• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1006671 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1006671 Chapter1"

Copied!
8
0
0

Teks penuh

(1)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Masalah

Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa hirup gulangkep jeung budayana.

Manusa ngabogaan budaya lantaran boga akal jeung pikiran. Akal jeung pikiran

nu dipiboga ku manusa téh minangka ciri anu ngabédakeun jeung mahluk séjénna.

Éta kabudayaan téh diciptakeun sarta digunakeun ku manusa éta sorangan.

Kabudayaan bakal terus tumuwuh bareng jeung kamekaran jaman.

Manusa téh mangrupa mahluk sosial, nu butuh ku jalma séjén dina

nyanghareupan kahirupanana. Sakumaha anu kaunggel dina sempalan rumpaka pupuh Pucung “utamana jalma kudu loba batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri, budi akal lantaran ti padajalma”. Ku kituna manusa hirup dina

hiji kelompok nu bisa disebut ogé masarakat.

Numutkeun William A. Haviland (Sundjaya, 2008, kc.4), masarakat

minangka sakelompok jalma anu nyicingan hiji daérah sarta miboga kabudayaan

nu sarua, ogé numuwuhkeun interaksi sosial. Demi interaksi sosial minangka

konci tina kahirupan sosial. Ilaharna, tina interaksi sosial bisa ngadatangkeun

balukarna, boh balukar positif boh balukar négatif. Balukar négatif bisa

mangaruhan jalma pikeun ngalakukeun hal-hal anu teu luyu jeung norma-norma

agama ogé norma-norma sosial. Pikeun mageran pangaruh négatif nu aya di

lingkungan, manusa butuh ku sistem pikeun ngurangan éta pangaruh négatif téh.

Éta sistem pikeun ngungkulan pangaruh négatif téh mangrupa aturan norma,

kaidah, hukum nu tinulis jeung teu tinulis.

Aturan nu teu tinulis umumna nyampak dina budaya lokal nu salasahijina

mangrupa aspék kapamalian, sabab dina éta budaya lokal téh kacida leubeut pisan

(2)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

baheula nepikeun pikiran, rasa, kahayang dina wangun lisan ku cara dibalibirkeun

sangkan masarakat teu ngarasa langsung dipapatahan.

Koentjaraningrat (2009, kc.144), nétélakeun yén kabudayaan nyaéta sistem

gagasan, tindakan jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu

dipiboga manusa ku cara diajar. Kabudayaan kacida mangaruhan kana ajén atikan

masarakatna, kitu ogé sabalikna atikan mangaruhan pisan kana kamekaran

kabudayaan. Ku atikan urang bisa mekarkeun budaya-budaya nu geus aya

sangkan teu kalindih ku kamekaran jaman, ogé ajén-inajén nu aya dina budaya

bakal mangaruhan kana kamekaran atikan.

Dina kabudayaan, nyangkaruk ajén-inajén nu ngajanggélék dina wujud ideel

anu sifatna abstrak, teu bisa ditempo, teu bisa di cabak, tapi tempatna aya dina

alam pikiran masarakat dimana éta kabudayaan téh tumuwuh jeung mekar. Wujud

ideel bisa disebut ogé jeung paripolah, ieu hal téh nuduhkeun yén wujud ideel téh

fungsina pikeun ngatur sarta méré arahan kana paripolah manusa dina masarakat

salaku tatakrama atawa sopan santun.

Ajén ngandung harti pangaji, harga (LBSS, 1995, kc. 18). Ajén di dieu lain

hartina harga nu bisa diukur ku angka, tapi nu patalina jeung norma kahirupan.

Dina norma kahirupan tangtu nyangkaruk mangpirang-pirang aturan anu aya

patalina jeung atikan, ngatik budak kana kahadéan sangkan ngajadikeun budak nu

patuh kana norma norma kahirupan. Atikan numutkeun Danadibrata (2009, kc.39)

nyaéta pangajaran kana jalan kahadéan, méré, malajarkeun, warah, ngabingbing.

Dina kahirupan masarakat, hususna dina atikan kahirupan mibanda rupaning

cara pikeun ngaplikasikeun naon nu dimaksud atikan, boh métode boh bahanna.

