No. 660/FPBS/0251/2013
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KABUDAYAAN HAJAT LAUT DI PALABUANRATU KABUPATÉN SUKABUMI
PIKEUN SALASAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA DI SMA
SKRIPSI
Diajukeun pikeun Nyumponan Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah
ku
Mona Monica NIM 0902413
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
No. 660/FPBS/0251/2013
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KABUDAYAAN HAJAT LAUT DI PALABUANRATU KABUPATÉN SUKABUMI
PIKEUN SALASAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA DI SMA
Oleh
Mona Monica
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
©Mona Monica 2013 Universitas Pendidikan Indonesia
Oktober 2013
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
No. 660/FPBS/0251/2013
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
LEMBAR PENGESAHAN
MONA MONICA NIM 0902413
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KABUDAYAAN HAJAT LAUT DI PALABUANRATU KABUPATÉN SUKABUMI
PIKEUN SALASAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA DI SMA
Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,
Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP. 19641110 198903 2 002
Pangaping II,
Agus Suherman, S.Pd., M.Hum.
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
i
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KABUDAYAAN HAJAT LAUT
DI PALABUANRATU KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN SALASAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA DI SMA1
oleh Mona Monica2
ABSTRAK
Penelitian yang berjudul “Ajén Éstétika dina Kabudayaan Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar Maca di SMA” dilatarbelakangi untuk mengetahui nilai-nilai estetika yang terkandung dalam kebudayaan Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan (1) nilai kepercayaan, (2) nilai agama, (3) nilai social, (4) nilai estetis yang terkandung dalam kebudayaan Hajat Laut yang ada di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, dan (5) sebagai bahan ajar dalam pembelajaran membaca untuk siswa SMA. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, dengan menggunakan tehnik studi pustaka, observasi dan wawancara. Dari hasil penelitian ini ditemukan bahwa selain nilai estetika yang terkandung dalam kebudayaan Hajat Laut ini meliputi nilai kepercayaan, nilai agama dan nilai sosial. Hasil penelitian mengenai upacara adat Hajat Laut di Palabuanratu efektif dijadikan alternatif bahan pembelajaran membaca di seluruh tingkatan sekolah, khususnya SMA.
Kata kunci: nilai estetika, fungsi dan makna dari simbol-simbol, bahan ajar
i
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
THE REVIEW OF AESTHETIC VALUES WITHIN SEA-THANKSGIVING CULTURE AT PELABUHAN RATU BEACH, SUKABUMI REGENCY FOR ONE OF ALTERNATIVE READING SOURCES OF HIGH SCHOOL
STUDENTS1
by Mona Monica2
ABSTRACT
This study entitled “Ajén Éstétika dina Kabudayaan Hajat Laut di
Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar Maca di
SMA” is conducted to find out the aesthetic values within sea-thanksgiving culture at Pelabuhan Ratu beach in the regency of Sukabumi. This study is also aimed to describe (1) belief value, (2) religion value, (3) social value, (4) aesthetic value, and (5) as one alternative source of instructional materials, specifically in the form of reading for high school students. Descriptive methods using literature review, observation and interviews are employed in this study to answer the research questions. From the analysis, it can be concluded that sea-thanksgiving culture
doesn’t only contain aesthetic value, but also belief value, religion value and social
value. Therefore, the result of the study is effective to be designed as an alternative reading source for high school.
