• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1006584 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1006584 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

75

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Tujuan dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun ajén

atikan dina carita wayang lalakon Dorna Gugur Giriharja 3. Carita wayang anu

dianalisis ku cara nyieun transliterasi vidéo pagelaran wayang golék lalakon

Dorna Gugur Giriharja 3, satuluyna dipasing kana tilu unsur ajén atikan nya éta

ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama.

Tina hasil analisis panalungtikan, dihasilkeun sababaraha kacindekan, nya

éta saperti di handap.

1) Struktur carita wayang lalakon Dorna Gugur Giriharja 3 ngawengku : 1)

Tema anu kapanggih dina éta carita wayang nya éta tema kawajiban nu jadi

satria; 2) Galur anu kapanggih dina éta carita wayang nya éta galur melere

anu runtuyanana kabagi jadi pengenalan, komplikasi, konflik, klimaks, peleraian,

jeung penyelesaiaan; 3) Palaku dina éta carita wayang aya 12 nya éta Kresna,

Arjuna, Semar, Cepot, Satiaki Padmanegara, Bima, Dawala, Dorna, Krepa, Yudistira

anu kaasup kana tokoh protagonis jeung Buriswara jeung Prabu Pramea anu kaasup

kana tokoh antagonis; 4) latar tempat anu kapanggih dina éta carita nya éta di Tegal

Kurusetra, jeung latar waktu anu kapanggih dina éta carita nya éta isuk-isuk jeung

waktu dimana perang geus dimimitian poé éta; 5) amanat anu nyangkaruk dina éta

carita nya éta kawajiban nu geus dipiboga ku hiji jalma kudu ditedunan, jeung

amanat-amanat séjén anu kagambar ku watek dina tokoh-tokohna.

2) Ajén atikan anu ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama anu

dianalisis diantarana nya éta: 1) Ajén moral anu kapanggih aya 12 ajén, nya

éta kudu istiqomah, hormat ka guru, amanah, daék diajar, ulah kumed, teu

(2)

76

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kanu jadi kolot, ulah tutuduh ka batur, wijaksana; 2) Ajén sosial anu

kapanggih aya dua ajén nya éta hak nyarita jeung silih elingan papada

manusa; 3) Ajén agama anu kapanggih tina unsur nya éta aqidah, ahlak,

jeung fiqih.

5.2Rekoméndasi

Dumasar kana hasil panalungtikan, aya sababaraha saran anu ditepikeun

pikeun kamekaran panalungtikan ka hareupna, nya éta saperti di handap.

1) Pikeun Guru Basa Sunda

Nilik kaayaan kiwari, balukar tina kamekaran jaman jeung gaya hirup anu

geus kapangaruhan ku budaya luar, teu saeutik anu henteu wawuh kana pagelaran

wayang golék. Antukna budaya anu geus aya ti ratusan taun katukang téh teu

dipikacinta deui ku sawaréh masarakat. Ogé ajén-inajén anu aya dina pagelaran

wayang golék loba anu teu katepikeun ka generasi saterusna. Ku kituna salaku

guru kudu leuwih jero deui nilik kana budaya Sunda hususna wayang golék anu

ngabogaan ajén-inajén anu alus pikeun ditepikeun ka siswa-siswana disakola,

sabab lian ti urang nepikeun ajén-inajén anu alus ogé ngawanohkeun deui budaya

Sunda salaku ciri masarakat Sunda.

2) Pikeun Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah

Ieu panalungtikan medar ngeunaan carita wayang dumasar kana ajén

atikanana. Tangtu garapan carita wayang téh masih kéneh lega. Nilik kana carita

wayang salaku budaya Sunda anu buhun jeung ngabogaan ajén-inajén anu

kawilang loba, panalungtikan ieu masih kawilang heureut. Ku kituna, perlu

diayakeun deui panalungtikan-panalungtikan séjén ngeunaan wayang golék anu

leuwih jero deui. Lian ti mangpaatna pikeun urang leuwih maham kana budaya

Referensi

Dokumen terkait

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.. Universitas Pendidikan Indonesia

STRUKTUR CARITA JEUNG AJÉN MORAL DINA NOVÉL KAKARÉN RÉVOLUSI KARYA TATANG SUMARSONO PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XI SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik). Universitas Pendidikan Indonesia |

AJÉN SENI DINA KASENIAN BÉNJANG PAGURON SENI BÉNJANG LINGGA BUANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Struktur Instrinsik Jeung Ajén Moral Dina Dongéng Nu Aya Di Kacamatan Cibadak Kabupatén Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMP.. Universitas Pendidikan Indonesia |

c) panalungtikan ieu bisa jadi conto pikeun maham carita pantun tur. panglarapan ajén-inajénna kapamingpinan dina widang atikan. 5.2.2 Pikeun

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX.. Universitas Pendidikan Indonesia |