• Tidak ada hasil yang ditemukan

STRUKTUR INSTRINSIK DAN NILAI MORAL DALAM DONGENG YANG ADA DI KECAMATAN CIBADAK KABUPATÉN SUKABUMI UNTUK BAHAN PEMBELAJARAN MEMBACA DI SMP.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "STRUKTUR INSTRINSIK DAN NILAI MORAL DALAM DONGENG YANG ADA DI KECAMATAN CIBADAK KABUPATÉN SUKABUMI UNTUK BAHAN PEMBELAJARAN MEMBACA DI SMP."

Copied!
34
0
0

Teks penuh

(1)

STRUKTUR INSTRINSIK JEUNG AJÉN MORAL DINA DONGÉNG NU AYA DI KACAMATAN CIBADAK KABUPATÉN SUKABUMI

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP

SKRIPSI

disusun pikeun nyumponan salah sahiji sarat ujian idang Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Siti Mutiara Fhadilathusy NIM 1002612

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

Hak Cipta

STRUKTUR INSTRINSIK DAN

NILAI MORAL DALAM DONGENG

YANG ADA DI KECAMATAN CIBADAK

KABUPATEN SUKABUMI UNTUK

BAHAN PENGAJARAN MEMBACA

DI SMP

Oleh

Siti Mutiara Fhadilathusy

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Siti Mutiara Fhadilathusy 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

SITI MUTIARA FHADILATHUSY

NIM 1002612

STRUKTUR INSTRINSIK JEUNG AJÉN MORAL DINA DONGÉNG NU AYA DI KACAMATAN CIBADAK KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN

PANGAJARAN MACA DI SMP

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. NIP 197212021999032001

Pangaping II,

Dian Hendrayana, S.S., M.Pd.

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

SITI MUTIARA FHADILATHUSY, 2014

Struktur Instrinsik Jeung Ajén Moral Dina Dongéng Nu Aya Di Kacamatan Cibadak Kabupatén STRUKTUR INSTRINSIK DAN NILAI MORAL DALAM DONGENG YANG ADA DI KECAMATAN CIBADAK KABUPATÉN SUKABUMI

UNTUK BAHAN PEMBELAJARAN MEMBACA DI SMP 1)

Siti Mutiara Fhadilathusy 2)

ABSTRAK

Penelitian ini mempunyai tujuan untuk mengumpulkan cerita rakyat atau dongeng yang ada di Kecamatan Cibadak Kabupaten Sukabumi, menganalisis struktur instrinsik dan mengetahui nilai moral yang ada dalam dongéng di Kecamatan Cibadak, serta memilih dongeng yang sesuai dengan KIKD dan layak untuk dijadikan bahan pembelajaran bahasa Sunda di SMP. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif-kualitatif dengan teknik pengumpulan data dengan cara observasi dan wawancara serta mencatat secara langsung dongeng yang disampaikan oleh narasumber dan analisis data dengan cara menganalisis struktur instrinsik dari setiap dongeng yang sudah dikumpulkan. Hasil penelitian ini berupa inventarisasi dongeng yang ada di Kecamatan Cibadak untuk bahan pengajaran membaca Muatan Lokal Bahasa dan sastra Sunda di SMP. Dengan adanya inventarisasi dongeng ini dapat menambah wawasan siswa tentang daerah tempat tinggalnya serta pengajaran yang ada akan lebih efektif dan efisien.

(5)

SITI MUTIARA FHADILATHUSY, 2014

Struktur Instrinsik Jeung Ajén Moral Dina Dongéng Nu Aya Di Kacamatan Cibadak Kabupatén 1

Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. dan Dian Hendrayana, S.S., M.Pd.

2

Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Angkatan 2010. INSTRINSIC STRUCTURE AND MORAL VALUE THAT STILLS

EXISTS IN THE FOLKLORE FROM DISTRICT CIBADAK, SUKABUMI REGENCY FOR REFERRAL READING MATERIALS

IN JUNIOR HIGH SCHOOL 1)

Siti Mutiara Fhadilathusy 2)

ABSTRACT

This research of collecting folklores or fairy tales exist in the District Cibadak, Sukabumi Regency, to analyzing intrinsic structure and moral values that may be included the folklores or fairy tales, and to choose a folklore or fairy tale that appropriate with KIKD and suitable to being determined as Sundanese language learning reference for Junior High School. This research is using qualitative description which are the method is data collection with measurement that conducted was using direct observation and interviewing the source along with documented all the folklore had been told from the respected resource person and analyzing the data result with analyzing intrinsic structure from the fairy tales collected. The result of this research is an inventory of folklore that stills exist in Cibadak District for teaching reference for local content to learn Sundanese language and literature for Junior High School. With this inventory of folklore,

will be helpful to widen student’s horizon to understanding their place where they

lived and the teaching method will be more effective and efficient.

(6)

SITI MUTIARA FHADILATHUSY, 2014

Struktur Instrinsik Jeung Ajén Moral Dina Dongéng Nu Aya Di Kacamatan Cibadak Kabupatén 1

Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. dan Dian Hendrayana, S.S., M.Pd.

