187 Pepy Sri Anjarsari, 2015
Ulikan Struktural Jeung Ajén Moral Dina Kumpulan Carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung Karya Usép Romli H.M. Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu BAB V
KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI
5.1 Kacindekan
Ieu skripsi judulna “Ulikan Struktural jeung Ajén Moral dina Kumpulan
Carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung karya Usép Romli H.M. pikeun Bahan
Pangajaran Maca di SMP”. Ieu panalungtikan ngébréhkeun ajén moral jeung
struktur carita unggal carpon dumasar kana ulikan struktural. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif analitik kalayan téhnik studi pustaka jeung téhnik analisis data. Dina prosés panalungtikan kapanggih sababaraha hal, nyaéta struktur carita jeung ajén moral dina buku
kumpulan carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung karya Usép Romli H.M,
sarta dipaké pikeun bahan pangajaran maca di SMP.
Struktur carpon dina kumpulan carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung
kawangun ku téma, galur, tokoh jeung penokohan, jeung latar. Téma:tina salapan
carpon anu aya dina buku kumpulan carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung
karya Usép Romli H.M.,sakabéhna miboga téma anu leuwih ti hiji, nya éta téma
utama jeung téma tambahan. Téma anu digunakeun nya éta téma spiritual, téma égoik, téma jasmani, téma moral, jeung téma sosial. Rata-rata téma utama dina unggal carpon nya éta mangrupa téma spritual, anu pakait jeung kaagamaan.
Téma spiritual nyangkaruk dina carpon Lauk Cimanuk, Néangan Pajaratan,
Sanggeus Umur Tunggang Gunung, Aki Jumli Milu Pemilu, Tawuran, Tower,
Ahli Waris, jeung Kasaktén Abah Suma. Téma égiok nyangkaruk dina carpon
Néangan Pajaratan, Sanggeus Umur Tunggang Gunung, jeung Tawuran. Téma
jasmani nyangkaruk dina carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung, jeung
Tangkal Buah Pipireun Imah. Téma moral nyangkaruk dina carpon Tawuran,
Tower, jeung Kasaktén Abah Suma. Téma sosial nyangkaruk dina carpon
Néangan Pajaratan, Tangkal Buah Pipireun Imah, jeung Aki Jumli Milu Pemilu.
Galur: galur anu digunakeun nya éta galur mérélé, galur mobok tengah, jeung
galur mundur/flashback. Carpon-carpon anu ngagunakeun galur mérélé nya éta
Lauk Cimanuk, Tower, Ahli Waris, jeung Kasaktén Abah Suma. Carpon anu
188
Pepy Sri Anjarsari, 2015
Ulikan Struktural Jeung Ajén Moral Dina Kumpulan Carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung Karya Usép Romli H.M. Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
sedengkeun opat carpon deui ngagunakeun galur mundur/flashback nya éta
Néangan Pajaratan, Sanggeus Umur Tunggang Gunung, Tangkal Buah Pipireun
Imah, jeung Tawuran. Tina éta hal katitén yén galur anu loba dipaké dina buku
kumpulan carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung nya éta galur mérélé jeung
galur mundur/flashback. Tokoh jeung Penokohan: dina ieu kumpulan carpon
katitén aya 80 tokoh, 13 tokoh salaku tokoh utama jeung 67 tokoh salaku tokoh tambahan boh anu ngalalakon boh anu dicaritakeun ku tokohna. Éta tokoh-tokoh aya anu miboga ngaran séwang-séwang, aya nu disebutkeun pangkatna hungkul, aya ogé anu teu disebutkeun ngarana, mung ukur maké kecap sesebutan jalma (persona). Dina unggal carpon rata-rata kacaritakeun aya tokoh anu miboga pangkat jeung agamawan, saperti Wadana, Camat, Kuwu, para Ustad, Ajengan, anggota DPRD, Kadés, Koramil, Komandan Séktor, jeung pulisi. Pakasaban tokoh dina unggal carpon béda-béda, luyu jeung latar sosial tur latar tempat dina caritana. Watek tokoh anu kagambar dina unggal carpon kapanggih ku cara niténan (1) kalakuanana, (2) omonganana, (3) pikiranana, (4) penampilan fisikna, jeung (5) naon nu dikedalkeun atawa dipikirkeun ku tokoh ngeunaan dirina
sorangan. Latar: latar anu kapanggih dina unggal carpon anu geus dianalisis boh
latar tempat, latar waktu, jeung latar sosial tangtuna disaluyukeun jeung téma tur galur dina unggal caritana. Latar tempat general dina unggal carpon rata-rata aya di pilemburan, sedengkeun latar farsial dina unggal carpon béda-béda. Latar waktu anu aya dina unggal carpon ogé aya nu nuduhkeun latar waktu anu tangtu (absolut), aya ogé anu nuduhkeun latar waktu anu teu tangtu (parsial). Latar sosial unggal carponna lolobana nuduhkeun bébédaan antara kalangan handap jeung kalangan luhur tur aya ogé anu nuduhkeun kumaha kaayaan pajabat pamaréntah di jamanna. Dina ieu panalungtikan ogé dipedar hubungan antarunsur dina carita. Hubungan antarunsur anu dipedar dina unggal carponna nya éta hubungan: (1) téma jeung galur, (2) téma jeung tokoh tur penokohan, (3) téma jeung latar, (4) galur jeung tokoh tur penokohan, (5) galur jeung latar, sarta (6) tokoh tur penokohan jeung latar. Tina runtuyan anu panjang tur analitis, bisa dicindekkeun yén hubungan antarunsur dina unggal carita téh kacida raket patalina, sarta mangrupa hubungan anu kausalitas (hubungan sabab-akibat). Sakabéh carpon
189
Pepy Sri Anjarsari, 2015
Ulikan Struktural Jeung Ajén Moral Dina Kumpulan Carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung Karya Usép Romli H.M. Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
anu medar sakabéh aspék kahirupan anu universal luyu jeung kaayaan jaman.
