperti ieu di handap.

Tabel 3.2

Kisi-kisi kritéria anu diajén

No Sasaran Aspék

1. Basa  Lafal

 Lentong

2. Eusi  Pamahaman Eusi

 Sistematika Eusi

3. Téhnik/Gaya  Réngkak jeung Peta

 Kaparigelan Ngagunakeun Alat Peraga Tabel 3.3

Format Meunteun Wasta :

Kelas :

Sasaran Aspek Skala Nilai Skor

1 2 3 4 5

Basa Lafal

lentong (tekenan, wirahma, randegan)

Eusi pamahaman eusi

sistematika eusi Tehnik /

gaya

réngkak jeung peta

kaparigelan ngagunakeun alat peraga Jumlah

(8)

Skor total keur tés nyarita dongéng nya éta 30. Skor éta hasil tina 6 x 5. Angka 6 ngagambarkeun jumlah aspék nu dinilai, sedengkeun 5 tina nilai idéal ti unggal aspék.

Déskripsi kritéria aspék-aspék kamampuh ngadongéng ieu dijieun sangkan proses ngajén unggal aspék-aspék dina ngadongéng bisa dilaksanakeun kalayan taliti jeung objéktif. Ieu di handap déskripsi kritéria aspék kamampuh ngadongéng nu aya dina format penilaian kamampuh siswa ngadongéng.

1. Lafal

5 = Lafal unggal sora basa bersih, jelas, euweuh kasalahan sampurna. 4 = Euweuh kasalahan, teu méngpar jauh ngadeukeutan sampurna. 3 = Aya saeutik kasalahan dina lafal.

2 = Kasalahan dina lafal rada sering. 1= Loba kasalahan

2. Lentong (tekenan, wirahma, randegan)

5 = Lentong (tekenan, wirahma, jeung randeganna) sampurna. 4 = Lentongna alus, teu méngpar jauh ngadeukeutan sampurna. 3 = Aya saeutik lentong nu kurang merenah

2 = Lentong nu teu merenahna rada sering. 1= Loba lentong nu teu merenah.

3. Pamahaman eusi

5 = Maham pisan kana eusi dongéng, luyu jeung dongéngna sampurna. 4 = Maham kana eusi dongéng ngadeukeutan sampurna.

3 = Aya saeutik bagéan nu rada teu paham. 2 = Kurang paham kana eusi dongéng. 1= Teu paham kana eusi dongéng.

4. Sistematika eusi

(9)

4 = Eusi ngagguluyur ngadeukeutan sampurna. 3 = Aya runtuyan nu rada teu nyambung (ngacak). 2 = Rada loba runtuyan nu ngacak.

1= Runtuyan carita dongéng pabaliut.

5. Réngkak jeung peta

5 = Réngkak jeung peta alus pisan tur teu kaleuleuwihi. 4 = Réngkak jeung peta teu kaleuleuwihi.

3 = Aya saeutik réngkak jeung peta nu teu merenah. 2 = Réngkak jeung peta rada sering teu merenah. 1= Loba réngkak jeung peta nu teu merenah.

6. Ngagunakeun Alat Peraga

5= Ngagunakeun alat peraga merenah, alus, tur kréatif

4=Ngagunakeun alat peraga alus, kréatif tapi kurang merenah 3=Aya saeutik dina ngagunakeun alat peraga nu teu merenah 2=Ngagunakeun alat peraga rada sering teu merenah

1=Loba pisan dina ngagunakeun alat peraga nu teu merenah Skor Anu Kahontal

Skor Ahir (Nilai) = --- x Skor Idéal (100) = Skor Total

3.4.2 Obsérvasi

Instrumén obsérvasi nu digunakeun dina ieu panalungtikan saperti ieu di handap. Tabel 3.4 Pedoman Observasi Poé, Ping : No Aktifitas Prosés Dilaksanakeun Henteu

(10)

1 Guru nitah siswa pikeun maca, maham, jeung neuleuman eusi dongéng sasakala biruang jadi sato galak nu rék ditepikeun.

2 Guru ngadémonstrasikeun dongéng sasakala biruang jadi sato galak ka siswa kalawan ngagunakeun lafal, lentong (tekenan, wirahma, randegan), pamahaman eusi, sistematika eusi, réngkak jeung peta sarta cara ngagunakeun alat peraga kalawan hadé.

3 Guru nitah siswa pikeun

ngadémonstrasikeun deui dongéng sasakala

biruang jadi sato galak kalawan

ngagunakeun lafal, lentong (tekenan, wirahma, randegan), pamahaman eusi, sistematika eusi, réngkak jeung peta sarta ngagunakeun alat peraga kalawan hadé.

4 Guru ngoréksi jeung mére koméntar

ngeunaan hasil démonstrasi siswa

5 Guru méré aprésiasi ka siswa nu paling hadé dina ngadongéng sasakala biruang jadi sato galak

Obsérver,

...

3.5 Téhnik Analisis Data

Sangkan meunangkeun tujuan ahir dina ieu panalungtikan, ku kituna baris dilakukeun analisis data ngaliwatan analisis kamampuh ngadongéng sasakala biruang jadi sato galak kalawan ngagunakeun aspék lafal, lentong, pamahaman eusi, sistematika eusi, réngkak jeung peta, sarta ngagunakeun alat peraga ngaliwatan pamarekan statistika anu léngkah-léngkahna saperti ieu dihandap.