2

(7)

vii

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Watesan Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 3

1.3.1 Tujuan Umum ... 3

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4

1.5 Anggapan Dasar ... 4

1.6 Raraga Nulis …………...5

BAB II AJÉN MORAL, DONGÉNG, JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA 2.1 Ajén Moral ...6

2.1.1 Wangenan Ajén ... 6

2.1.2 Wangenan Moral ... 6

2.2 Dongéng ... 7

2.2.1 Wangenan Dongéng ... 7

(8)

viii

2.2.2.1 Dongéng Sato ... 9

2.2.2.2 Dongéng Sasakala (Legénda) ... 9

2.2.2.3 Dongéng Babad (Sagé) ... 10

2.2.2.4 Dongéng Jalma Biasa (Parabel) ... 10

2.2.2.5 Dongéng Paranabi/Wali ... 10

2.2.2.6 Dongéng Pieunteungeun ... 10

2.2.3 Unsur-unsur Dongéng ... 11

2.2.3.1 Tema ... 11

2.2.3.2 Palaku ... 11

2.2.3.3 Latar ... 12

2.2.3.4 Galur ... 13

2.3 Bahan Pangajaran Maca ... 14

2.3.1 Wangenan Bahan Pangajaran Maca ...14

2.3.2 Tujuan Pangajaran Maca ...14

2.3.3 Kritéria Milih Bahan Pangajaran ... 14

2.3.4 Nyusun Bahan Ajar ... 15

2.4 Wangenan Maca ...15

2.4.1 Tujuan Maca ... 16

2.4.2 Téhnik Maca ... 17

2.4.3 Pangajaran Maca dina KIKD Basa jeung Sastra Sunda ...18

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode jeung Téhnik Panalungtikan ... 20

3.1.1 Métode Panalungtikan ... 20

3.1.2 Téhnik Panalungtikan ... 20

3.1.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data... 21

3.1.2.2 Téhnik Analisis Data ...21

3.1.3 Désain Panalungtikan ... 21

3.2 Instrumén Panalungtikan ... 22

3.3 Sumber Data ... 23

3.3.1 Informan ... 23

(9)

ix

3.3.2.1 Kalurahan Cibadak... 27

3.3.2.2 Désa Néglasari... 27

3.3.2.3 Désa Sukasirna ... 28

3.3.2.4 Désa Warnajati ... 31

3.3.2.5 Désa Ciheulang Tonggoh ... 31

3.3.2.6 Désa Batununggal ... 31

3.4 Wangenan Operasional ... 31

BAB IV INVÉNTARISASI DONGÉNG DI KACAMATAN CIBADAK KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP 4.1 Deskripsi Dongéng di Kacamatan Cibadak Kabupatén Sukabumi ... 34

4.2 Struktur Instrinsik jeung Ajén Moral Dongéng di Kacamatan Cibadak . 35 4.2.1 Sasakala Kampung Garunggang ... 35

4.2.1.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Kampung Garunggang ... 36

4.2.1.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Kampung Garunggang ... 36

4.2.2 Sasakala Kampung Cipangasahan ... 37

4.2.2.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Kampung Cipangasahan ... 37

4.2.2.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Kampung Cipangasahan ... 38

4.2.3 Sasakala Kampung Kadal Meteng ... 38

4.2.3.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Kadal Meteng ... 39

4.2.3.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Kadal Meteng ...39

4.2.4 Sasakala Kampung Cukang Lemah ... 40

4.2.4.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Kampung Cukang Lemah .... 40

4.2.4.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Kampung Cukang Lemah ... 41

4.2.5 Sasakala Kampung Tugu ... 41

4.2.5.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Kampung Tugu ... 42

4.2.5.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Kampung Tugu ... 42

4.2.6 Sasakala Situ Saeur …... 43

4.2.6.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Situ Saeur ... 44

4.2.6.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Situ Saeur ... 44

(10)

x

4.2.7.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Cibadak 1 ... 45

4.2.7.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Cibadak 1 ... 46

4.2.8 Sasakala Sukajadi ... 46

4.2.8.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Sukajadi ... 47

4.2.8.2 Ajén Moral Dongéng Sasakal Sukajadi ... 47

4.2.9 Sasakala Kota Nayor ... 48

4.2.9.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Kota Nayor ... 48

4.2.9.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Kota Nayor ...49

4.2.10 Sasakala Sukamaju ...49

4.2.10.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Sukamaju ... 50

4.2.10.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Sukamaju ... 50

4.2.11 Sasakala Warnajati 1 ... 51

4.2.11.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Warnajati 1 ... 51

4.2.11.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Warnajati 1 ...52

4.2.12 Sasakala Nayor ...52

4.2.12.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Nayor ... 53

4.2.12.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Nayor ... 54

4.2.13 Sasakala Gunung Walat ...54

4.2.13.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Gunung Walat ... 56

4.2.13.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Gunung Walat ... 57

4.2.14 Sasakala Warnajati 2 ... 57

4.2.14.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Warnajati 2 ... 58

4.2.14.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Warnajati 2 ...58

4.2.15 Sasakala Sukabumi ... 58

4.2.15.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Sukabumi ... 60

4.2.15.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Sukabumi ... 61

4.2.16 Sasakala Désa Sukasirna ……... 62

4.2.16.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Désa Sukasirna ... 62