Keywords: aesthetic value, function and meaning of the symbols, teaching materials
vi
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAFTAR EUSI
Kaca
ABSTRAK i
PANGJAJAP ii
CATUR PANUHUN iii
DAFTAR EUSI vi
DAFTAR SINGGETAN x
DAFTAR TABÉL xii
DAFTAR FOTO xiii
DAFTAR GAMBAR xiv
DAFTAR BAGAN xv
DAFTAR LAMPIRAN xvi
BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Masalah 1
1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 2 1.2.1Watesan Masalah 2
1.2.2Rumusan Masalah 3
1.3Tujuan Panalungtikan 3 1.3.1Tujuan Umum 3
1.3.2Tujuan Husus 3
1.4Mangpaat Panalungtikan 4
1.4.1Mangpaat Tioritis 4 1.4.2Mangpaat Praktis 4 1.5Asumsi Dasar………....5
vii
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB II ÉSTÉTIKA, BUDAYA, UPACARA TRADISI HAJAT LAUT JEUNG BAHAN AJAR MACA DI SMA
2.1 Éstétika ...7
2.1.1 Wangenan Éstétika ...7
2.1.2 Ruang Lingkup Éstétika ...8
2.1.3 Kamekaran Éstétika ...8
2.1.4 Éstétika jeung Seni ...10
2.2 Budaya ...11
2.2.1 Wangenan Budaya ...11
2.2.2 Wujud Budaya ...12
2.2.3 Unsur-unsur Kabudayaan ...13
2.3 Upacara Tradisi ...13
2.3.1 Wangenan Upacara Tradisi ...13
2.4 Upacara Hajat Laut di Kecamatan Palabuanratu Kabupatén Sukabumi ...14
2.4.1 Ngaran Upacara ...14
2.4.2 Tujuan Upacara ...15
2.4.3 Waktu Upacara ...16
2.4.4 Tempat Upacara ...17
2.4.5 Bahan-bahan dina Upacara ...17
2.4.6 Pihak-pihak anu Kalibet dina Acara ...18
2.5 Sémiotika dina Kabudayaan ...18
2.6 Bahan Ajar Maca ……….………...20
2.6.1 Wangenan Bahan Ajar ...20
2.6.2 Wangenan Maca ...21
2.6.3 Pangajaran Maca dina SKKD Basa jeung Sastra Sunda ………. 21
BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Désain Panalungtikan ...26
viii
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.3 Métode Panalungtikan ...27
3.4 Téhnik Panalungtikan ...27
3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ...27
3.4.2 Téhnik Ngolah Data ...28
3.5 Wangenan Operasional ...28
3.6 Instrumén Panalungtikan ...29
3.7 Léngkah-léngkah Panalungtikan ...31
BAB IV AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KABUDAYAAN HAJAT LAUT DI PALABUANRATU KABUPATÉN SUKABUMI SARTA IMPLIKASINA PIKEUN SALASAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA DI SMA 4.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan ...32
4.1.1 Letak Géografis ...………...…………..………32 4.1.2 Kondisi Sosial Budaya Masarakat Palabuanratu ...……….……….33
4.1.2.1 Démografi ...33
4.1.2.2 Sistem Pakasaban ...33
4.1.2.3 Pendidikan ...34
4.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan ...35
4.1.2.5 Pariwisata ...36
4.1.2.6 Basa ...41
4.2 Kasang Tukang Upacara Hajat Laut di Palabuanratu ...41
4.2.1Gelarna Upacara Adat Hajat Laut ………41
4.3Déskripsi Upacara Adat Hajat Laut ………43
4.3.1Pra Upacara ………..………... 43
4.3.2Prak-prakan Upacara Hajat Laut ……… 46
4.3.3Pasca Upacara ………. 51
ix
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.4.1Simbol-simbol dina Pakakas Upacara ………. 52
4.4.2Ajén Éstétika dina Upacara Hajat Laut ………... 56
4.4.3Babacaan dina Upacara ………..………. 61
4.4.4Waktu dina Upacara ………... 61
4.4.5Tempat Upacara ……….. 61
4.4.6Jalma nu Mingpin jeung Kalibet dina Upacara ………..………. 62
4.5Implikasi Ajén Éstétika dina Upacara Adat Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar Maca di SMA.. 62
4.5.1Bahan Pangajaran “Maca Artikel Kabudayaan” ………. 62
4.5.2Silabus Pangajaran “Maca Artikel Kabudayaan”………... 72
4.5.3Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) Standar Kompeténsi “Maca Artikel Kabudayaan”………... 74
4.5.4Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) jeung Silabus (Kurikulum 2013)..85
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ...89
5.2 Rékoméndasi ...91
DAPTAR PUSTAKA ...92
LAMPIRAN-LAMPIRAN ...94
1 Mona Monica, 2013
Model Pengajaran Word Square Dina Pangajaran Ngaregepkeun Dongeng Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1Kasang Tukang Masalah
Indonesia mangrupa nagara multikultural anu kasohor beunghar ku sélér
bangsa sarta budaya. Beungharna budaya nu nyampak di Indonesia kayaning adat
istiadat, kasenian, jeung sajabana minangka cicirén bangsa nu utama. Ku kituna
sakabéh kabeungharan budaya éta perlu dimumulé, diriksa sarta dimekarkeun
sangkan bisa manjang.