Salasahiji atikan anu aya di masarakat nyaéta ngawangun étika ku cara nepikeun

hal-hal anu teu meunang dilakonan, sabab saupama dilakonan pasti bakal aya

balukarna. Salasahiji hal anu sering dijadikeun alat dina ngadidik nyaéta ku ayana

folklor anu ngébréhkeun ngeunaan aspék kapamalian anu dipaké ku masarakat.

Balukar upama urang ngalanggar pamali biasana aya patalina jeung

(3)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kituna, pamali téh mangrupa hal anu dianggap matih pikeun ngahulag naon nu teu

meunang dilakonan ku urang.

Pamali mangrupa bagian tina folklor. Numutkeun Jan Harold Brunvand

(Danandjaya, 2007, kc.21) folklor kabagi jadi tilu bagian, nyaéta folklor lisan,

folklor sabagian lisan, jeung folklor non lisan. Folklor lisan nyaéta folklor anu

wangunna murni lisan. Folklor sabagian lian nyaéta folklor anu wangunna

mangrupa campuran unsur lisan jeung unsur non lisan. Folklor non lisan nyaéta

folklor anu wangunna lain lisan, sanajan cara nyieunna ngaliwatan lisan. Tina éta

papasingan diluhur téh jéntré pisan yén pamali kaasup kana folklor sabagian lisan

anu kaasup kana genre kapercayaan rayat.

Unggal masarakat tangtu miboga kabudayaan séwang-séwangan,

salasahijina anu mangrupa kapercayaan rayat. Kapercayaan rayat didieu nu

mangrupa pamali atawa pantrangan. Kecap pamali téh digunakeun pikeun hal-hal

anu sifatna tabu.

Dina kahirupan urang sunda, loba kapanggih pakeman basa, di antarana

kapamalian. Cenah, kapamalian téh salah sahiji padika dina nepikeun atikan

karuhun Sunda. Nurutkeun makna aslina, kecap pamali téh nyaéta sagala rupa anu

ngotoran awak (mala=kokotor; mali=nu nyababkeun kokotor, leutak nu

ngalimpudan awak). Kecap pamali, aya nu gampang dihartikeunana, najan ukur

dilelebah, teu saeutik ogé anu bangga nepi ka hésé karampana ku akal waras.

Lantaran teu apal nyurahanana, antukna sok kalah jadi kaheureuyan, majar pamali téh “paman diali”. Taya bédana jeung dongéng anu sok diheureuykeun jadi “ngabobodo budak céngéng”, tur padahal eusina kawilang leubeut ku ajén atikan (Ruhimat, 2006, kc.41).

Pamali numutkeun Danadibrata (2009, kc.489) nyaéta larangan sepuh urang

anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna.

Mulkan (2007) dina artikel nu judulna “Pamali, Tradisi Budaya Lisan

(4)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sabudeureunana. Upama dipahing, biasana nu patali jeung rejeki, jodo, turunan

jeung kasalametan.

Pamali, biasana patali jeung kecap mitos, nu dianggap ku sababaraha jalma

minangka hal nu teu asup akal, sabab mitos mangrupa ungkara atawa hal-hal anu

dipercaya sacara turun tinurun ku hiji masarakat. Ku kituna, mitos dianggap aya

patula-patalina jeung kahirupan manusa di mangsa heubeul.

Kapamalian téh lain ngan saukur istilah anu diucapkeun sacara bébas, tapi

éta kapamalian téh ngandung ajén-inajén pikeun ngadidik ku cara dibalibirkeun

sangkan budak bisa nurut naon anu diucapkeun ku kolot, éta kapamalian téh teu

ngandung harti anu saujratna, tapi éta kapamalian téh ngandung harti anu séjén

atawa multitafsir.

Dina ieu panalungtikan digunakeun tilikan semiotik pikeun maluruh tanda

anu aya dina éta kapamalian. Semiotik nyaéta élmu nu ngabahas ngeunaan tanda.

