• Tidak ada hasil yang ditemukan

KECAP PANYAMBUNG DINA SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII-C SMPN 45 BANDUNG TAUN AJARAN 2014-2015.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "KECAP PANYAMBUNG DINA SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII-C SMPN 45 BANDUNG TAUN AJARAN 2014-2015."

Copied!
8
0
0

Teks penuh

(1)

Anisa Lestari, 2015

KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN 2014-2015

KECAP PANYAMBUNG DINA SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BANDUNG

TAUN AJARAN 2014-2015

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat

Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

ANISA LESTARI

NIM 1105451

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

(2)

Anisa Lestari, 2015

KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN 2014-2015

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi dengan judul “Kecap Panyambung dina Surat Pribadi Siswa Kelas VIII-C SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2014-2015” ini beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri. Saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanksi apabila di kemudian hari ditemukan adanya pelanggaran etika keilmuan atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya sendiri.

Bandung, Januari 2015

Yang membuat pernyataan,

(3)

Anisa Lestari, 2015

KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN 2014-2015

ANISA LESTARI NIM 1105895

KECAP PANYAMBUNG DINA SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII-C SMP NEGERI 45 BANDUNG

TAUN AJARAN 2014-2015

disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. Yayat Sudaryat, M.Hum NIP 196408221989031001

Pangaping II,

Hernawan, S.Pd., M.Pd. NIP 1978102003121001

Kauninga ku,

Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)

Anisa Lestari, 2015

KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII -C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN 2014-2015

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Manusa mangrupa makhluk sosial nu tumuwuh di masarakat. Manusa teu

bisa leupas tina komunikasi, alat pikeun komunikasi antar manusa nya éta

ngaliwatan basa. Basa mangrupa hal nu paling penting dina hirup kumbuh

manusa. Basa mangrupa sistim sora omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap

manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis), tur ragem (konvensional)

antar anggota masarakatna pikeun tujuan komunikasi (Sudaryat, 2005, kc.10).

Rupa-rupa basa tumuwuh jeung sumebar di dunya, kaasup salah sahijina

basa Sunda. Basa Sunda mangrupa basa indung urang Sunda. Nu maké basa

Sun-da kaitung réa, ku sabab éta basa SunSun-da kaasup bahasa Sun-daerah ka dua panggedéna

di Indonesia sanggeus basa jawa. Kiwari basa Sunda téh jadi basa nu wajib dipiara

tur di paké ku masarakatna. Hal éta katitén dina kaputusan Perda Nomor 5 Tahun

2003 ngeunaan miara, aksara, basa, jeung sastra daerah. Luyu jeung UUD 1945

pasal 32 ayat 2 nu netelakeun yén “nagara mikahormat jeung miara basa daerah

pikeun pakaya budaya nasional”. Dina makéna basa Sunda, boh lisan boh tinulis,

di gunakeun rupa-rupa kecap nu ngajadikeun kalimah. Disawang tina wanguna,

aya kecap asal, aya kecap jembar (rundayan, rajékan, kantétan, wancahan).

Sedengkeun kecap pancén ngawengku kecap panambah (adverba), kecap

pangantét (preposisi), kecap panyambung (konjungsi), jeung kecap panyeluk

(interjeksi), (Sudaryat, spk. 2007). Salah sahiji kecap pancén nya éta kecap

panyambung. Kecap panyambung éta téh nu dijadikeun objék panalungtikan. Éta

kecap panyambung téh di saring tina surat pribadi siswa anu di analisis tina jihat

wangun, fungsi, ma’na, katut kasalah makéna. Dina ieu panalungtikan, ngahaja

dianalisis kasalahan makéna ku panulis, lantaran dina observasi kapanggih kecap

panyambung nu dipaké ku siswa téh aya kasalahan.

