• Tidak ada hasil yang ditemukan

s sdt 0900462 chapter 5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "s sdt 0900462 chapter 5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

73 BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun nyangking hasil anu akurat

ngeunaan kamampuh siswa dina maca warta saméméh jeung sanggeus

ngagunakeun média audio-visual. Tujuan tina unggal panalungtikan nya éta

pikeun ngabuktikeun atawa nguji hal-hal anu ditalungtik anu dirumuskeun di

idéntifikasi masalah. Aya tilu hal anu ditalungtik nya éta kumaha hasil diajar

siswa dina maca warta saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média

audio-visual; naha aya béda anu signifikan dina hasil diajar siswa nalika saméméh

ngagunakeun média audio-visual jeung sanggeus ngagunakeun média

audio-visual; jeung kumaha éféktifitas média audio-visual dina maca warta téh.

1) Média audio-visual sabenerna ngagunakeunana gampang jeung éféktif

dina nepikeun pangajaran, asal luyu jeung tujuan anu rék dihontal. Média

audio-visual dina pangajaran maca warta, wangun matéri atawa bahan

pangajaranana dijieun kanavidéo ngagunakeun komputer atawa laptop

tuluy diproyéksikeun ngagunakeun proyektor.

2) Katitén yén dina pretés siswa mampuh maca warta aya 2 siswa atawa

6,66% sedengkeun anu can mampuh aya 28 siswa atawa 93,33%, anu

ngawengku rata-rata skor total pretés kelas X-2 nya éta 55,83. Rata-rata

skor tina aspék nyangkem eusi nya éta 3,23; skor rata-rata tina aspék

ucapan (artikulasi) nya éta 2,93; skor rata-rata tina aspék lentong (tekenan,

wirahma, jeung randegan) nya éta 2,83; jeung rata-rata skor tina aspék

réngkak paripolah (gesture) nya éta 2,2.Ieu hal dilantarankeun siswa

kurang nyangkem kana naon anu dipedar tur siswa kurang nyangkem kana

aspék-aspék maca warta.

3) Katitén yén dina postés siswa anu mampuh maca warta kalawan

nyumponan kritéria ngajén warta aya 22 siswa atawa 73,33%, anu

ngawengku rata-rata skor total postés kelas X-2 nya éta 76. Rata-rata skor

(2)

74

(artikulasi) nya éta 3,8; skor rata-rata tina aspék lentong (tekenan,

wirahma, jeung randegan) nya éta 3,73; jeung rata-rata skor tina aspék

réngkak paripolah (gesture) nya éta 3,5.Ieu hal ngabuktikeun yén ayana

pangaruh diajar dina maca warta ngaliwatan média audio-visual.

4) Média pangajaran kréatif saperti média audio-visual téh kawilang éféktif

pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina maca warta. Ieu hal dumasar

kana hasil analisis data anu ngabuktikeun uji hipotésis. Katitén nya éta

titung(19,45) sedengkeun ttabél(2,46) tina darajat kabébasan 29 sarta tingkat

kapercayaan 99% nya éta 2,46. Cindekna, titung(19,42) >ttabél(2,46).

Hipotésis alternatif dina ieu panalungtikan nya éta aya béda signifikan

antara kamampuh maca warta siswa saméméh jeung sanggeus

ngagunakeun média audio-visual téh ditarima.

5.2 Rékoméndasi

Luyu jeung hasil panalungtikan, aya sababaraha rékoméndasi anu

diébréhkeun ku panalungtik pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina

maca warta. Rékoméndasi éta téh dipérélékeun ieu di handap.

1) Sanggeus ngayakeun panalungtikan ngeunaan pangajaran maca warta,

ditétélakeun yén hasil pretés jeung postés aya béda anu signifikan. Ku

kituna, panalungtik ngarékoméndasikeun ka guru-guru basa Sunda

sangkan ngagunakeun média pangajaran anu kréatif saperti

audio-visual anu raket patalina jeung téhnologi dina medar matéri

pangajaran hususna dina pangajaran warta.

2) Guru-guru basa Sunda kudu parigel dina milih jeung nangtukeun

média pangajaran tur métode jeung modél pangajaranana. Ieu hal

pikeun ngirut minat siswa dina diajar basa Sunda.

3) Ieu panalungtikan masih loba kakuranganana. Ku kituna, panalungtik

miharep ayana panalungtikan ngeunaan pangajaran maca warta

ngagunakeun média kréatif tur inovatif saperti média audio-visual anu

Referensi

Dokumen terkait

Jadi,média pangajaran basa Sunda, nyaéta média nu digunakeun dina pangajaran basa Sunda, anu ngawengku alat bantu guru dina ngajar jeung sarana nu bisa nepikeun

Numutkeun Tatang Sumarsono jeung Taufik Faturohman (2006, kc. Lantaran kitu siswa dipiharep bisa leuwih gampang dina nyaritana sabab biasana tokoh idola éta téh mangrupa

Ieu panalungtikan téh museur kana ulikan struktural jeung féminis novél Handeuleum ‘na Haté Beureum karya Chyé Rétty Isnéndés pikeun bahan pangajaran maca

Dumasar kana kasang tukang di luhur, ieu panalungtikan medar kumaha efektifitas métode dramatic reading dina ngaronjatkeun pangajaran maca dongéng pikeun siswa MAN

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta téhnik tés. Téhnik tés dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nyangking data boh saméméh boh

Dina ieu panalungtikan, babasan jeung paribasa téh dianalisis tina jihat semantik, nyaéta tina aspék harti jeung warna harti, anu matalikeun babasan jeung paribasa

matak ngirut siswa jeung luyu kana pangajaran nu rék ditepikeun. 3) Lantaran ieu panalungtikan ngeunaan média origami dina pangajaran nulis di. SMP ngagunakeun métode

Ulikan Struktural Jeung Ajén Moral Dina Kumpulan Carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung Karya Usép Romli H.M.. Pikeun Bahan Pangajaran Maca