• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1200691 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1200691 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Fathonah Maryam, 2016

KUMPULAN CARPON GEULANG KORONCONG KARANGAN HOLISOH M.E PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS IX (ULIKAN FÉMINISME)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 90

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan judulna “Kumpulan Carpon Geulang Koroncong Karangan

Holisoh M.E pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP Kelas IX (Ulikan

Féminisme)”. Anapon tujuan anu dihontal, nya eta (1) citra wanoja naon waé anu

kapanggih dina kumpulan carpon Geulang Koroncong; (2) kalungguhan wanoja

dina kumpulan carpon Geulang Koroncong; jeung (3) larapna hasil kajian

féminisme dina kumpulan carpon Geulang Koroncong pikeun bahan pangajaran

maca di sakola. Téori anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téori

Djajanegara, ngeunaan féminisme jeung téori Nasution ngeunaan kritéria milih

bahan ajar.

Dumasar kana hasil tina panalungtikan 10 carpon nya éta “Amanat Uyut

Istri”, “Koper Séng”, “Geulang Koroncong”, “Surat ti Apa”, “Anis”, “Alo Ima”, “Wates”, “NYi Emar Tukang Opak”, “Lalajo Imtihan”, jeung “Dikreul” dianggap

ngébréhkeun citra jeung kalungguhan wanoja anu nyampak dina tokoh wanoja.

anapon citra wanoja anu diguar nya éta citra pisik wanoja, citra psikis wanoja,

citra wanoja di kulawarga jeung citra wanoja di masarakat. Dina kalungguhan

wanoja anu diguar nya éta kumaha kalungguhan tokoh wanoja dina kahirupanana

boh di lingkungan kulawarga, boh di lingkungan masarakat, kitu ogé di pacabakan

jeung atikan.

Kalungguhan wanoja anu aya dina kumpulan carpon Geulang Koroncong ieu

umumna aya dina lingkungan kulawarga, salaku indung. Contona baé dina “Surat ti Apa”, “Anis”, “Nyi Emar Tukang Opak”, “Lalajo Imtihan”, jeung “Dikreul”

anu tokoh utamana disebutkeun salaku indung ti sababaraha budak. Najan teu réa

digambarkeun kalungguhan tokoh wanoja di lingkungan masarakat, di pacabakan

jeung di atikan, tapi saliwat mah dibahas dina carpon “Amanat Uyut Istri”,

“Geulang Koroncong”, “Anis”, jeung “Alo Ima”. Salian ti kalungguhan wanoja, aya ogé citra wanoja anu kapanggih téh réréana citra psikis wanoja jeung citra

wanoja di kulawarga. Citra pisik wanoja jeung citra wanoja di masarakat mah

(2)

91

Fathonah Maryam, 2016

KUMPULAN CARPON GEULANG KORONCONG KARANGAN HOLISOH M.E PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS IX (ULIKAN FÉMINISME)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Uyut Istri”, “Geulang Koroncong,” Nyi Emar Tukang Opak”, “ Lalajo Imtihan”,

jeung “Dikreul”.

Tina 10 carpon anu geus dianalisis, aya 3 carpon anu bisa dijadikeun bahan

pangajaran maca di SMP kelas IX. Éta carpon anu bisa dijadikeun bahan

pangajaran lantaran nyumponan sababaraha kritéria dina milih bahan ajar anu

hadé dumasar kana kritéria anu geus didadarkeun dina bab II.

5.2 Saran

Sanggeus ngayakeun panalungtikan ngeunaan analisis féminisme anu

ngawengku citra wanoja jeung kalungguhan wanoja dina kumpulan carpon

Geulang Koroncong karangan Holisoh M.E, di dieu aya sababaraha hal atawa

saran, saran pikeun masarakat akademik atawa nu maca, lembaga paélmuan, jeung

mahasiswa atawa panalungtik saterusna.

1) Saran pikeun Masarakat Akademik atawa Nu Maca

Pikeun masarakat akademik dipiharep bisa wanoh kana ulikan ngeunaan citra

wanoja jeung kalungguhan wanoja anu masih kénéh saeutik. Kitu deui, kritik

sastra féminisme anu can réa dipedar ku panalungtik sastra, hususna sastra Sunda.

2) Saran pikeun Lembaga Paélmuan

Lembaga paélmuan dipiharep mampuh ngahudang karep di lingkungan

akademis kana aprésiasi kajian sastra atawa kritik sastra dina widang kritik sastra

féminisme utamana kana citra wanoja jeung kalungguhan wanoja. Kajian sastra

féminisme mangrupa salah sahiji ulikan anu masih réa anu kudu ditalungtikna,

sabab ulikan féminisme masih kénéh can réa anu minat.

3) Saran pikeun Mahasiswa atawa panalungtik saterusna

Ieu panalungtikan masih kénéh réa kahéngkéranana. Ku kituna, panalungtik

saterusna dipiharep bisa maham kana ulikan féminisme. Salian ti éta, panalungtik

saterusna dipiharep bisa leuwih neuleuman deui karya sastra nu miboga

ajén-inajén féminisme, lantaran dunya féminisme masih mekar jeung ngamekarkeun

Referensi

Dokumen terkait

If a failure to deliver tax on time is due to gross carelessness on the part of a taxpayer, the normal additional tax for failure to deliver tax and a further additional tax

dilakukan perhitungan terhadap beban kritis pada kolom baja profil I tersusun dan.

Analisis Kualitas Siaran Televisi Edukasi Pada Program Acara Asyik Belajar Biologi dalam Mata Pelajaran IPA Terpadu.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Analisis Kualitas Siaran Televisi Edukasi Pada Program Acara Asyik Belajar Biologi dalam Mata Pelajaran IPA Terpadu. Universitas Pendidikan Indonesia |

Pengadaan barang dan bahan yang dilakukan Grand Swiss-belhotel Medan dikarenakan jumlah tamu yang relatif ramai serta adanya acara-acara besar sehingga pihak dapur tidak

Upaya guru PKn dalam menanggulangi kendala yang dihadapi dalam membentuk karakter disiplin siswa.... Pembahasan

Penelitian ini dilakukan terhadap Bank Syariah yang terdaftar di Bursa Efek Indonesia pada periode 2012-2015 dengan menggunakan sembilan sampel, yaitu BCA Syariah, BRI Syariah,

Penelitian ini dilakukan terhadap Bank Syariah yang terdaftar di Bursa Efek Indonesia pada periode 2012-2015 dengan menggunakan sembilan sampel, yaitu BCA Syariah, BRI Syariah,