• Tidak ada hasil yang ditemukan

BAB III METODE PANALUNGTIKAN

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "BAB III METODE PANALUNGTIKAN"

Copied!
9
0
0

Teks penuh

(1)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

Métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah meunangkeun data pikeun tujuan atawa mangpaat nu tangtu (Sugiyono, 2010, kc. 2). Métode nu dipaké nyaéta métode déskriptif. Métode déskriptif nyaéta métode panalungtikan nu digunakeun pikeun nalungtik kaayaan objék alamiah. Hasil panalungtikanana leuwih nekenkeun ma’na tibatan generalisasi. Ieu métode loba digunakeun pikeun panalungtikan bidang antropologi budaya (Sugiyono, 2010, kc. 8).

Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun gambaran umum tempat panalungtikan, gelarna Kasenian Surak Ibra, prak-prakan Kasenian Surak Ibra, analisis sémiotik tina unsur nu ngawangun Kasenian Surak Ibra, ajén sosial nu aya dina kasenian Surak Ibra, sarta matalikeun ajén sosial nu aya dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupaten Garut pikeun pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII.

3.1 Désain Panalungtikan

Ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif. Dina panalungtikan kualitatif sagala hal nu rék ditéangan tina objék panalungtikan masih can jelas masalahna, sumber datana, jeung hasil nu dipiharep. Rarancang panalungtikan mekar sanggeus panalungtik asup kana objék panalungtikan (Sugiyono, kc. 2010, 223). Ku kituna, rarancang dina ieu panalungtikan saperti bagan di handap.

(2)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 3.1

(3)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sacara umum, désain panalungtikan nu dirancang dina ieu panalungtikan nyaéta: tahap tatahar, tahap pelaksanaan, tahap ngumpulkeun data, tahap analisis

Nyieun Laporan Sajarah Kasenian Surak Ibra Prak-prakan Kasenian Surak Ibra

Ajén Sosial dina Kasenian Surak

Ibra

Bahan Pangajaran Tahap Analisis Data

Ngolah Data Hasil

Observasi Ngadéskripsikeun Data Nganalisis Data Tahap Ngumpulkeun Data

Observasi Wawancara Studi Pustaka

Tahap Pelaksanaan

Ngimeutan Prak-prakan Surak Ibra Ngadokumentasikeun Prak-prakan Surak Ibra Tahap Tatahar

Survey Tempat Perizinan Mastikeun Waktu Observasi

Nyieun Daftar Patarosan Tujuan Panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun:

1. gelarna Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut;

2. prak-prakan gelarna Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut; 3. unsur-unsur seni nu aya dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut;

4. ajén sosial nu nyangkaruk dina Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut;

5. bahan ajar nu dijieun pikeun pangajaran ngaregepkeun pedaran kasenian daérah kelas VIII.

(4)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

data, jeung tahap nyusun laporan. Dina tahap tatahar, nu dilakukeun nyaéta nyiapkeun kalengkepan obsérvasi lapangan saperti survéy tempat, mastikeun waktu obsérvasi, jeung nyieun daftar patarosan.

Dina tahap pelaksanaan, prosés panalungtikan ku cara niténan jeung ngimeutan prak-prakan pagelaran Kasenian Surak Ibra di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut, tuluy wawancara pikeun nanya leuwih rinci ngeunaan objék nu ditalungtik, jeung studi pustaka sangkan nambahan pangaweruh ngeunaan Kasenian Surak Ibra. Dina tahap pelaksanaan, sacara teu langsung data nu rék dianalisis geus kakumpulkeun ngaliwatan obsérvasi, wawancara, jeung studi pustaka. Ku kituna, tahap pelaksanaan téh sakaligus tahap ngumpulkeun data.