Amanat: amanat anu nyangkaruk dina carpon Lauk Cimanuk nya éta salaku umat
Islam urang kudu ngalaksanakeun kawajiban urang nya éta solat. Amanat anu
nyangkaruk dina carpon Néangan Pajaratan nya éta ulah sarakah, kapentingan di
dunya jeung kapentingan di ahérat kudu saimbang, sarta kudu amanah jeung tanggung jawab kana jabatan anu geus ditibankeun. Amanat anu nyangkaruk dina
carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung nya éta jadi jalma ulah ngarasa asa
aing kawasa boga pangkat, sagala hal anu dilakukeun ku urang salaku manusa
pasti bakal aya babalesna. Amanat anu nyangkaruk dina carpon Tangkal Buah
Pipireun Imah nya éta dina ngalakukeun hiji kahadéan téh kudu ihlas, lantaran hiji
kahadéan bakal mangpaat pikeun saréréa. Amanat anu nyangkaruk dina carpon
Aki Jumli Milu Pemilu nya éta dina milih pamingpin téh ulah asal milih, kudu
dibarengan ku du’a, kudu merhatikeun kumaha bibit, bébét, jeung bobotna, kudu amanah jeung tanggung jawab kana pancén. Amanat anu nyangkaruk dina carpon
Tawuran nya éta dina ngalakukeun hiji hal ulah kajurung ku napsu, tapi kudu
dipikir heula, kudu fokus kana niat urang, ulah babari kaganggu ku hal anu sepélé, sarta kudu ngabéla kana kabeneran, ulah ngabéla ka nu salah. Amanat anu
nyangkaruk dina carpon Tower nya éta kudu sabar dina nyanghareupan hiji hal,
kudu ihlas, sarta silih tulungan. Amanat anu nyangkaruk dina carpon Ahli Waris
nya éta ulah musrik, dina nungtut élmu téh kudu bener-bener sangkan bisa kaala
hasilna. Amanat anu nyangakruk dina carpon Kasaktén Abah Suma nya éta jadi
jalma kudu ihtiar, sabar, tawekal, sarta getol ibadah ka Gusti Allah Swt.
Ajén moral anu nyangkaruk dina buku kumpulan carpon Sanggeus Umur
Tunggang Gunung karya Usép Romli H.M. ditalungtik ku cara niténan tina
190
Pepy Sri Anjarsari, 2015
Ulikan Struktural Jeung Ajén Moral Dina Kumpulan Carpon Sanggeus Umur Tunggang Gunung Karya Usép Romli H.M. Pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu
kénéh ajén moral anu goréng dibanding ajén moral anu hadé tapi duanana miboga fungsi pikeun dijadikeun eunteung dina kahirupan.
Dumasar kana kritéria pamilihan bahan pangajaran, bisa dicindekkeun aya lima carpon anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran sabab luyu jeung kritéria
bahan pangajaran nya éta carpon Lauk Cimanuk, Néangan Pajaratan, Tower, Ahli
Waris, jeung Kasaktén Abah Suma, sedengkeun opat carpon deui nya éta
Sanggeus Umur Tunggang Gunung, Tangkal Buah Pipireun Imah, Aki Jumli Milu
Pemilu, jeung Tawuran henteu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran lantaran
henteu luyu jeung kritéria pamilihan bahan pangajaran hususna tina segi basa anu teu luyu jeung faktor psikologi siswa SMP kelas VIII, tapi ngan ukur bisa dipaké pikeun nambahan pangaweuh nu maca.
5.2 Rekoméndasi