4.2.16.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Désa Sukasirna ... 63

4.2.17 Sasakala Kampung Cilengo ………... 63

(11)

xi

4.2.17.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Kampung Cilengo …... 64

4.2.18 Sasakala Cibadak 2 ... 64

4.2.18.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Cibadak 2 ... 65

4.2.18.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Cibadak 2 ... 66

4.2.19 Sasakala Prasasti Cibadak ... 66

4.2.19.1 Struktur Instrinsik Dongéng Sasakala Prasasti Cibadak ... 66

4.2.19.2 Ajén Moral Dongéng Sasakala Prasasti Cibadak ...67

4.2.20 Kampung Ciheulang ... 67

4.2.20.1 Struktur Instrinsik Dongéng Kampung Ciheulang ... 68

4.2.20.2 Ajén Moral Dongéng Kampung Ciheulang ... 69

4.2.21 Pamuruyan ... 70

4.2.21.1 Struktur Instrinsik Dongéng Pamuruyan ... 70

4.2.21.2 Ajén Moral Dontgéng Pamuruyan ... 71

4.3 Dongéng pikeun Bahan Ajar Maca di SMP ... 71

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 74

5.2 Saran ... 75

DAPTAR PUSTAKA ... 77

LAMPIRAN Silabus Pangajaran Maca Dongéng di SMP ...79

RPP Dongéng di SMP ...81

Surat Keputusan, UPI ...89

Surat ijin panalungtikan, FPBS UPI ... 91

Surat ijin panalngtikan, Kesbangpol Sukabumi ... 92

Surat katerangan, Kacamatan Cibadak ... 93

Gambar peta Kacamatan Cibadak, Désa Néglasari, Désa Sukasirna, Désa Warnajati, Désa Ciheulang Tonggoh, Désa Batununggal ... 94

Poto dokuméntasi kagiatan panalungtikan ...100

(12)

1

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang

Dina kahirupan masarakat Sunda, karya sastra nu sumebar téh bisa ditilik tina wangun lisan sarta tulisan. Dina wangun lisan mah, di antarana anu sumebar téh nyaéta dongéng. Dongéng sok disebut ogé carita rakyat (carita atawa babad anu meunang pahala, jalma salah tangtu meunang cilaka; sangkan maksud tinekanan kudu ngagunakeun akal atawa kudu hirup sauyunan ngarah répéh-rapih.

Dongéng disawang masih kénéh réa di masarakat Cibadak. Cibadak téh salasahiji kota leutik nu aya di Kabupatén Sukabumi. Matak disebut Cibadak téh cenah mah tina kecap “ci” (cai) jeung “badak”. Baheulana, di Cibadak, di palebah Leuwi Goong ayeuna, loba ranca paranti badak gupak/guyang. Sanajan kitu, teu sakabéh masarakat Cibadak arapal kana dongéng Sasakala Cibadak. Ku kituna, Cibadak miboga poténsi pikeun dijadikeun lokasi panalungtikan. Ku ieu panalungtikan, dongéng-dongéng éta bisa diinvéntarisasi tur masarakat bisa apaleun naon waé dongéng nu aya di Cibadak. Salian ti éta, dongéng-dongéng nu aya di Cibadak bisa dijadikeun bahan pangajaran di sakola sangkan barudak arapal kana dongéng naon waé nu aya tur bisa ngaronjatkeun minat barudak waktu pangajaran dongéng, eusina lain dongéng nu éta deui éta deui (umum).

(13)

2

disosialisasikeun sangkan barudak mikanyaho kana dongéng-dongéng nu aya di tatar Sunda, hususna di wewengkonna sorangan.

Dongéng bisa dijadikeun bahan pangajaran. Hal ieu saluyu jeung kurikulum anu nyebutkeun matéri pangajaran dina KIKD Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat 2013 kelas VII nyaéta “menghargai dan mensyukuri keberadaan bahasa Sunda sebagai anugerah Tuhan yang Maha Esa sebagai sarana komunikasi

dalam: Percakapan; Iklan Layanan Masyarakat; Karangan Bahasan;

Pengalaman Pribadi; Kaulinan Barudak; Dongeng; Sajak, dan Pupujian.” (KD

7.1.1). Dina KD 7.3.5 ogé nétélakeun ngeunaan pangajaran dongéng nyaéta

mengidentifikasi, memahami, dan menganalisis Dongeng sesuai dengan

kaidah-kaidahnya.” Pamungkas dina KD 7.4.5 nyaéta “menafsirkan, menanggapi, dan menyajikan isi serta nilai-nilai yang terkandung dalam Dongeng sesuai dengan

kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.