Dina tahap analisis data hasil panalungtikan, data diolah sarta déskripsikeun hasilna dina laporan panalungtikan. Eusina nyaéta gambaran umum tempat panalungtikan, sajarah, prak-prakan, ulikan sémiotik, ajén sosial, sarta pedaran matéri ngeunaan ajén sosial Kasenian Surak Ibra nu aya di Kecamatan Wanaraja Kabupatén Garut pikeun pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII, tuluy nyieun kacindekan tina hasil ngolah data.

3.2 Partisipan jeung Tempat Panalungtikan 3.2.1 Partisipan

Partisipan nyaéta jalma jeung objék nu dijadikeun narasumber dina ngumpulkeun data panalungtikan. Nu bisa jadi partisipan dina hiji panalungtikan nyaéta unsur masarakat nu aya patalina jeung objék panalungtikan. Partisipan bisa disebut ogé sumber data. Nurutkeun Sugiyono (2010, kc. 215), dina panalungtikan kualitatif teu ngagunakeun istilah populasi salaku sumber data, tapi ku Spradley dingaranan “sosial situation” atawa situasi sosial.

Partisipan nu dijadikeun narasumber dina wawancara nyaéta pupuhu Kasenian Surak Ibra, pamaén Kasenian Surak Ibra, jeung masarakat Kampung Sindangsari Désa Cinunuk Kecamatan Wanaraja Kabupatén Garut. Palaku dijadikeun narasumber sabab dianggap nyaho ngeunaan Surak Ibra ti mimiti sajarah, prak-prakan, jeung ma’na nu aya dina éta kasenian.

(5)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.2.2 Tempat Panalungtikan

Lokasi dina ieu panalungtikan nyaéta di Kampung Sindangsari Desa Cinunuk Kecamatan Wanaraja Kabupatén Garut. Dumasar data ti désa, Cinunuk dibagi jadi tilu dusun, nyaéta 9 RW, 33 RT, sarta 16 kampung. Kepadatan penduduk ieu désa nyaéta 178,02 Jiwa/Ha. atawa 25,9 Jiwa/Km. Jumlah warga nu kacatet aya kana 5.296 jiwa, nu diwincik lalaki 2.663 jiwa jeung awéwé 2.633 jiwa. Sangkan bisa nepi ka tempat lokasi, bisa maké kendaraan angkutan umum nu dituluykeun ku ojég atawa délman, sabab tempatna lumayan jauh ti jalan raya utama.

Alesan Désa Cinunuk dijadikeun tempat panalungtikan nyaéta:

1) ieu tempat mangrupa pusat informasi nu panglengkepna ngeunaan Kasenian Surak Ibra;

2) dina ieu tempat, mimiti mekarna Kasenian Surak Ibra nu diluluguan ku inohong di Désa Cinunuk;

3) kagiatan latihan Kasenian Surak Ibra tempatna di sabudeureun Désa Cinunuk sabab palaku dina ieu kasenian ogé sakabéhna mangrupa warga Désa Cinunuk;

4) dina ieu tempat aya waktu rutin nu sacara husus pikeun minton ieu kasenian.

3.3 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data mangrupa léngkah nu pangpentingna dina hiji panalungtikan. Nurutkeun Sugiyono (2010, kc. 224), ngumpulkeun data bisa dilakukeun dina sababaraha kaayaan, sababaraha sumber, jeung sababaraha cara. Hal-hal nu kudu diperhatikeun dina téhnik ngumpulkeun data aya tilu bagian nyaéta léngkah tatahar saacan panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung instrumén panalungtikan saperti nu dipedar ieu di handap.

(6)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Saméméh panalungtikan, aya sababaraha léngkah nu kudu dipilampah sarta disiapkeun sangkan panalungtikan bisa lumangsung sacara lancar. Léngkah-léngkah tatahar dina ieu panalungtikan nyaéta:

1) ngajukeun judul panalungtikan;

2) nangtukeun masalah jeung objék nu rék ditalungtik;

3) ngumpulkeun sumber data panalungtikan ku cara talaah pustaka; jeung 4) nyieun proposal panalungtikan.