Élmu anu nganggap yén fénoména sosial/masarakat jeung kabudayaanana

mangrupa tanda-tanda. Semiotik ngaguar ngeunaan sistem-sistem, aturan-aturan,

jeung konvensi-konvensi nu ngayakinkeun éta tanda-tanda téh ngabogaan harti.

Jadi nu bisa dijadikeun tanda téh sabenerna mah lain ngan saukur basa hungkul,

tapi sagala hal anu aya disabudeureun ieu kahirupan (Pradopo, 1995, kc. 119).

Panalungtikan kana aspék kapamalian kawilang penting pikeun maluruh

kumaha ajén atikan tina éta pamali mangaruhan kana sikep hiji masarakatna.

Ajén-inajén dina éta pamali téh mawa pangaruh ka masarakatna. Ku kituna,

pamali dijadikeun alat pikeun kolot ngatik ka budakna. Upama urang ngatik

budak ku cara nyebut pamali atawa nyingsieunan ku hal anu matak ngarugikeun,

budak tangtu bakal merhatikeun tuluy ngarasa sieun nu ahirna éta budak téh bisa

nurut kumaha ceuk kolotna.

Panalungtikan ngeunaan ajén atikan kawilang loba, diantarana ngeunaan

kaulinan, sisindiran, pupujian, jeung wawacan, tapi dina nalungtik kumaha ajén

(5)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kapamalian téh leubeut ku ajén-inajén ngeunaan atikan. Aya sababaraha

panalungtikan anu aya patalina jeung ajén atikan di antarana:

(1) Sri Mulyani (0700444) anu judulna “Ajén Atikan dina Kaulinan Barudak Lembur di Désa Sukamaju Kecamatan Cigudeg Kabupatén Bogor pikeun Bahan Pangajaran di SD”.

(2) Ayu Mustika Mayashinta anu judulna “Ajén atikan dina sisindiran anu aya di kampung Kiaralawang Désa Majasari Kecamatan Cibiuk Kabupatén Garut pikeun bahan pangajaran di SMP”.

(3) Eros Rosmiati anu judulna “Ajén atikan puisi pupujian di Kecamatan Ciparay Kabupatén Bandung”.

Sedengkeun panalungtikan husus ngeunaan aspék kapamalian mah can aya

nu nalungtik. Ku kituna, perlu diayakeun panalungtikan kana éta hal nu dijudulan

“Ajén Atikan dina Folklor Aspék Kapamalian anu Aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung (Tilikan Semiotik)”.

1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah

Masalah panalungtikan nya éta masalah objéktif dina hiji panalungtikan. Ku

kituna di handap ieu baris dijéntrékeun ngeunaan watesan jeung rumusan

masalah panalungtikan.

1.2.1. Watesan Masalah

Ajén-inajén anu aya dina aspék kapamalian, hususna ajén atikanna anu

ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama (Setiyadi, 2011, kc. 29)

nyaéta ngatik budak sangkan hadé ahlak jeung moralna. Dina kapamalian ogé,

tangtu nyangkaruk unsur semiotik anu perlu ditalungtik sangkan bisa maham

kana simbol éta kapamalian.

Sangkan ieu panalungtikan teu lega teuing, masalah anu dipedar museur

(6)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sarta simbol-simbol dina aspék kapamalian anu aya di Désa Tanjungwangi

Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah tadi, sangkan masalah-masalah dina ieu

panalungtikan jéntré, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun

dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Aspék kapamalian naon waé nu aya di Désa Tanjungwangi, Kecamatan

Cicalengka, Kabupatén Bandung?

2) Kumaha harti jeung fungsi éta aspék kapamalian pikeun ngatur jeung jadi

padoman dina kahirupan masarakat di Désa Tanjungwangi, Kecamatan

Cicaléngka, Kabupatén Bandung?

3) Ajén atikan naon waé nu nyampak dina aspék kapamalian di Désa

Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung?

4) Unsur semiotik naon waé nu nyangkaruk dina aspék kapamalian di Désa

Tanjungwangi, Kecamatan Cicaléngka, Kabupatén Bandung?