Panalungtikan ngeunaan ajén moral kana karya sastra, jeung panalungtikan kana dongéng geus loba nu nalungtik, diantarana; skripsi Agus Suherman anu judulna “Ajén Moral dina Naskah Drama Modern karya R. Hidayat Suryalaga”

(1998), skripsi Mahyar Suryadi anu judulna “Ajén Moral dina Kumpulan Sajak

Sasambat karya Yayat Hendayana (2000), skripsi Muhamad Jaelani anu judulna

“Ajén Moral dina Wawacan Lalampah Den Atikah” (2003), skripsi Opih Latipah

nu judulna “Dongéng Anu sumebar di Kacamatan Kadudampit Kabupatén

Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMP” (2007), skripsi Yusi

Gusmiati anu judulna “Ajén Moral dina Buku Dongéng-dongéng Pakidulan Garut

pikeun Bahan Pangajaran di Sakola (Ulikan Struktural-Semiotik)” (2012), skripsi Habli Rohmat Hadid nu judulna “Invéntarisasi Dongéng di Kacamatan Nagrak Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Ajar Ngaregepkeun di SMP” (2012), sarta skripsi Ema Rohimah nu judulna “Ajén Moral dina Struktur carita Dongéng Manglé Alit anu Medal Taun 2012 pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP”

(2013).

(14)

3

panalungtikan nu judulna “Ajén Moral dina Dongéng nu aya di Kacamatan Cibadak Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP” perlu dilaksanakeun. Dongéng nu ditalungtik kira-kira aya kana 20-an tina sababaraha désa nu dijadikeun lokasi panalungtikan anu aya di Kecamatan Cibadak.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Luyu jeung kasang tukang, masalah nu baris dipedar diidéntifikasikeun sangkan bisa museur kana ieu panalungtikan nyaéta ngeunaan invéntarisasi dongéng nu aya di Kacamatan Cibadak, milih dongéng anu luyu jeung KIKD, jeung milih dongéng anu cocog pikeun dijadikeun bahan pangajaran basa Sunda di SMP.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.

1) Dongéng naon waé nu aya di Kacamatan Cibadak?

2) Kumaha struktur instrinsik jeung ajén moral dina dongéng nu aya di Kacamatan Cibadak?

3) Kumaha larapna hasil panalungtikan pikeun pangajaran maca di SMP?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

(15)

4

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan, nyaéta:

1) mikanyaho dongéng naon waé nu masih kénéh aya di Kacamatan Cibadak;

2) mikanyaho struktur instrinsik jeung ajén moral tina dongéng nu aya di Kacamatan Cibadak;

3) mikanyaho luyu jeung henteuna dongéng-dongéng anu sumebar éta jeung KIKD SMP kelas VII sarta cocog atawa henteu pikeun dijadikeun bahan pangajaran basa Sunda.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban élmu pangaweruh ngeunaan dongéng nu kungsi aya sarta nu masih kénéh aya di Kacamatan Cibadak. Hasil kajianana bisa dijadikeun salasahiji réferénsi pikeun kaperluan-kaperluan nu aya patula-patalina jeung ieu panalungtikan, utamana ngeunaan dongéng nu aya di masarakat.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan boga mangpaat sangkan dongéng nu aya di masarakat teu tumpur kalindih kamekaran jaman, ngamumulé budayana, tur bisa nyokot mangpaat nu aya dina unggal dongéng pikeun kahirupan urang sapopoé. Salian ti éta, mangpaat praktis séjénna nyaéta disusunna matéri dongéng-dongéng heubeul pikeun diwanohkeun ka siswa.

1.5Anggapan Dasar

(16)

5

1) Sastra téh mangrupa seni anu gumelar ngaliwatan basa. Dina sastra anu penting téh lain basa anu éndah atawa carita anu ramé, tapi ajén senina (KUBI);

2) Dongéng kaasup salasahiji sastra Sunda heubeul titinggal karuhun Sunda, kacida pentingna pikeun dimumulé tur dijaga ku masarakat Sunda sorangan nepi ka ayeuna;

3) Pangajaran dongéng mangrupa matéri nu aya dina SKKD SMP kelas VII.

1.6Raraga Nulis

Tahap ahir sanggeus data réngsé dianalisis dina ieu panalungtikan nyaéta nyusun hiji laporan dina wangun skripsi. Raraga nulis dina ieu skripsi, nyaéta: BAB I: Bubuka nu ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, watesan masalah, rumusan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan, wangenan operasional, métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, anggapan dasar, jeung raraga nulis. BAB II: Kajian Tiori anu eusina ngébréhkeun ngeunaan dongéng jeung bahan pangajaran maca.

BAB III: Métode Panalungtikan anu eusina ngawengku métode jeung téhnik panalungtikan, désain panalungtikan, instrumén panalungtikan, sumber data jadwal kagiatan panalungtikan jeung sistematika nyusun skripsi.

BAB IV: Analisis Panalungtikan. Eusina ngawengku prak-prakan panalungtikan, nganalisis unsur-unsur dongéng hasil panalungtikan sarta dongéng pikeun bahan pangajaran maca.