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Ngumpulkeun data mangrupa prosés ngayakeun data primér pikeun kaperluan panalungtikan (Daniel, 2003, kc. 133). Téhnik panalungtikan anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nyaéta: studi pustaka, observasi, wawancara, jeung dokuméntasi.

1) Studi Pustaka

Téhnik studi pustaka dipilampah ku cara ngumpulkeun data tina sumber-sumber tinulis nu mangrupa buku. Ieu téhnik pikeun ngadeudeulan tiori sarta ngabandingkeun tiori jeung kanyataan di lapangan.

2) Obsérvasi

Nurutkeun Marshall (dina Sugiyono, 2010, kc. 226), ngaliwatan obsérvasi, panalungtik diajar ngeunaan paripolah, jeung ma’na tina paripolah éta sorangan. Téhnik obsérvasi digunakeun pikeun nalungtik kumaha prak-prakana kasenian Surak Ibra, boh sacara langsung boh ngaliwatan media video.

3) Wawancara

Nurutkeun Sugiyono (2010, kc. 231), wawancara digunakeun minangka téhnik ngumpulkeun data upamana panalungtik ngalakukeun studi pikeun niténan masalah nu kudu ditalungtik sarta bisa nyaho ngeunaan hal nu ditalungtik ti réspondén sacara leuwih jéntré. Téhnik wawancara digunakeun pikeun ngawawancara tokoh, pamaén, jeung masarakat nu wanoh kana Kasenian Surak Ibra nu aya di Kacamatan Wanaraja Kabupatén Garut. Fungsina pikeun nambahan référénsi dina ieu panalungtikan.

(7)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4) Dokuméntasi

Dokumén nyaéta catetan kajadian nu geus karandapan (Sugiyono, 2010, kc.240). Téhnik dokuméntasi mangrupa bukti ngalaksanakeun obsérvasi langsung, digunakeun pikeun ngarojong informasi data nu mangrupa gambar, foto, video (audio, visual) nu tujuanana pikeun ngadeudeulan data sangkan diolah jeung dianalisis kalawan jéntré.

3.3.3 Instrumén Panalungtikan 1. Alat Foto

Foto digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar (visual) dina prak-prakan gelarna kasenian Surak Ibra sarta gambar narasumber nu diwawancara. Dina ieu panalungtikan, alat pikeun moto nyaéta kaméra digital jeung handphone.

2. Alat Rekam

Alat rekam digunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téhnik wawancara jeung informan sarta digunakeun dina waktu kasenian Surak Ibra keur gelar. Dina ieu panalungtikan, alat rekam nu digunakeun nyaéta kaméra

digital.

3. Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara masarakat nu apal kana Kasenian Surak Ibra. Pedoman wawancara nyaéta runtuyan pertanyaan nu ditanyakeun ka informan dina waktu wawancara ngeunaan Kasenian Surak Ibra nu digambarkeun dina tabél di handap.

Tabél 3.1 Biodata Informan Biodata Informan Wasta Umur Pakasaban Atikan : : :

(8)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Alamat Kalungguhan : : : Tabél 3.2

Daftar Pertanyaan dina Pedoman Wawancara

Rumusan Pertanyaan-Pertanyaan Wawancara

(1) (2)

Sajarah

(1)

1. Ti iraha ayana Kasenian Surak Ibra téh?

2. Saha waé nu mimiti mekarkeun Kasenian Surak Ibra? (2)

3. Naha bet dingaranan Kasenian Surak Ibra?

4. Naon kasang tukang diadegkeun Kasenian Surak Ibra? Prak-prakan 5. Persiapan naon waé nu kudu disiapkeun saméméh pagelaran

Surak Ibra dipintonkeun?

6. Lagu naon nu dipaké mirig dina Kasenian Surak Ibra? 7. Di mana tempat pagelaranna?

8. Iraha Kasenian Surak Ibra dipagelarkeun?

9. Sabaraha lila pintonan Surak Ibra dina unggal pagelaranana? 10. Kumaha tahapan dina prak-prakan Kasenian Surak Ibra? Pakakas 11. Naon waé waditra nu dipaké pikeun mirig Kasenian Surak

Ibra?