Budaya mangrupa kabiasaan manusa jeung alamna nu aya dina kahirupan
sapopoé, anu dipibanda ku unggal daérah sarta ngandung ajén-inajén boh anu sifatna
idealistik (imajinasi, cipta, rasa), normatif (aturan, kaédah, adat istiadat), boh
wangun fisik (aya wujudna). Koentjaraningrat (2011: 80) nétélakeun yén sacara
universal, kabudayaan ngawengku tujuh unsur budaya nya éta: (1) basa, (2) sistem
pangaweruh, (3) organisasi social, (4) sistem téhnologi, (5) sistem pakasaban, (6)
sistem kapercayaan, jeung (7) sistem kasenian (éstétika).
Tina éta tujuh unsur, sistem kasenian (éstétika) ngajanggélék di antarana dina
upacara adat atawa ritual boh anu sipatna rutin boh anu sipatna kakapeungan.
Éstétika éta sorangan mangrupa téori-téori ngeunaan kaéndahan atawa seni, anu
ngawengku panalungtikan ngeunaan hal anu éndah, panalungtikan ngeunaan
prinsip-prinsip landasan seni, sarta pangalaman anu aya patalina jeung seni, penciptaan seni,
ngajén atawa refleksi kana karya seni.
Dina kasenian, Hajat Laut mangrupa salasahiji seni tradisional anu geus rutin
dilaksanakeun unggal taun ku masarakat Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, Jawa
Barat, tapi can loba masarakat umum atawa ti luar daérah Jawa Barat anu mikanyaho
kana tradisi ieu. Hal ieu dipangaruhan ku ayana budaya deungeun nu asup ka
masarakat Indonesia ngaliwatan modernisasi.
Dumasar kana hal éta manusa miboga poténsi anu gedé pikeun mekarkeun sagala hal
2
ngariksa budaya éta, tangtu kudu aya perhatian ti sababaraha pihak, boh ti
pamaréntah boh ti lembaga-lembaga séjénna. Pamaréntah daérah, sakola, guru katut
réngrénganna miboga wewenang pikeun ngajaga tur ngamekarkeun budaya-budaya
luyu jeung pangabutuhna, salila teu papalingpang jeung tujunanana. Poténsi nu aya
di daérah saperti kabeungharan budaya, kaéndahan alam, ajén-inajén kahirupan
masarakat sarta poténsi-poténsi daérah séjénna saperti basa daérah, salasahijina basa
Sunda.
Ku kituna panalungtik boga kawajiban pikeun ngawanohkeun deui yén di
Kabupatén Sukabumi, hususna Palabuanratu téh miboga hiji tradisi nya éta Hajat
Laut.
Hasil panalungtikan nu kungsi dilaksanakeun, di antarana:
1) “Ajén Falsafah dina Upacara Nadran di Desa Blanakan Kecamatan Blanakan
Kabupatén Subang pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar di SMP Kelas 7”,
(Skripsi, Ayu Wahyuni, 2012);
2) “Fungsi Simbol dina Upacara Labuh Saji Kecamatan Palabuanratu Kabupatén
Sukabumi”, (Skripsi, Andika Nugraha, 2009);
3) “Ajén Éstétika dina Upacara Sérén Taun di Cigugur Kuningan”, (Skripsi, Nova
Scorviana , 2007).
Dumasar kana sawatara masalah di luhur, pangaweruh ngeunaan
budaya-budaya lokal sarta diimplikasikeun kana pangajaran maca kacida pentingna, ku
kituna perlu diayakeun panalungtikan anu judulna “Ajén Éstétika dina Kabudayaan
Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun Salasahiji Alternatif Bahan
Ajar Maca di SMA”.