(17)

20

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode jeung Téhnik Panalungtikan

3.1.1 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa cara nu digunakeun ku nu nalungtik pikeun ngumpulkeun data panalungtikan sangkan tujuan panalungtikan bisa kahontal. Aya sababaraha jenis métode dina panalungtikan, salasahijina métode panalungtikan déskripsi/déskriptif. Ieu métode digunakeun pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajelaskeun peristiwa sarta kajadian (Sudjana, 2011, kc. 52).

Métode dina panalungtikan leuwih dipuseurkeun kana stratégi, prosés, jeung pamarekan dina milih papasingan, karakteristik, ogé diménsi rohang jeung waktu tina data nu diperlukeun (Sudjana dina Isnéndés, 1998, kc. 29).

Dina ieu panalungtikan, métode déskriptif nu digunakeun nyaéta métode déskriptif-kualitatif. Métode panalungtikan kualitatif ieu hartina métode panalungtikan anu digunakeun pikeun nalungtik kana kondisi objék anu alami/dilakukeun dina kaayaan anu alamiah (natural setting) sarta pikeun meunangkeun data anu nyosok jero, data anu ngandung ma’na. Ma’na di dieu mangrupa data anu saenyana (Sugiyono, 2008, kc. 8).

Tina sababaraha pedaran di luhur, bisa dicindekkeun yén métode panalungtikan nyaéta cara nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu leuwih museur kana stratégi, prosés, jeung pamarekan dina milih karakteristik, ogé diménsi rohang jeung waktu.

(18)

21

Téhnik asal kecapna tina basa Yunani tekhnikos nu hartina alat atawa seni ngagunakeun alat. Téhnik panalungtikan kabagi dua, nyéta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik analisis data.

3.1.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nyaéta obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi pikeun bukti panalungtikan. Obsévasi anu dilakukeun langsung ka lokasi anu dijadikeun sumber data dina panalungtikan nyaéta ka Kalurahan Cibadak, Désa Sukasirna, Désa Néglasari, Désa Warnajati, Désa Ciheulang Tonggoh, Désa Batununggal, Désa Pamuruyan, Désa Sekarwangi, Désa Karangtengah, sarta Désa Ténjo Jaya.

Wawancara dilakukeun sacara langsung ka narasumberna. Aya lima urang anu dijadikeun narasumber dina ieu panalungtikan, nyaéta Abah Awam ti Kampung Garunggang, Pa Sudrajat ti Désa Cibadak, Pa Hilmi Nurhikmat ti Kampung Barusawah, Bu Yayah Rohayah ti Désa Warnajati, sarta Pa A. Suryadinata ti Kampung Cilengo.

3.1.2.2 Téhnik Analisis Data

Ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik analisis data kualitatif, nyaéta maluruh tur ngumpulkeun dongéng-dongéng anu masih kénéh aya di masarakat Kacamatan Cibadak. Salian ti éta aya ogé nu disebut Public Opinion Survey anu tujuanana pikeun mikanyaho sawangan umum ngeunaan hiji hal. Dina ieu panalungtikan nyaéta mikanyaho ngeunaan ajén moral anu aya dina dongéng-dongéng anu sumebar di masarakat.

3.1.3 Désain Panalungtikan

(19)

22

panalungtikan, nyaéta: 1) tatahar; 2) ngumpulkeun data; 3) nganalisis tur ngolah data; 4) nyusun laporan.

Tatahar dilakukeun nalika rék ngalakukeun panalungtikan, naon waé nu bakal dibutuhkeun salila panalungtikan dipersiapkeun, geus kitu tuluy ngumpulkeun data, sanggeus data kakumpulkeun tuluy dianalisis sarta diolah datana. Sanggeus dianalisis, disusun laporanna.

3.2Instrumén Panalungtikan

Instrumén dina ieu panalungtikan nyaéta human instrument, hartina panalungtikna sorangan salaku instrumén. Sangkan bisa jadi instrumén, panalungtik kudu miboga bekel tiori tur wawasan sangkan bisa nanya, nganalisis, ngadokuméntasikeun tur bisa ngajéntrékeun situasi sosial objék anu ditalungtik

jadi leuwih jelas sarta miboga ma’na.

Salian éta aya ogé format atawa pedoman wawancara sarta media-média anu ngarojong kana proses panalungtikan saperti kaméra pikeun ngadokuméntasikeun poto nalika panalungtikan, handycam pikeun ngarékam salila panalungtikan.

Nyusun Laporan Nganalisis tur Ngolah Data

Tatahar

(20)

23

Gambar 3.1: Tabél Daptar Patalékan dina Wawancara

Ruang lingkup data

Data Informan Data dongéng

I II

1.1ngaran narasumber 1.2 umur narasumber 1.3 alamat narasumber 1.4 pakasaban narasumber

2.1 papasingan dongéng 2.2 teks dongéng

3.3 Sumber Data

Sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan kabagi tilu, nyaéta sumber data informan, wewengkon/tempat panalungtikan, sarta dongéng anu bakal dianalisis.

