• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1105648 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1105648 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Yanwar Achmad Najih, 2015

STRUKTUR CARITA JEUNG AJÉN MORAL DINA NOVÉL KAKARÉN RÉVOLUSI KARYA TATANG SUMARSONO PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskrpsikeun Struktur Carita

jeung Ajén Moral dina Novél Kakarén Révolusi karya Tatang Sumarsono pikeun

Bahan Pangajaran Maca di kelas XI SMA. Aya tilu nu bisa dicindekkeun tina ieu

panalungtikan, nya éta struktur carita novél, ajén moral dina novél, jeung bahan

ajar maca novél.

Struktur novél Kakarén Révolusi nyoko kana téma, fakta carita, jeung sarana

carita. Téma: téma ieu novél kabagi jadi téma mayor jeung minor, téma minor ieu

novél nya éta pegatna tali sosobatan lantaran pagedrugna paham, perjuangan

mertahankeun lemah cai, kacowna sistem pulitik bangsa republik, konflik batin

antara anak jeung bapa, sarta weritna hirup jaman harita. Sarta téma mayor ieu

novél nya éta téma mayor ieu novél téh nya éta rupa-rupa pasualan anu

dirandapan ku bangsa républik, utamana pasualan sistem politik jeung ekonomi

balukar tina ekspansi nu dilakukeun ku Walanda. Galur: pangarang make galur

mobok tengah atawa galur campuran, lantaran unggal bagianna teu salawasna

ngaguluyur. Tokoh: Dina ieu novél aya 59 tokoh. Tina 59 tokoh ngawengku 2

tokoh utama nya éta Erom jeung Rusli, sarta aya 57 palaku tambahan Éta

tokoh-tokoh aya anu miboga ngaran séwang-séwang, aya nu disebutkeun pangkatna

hungkul, aya ogé anu teu disebutkeun ngarana, mung ukur maké kecap sesebutan

jalma (persona). Watek tokoh anu kagambar dina ieu novél kapanggih ku cara

niténan kalakuanana, omonganana, pikiranana, jeung naon nu dikedalkeun atawa

dipikirkeun ku tokoh ngeunaan dirina sorangan. Latar: latar anu kapanggih dina

ieu novél geus dianalisis boh latar tempat, latar waktu, jeung latar sosial tangtuna

disaluyukeun jeung téma tur galur dina unggal caritana. Latar tempat general dina

ieu novél rata-rata aya di pasisian Bandung, sedengkeun latar farsial dina ieu

novél béda-béda. Latar waktu anu aya dina ieu novél ogé aya nu nuduhkeun latar

waktu anu tangtu (absolut), aya ogé anu nuduhkeun latar waktu anu teu tangtu

(parsial). Latar sosial ieu novél nya éta kahirupan masarakat Indonesia, hususna

(2)

80

Yanwar Achmad Najih, 2015

STRUKTUR CARITA JEUNG AJÉN MORAL DINA NOVÉL KAKARÉN RÉVOLUSI KARYA TATANG SUMARSONO PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XI SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ajén moral anu nyangkaruk dina novél Kakarén Révolusi karya Tatang

Sumarsono kapanggih ku cara niténan tina paripolah, sikep, jeung omongan atawa

kekecapan tokoh anu aya dina ieu novél. Katitén aya 11 ajén moral anu

nyangkaruk dina ieu novél. Dumasar kana kritéria pamilihan bahan pangajaran,

bisa dicindekkeun novél Kakarén Révolusi karya Tatang Sumarsono bisa dipaké

pikeun bahan pangajaran.

5.2 Rekoméndasi

Sawatara saran atawa rékoméndasi ditujukeun pikeun pihak-pihak nu patali

jeung ieu panalungtikan nya éta: 1) pikeun panalungtik satuluyna, 2) guru, jeung

3) masarakat. Panalungtik satuluyna dipiharep bisa ngamangpaatkeun ieu hasil

panalungtikan sangkan bisa jadi hiji tatapakan pikeun panalungtikan anu leuwih

jembar deui. Guru dipiharep bisa ngamangpaatkeun ieu hasil panalungtikan

sangkan bisa pikeun ngarojong pangajaran, lantaran dina ieu panalungtikan geus

disusun soal jeung matéri pangajaran. Masarakat pamaca dipiharep bisa terus

ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan nyangkem karya sastra saperti loba maca

karya kritik sastra atawa kajian sastra. Salian ti éta, ajén moral dina ieu

Referensi

Dokumen terkait

Ajén Moral Dina Kumpulan Dongéng Si Kabayan Tapa Pikeun Bahan Pangajaran Maca Dongéng Di Smp Kelas VII (Tilikan Struktural Jeung Sémiotik).. Universitas Pendidikan Indonesia |

AJÉN SENI DINA KASENIAN BÉNJANG PAGURON SENI BÉNJANG LINGGA BUANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

DINA NASKAH BABAD GALUH PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA CARITA BUHUN DI SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Ulikan Struktural Jeung Ajén Moral Dina Kumpulan Carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung Karya Usép Romli H.M.. Pikeun Bahan Pangajaran Maca

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX.. Universitas Pendidikan Indonesia |

AJÉN BUDAYA DINA SENI AJÉNG DI DÉSA CIPELANG KECAMATAN UJUNGJAYA KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Tujuan ieu panalungtikan téh pikeun ngadeskripsikeun struktur carita jeung ajén moral nu aya dina novél Carita Si Dirun karya Samsoedi, sarta dipatalikeun jeung bahan