1.3. Tujuan Panalungtikan

Saperti anu geus dipedar dina kasang tukang jeung rumusan masalah, ieu

panalungtikan mibanda dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1. Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta maluruh ngeunaan ajén

atikan dina aspék kapamalian anu aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan

Cicalengka Kabupatén Bandung.

1.3.2. Tujuan Husus

Tujuan husus anu hayang dihontal ngaliwatan ieu panalungtikan nya éta

(7)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Aspék kapamalian nu aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka

Kabupatén Bandung

2) Harti jeung fungsi dina aspék kapamalian pikeun ngatur jeung jadi

padoman dina kahirupan masarakat di Désa Tanjungwangi, Kecamatan

Cicalengka, Kabupatén Bandung

3) Ajén atikan nu nyampak dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi,

Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung

4) Unsur semiotik nu nyangkaruk dina aspék kapamalian di Désa

Tanjungwangi, Kecamatan Cicaléngka, Kabupatén Bandung

1.4. Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat ieu panalungtikan dijembarkeun kana dua bagian, nya éta

mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh

ngeunaan kabudayaan sunda, hususna dina widang aspék kapamalian.

1.4.2. Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan téh dipiharep sangkan bisa méré

gambaran ngeunaan ajén atikan jeung ma’na simbol-simbol nu nyangkaruk

dina aspék kapamalian anu aya hususna di masarakat Désa Tanjungwangi

Kecamatan Cicalengka, umumna ka masarakat anu paduli kana kabudayaan.

1.5. Sistematika Penulisan

Sistematika penulisan dina ieu skripsi ngawengku lima bab, nyaéta:

1) Bab I bubuka, ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung

rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan,

(8)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Bab II ngeunaan kajian tiori tina ieu panalungtikan, medar

kabudayaan, foklor aspék kapamalian, ajén atikan, jeung tilikan

semiotik;

3) Bab III Métodologi Panalungtikan anu dipaké dina ieu skripsi nu

medar ngeunaan métode panalungtikan, sumber data, desain

panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan,

téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data;

4) Bab IV ngadeskripsikeun hasil tina panalungtikan, diantarana waé

pembahasan ngeunaan kondisi sosial budaya Désa Tanjungwangi,

déskripsi kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan

Cicaléngka, déskripsi harti jeung fungsi aspék kapamalian di wilayah

Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka, analisis ajén atikan aspék

kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka,

sarta semiotik anu aya dina aspék kapamalian di wilayah Désa

Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka.

5) Bab V ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan jeung saran ti

panalungtik ngeunaan hal-hal nu aya pakuat-pakaitna salila

panalungtikan pikeun panalungtik kahareupna.

Referensi

Dokumen terkait

Ibu Windha, S.H., M.Hum selaku Ketua Departemen Hukum Ekonomi Fakultas Hukum Universitas Sumatera Utara dan selaku Dosen Pembimbing II yang selalu bersedia menyediakan waktu

Perlakuan campuran pupuk kandang sapi NPKMg berpengaruh tidak nyata terhadap luas daun, jumlah baris per tongkol, diameter tongkol, panjang tongkol, bobot

Akan tetapi, masih banyak pelaku usaha yang berusaha untuk menghindarkan diri dari pajak yang dilakukan dengan berbagai cara yang salah satunya adalah memanipulasi laporan

Teknik-teknik dasar diperlukan sewaktu lari berliku-liku,berputar,dan berbalik,begitu pula saat melindungi bola,mengadakan koreksi serta mengamankan bola jika tidak

Berdasarkan hasil studi pendahuluan terhadap ketiga sekolah tersebut dalam pelaksanaannya terdapat permasalahan yang sipatnya umum seperti guru kurang profesional

Pembuatan Website ini menggunakan bahasa pemrograman web Joomla 1.0.13 dan web server yang digunakan untuk menjalankan Joomla

Pada tahap desain aplikasi, mulai dibangun aplikasi informasi baru yang berbasis komputer yang mampu untuk memberikan informasi tambahan kepada masyarakat. Pada tahap kesimpulan

Diharapkan aplikasi ini dapat membantu seseorang yang ingin memperoleh informasi tentang CARA BERWUDHU Dengan menggunakan Asymetrix Multimedia ToolBook II, aplikasi ini