3.3.1 Informan

(21)
(22)
(23)
(24)

27

3.3.2 Wewengkon

Kacamatan Cibadak diwangun ku hiji kalurahan sarta salapan désa anu ngawengku Kalurahan Cibadak, Désa Sukasirna, Désa Néglasari, Désa Warnajati, Désa Ciheulang Tonggoh, Désa Batununggal, Désa Pamuruyan, Désa Sekarwangi, Désa Karangtengah, Désa Ténjo Jaya.

Profil désa anu dijadikeun sumber data dina panalungitkan ngawengku hiji kalurahan sarta lima désa, nyaéta Kalurahan Cibadak, Désa Néglasari, Désa Sukasirna, Désa Warnajati, Désa Ciheulang Tonggoh, Désa Batununggal.

3.3.2.1Kalurahan Cibadak

Kalurahan Cibadak salasahiji Kalurahan nu aya di Kabupatén Sukabumi, miboga jumlah penduduk lalaki 14.496 urang, awéwé 13.796 urang, aya 7.497 KK di Kalurahan Cibadak. Legana 407.60 Ha, tingkat kepadatan pendudukna nepi kana 1.064 jiwa/km². Kalurahan Cibadak diwatesanan ku Kacamatan Nagrak di beulah kalér, Désa Karangtengah di beulah wétan, Désa Sekarwangi di beulah kidul, Désa Pamuruyan di beulah kulon. Kalurahan Cibadak ka bagi kana 9 désa, nyaéta: Désa Sukasirna, Désa Néglasari, Désa Warnajati, Désa Ciheulang Tonggoh, Désa Batununggal, Désa Pamuruyan, Désa Sekarwangi, Désa Karangtengah, Désa Ténjo Jaya. Jarak ti Ibukota Kabupatén 52 Km, jarak ti Ibukota Provinsi 130 Km.

3.3.2.2Désa Néglasari

Désa Néglasari legana 1.091.813 Ha, kabagi ku opat dusun, nyaéta Dusun Selagombong, Dusun Caringin, Dusun Legok, Dusun Tugu. Jumlah perangkat désana aya 11 urang, jumlah RW na aya 13 RW sarta 35 RT. Désa Néglasari diwatesanan ku Désa Sukasirna Kecamatan Cibadak di beulah kalér, Désa Ténjojaya Kecamatan Cibadak di beulah wétan, Désa Girijaya Kecamatan Warung Kiara di beulah kidul, Désa Taman Sari Kecamatan Cikidang di beulah kulon.

(25)

28

pegunungan. Jumlah penduduk nepi ka bulan Désémbér 2013 kamari, lalaki 3.199 urang, awéwé 2.858 urang. Jadi jumlah ti sakabéhna aya 6.057 urang. Jumlah Kepala Keluargana aya 1.688 KK. Jumlah penduduk nu lahir, lalaki aya 6 urang, awéwé 13 urang. Jumlah penduduk nu tiwas aya 22 urang, lalaki 10 urang, awéwé 12 urang. Jumlah penduduk nu pindah ti Désa Néglasari aya 79 urang, lalaki 39 urang, awéwé 40 urang. Jumlah pendatang aya 42 urang, lalaki 19 urang, awéwé 23 urang.

3.3.2.3Désa Sukasirna

Désa Sukasirna ngadeg tanggal 12 Pébruari 1980 sarta SK Gubernur NO. 0.458/PM.02/P.1 Kep/HK 021.1 1980. Diajengkeun ku masarakat, pemekaran ti Désa Pamuruyan.

Désa Sukasirna miboga luas wilayah 4500 Ha, dibagi jadi dua désa nyaéta Désa Sukasirna 2200 Ha, Désa Pamuruyan 2300 Ha. mangsa harita, pendudukna aya 9221 urang nu aya di Désa Sukasirna jeung 9200 urang nu aya di Désa Pamuruyan.

Wates wewengkon Désa Sukasirna nyaéta :

- Beulah kalér, Désa Palasari Kacamatan Parungkuda; - Beulah kulon, Désa Cicareuh Kacamatan Cikidang; - Beulah kidul, Désa Girijaya Kacamatan Warung Kiara; - Beulah wétan, Désa Pamuruyan.

(26)

29

Naha masarakat na kurang dinamis? Sabab dijajah sarta tanam paksa dina mangsa Walanda. Buktina nyaéta masih aya gedung peninggalan Walanda nu aya nepi ka kiwari. Sarta ku sabab kasadaran masarakat kana pendidikan kurang.

Tina aspék ékonomi wates Désa Sukasirna ti Longkéwang nepi ka Leuweuwng Datar hilir. Miboga 8 km jalan provinsi, jalan désa sarta jalan perkebunan. Désa Sukasirna teu miboga jalan kabupatén sabab infrastruktur jalanna rusak.

Désa ieu ngagedéan tapi dina taun 1986, Sukasirna dirucat sabab kacida gedéna jeung aréa sawah ngan ukur 60 Ha satengah téhnis jeung 20 Ha sawah tada hujan sabab teu miboga aliran irigasi anu nyukupan.

