BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber Data Panalungtikan
Sumber data dina panalungtikan nyaéta ti mana asalna subjék data ditalungtik
(Arikunto, 2010, kc. 172).
Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta sakabéh siswa kelas VII A SMP
Negeri 1 Kutawaluya taun ajaran 2013/2014. Jumlah sumber data dina ieu
panalungtikan nyaéta 41 siswa, nu kabagi kana 22 siswa lalaki jeung 19 siswa
awéwé.
3.2 Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan nyaéta anu dirancang pikeun ngajawab atawa
ngajelaskeun masalah-masalah panalungtikan. Ieu desain panalungtikan téh disususn
dumasar kana léngkah-léngkah: (1) nangtukeun masaah, (2) studi pendahuluan, (3)
ngarumuskeun masalah, (4) nangtukeun sumber data, (5) nangtukeun jeung nyusun
instrumén (6) ngumpulkeun data, (7) analisis data, (8) nyieun kacindekan, jeung (9)
Sangkan leuwih jéntré, léngkah-léngkah panalungtikan digambarkeun ieu di
handap.
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
3.3Métode Panalungtikan
Dumasar kana tujuan nu rék dihontal, ieu panalungtikan téh make métode
déskriptif. Nurutkeun Amir Suyatna (2002, kc. 14) ieu métode dipaké pikeun méré
gambaran sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta jeung
sipat-sipat populasi atawa daérah anu tangtu.
Métode déskriptif digunakeun dina ieu panalungtikan lantaran luyu jeung tujuan
nu rék dihontal, nyaéta ngadéskripsikeun data anu geus ngumpul, anu satuluyna Nangtukeun Masalah Studi Pendahuluan Ngarumuskeun Masalah
Nyieun Laporan Nangtukeun Sumber
Data
Ngumpulkeun Data Nyieun Kacindekan
Nangtukeun jeung Nyusun Instrumén
dianalisis jeung ditafsirkeun: sarta ieu métode téh baris ngungkulan pasualan anu
aktual. Ku lantaran kitu, ieu métode téh bisa dipaké pikeun maluruh kamampuh siswa
dina ngalarapkeun undak usuk basa Sunda dina mangsa kiwari.
Anapon léngkah-léngkahna dina ieu panalungtikan, di antarana:
1) Ngayakeun observasi ka tempat panalungtikan.
2) Nangtukeun sumber data.
3) Ngumpulkeun data.
4) Ngolah data.
5) Ngadéskripsikeun jeung nyindekkeun hasil analisis data.
3.4Wangenan Operasional
Pikeun mahing ayana kasalahpahaman, ieu di handap dijéntrékeun sacara
operasional istilah-istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan.
1) Kamampuh Ngalarapkeun Undak Usuk Basa Sunda
Kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa Sunda nyaéta kaparigelan
ngagunakeun panta-panta basa Sunda, dipakéna diluyukeun jeung kaayaan umur,
kalungguhan,sarta situasi nu nyarita jeung nu diajak nyarita katut nu
dicaritakeunana.
2) Nulis Paguneman
Nulis paguneman mangrupa hiji kaparigelan nyusun eusi pikiran, nepikeun
gagasan, kahayang, kereteg haté dina wangun tinulis.
Jadi, nu dimaksud “Kamampuh Ngalarapkeun Undak Usuk Basa Sunda dina Nulis Paguneman” nyaéta kaparigelan siswa kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya dina
ngagunakeun panta-panta basa Sunda nu diluyukeun jeung kaayaan umur,
kalungguhan, sarta situasi nu nyarita jeung diajak nyarita katut nu dicaritakeunana
3.5Instrumén Panalungtikan
Arikunto (2010, kc. 203) nétélakeun instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa
fasilitas nu digunakeun ku panalungting dina ngumpulkeun data sangkan migawéna
leuwih babari,sarta hasilna leuwih hadé, hartina leuwih gemet, lengkep, jeung
sistematis nepi ka leuwih babari diolah. Anapon instrumen anu digunakeun pikeun
ngumpulkeun data mangrupa lembaran tés. Ari dina prakna ngolah data mah
instrumén tabél data.
3.5.1Instrumén Ngumpulkeun Data
Instrumén pangumpul data anu mangrupa lembaran tés bisa dititén ieu di handap.
Soal Tés
Saméméh diasupkeun kana tabél pikeun kalancaran klasifikasi jeung déskripsi
data. Dina kartu data aya kode siswa jeung kode kalimah. Pancén Paguneman!
Cik pék ku hidep jieun hiji paguneman dumasar kana judul nu disadiakeun di handap ieu! Jieun dina wangun tulisan kalayan ngalarapkeun tatakrama atawa undak usuk Basa Sunda.
1. Menbal jeung babaturan. 2. Nganteur indung ka pasar. 3. Nongton menbal bareng. 4. Nguseup bareng jeung bapa. 5. Diajar bareng jeung babaturan.
Tabél 3.1 Kartu Data
Kartu Data
(P.01/K.01)
Kode siswa : P.01
Kode Kalimah : K.01
Jenis kecap : Undak usuk basa Sunda (basa loma, basa lemes keur sorangan,
jeung lemes keur ka batur).
Katerangan:
P.01 : (siswa nurutkeun absén)
K.01 : (kalimah ka sabaraha)
3.5.2Instrumén Ngolah Data
Instrumén pikeun ngolah data anu mangrupa tabél data saperti ieu di handap.