Sakumaha nu geus di tetelakeun yén kecap panyambung téh dipaké dina

ragam basa boh lisan bih tulisan, tah salah sahiji ragam basa Sunda tinulis téh nya

éta surat pribadi. Ari surat pribadi téh salah sahiji bahan ajar tina kaparigelan

(5)

2

Anisa Lestari, 2015

KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII -C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN 2014-2015

Dina kurikulum 2013 pangajaran Basa Sunda di SMP ngawengku opat

kaparigelan basa, nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Iwal opat

kaparigelan basa téa dina pangajaran basa di sakola kudu diajarkeun kalayan

saimbang. Kalungguhan nulis geus jéntré mangrupa bagian tina opat kaparigelan

basa. Hubungan antara opat kaparigelan basa téh kacida raketna. Salah sahijina

nulis karangan nu biasana ngagunakeun kecap panyambung (konjungsi). Kecap

panyambung (konjungsi) miboga sababaraha ma’na, teu ngan saukur pikeun

nyambungkeun kecap, frasa, jeung klausa. Pikeun nambahan élmu pangaweruh

élmu kabahasaan, ieu panalungtikan ngeunaan makna kecap bisa dijadikeun

sumber bahan pangajaran di SMP. Alatan ningali kaayana jaman kiwari,

masarakat téh geus kabawa jeung kapangaruhan ku budaya deungeun, teu saeutik

masarakat nu ninggalkeun basa Sunda, jadi pangaweruh ngeunaan élmu kabasaan

hususna ngeunaan kecap panyambung ogé geus jarang dipaké tur loba nu

mopohokeun.

Pangajaran basa Sunda ogé tangtu miboga tujuan nya éta sangkan para

siswa mibanda pangaweruh ngeunaan basa Sunda, jeung mibanda kamahéran

maké basa Sunda, jeung mibanda sikep anu hadé kana basa Sunda.

Panalungtikan ngeunaaan kabasaan saméméhna geus aya panalungtikan, di

antarana waé: “Analisis Kecap Panyambung dina Kolom Prosa Lirik ‘Anaking

Jimat’ karangan Wahyu Wibisana (Nurhayati, 2004)”. Ieu panalungtikan téh,

medar ngeunaan wangun, harti, distribusi kecap panyambung. ”Kecap

panyambung dina Novél pipisahan karya RAF pikeun bahan pangajaran di SMA

ku (Yayat Sudaryat, 1886)”. Éta panalungtikan téh ngeunaan wangun, distribusi,

fungsi, ma’na pikeun bahan ajar. Dina ieu panalungtikan téh geus disabit-sabit

ngeunaan kecap panyambung (konjungsi). Ari bedana ieu panalungtikan ngeunaan

kecap panyambung tina surat pribadi siswa nya éta dianalisis tina jihat wangun,

(6)

3

Anisa Lestari, 2015

KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII -C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN 2014-2015

1.2 Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan téh dumasar kana “Kecap Panyambung dina Surat Pribadi

Siswa kelas VIII-C SMPN 45 Bandung taun ajaran 2014-2015”. Nu disebut kecap

panyambung téh nya éta kecap anu gunana pikeun nyambungkeun wangun

katatabasaan nya éta nyambugkeun kecap jeung kecap, frasa jeung frasa, klausa

jeung klausa, kalimah jeung kalimah, paragraf jeung paragraf, sangkan

nga-wangun kontruksi anu leuwih jembar. Kecap panyambung ngawengku nga-wangun,

fungsi, ma’na, katut kasalahana. Ari surat pribadi nya éta surat nu di tunjukeun ka

babaturan, kolot, atawa keur kaperluan sacara pribadi.

Dumasar kana watesan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan

dirumuskan dina kalimah pananya ieu di handap.

a. Kecap panyambung (konjungsi) naon waé nu kapanggih dina Surat Pribadi

Siswa Kelas VIII-C SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2014-2015?

b. Kumaha wangun kecap panyambung kapanggih dina nulis Surat Pribadi Siswa

Kelas VIII-C SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2014-2015?

c. Kumaha fungsi kecap panyambung (konjungsi) anu kapanggih dina Nulis

Surat Pribadi Siswa Kelas VIII-C SMP 45 Bandung Taun Ajaran 2014-2015?

d. Kumaha ma’na kecap panyambung (konjungsi) anu kapanggih dina Nulis

Surat Pribadi Siswa Kelas VIII-C SMP 45 Bandung Taun Ajaran 2014-2015?