(27)

30

19.Ciradén (wewengkon tempat ngurebkeun turunan Radén tapi makamna geus rata jeung taneuh sabab nalika di jajah ku Jepang, makam nu aya diratakeun);

20.Ciacim.

Birokrasi nu di gunakeun baheula ti turunan darah biru (ménak; radén). Désa Sukasirna dibagi jadi tilu dusun, nyaéta :

a. Dusun Cilengo;

b. Dusun Leuweung Datar; c. Dusun Cikadaka.

Dusun nu aya harita nyaéta wewengkon-wewengkon atawa kampujng gedé nu aya di Désa Sukasirna.

Wates alamna Désa ti leuwi nu aya di Ciletuh (beulah kalér) anu nyambung ka Cicatih-Cimandiri. Ti beulah kidul, walungan Cipangasahan ka Cicatih tuluy ka Cimandiri. Nepi ka ayeuna, di Désa Sukasirna aya kénéh anu nganut agama Budha, gabungan tina agama Budha jeung Islam, sarta gabungan tina agama Hindu jeung Islam.

(28)

31

(29)

32

3.3.2.4Désa Warnajati

Désa Warnajati legana 374.50 Ha, anu diwatesanan ku Désa Pamuruyan di beulah kalér, Désa Néglasari di beulah kidul, Désa Pamuruyan di beulah kulon, Kelurahan Cibadak di beulah wétan. Jarak ti Ibukota Kabupatén 54 Km, jarak ti Ibukota Provinsi 140 Km, sedengkeun jarak ti Ibukota Negara 120 Km. Jumlah penduduk Désa Warnajati nyaéta lalaki 3.249 urang, awéwé 3.016 urang, jumlah kapala kulawarga aya 1.683 KK.

3.3.2.5Désa Ciheulang Tonggoh

Désa Ciheulang Tonggoh legana 378 Ha, anu diwatesanan ku Kacamatan Nagrak di beulah kalér, Désa Batununggal di beulah kidul, Désa Karangtengah di beulah kulon, Désa Lembursawah di beulah wétan. Jarak ti Ibukota Kabupatén 17 Km, jarak ti Ibukota Provinsi 125 Km, jarak ti Ibukota Negara 17 Km. Jumlah

Judul panalungtikan nyaéta “Struktur Instrinsik jeung Ajén Moral dina Dongéng nu aya di Kacamatan Cibadak Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan

Pangajaran Maca di SMP”. Sangkan aya gambaran nu leuwih jéntré, perlu dipedar

(30)

33

1) Ajén Moral

Ajén téh mangrupa ringkesan tina kecap ajian anu hartina aya ajianana, boga ajian atawa jampé supaya dipihormat. Dina segi eusina, karya sastra umumna ngawengku ajén-ajén anu aya patalina jeung ajaran moral (étika).

Sedengkeun moral nu asalna tina kecap mores (B. Latin, mos : adat kabiasaan). Masarakat umumna ngahartikeun moral téh susila, kasusilaan. Tegesna hadé jeung goréng téh diukurna tina jihad kasusilaan, sikep, kawajiban, budi pekerti, atawa ahlak (Suryalaga, 1997, kc. 10).

Cindekna, ajén moral téh nyaéta tolak ukur pikeun méré ajén hadé jeung goréngna laku lampah urang di masarakat sarta hadé jeung goréngna laku lampah, sikep, ahlak nu bakal ditarima ku nu maca hiji karya tur nandeskeun kana kwalitas tingkah laku manusa.

2) Dongéng

Dongéng téh kaasup kana golongan carita, umumna carita parondok. Dina dongéng sok aya unsur pamohalan, upamana dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana. Nurutkeun susunan basana, dongéng kaasup kana wangun lancaran (prosa), tapi sakapeung-kapeung osok diselang ku wangun ugeran (puisi) anu disebut kawih (Yus Rusyana, 1978, kc. 18).

Nurutkeun Isnendes (2010, kc. 25) wanda karangan dongéng, tangtu baé lisan. Hartina, sumebarna jeung media basana ngaliwatan lisan, tatalépa, tuturan, ngandelkeun oral-audio jeung tara kapaluruh saha nu ngarangna. Cindekna yén dongéng téh mangrupa nyaéta karya sastra prosa heubeul anu sumebar ngaliwatan lisan.

3) Bahan Pangajaran Maca

Bahan pangajaran téh nyaéta matéri pangajaran nu bakal ditepikeun ka siswa nu mangrupa salasahiji komponén tina sistem pangajaran anu eusina silih deudeul jeung silih lengkepan dina waktu proses diajar jeung ngajar. Bahan pangajaran biasana aya dina silabus nu aya patalina jeung kabutuhan peserta didik anu mangrupa eusi tina mata pelajaran atawa bidang studi anu ditepikeun ka siswa.

(31)

34

lakulampah siswa bisa robah sanggeus narima bahan pangajaran anu ditepikeun ku guru.