1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah
Kabudayaan nu aya di tatar Sunda téh loba pisan. Pedaran ngeunaan
3
ngeunaan kabudayaan Hajat Laut, loba pisan ambahanna. Ku kituna panalungtik
baris ngawatesanan ieu pedaran, ngeunaan prak-prakan, ajén éstétika nu nyampak
dina tradisi upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, sarta
ngalarapkeunana dina bahan pangajaran basa Sunda nya éta “maca artikel
kabudayaan” di SMA kelas XII.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan
dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.
1) Kumaha sajarah upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi téh?
2) Kumaha prak-prakanana upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén
Sukabumi téh?
3) Ajén éstétika naon waé anu nyampak dina upacara Hajat Laut di Palabuanratu
Kabupatén Sukabumi téh?
4) Kumaha implikasi ajén éstétika dina tradisi upacara Hajat Laut di Palabuanratu
Kabupatén Sukabumi pikeun bahan pangajaran “maca artikel kabudayaan” di
SMA kelas XII?
1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Sacara umum ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun maluruh ajén éstétika
dina tradisi upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun bahan
pangajaran “maca artikel kabudayaan” di SMA kelas XII. 1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadeskripsikeun:
1) Sajarah ayana tradisi upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi.
2) Kumaha prak-prakanna tradisi upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén
4
3) Ajén éstétika naon waé anu nyampak dina tradisi upacara Hajat Laut di
Palabuanratu Kabupatén Sukabumi.
4) Nyusun bahan pangajaran ngeunaan ajén éstétika dina tradisi upacara Hajat Laut
di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun bahan pangajaran “maca artikel kabudayaan” di SMA kelas XII.
1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Téoritis
Sacara téoritis ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun nambahan élmu
pangaweruh ngeunaan kabudayaan nu aya di masarakat Sunda, hususna di
Kabupatén Sukabumi, boh keur nu nalungtik boh keur masarakat lianna.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Sacara praktis ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun
ngajembaran pangaweruh ngeunaan budaya lokal pikeun diaplikasikeun dina
kahirupan sapopoé, ngamumulé budaya lokal pikeun dipikawanoh deui ka masarakat
séjén atawa luar daérah, ngeuyeuban kabudayaan lokal di daérah Jawa Barat, jeung
bisa dijadikeun bahan pikeun wisata kabudayaan.
Salian ti éta, hasil panalungtikan ieu ogé bisa dipaké pikeun bahan ajar maca
di SMA sangkan nambahan pangaweruh siswa ngeunaan budaya-budaya nu aya di
wilayah Jawa Barat.
1.5Asumsi Dasar
Asumsi dasar mangrupa dasar pamikiran anu gunana salaku cecekelan utama
pikeun panyusun, anu bebeneranana kudu bisa ditarima ku balaréa. Suyatna (2002:
7) nétélakeun yén asumsi dasar nya éta sakumna bebeneran téori atawa pamadegan
5
Luyu jeung pamadegan di luhur, nu jadi asumsi dasar dina ieu panalungtikan
nya éta:
1) Kabudayaan mangrupa hasil karya, rasa, tur cipta masarakat nu ngawengku
sakabéh aspék kahirupan manusa dina hirup kumbuhna sacara turun-tumurun nu
dijaga tur dimumulé;
2) Unggal daérah di Jawa Barat miboga ciri has, boh kasenian boh upacara adat;
3) Upacara Hajat Laut dilaksanakeun unggal taun ku masarakat Palabuanratu,
salaku ébréhan rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci sabada panén sarta dipercaya
pikeun sarana ngabersihkeun diri tina hal-hal nu goréng, ieu hal miboga ajén
kapercayaan. Dilaksanakeunana nya éta dina tanggal 6 April;
4) Loba ajén-inajén anu nyangkaruk dina upacara Hajat Laut, salasahijina nya éta
ajén éstétika;
5) Pentingna ngajaga jeung ngamekarkeun kabudayaan Sunda ku cara
ngawanohkeun ka generasi ngora; jeung
6) Panalungtikan ajén éstétika dina upacara Hajat Laut bisa dijadikeun salasahiji
bahan pangajaran basa Sunda, hususna ngeunaan kabudayaan.
