• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1303756 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1303756 Chapter5"

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

1

Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016

MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN LALAMPAHAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil jeung pedaran dina bab IV, ieu panalungtikan bisa

dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh nepikeun laporan lalampahan saméméh ngagunakeun métodeu

mind mapping kagolong kana katégori can mampuh, rata-rata peunteunna

64,2 (<76). Hartina siswa can mampuh nepikeun laporan lalampahan

kalayan hadé. Ieu hal katitén tina unggal aspék anu masih kurang tina skor maksimal. Aspék eusi laporan “cukup saluyu jeung matéri pangajaran” kalayan rata-rata 3,5; aspék cara nepikeun “gerak awak henteu tegang tapi

loba ngalakukeun gerakan anu ngaganggu konséntrasi pamiarsa jeung

teuteupan ka audience kurang museur tapi cukup komunikatif.” Kalayan

rata-rata 3,4; aspék tata basa “basa nu digunakeun kurang bener jeung teu baku” kalayan rata-rata 2,9; gaya pilihan struktural “pilihan kecap nu digunakeun kurang merenah atawa kurang keuna kana larapna” kalayan rata-rata 2,9; sarta aspék kalancaran ucapan jeung lentong “nyaritakeun

lalampahan cukup lancar jeung béntés (henteu arapap-eureupeup) sarta lentong cukup merenah nepi ka omonganana masih bisa dicangkem” kalayan rata-rata 3,3.

2) Kamampuh nepikeun laporan lalampahan sanggeus ngagunakeun métodeu

mind mapping kagolong kana katégori mampuh, rata-rata peunteunna 84,7

(>76). Hartina siswa mampuh nepikeun laporan lalampahan kalayan hadé.

Ieu hal katitén tina unggal aspék anu teu béda jauh tina skor maksimal. Aspék eusi laporan “eusi laporan saluyu jeung matéri pangajaran” kalayan rata-rata 4,3; aspék cara nepikeun “gerak awak rada tegang tapi teu loba

ngalakukeun gerakan anu ngaganggu konséntrasi pamiarsa jeung teuteupan

(2)

2

Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016

MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN LALAMPAHAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

tata basa “basa nu digunakeun rada bener jeung rada baku” kalayan rata-rata

4,1; gaya pilihan struktural “pilihan kecap nu digunakeun kurang merenah

atawa kurang keuna kana larapna” kalayan rata-rata 4,0; sarta aspék

kalancaran ucapan jeung lentong “nyaritakeun lalampahan lancar jeung

béntés (henteu arapap-eureupeup) sarta lentong merenahna nepi ka omonganana bisa dicangkem” kalayan rata-rata 4,5.

3) Ronjatna kamampuh siswa saméméh jeung sanggeus ngagunakeun métodeu

mind mapping katitén tina rata-rata peunteun awal (pretest) anu dicangking

siswa nya éta 64,2, sedengkeun rata-rata peunteun ahir (posttest) anu

dicangking siswa nya éta 84,7. Ieu hal ogé katitén tina aya béda kamampuh

nepikeun laporan lalampahan dina unggal aspék penilaian. Tina lima aspék

anu dipeunteun, aspék tata basa mangrupa aspék kahiji anu ronjatna leuwih

gedé, nya éta 24%.

4) Aya béda antara kamampuh siswa saméméh jeung sanggeus ngagunakeun

métodeu mind mapping dibuktikeun dina uji hipotésis. Katitén yén hasil

itungan nétélakeun > nya éta 13,65 > 2,42. Hartina dina taraf

kepercayaan 99% hipotésis ditarima. Ieu hal ngabuktikan yén aya béda anu

signifikan antara kamampuh nepikeun laporan lalampahan saméméh jeung

sanggeus ngagunakeun métodeu mind mapping siswa kelas VIII-B SMP

Negeri 10 Bandung taun ajaran 2016/2017.

5.2 Implikasi

Métodeu mind mapping dina kamampuh nepikeun laporan lalampahan.

Larapna métodeu mind mapping miboga implikasi yén ieu métodeu bisa

ditarima ku siswa. Nalika prak-prakanana siswa jadi leuwih sumanget

diajar, siswa jadi leuwih wani dina nepikeun laporan sacara lisan di hareup

kelas, siswa ogé jadi leuwih aktif jeung kritis dina nyikepan babaturanana

anu keur nepikeun laporan lalampahan. Métodeu pangajaran mind mapping

dina bentuk lisan leuwih éféktif pikeun ngaronjatkeun kaparigelan nyarita

(3)

3

Aprelia Meganur Sanjaya Putri, 2016

MÉTOD EU MIND MAPPING (PETA PIKIRAN) D INA PANGAJARAN NEPIKEUN LAPORAN LALAMPAHAN

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|perpustakaan.upi.edu

5.3 Rékoméndasi

Sanggeus dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan kamampuh nepikeun

laporan lalampahan ngagunakeun métodeu mind mapping, aya sababaraha

rékoméndasi sangkan panalungtikan anu salajengna bisa langkung hadé

sarta aya kamajuan dina prosés belajar mengajar, di antarana nya éta ieu di

handap.

1) Métodeu mind mapping bisa ngaronjatkeun kamampuh nepikeun

laporan lalampahan. Ku kituna, métodeu mind mapping bisa dijadikeun

salah sahiji cara atawa alternatif pikeun guru dina pangajaran nepikeun

laporan lalampahan;

2) Dina panalungtikan nepikeun laporan lalampahan ngagunakeun métodeu

mind mapping aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, di antarana

nya éta: a) kudu maham kana oriéntasi jeung léngkah-léngkah métodeu

mind mapping, b) ngararancang pangajaran kalayan asak jeung bener, c)

kudu bisa nyiptakeun suasana kelas anu nyaman sangkan ngirut

perhatian siswa, sarta d) kudu bisa ngondisikeun waktu.

3) Dipiharep ayana panalungtikan métodeu mind mapping dina pangajaran

séjénna sangkan bisa leuwih ngabuktikeun kaéféktifan métodeu mind

Referensi

Dokumen terkait

1 (satu) Or ang Sar jana Teknik Str ata Satu (S1) Jur usan Teknik Sipil/ Ar sitektur dengan pengalaman minimal 2 tahun, mempunyai SKA Ahli Teknik Bangunan Gedung- M adya dan

Alhamdulillah, Segala Puja dan Puji hanya untuk Allah SWT serta diiringi dengan rasa syukur atas rahmat, karunia dan hidayah-Nya terhadap penyusun, yakni telah

Dari hasil penelitian dan pembahasan ditarik simpulan bahwa keterampilan berpikir kreatif peserta didik kelas F semester tiga dalam kategori baik dengan frekuensi

[r]

For the timber beam and loading shown, draw the shear and bending-moment diagrams and determine the maximum normal stress due to

Guna memenuhi tugas mata kuliah Pengantar Geologi Fisika. Disusun

Metode penelitian yang digunakan adalah penelitian tindakan kelas (PTK). Subjek penelitian kelas V sebanyak 25 orang peserta didik. Teknik pengumpulan data menggunakan

Jadi, H0 ditolak dan Ha diterima sehingga dapat disimpulkan bahwa terdapat perbedaan hasil belajar yang signifikan antara menggunakan model pembelajaran Numbered Head