1. Uji Normalitas

Uji normalitas miboga tujuan pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa téh mibanda distribusi anu normal. Hal ieu diperlukeun salaku sarat anu kudu dicumponan pikeun nguji kamampuh rata-rata. Nangtukeun nilai panggedéna jeung pangleutikna

a) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu dihandap:

(11)

b) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:

c) Nangtukeun panjang kelas interval

d) Nyieun tabel frekuensi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun tabél ieu di handap:

Tabél 3.5

Format Frékuensi Peunteun Pratés jeung Postés

No Kelas Interval fi xi xi2 fixi fixi 2

1 2 ∑

e) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun rumus ieu di handap.

f) Katerangan: X = rata-rata mean ∑ = jumlah Fi = jumlah data Xi = nilai tengah (Sudjana, 1992: 70) k = 1 + 3,3 log N

(12)

g) Ngitung standar deviasi, carana nya éta

h) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi. Carana nya éta: (a) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi

Tabél 3.6

Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés jeung Postés

Interval Oi BK Z Ztabel L Ei X2

(b) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi) (c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

(d) Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas)

(e) Nangtukeun Ztabel

(13)

(g) Ngitung frékuénsi ékspéktasi, ku cara:

(h) Nangtukeun nilai X2 (chi kuadrat)

(Sudjana, 1992:273) (i) Nangtukeun darajat kabébasan (dk)

(Sudjana,1992:293) (j) Nangtukeun harga X2tabél

(k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap:

- Lamun X²itung < X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina normal.

- Lamun X²itung > X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina teu

normal.

Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas kalayan hasilna normal, kagiatan nu satuluyna nya éta uji homogénitas.

2. Uji Homogénitas

Uji Homogénitas dilakukeun pikeun mikanyaho homogén henteuna variasi sampel tina populasi nu sarua. Pikeun nangtukeun homogén henteuna, nya éta ngaliwatan léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

a) Ngitung variansi (S²) unggal kelompok Variansi tés awal

S1 =

Variansi tés ahir

Ei = n x L

(14)

S2 =

(Sudjana, 1992: 95)

b) Ngitung harga variasi (F)

c) Ngitung derajat kabébasan (dk)

d) Nangtukeun harga

e) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap: (1) Lamun Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén.

(2) Lamun Fitung > Ftabél hartina variasi sampel teu homogén.

(Sudjana, 1992:250)

3. Uji Hipotésis

Uji hipotésis dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta: a) Nyieun tabél uji jumlah rata-rata pretés jeung postés

Tabél 3.7

Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun

No Ngaran Siswa Peunteun

Pratés Peunteun Pascatés d 1 2 ∑ dk = n - 1

(15)

b) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peuteun tés ahir. Rumusna nya éta:

c) Ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna nya éta:

d) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta:

e) Ngitung t, rumusna nya éta:

Katerangan:

t = tés signifikasi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir ∑x²d = jumlah kuadrat déviasi

n = jumlah subyék dina sampel f) Nangtukeun ttabél

g) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana ieu kritéria, nya éta: Nguji hipotésis ditingali tina hasil tés ahir kelompok nu ditalungtik (ékspérimén). Kritéria anu digunakeun nya éta (HI) ditarima (HO) ditolak

lamun titung> ttabél jeung (HI) ditolak (HO) ditarima lamun titung < ttabél

(16)

3.6 Sumber Data

Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas X-11 SMA Negeri 1 Tasikmalaya jalan Rumah sakit No. 28 Tasikmalaya kalayan jumlah siswa 38 urang.

Referensi

Dokumen terkait

PENGARUH MODIFIKASI BOLA TERHADAP HASIL KETERAMPILAN BERMAIN SEPAKBOLA SISWA DI SMPN 1 LEMBANG.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Mahasiswa mengajukan persetujuan UTA kepada Dosen Pembimbing (DPb) dengan mengisi formulir persetujuan UTA (Form TA-11) dan berkonsultasi kepada DPb untuk menentukan

penelitian dalam skripsi ini adalah bersifat deskriptif yaitu penelitian yang menggambarkan, menelaah, dan menjelaskan serta menganalisa suatu peraturan hukum.

[r]

PENERAPAN METODE KARYA WISATA PADA MATA PELAJARAN IPS TENTANG MACAM-MACAM SUMBER DAYA ALAM UNTUK MENINGKATKAN HASIL BELAJAR SISWA SEKOLAH DASAR.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Hubungan iq (intelligence quotient) dengan keterampilan teknik dasar futsal pada siswa ekstrakurikuler futsal SMA NEGERI 1 KOTA BANDUNG.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Metode penelitian yang digunakan adalah Penelitian Tindakan Kelas (PTK) yang dilakukan untuk memperbaiki kualitas pembelajaran, sehingga keterampilan menulis karangan

Sidik ragam bobot kering jual umbi per sampel tanaman bawang merah pada pemberian dosis dan interval waktu pupuk organik cair titonia yang berbeda. SK db JK KT