1.6Raraga Nulis
Raraga nulis dina ieu skripsi nya éta:
1) BAB I: Bubuka, eusina ngeunaan kasang tukang, watesan jeung rumusan
masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, asumsi dasar,
wangenan operasional, métode jeung téhnik panalungtikan, sarta raraga nulis.
Eusi dina bab ieu nya éta ngeunaan kontéks tina masalah nu baris ditalungtik.
2) BAB II: Kajian téori, eusina ngeunaan éstétika, budaya, upacara Hajat Laut,
jeung bahan pangajaran maca. Dina bab ieu eusina nya éta ngeunaan tatapakan
tiori anu dipaké dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan.
3) BAB III: Métodologi panalungtikan, eusina ngeunaan desain panalungtikan,
sumber data, métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, wangenan
6
4) BAB IV: Analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan, eusina ngeunaan
déskripsi, prak-prakan, jeung ajén éstétika anu nyampak dina tradisi Hajat Laut,
sarta implikasina dina bahan pangajaran maca di SMA.
5) BAB V: Kacindekan jeung saran. Dina bab ieu panalungtik nepikeun kacindekan
tina hasil panalungtikan nu geus dilaksanakeun, sarta harepan panalungtik pikeun
26 Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Désain Panalungtikan
Désain panalungtikan nya éta peta konsép, atawa rancangan sangkan
panalungtikanana bisa nyumponan kana tujuan anu dimaksud. Désain panalungtikan
nu dipaké digambarkeun saperti di handap ieu:
Nangtukeun Masalah Ngarumuskeun masalah
Ngarumuskeun anggapan
dasar
Nangtukeun métode jeung téhnik panalungtikan
Nangtukeun sumber data
Ngumpulkeun Data Studi pustaka
Observasi langsung
Wawancara
Dokuméntasi
Ngolah Data
Nyieun Kacindekan
27
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.2 Sumber Data
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta tradisi Hajat Laut. Dermaga II
PPNP (Pelabuhan Perikanan Nusantara Pelabuhan Ratu/Pasar Pelelangan Ikan)
Palabuanratu di Kabupatén Sukabumi anu mangrupa tempat dilaksanakeunana
upacara tradisi Hajat Laut, sarta narasumber anu kalungguhanna salaku girang serat
dina panata acara Hajat Laut 2013, data-data online anu aya patalina jeung upacara
Hajat Laut di Palabuanratu, sarta tina sababaraha buku anu medar ngeunaan
data-data anu ditalungtik.
3.3 Métode Panalungtikan
Métode déskriptif ieu digunakeun pikeun ngadéskripsikeun ngeunaan ajén
éstétika anu aya dina upacara Hajat Laut di Palabuanratu, garapanna museur kana
runtuyan upacarana, sarta ajén éstétika dina prak-prakkan upacara tuluy dijadikeun
bahan pangajaran “maca artikel kabudayaan” di SMA kelas XII.
3.4 Téhnik Panalungtikan
Téhnik anu digunakeun dina panalungtikan nya éta téhnik ngumpulkeun data
jeung téhnik ngolah data.
3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
1) Téhnik Ulikan Pustaka
Téhnik ulikan pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun data-data tulisan pikeun
nangtukeun dasar-dasar téori nu aya patalina jeung objék panalungtikan.
2) Téhnik Observasi
Téhnik observasi digunakeun pikeun ngumpukeun data ku cara langsung
niténan kaayaan daérah nu rék ditalungtik katut kahirupan masarakatna, sarta bisa
28
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3) Téhnik Wawancara
Téhnik wawancara digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku cara
ngawawancara narasumber/informan anu miboga informasi atawa ngeunaan upacara
Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi.
4) Téhnik Dokuméntasi
Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun hal-hal anu
aya patalina jeung upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, ku cara
ngumpulkeun data anu mangrupa gambar (foto).
3.4.2 Téhnik Ngolah Data
Téhnik ngolah data nya éta nganalisis data-data anu geus dikumpulkeun tina
hasil panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif. Anu didéskripsikeunana nya éta
prak-prakan upacara Hajat Laut, ajén éstétika anu nyampak dina runtuyan kagiatan
dina upacara Hajat Laut, sarta dijadikeun salasahiji alternatif bahan pangajaran maca
di SMA kelas XII nya éta ”maca artikel kabudayaan”.