Tabél 3.2
Larapan UUBS dina Pangalaman
Kalimah
Undak Usuk Basa Katerangan
Nu dipaké Kuduna
B. Loma Basa Lemes
Batur Sorangan
Katerangan:
BLM : basa loma
BLS : basa lemes keur sorangan
BLB : basa lemes keur ka batur
M : merenah
TM : teu merenah
Sabada dipilah-pilah tuluy diasupkeun kana tabél husus saluyu jeung
klasifikasina.
Tabél 3.3
Merenahna Kecap Loma
No. Kecap F Preséntase (%)
Tabél 3.4
Teu Merenahna Kecap Loma
No. Kecap F Preséntase (%)
Tabél 3.5
Merenahna Kecap Lemes keur Sorangan
No. Kecap Sakuduna F Preséntase (%)
Tabél 3.6
Teu Merenahna Kecap Lemes keur Sorangan
Tabél 3.7
Merenahna Kecap Lemes keur ka Batur
No. Kecap F Preséntase (%)
Tabél 3.8
Teu Merenahna Kecap Lemes keur ka Batur
No. Kecap Sakuduna F Preséntase (%)
Tabél 3.9 Kecap Kamalayon
No. Kecap F Preséntase (%)
Tabél 3.10
Kamampuh Siswa dina Ngalapkeun UUBS No. Wasta
∑ ∑
% Kecap nu merenah
Peunteun Interprétasi
Tabél 3.11
Nangtukeun Jumlah Kamampuh dina Perséntase
Lobana Siswa nu Mampuh Skala Niléy
Dina Persénntasé Per Siswa E-A 0-4
Tabél 3.12
Basa Loma, Basa Lemes keur Sorangan, jeung Basa Lemes keur Batur No. Wasta
∑ BLM BLS BLB
M TM M TM M TM
Tabél 3.13
Presentase Kamampuh Ngalarapkeun Kecap UUBS Basa nu dipaké Jumlah
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data 1) Téhnik Observasi
Téhnik observasi digunakeun pikeun niténan jeung nyatet sacara sistematik
kaayaan SMP Negeri 1 Kutawaluya anu bari dijadikeun sumber data. Upamana baé,
jumlah sakabéh kelas anu aya di éta sakola, jumlah sakabeh siswa kelas VII, aya
basa Sunda,. Kagiatan observasi ieu lumangsung dumasar patokan anu tangtu luyu
jeung tempat tujuan ieu panalungtikan.
2) Téhnik Tés
Dina ieu panalungtikan dikumpulkeun kalawan ngagunakeun téhnik tés, nyaéta
méré tugas nulis paguneman ka siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya taun
ajaran 2013/2014.
3.6.2 Téhnik Ngolah Data
Ngolah data mangrupa léngkah anu paling penting dina kagiatan panalungtikan.
Anapon métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta déskriptif, téhnik
ngolah datana nyaéta risét déskriptif anu sipatna éksploratif atawa develop-mental
(Arikunto, 2010, kc. 282).
Anapon léngkah-léngkah ngolah datana saperti di handap ieu:
1) Nganomeran unggal kalimah anu aya dina paguneman.
2) Milihan kecap-kecap anu aya dina unggal kalimah, tuluy dinomeran.
3) Masing-masingkeun kecap, tuluy diasupkeun kana tabél dumasar klasifikasi anu
geus ditangtukeun, nyaéta gundukan kecap loma, kecap lemes keur sorangan,
sarta kecap lemes keur ka batur.
3.6.2.1 Analisis Téks Paguneman
Dina nganalisis paguneman, dilakukeun tahapan saperti di handap ieu:
a. Meunteun kamampuh siswa
N = perséntase kamampuh siswa
∑B = jumlah kecap nu bener
∑T = jumlah kecap (UUBS) nu dipaké
b. Nangtukeun patokan niléy
Tabél 3.14
Nangtukeun Patokan ku Cara Ngitung Perséntase keur Skala Lima Interval Preséntase
Tingkat Ngawasa
Nilai Ubah Skala Lima Keterangan 0 – 4 E - A
( Nurgiantoro, 2010, kc. 253)
3.6.2.2Analisis Basa Loma jeung Basa Lemes (keur Sorangan jeung keur Batur)
Analisis basa loma jeung basa lemes make ukuran préstasi anu dihontal ku siswa
dina hiji kelompok. Nurgiantoro (2010, kc. 266), nétélakeun rumus indéks Préstasi
Kelas saperti di handap ieu:
Indéks Préstasi Kelas =
a. Kamampuh ngagunakeun basa loma
X = jumlah basa loma nu merenah
Y = jumlah basa loma nu dipaké
Lm= perséntase larapna basa loma
b. Kamampuh ngagunakeun basa lemes keur sorangan
X= jumlah basa lemes keur sorangan nu merenah
Y = jumlah basa lemes keur sorangan nu dipaké
Ls= perséntase larapna basa lemes keur sorangan
c. Kamampuh ngagunakeun basa lemes keur ka batur
X = jumlah basa lemes keur batur nu merenah
Y = jumlah basa lemes keur sorangan nu dipaké
Lb= perséntase larapna basa lemes keur batur
��= �
��= �