12. Aya katangtuan husus teu, dina milih kostum nu dipaké atawa pamaén Kasenian Surak Ibra téh?

13. Kumaha parobahan kostum Kasenian Surak Ibra nepi ka ayeuna?

Unsur Semiotik

14. Aya simbol husus teu dina waditra, pamaén, jeung bagian Kasenian Surak Ibra?

(9)

Anisa Chairunisa, 2015

Ajen sosial dina kasenian surak ibra di kacamatan Wanaraja kabupaten Garut pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP kelas VIII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

16. Naon mangpaat nu dirasakeun ku masarakat Désa Cinunuk ku ayana Kasenian Surak Ibra?

17. Masih luyu teu ieu kasenian dipagelarkeun dina jaman kiwari? Cara

ngamumulé

18. Kumaha carana sangkan ieu kasenian teu leungit? 19. Kumaha harepan pikeun ieu kasenian ka hareupna?

20. Usaha naon nu geus dilakukeun ku Dinas Pariwisata jeung Kabudayaan Kabupatén Garut pikeun ngariksa ieu kasenian?

3.4 Analisis Data

Analisis data nyaéta usaha ngadadarkeun data jadi bag-bagan (decomposition), nepi ka susunan bentuk nu geus dipedar tadi katingali jéntré jeung bisa dipikaharti (Satori jeung Komariah, 2010, kc. 97).

Téhnik ngolah data maké métode déskriptif nyaéta métode anu bisa ngungkulan pasualan sacara aktual ku cara ngumpulkeun data, nyusun data, milah-milah data, nganalisis data, sarta nafsirkeun data. Téhnik ngolah data nu dipaké nyaéta téhnik analisis, klasifikasi data, nyusun data, sarta ngabandingkeun data antara hasil wawancara jeung hasil studi pustaka.

Pikeun ngahontal udagan, ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik panalungtikan déskriptif kualitatif. Sakabéh data nu geus dikumpulkeun tuluy dianalisis. Data hasil obsérvasi dipasing-pasing sarta didéskripsikeun. Sanggeus kitu, diolah pikeun kapentingan panalungtikan ngeunaan sajarah, prak-prakan, ajén sosial dina Kasenian Surak Ibra sarta matalikeun jeung pangajaran nu aya di sakola.

Referensi

Dokumen terkait

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII F SMP Negeri 5 Bandung Taun Ajaran

Demo images and fonts used in our preview files: Graphic elements: flaticon.com/packs/font-awesome subtlepatterns.com iconsmind.com Images: flickr.com/photos/astragony unsplash.com

PENERAPAN METODE KARYA WISATA PADA MATA PELAJARAN IPS TENTANG MACAM-MACAM SUMBER DAYA ALAM UNTUK MENINGKATKAN HASIL BELAJAR SISWA SEKOLAH DASAR.. Universitas Pendidikan Indonesia |

yang dirawat inap di Rumah Sakit Umum Daerah Deli Serdang tahun 2014. Mengetahui distribusi proporsi penderita hipertensi dengan

Tanin ini larut dalam pelarut organik yang polar, tetapi tidak larut dalam pelarut organik nonpolar seperti benzene atau kloroform (Robinson, 1995).Tanin ini biasanya berikatan

RINCIAN APBD MENURUT URUSAN PEMERINTAHAN DAERAH, ORGANISASI, PENDAPATAN, BELANJA DAN PEMBIAYAAN. TAHUN

dilakukan dengan menelaah sejumlah buku, karya ilmiah, dan.. dokumen/arsip yang berhubungan dengan masalah yang diteliti. Pengumpulan data sekunder yang dilakukan dalam penelitian

Penyisipan humor digunakan dalam empat pembelajaran keterampilan berbahasa Inggris yaitu pembelajaran mendengarkan bahasa Inggris (listening) jenis verbal humor berupa