3.5 Wangenan Operasional
Sangkan aya gambaran dina ieu judul, perlu dijéntrékeun
wangenan-wangenan istilah dina ieu panalungtikan, di antarana :
1. Ajén éstétika
Ajén éstétika nya éta nilai atawa pangaji nu dihasilkeun tina pamikiran anu diulik
bebeneranna pikeun ngungkap hiji pasualan penting ngeunaan seni jeung
kaéndahanana sarta pamadegan manusa dina éta kabudayaan Hajat Laut misalna
ajén éstétika nu aya patalina jeung agama.
2. Budaya
Budaya mangrupa kabiasaan manusa jeung alamna nu aya dina kahirupan
29
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sifatna idealistik (imajinasi, cipta, rasa, karsa) normatif (aturan, kaédah, adat
istiadat), boh wangun fisik (aya wujudna).
3. Hajat Laut
Hajat Laut nya éta mangrupa budaya tradisional masarakat maritim Sunda anu
dilaksanakeun di Palabuanratu, Kabupatén Sukabumi. Tradisi ieu dilaksanakeun
sataun sakali anu mangrupa ébréhan rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci sabada
panén, sarta dipercaya pikeun sarana ngabersihkeun diri tina hal-hal nu goréng,
hal ieu miboga ajén kapercayaan.
4. Bahan Ajar
Bahan ajar nya éta sakabéh bahan atawa komponén pangajaran anu rék
ditepikeun dina kagiatan ngajar, mangrupa élmu pangaweruh nu kudu dikawasa
ku guru jeung murid.
5. Maca
Maca mangrupa salasahiji pangajaran anu aya dina SKKD jeung KIKD Basa
Sunda.
3.6 Instrumén Panalungtikan
Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta kaméra foto,
handphone jeung pedoman wawancara.
1. Kaméra Foto
Kaméra digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun prak-prakan upacara Hajat
Laut, sarta hal-hal anu aya patalina jeung upacara Hajat Laut.
2. Ponsel
Ponsel digunakeun pikeun ngarékam obrolan-obrolan atawa wawancara
30
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3. Pedoman Wawancara
Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngabantu panalungtik ngumpulkeun
data ku cara wawancara jeung narasumber, kalayan ngagunakeun patokan mangrupa
daftar patalékan anu patali jeung masalah nu rék ditalungtik. Tujuanna sangkan
obrolan museur kana tujuan anu baris dihontal. Daftar patalékanana nya éta:
1) Biodata Narasumber/Informan:
a. Wasta:………...
b. Tempat, ping gumelar:………...
c. Kalungguhan:………
d. Atikan:………..
2) Daftar Patalékan:
a. Kumaha sajarah upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi
téh?
b. Iraha dilaksanakeunna upacara Hajat Laut di Palabuanratu téh?
c. Hal-hal naon waé anu kudu disiapkeun nalika rék ngalaksanakeun upacara
Hajat Laut?
d. Pakakas naon waé anu digunakeun dina éta upacara?
e. Saha/pihak mana waé anu kalibet dina éta kagiatan?
f. Kumaha prak-prakanana upacara Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén
Sukabumi téh?
g. Amanat naon waé anu aya dina upacara Hajat Laut di Palabuanratu
Kabupatén Sukabumi téh?
h. Ajén éstétika naon waé anu nyampak boh dina runtuyan kagiatan boh dina
31
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.7Léngkah-léngkah Panalungtikan
1) Léngkah Tatahar
Léngkah tatahar mangrupa léngkah anu mimiti dilaksanakeun dina
panalungtikan, léngkah tatahar ngawengku:
a) Ngajukeun judul panalungtikan;
b) Nyusun rarancang panalungtikan;
c) Survey ka tempat anu baris dipaké panalungtikan;
d) Ngadamel surat ijin panalungtikan;
e) Konsultasi ka dosén pangaping
2) Léngkah Ngumpulkeun Data
Aya sababaraha léngkah dina ngumpulkeun data, nya éta:
a) Talaah pustaka;
b) Observasi lapangan;
c) Wawancara ka narasumber;
d) Ngarékam wawancara jeung ngadokumentasikeun data nu kacangking;
e) Konsultasi ka dosén pangaping.