Dumasar kana wangenan di luhur, anu dimaksud “Struktur Instrinsik jeung Ajén Moral dina Dongéng nu aya di Kacamatan Cibadak Kabupatén Sukabumi

pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP” dina ieu panalungtikan téh hartina

(32)

74

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dongéng disawang masih kénéh réa di masarakat Cibadak. Cibadak téh salasahiji kota leutik nu aya di Kabupatén Sukabumi. Matak disebut Cibadak téh cenah mah tina kecap “ci” (cai) jeung “badak”, tapi teu sakabéh masarakat Cibadak apal kana dongéng sasakala Cibadak. Ku kituna, Cibadak miboga poténsi pikeun dijadikeun lokasi panalungtikan. Ku ieu panalungtikan, dongéng-dongéng éta bisa diinvéntarisasi tur masarakat bisa apaleun naon waé dongéng nu aya di Cibadak.

Tujuan umum dilaksanakeunana ieu panalungtikan téh nyaéta pikeun ngainvéntarisasi dongéng-dongéng nu sumebar di masarakat Kacamatan Cibadak Kabupatén Sukabumi, jeung hasilna baris dijadikeun bahan pangajaran maca dongéng nu aya dina KIKD SMP kelas VII, sedengkeun tujuan hususna nyaéta, mikanyaho dongéng naon waé anu masih kénéh aya di Kacamatan Cibadak, mikanyaho struktur instrinsik jeung ajén moral dina dongéngna, jeung mikanyaho cocog jeung henteuna dongéng anu sumebar jeung KIKD SMP kelas VII.

Téori anu dilarapkeun dina ieu panalungtikan nyaéta ngeunaan dongéng, pangajaran maca, jeung bahan pangajaran. Métode anu digunakeun nyaéta métode déskriptif-kualitatif, sedengkeun téhnikna nyaéta obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi pikeun bukti panalungtikan.

(33)

75

kahadéan, dua dongéng anu kaasup kana ajén moral ngeunaan kapancegan, opat dongéng anu kaasup kana ajén moral ngeunaan kayakinan/kapercayaan.

Dongéng téh basa prosa anu miboga alur carita, tokoh, jeung konflik, tapi tina 21 dongéng anu kakumpulkeun ieu, aya sababaraha dongéng anu teu mibanda tokoh jeung konflik. Padahal dongéng téh mibanda tiang, tiang di dieu nyaéta carita, dina carita aya konflik. Jadi sababaraha dongéng anu teu miboga tokoh jeung konflik ieu ngan saukur dongéng salancar.

5.2 Saran

Ieu saran ditujukeun pikeun: 1. Pikeun Panalungtik

Panalungtik ngan saukur ngalakukeun panalungtikan pikeun ngumpulkeun dongéng naon waé anu masih kénéh aya jeung sumebar di Kacamatan Cibadak sarta nganalisis unsur instrinsik jeung ajén moral anu aya dina dongéngna, jadi dipihareup aya anu ngalakukeun panalungtikan anu leuwih jero.

2. Pikeun Guru

Hasil panalungtikan ngeunaan dongéng anu aya di Kacamatan Cibadak ieu bisa dijadikeun pikeun bahan pangajaran basa Sunda di SMP. Guru teu kudu matuh waé ngandelkeun tina LKS jeung buku pakét sabab dongéng anu aya biasana teu saluyu jeung wewengkon sarta kurang ngaronjatkeun minat siswa ka wewengkonna sorangan upama ngandelkeun dongéng anu geus biasa digunakeun dina buku pakét atawa LKS.

3. Pikeun Pamaréntah Sukabumi

(34)

76

Gambar

Gambar peta Kacamatan Cibadak, Désa Néglasari, Désa Sukasirna, Désa
Gambar 3.1: Tabél Daptar Patalékan dina Wawancara

Referensi

Dokumen terkait

SKRINING FITOKIMIA, UJI AKTIVITAS ANTIOKSIDAN DAN ANTIBAKTERI EKSTRAK METANOL DAN ETIL ASETAT DAUN PIRDOT ( Saurauia vulcani Korth) DARI..

Penera pan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

manufacturing personnel that acquired the cleaning verification samples. It was 

Begitu juga dengan minat siswa, minat siswa dalam pembelajaran aktifitas permainan bolavoli belum tentu merata, ada siswa yang memiliki minat tinggi untuk

Penerapan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Metodologi Penelitian Bisnis untuk Akuntansi dan Manajemen , Edisi Kedua, USU press, Medan.. “ Aplikasi Analisis Multivariate dengan

(2) secara parsial, variabel periklanan mempunyai pengaruh positif dan signifikan terhadap variabel kesadaran merek pada Starbucks Coffee Shop Sun Plaza, Medan, (3) Hasil

PENGARUH METODE PEMBELAJARAN RESITASI TERHADAP HASIL BELAJAR SISWA PADA MATA PELAJARAN KORESPONDASI PROGRAM STUDI ADMINISTRASI PERKANTORAN DI SMK PGRI 2 CIMAHIUniversitas