e. Kumaha kasalahan makéna kecap panyambung dina Nulis Surat Pribadi Siswa

Kelas VIII-C SMP 45 Bandung Taun Ajaran 2014-2015?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum ieu panaluntikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung

ngadéskripsikeun wangun, fungsi, ma’na, katut kasalah makéna dina Nulis Surat

pribadi Siswa Kelas VIII-C SMP 45 Bandung Taun Ajaran 2014-2015 pikeun

(7)

4

Anisa Lestari, 2015

KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII -C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN 2014-2015

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung

ngadéskripsikeun:

a. kecap panyambung anu kapanggih dina Nulis Surat Pribadi Siswa Kelas VIII-C

SMP 45 Bandung Taun Ajaran 2014-2015;

b. wangun kecap panyambung nu kapanggih dina Nulis Surat Pribadi Siswa Kelas

VIII-C SMP 45 Bandung Taun Ajaran 2014-2015;

c. fungsi kecap panyambung anu kapanggih dina Nulis Surat Pribadi Siswa Kelas

VIII-C SMP 45 Bandung Taun Ajaran 2014-2015;

d. ma’na kecap panyambung anu kapanggih dina Nulis Surat Pribadi Siswa Kelas

VIII-C SMP 45 Bandung Taun Ajaran 2014-2015; jeung

e. kasalahan makéna kecap panyambung dina Nulis Surat Pribadi Siswa Kelas

VIII-C SMP 45 Bandung Taun Ajaran 2014-2015.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis mangpaat panalungtikan téh nya éta pikeun ngajembaran

pangaweruh ngeunaan wangun, fungsi, ma’na, katut kasalah makéna, utamana

kecap panyambung jeung ogé nambahan paélmuan tata basa sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis mangpaat dina ieu panalungtikan ditétélakeun di handap.

a. Pikeun guru, bisa dijadikeun acuan dina milih bahan pangajaran.

b. Pikeun masarakat, méré informasi jeung nambahan élmu ngeunaan kaédah

morfologi.

c. Pikeun murid, bisa nyaho kecap panyambung tina segi wangun, fungsi, ma’na,

(8)

5

Anisa Lestari, 2015

KECAP PANYAMBUNG D INA SURAT PRIBAD I SISWA KELAS VIII -C SMP NEGERI 45 BAND UNG TAUN AJARAN 2014-2015

1.5 Sistematika Tulisan

Ieu tulisan mangrupa laporan panalungtikan dina wangun skripsi. Eusina

diwangun ku lima bab, nya éta:

Bab I ngawengku kasang tukang masalah, rumusan masalah, tujuan

panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta sistematika tulisan;

Bab II ngawengku ulikan tiori ngeunaan kecap panyambung jeung surat

pribadi;

Bab III ngawengku desain panalungtikan, data jeung sumber data, instrumén

panalungtikan, ngumpulkeun data, analisis data;

Bab IV ngawengku titimuan panalungtikan jeung pedaran; jeung

Referensi

Dokumen terkait

[r]

Implikasi secara praktis berkenaan dengan pengembangan dan pembuatan program bimbingan karir untuk mengembangkan kemampuan keputusan karir siswa, yakni guru

Despezas Total tuir Kategoria (inkl.. Proposta OJE 2016 Konsidera ona Fatores Prinsipais 5; i)Prioridade Nacional; ii) Kapasidade Ezekusaun; iii) Kualidade Orsamentu;

PERBED AAN KEBERHASILAN MOD EL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING D ENGAN MOD EL PEMBELAJARAN SAINS TEKNOLOGI MASYARAKAT TERHAD AP PENINGKATAN RANAH KOGNITIF PESERTA D

[r]

Pembuatan Alat Evaluasi Pembelajaran Praktek Busana Kerja Wanita Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu..

Algoritma pencarian lokal untuk masalah optimisasi kombinatorik biasanya digunakan pada pseudopolynomial running time dan algoritma polynomial-time sering tidak dapat menemukan

Penulisan ilmiah ini menggunakan Macromedia Dreamweaver MX yang menyediakan berbagai macam fasilitas dan kemudahan yang dapat digunakan dalam membuat website ini. Adapun tujuan