3) Léngkah Ngolah Data
Data anu geus ngumpul tuluy dianalisis. Aya sababara hal anu dilakukeun
dina ngolah data nya éta:
a) Nganalisis data anu geus ngumpul;
b) Milihan data-data anu dianggap penting;
c) Ngadéskripsikeun sarta nyieun kacindekan tina data anu geus ngumpul.
4) Léngkah Nyusun Laporan
Nyusun laporan mangrupa léngkah anu pamungkas dina ieu panalungtikan.
Data hasil panalungtikan dianalisis, tuluy disusun dumasar kana sistematika nulis
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Panalungtikan ngeunaan “Ajén Éstétika dina Kabudayaan Hajat Laut di
Palabuanratu Kabupatén Sukabumi pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar Maca di
SMA”, ngahasilkeun sababaraha kacindekan nya éta:
Hajat Laut nya éta budaya tradisional masarakat maritim Sunda anu
dilaksanakeun di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi. Tradisi ieu dilaksanakeun
sataun sakali pikeun ngedalkeun rasa sukur ka Gusti Nu Maha Suci sabab geus
dipaparin kalancaran nalika ngala lauk sarta hasilna nyugemakeun. Kagiatan
Hajat Laut dilaksanakeun ti tanggal 17 Maret 2013 nepi ka 14 April 2013,
sedengkeun puncak acara anu mangrupa upacara adat dilaksanakeun dina tanggal
6 April 2013. Tempat anu digunakeun pikeun lumangsungna upacara adat nya
éta dimimitian ku arak-arakan karnaval anu biasana dimimitian ti pendopo
Palabuanratu nepi ka Dermaga II PPNP (Pelabuhan Perikanan Nusantara
Pelabuhan Ratu/Pasar Pelelangan Ikan), anu mangrupa puseur lumangsungna
acara inti upacara adat. Bahan-bahan nu rék digunakeun dina upacara nya éta
sasajén anu eusina tukik (anak penyu), alat rias, rampé, rurujakan, bubuahan,
dangdaunan, tumpeng, kopi amis jeung pait, téh amis jeung pait, kabuli, udud
bako kabiri, apel jin, beuleum sampeu, menyan, madat, pakakas dapur anu kabéh
tina kai, bubur beureum bubur bodas, jeung cai kembang. Éta bahan anu geus
disebutkeun pikeun prosési ngalabuhkeun sajén atawa tabur benih. Dina upacara
Hajat Laut aya sababaraha tahapan, nya éta: 1) Pra Upacara: Kagiatanana
ngawengku pertandingan saperti catur, maén bola, volley, jsb. Salian ti
90
89 Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Prak-prakan Upacara: Kagiatanana ngawengku arak-arakan ti alun-alun ka
Dermaga TPI II, bubuka upacara ku para inohong, prosési upacara adat Hajat
Laut, ngalabuhkeun sajén atawa tabur benih. 3) Pasca Upacara: Kagiatanana
ngawengku kagiatanana anu sipatna pangreuah atawa hiburan saperti Lomba
Tradisional Bahari (néwak soang, ngarias parahu, dayung blong, dsb), Pagelaran
Seni Réog, Gebyar Dangdut Pesisir, Lomba Fashion Show dan Mewarnai (TK),
karoké, Wayang Golék, jeung Tabligh Akbar.
2) Aya sababaraha ajén anu nyangkaruk dina runtuyan kagiatan, saperti ajén sosial
budaya, ajén atikan, ajén agama, jeung ajén kasenian kaasup ajén éstétika. Ditilik
tina aspék kasenian, upacara adat Hajat Laut di Palabuanratu ngandung
kaéndahan (ajén éstétika). Dina ieu upacara, salian ti ébréhan rasa sukur
masarakat Sunda kana naon anu geus ditarimana, ogé dibarung ku ayana
unsur-unsur kaéndahan boh dina lumangsungna kagiatan boh dina pakakas jeung
bahan-bahan anu digunakeun. Ayana acara-acara kasenian dina éta upacara
némbongkeun luhurna sikep masarakat Palabuanratu kana ngajénan warisan seni
katut budaya anu diwariskeun ti para karuhunna, dibarengan ku étika jeung
éstétika dina lumangsungna kaharmonisan antar warga.
3) Ajén éstétika nu nyampak dina Upacara Adat Hajat Laut di Palabuanratu
Kabupatén Sukabumi, bisa dijadikeun salasahiji alternatif bahan pangajaran basa
Sunda, hususna matéri ngeunaan budaya, nya éta “Maca Artikel Kabudayaan”.
91
89 Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5.2 Saran
Sanggeus nalungtik ajén éstétika dina Kabudayaan Hajat Laut di
Palabuanratu Kabupatén Sukabumi, karasa pisan mangpaatna pikeun panalungtik.
Panalungtik perlu nepikeun saran pikeun kahadéan balaréa, di antarana:
1) Bangsa anu hade nya éta bangsa anu ngamumulé tur ngeuyeuban tradisi
kabudayaan titinggal karuhunna (budaya local). Hajat Laut mangrupa budaya
local anu geus sakuduna dimumulé. Ku kituna, penting pikeun balaréa hususna
generasi anyar, sangkan leuwih nyaah kana tradisi kabudayaan titinggal karuhun
sangkan terus nanjeur, minimal apal kana sajarahna.
2) Hasil panalungtikan ngeunaan upacara Hajat Laut bisa dijadikeun alternatif
bahan pangajaran maca artikel kabudayaan di SMA kelas XII.
3) Ngaraketkeun tali duduluran papada urang Sunda jeung jalma réa, hususna antar
warga Palabuanratu. Hal-hal anu aya patalina jeung luar logika bisa diguar sacara
logis dina ieu panalungtikan. Ku kituna, mudah-mudahan ieu upacara mawa
barokah ka balaréa, lain sabalikna matak nyasabkeun jalma kana hal-hal anu
tahayul. Tapi lamun diteuleuman deui, loba pisan ajén-ajén anu luhung, sarta
92
Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAFTAR PUSTAKA
Ali, Matius. 2011. Estetika Pengantar Filsafat Seni. Karang Mulya: Sanggar Luxor,
Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat,
Dharsono. 2007. Estetika. Bandung: Rekayasa Sains,
Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat. 2011. “Wisata Provinsi Jawa
Barat”. (online). Tersedia:
http://www.disparbud.jabarprov.go.id/wisata/dest-det.php?id=282&lang=id [16 Mei 2011],
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi
Dasar mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: CV Geger
Sunten,
Herimanto, Winarno. 2011. Ilmu Sosial dan Budaya Dasar. Jakarta: Bumi Aksara,
Isnendes, Retty. 2009. Panyawangan Sastra (Handout Perkuliahan Téori Sastra). Bandung,
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2013). “Silabus Mata Pelajaran Bahasa dan
Sastra Sunda SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA”. (online). Tersedia:
http://sunda.upi.edu/2013/07/silabus-mata-pelajaran-bahasa-dan-sastra-sunda-sdmi-smpmts-smama/ [25 Juli 2013],
Koentjaraningrat. 2011. Pengantar Antropologi I. Jakarta: Rineka Cipta,
Liske, Octoviany Virginia. 2012. Ajén Falsafah dina Upacara Sérén Taun di
Kelurahan Cigugur Kecamatan Cigugur Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA. Skripsi Sarjana di FPBS UPI Bandung: teu
dipedalkeun.
Soelaeman, Munandar. 2010. Ilmu Budaya Dasar – Suatu Pengantar. Bandung: PT. Refika Aditama,
Suryalaga, Hidayat. 2010. Filsafat Sunda – Sekilas Interpretasi -. Bandung: Yayasan
Nur Hidayah,
93 Mona Monica, 2013
Ajen Estetika Dina Budaya Hajat Laut Di Pelabuhan Ratu Kabupaten Sukabumi Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. 2009. Kurikulum &
Pembelajaran. Bandung,
Tim Penyusun Kamus Besar Bahasa Indonesia. 1989. Kamus Besar Bahasa
Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka,
UPI. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia. Bandung: UPI,
Widyosiswoyo, Supartono. 2009. Ilmu Budaya Dasar. Bogor: Ghalia Indonesia,