• Tidak ada hasil yang ditemukan

AJÉN PALSAPAH DINA UPACARA JAROH DI KAMPUNG DUKUH DÉSA CIROYOM KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XI.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "AJÉN PALSAPAH DINA UPACARA JAROH DI KAMPUNG DUKUH DÉSA CIROYOM KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XI."

Copied!
32
0
0

Teks penuh

(1)

AJÉN PALSAPAH DINA UPACARA JAROH

DI KAMPUNG DUKUH DÉSA CIROYOM KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XI

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat

Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan

ku

Rusdinny Aprilianty 0900628

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

Ajén Palsapah dina Upacara Jaroh di Kampung Dukuh Désa

Ciroyom Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca

Bahasan di SMA Kelas XI

Oleh

Rusdinny Aprilianty

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Rusdinny Aprilianty 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

September 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

RUSDINNY APRILIANTY

AJÉN PALSAPAH DINA UPACARA JAROH DI KAMPUNG DUKUH DÉSA CIROYOM KABUPATÉN GARUT

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XI

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP 195906141986011002

Pangaping II,

Drs. Dede Kosasih, M.Si. NIP 196307261199011001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

AJÉN PALSAPAH DINA UPACARA JAROH DI KAMPUNG DUKUH DÉSA CIROYOM KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN

PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XI 1)

Rusdinny Aprilianty 2)

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Ajén Palsapah dina Upacara Jaroh di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XI”. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan (1) latar belakang munculnya tradisi Upacara Jaroh di Kampung Dukuh; (2) tata cara pelaksanaan Upacara Jaroh di Kampung Dukuh; (3) nilai filsafat/ ajén palsapah yang terkandung dalam Upacara Jaroh; (4) unsur-unsur budaya yang terkandung dalam Upacara Jaroh; dan (5) implikasi Upacara Jaroh terhadap bahan pembelajaran membaca di SMA. Dalam penelitian ini, digunakan metode deskriptif dengan teknik telaah pustaka, wawancara, observasi, dan dokumentasi. Instrumen yang digunakan dalam pengumpulan data adalah recorder, kamera, dan pedoman wawancara. Tradisi Upacara Jaroh merupakan salah satu tradisi kebudayaan yang terdapat di Kampung Dukuh Desa Ciroyom Kecamatan Cikelet Kabupaten Garut. Latar belakang adanya Upacara Jaroh adalah sebagai bentuk terima kasih kepada Syekh Abdul Jalil yang telah menyebarkan dan mengajarkan agama Islam di Kampung Dukuh. Upacara ini dilaksanakan di makam Syekh Abdul Jalil setiap hari Sabtu. Acara dimulai dengan berkumpulnya masyarakat di Bale Ageung, kemudian dilanjutkan dengan mandi cebor, setelah itu peserta jaroh mulai memasuki area makam. Di dalam makam, kuncen memimpin do’a serta solawat kepada seluruh peserta jaroh. Kemudian peserta jaroh melaksanakan jarohnya dengan cara berkumpul di depan makam Syekh Abdul Jalil sambil memanjatkan do’a. Upacara Jaroh ini ditutup dengan kegiatan makan bersama di rumah kuncen. Dalam proses penelitian ditemukan bahwa terdapat nilai-nilai filsafat yang terkandung pada Upacara Jaroh tersebut, yaitu 1) sistem religi, 2) sistem organisasi kemasyarakatan, 3) sistem pengetahuan, 4) kesenian, 5) sistem mata pencaharian, dan 6) sistem teknologi. Nilai-nilai filsafat yang terdapat dalam Upacara Jaroh di Kampung Dukuh merupakan bagian dari kebudayaan Sunda, dan bisa dijadikan sebagai bahan pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda, khususnya bahan pembelajaran membaca bahasan di SMA/ SMK/ MA kelas XI.

Kata kunci: nilai falsafah, upacara jaroh, dan alternatif bahan pembelejaran membaca bahasan di SMA.

1) Skripsi ini dibimbing oleh Dr. Dedi Koswara, M.Hum. selaku pembimbing I

dan Drs. Dede Kosasih, M.Si. selaku pembimbing II.

2) Mahasiswa Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni,

(5)

ABSTRACT

This paper is entitled “Ajén Palsapah dina Upacara Jaroh di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XI”. The study is aimed to describe (1) origin of the occurrence Jaroh ritual tradition in Dukuh village; (2) the implementation procedure of Jaroh ritual in Dukuh village; (3) the philosophy values which are carried by Jaroh ritual; (4) the elements of culture which are carried by Jaroh ritual; and (5) the implicature of Jaroh ritual towards reading learning materials in senior high school. The study uses descriptive qualitative methodology with literature review technique, interview, observation, and documentation. The instruments which are used in collecting data are recorder, camera, and interview guidance. Jaroh ritual tradition is one of culture tradition which exists in Dukuh, Ciroyom village, Garut regency. The reason of Jaroh ritual still exists is an implementation of gratitude to Syekh Abdul Jalil who had spread and preached Islam religion in Dukuh village. The ritual was held in Syekh Abdul Jalil cemetery in every Saturday. The ritual was started when the citizen gathered around in Bale Ageung, and continued by mandi cebor, afterwards the people began to enter cemetery area. Inside cemetery area, the caretaker of cemetery led to take a pray and solawat with all the people. And then the people did the Jaroh ritual by gathering in front of Syekh Abdul Jalil’s cemetery while took a pray. Jaroh ritual was ended by eating together in caretaker’s house. The study found that there are philosophy values which are carried by Jaroh ritual, including 1) system of religion, 2) system of social organization, 3) system of knowledge, 4) art, 5) system of livelihood, and 6) system of technology. Philosophy values of Jaroh ritual in Dukuh village are part of Sundanese culture, and it can be used as learning material in Sundanese language and literature, especially reading learning material for 11th grade.

(6)

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR GAMBAR ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 WatesanMasalah ... 5

1.2.2 RumusanMasalah ... 5

1.3 TujuanPanalungtikan ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Téoritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 RaragaTulisan ... 6

BAB II FILSAFAT, BUDAYA, SISTEM KAPERCAYAAN, SISTEM NILAI, TRADISI, UPACARA JAROH, JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA 2.1 Filsafat ... 7

2.1.1 Wangenan Filsafat ... 7

2.1.2 Cabang-cabang Filsafat ... 10

2.2 Budaya ... 13

2.2.1 Wangenan Budaya ... 13

2.2.2 Wujud Kabudayaan ... 14

(7)

2.3 Sistem Kapercayaan ... 17

2.6.5 Pihak-pihak nu Kalibet dina Upacara ... 25

2.6.6 Syekh Abdul Jalil ... 25

2.7 Bahan Pangajaran Maca ... 27

2.7.1 Wangenan Maca ... 27

2.7.2 Kritéria Milih Bahan Pangajaran Maca ... 29

2.7.3 Bahan Pangajaran pikeun SMA/ SMK/ MA ... 30

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan ... 32

3.1.1 Lokasi Géografis ... 32

3.1.1 Kondisi Sosial Budaya Masyarakat Kampung Dukuh ... 33

3.1.2.1 Démografi ... 33

3.1.2.2 Pakasaban ... 34

3.1.2.3 Pendidikan ... 35

3.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan ... 36

3.1.2.5 Basa ... 36

3.2 Sumber Data ... 37

(8)

3.4 Téhnik Panalungtikan ... 38

3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 38

3.4.2 Téhnik Ngolah Data ... 39

3.5 Désain Panalungtikan ... 39

3.6 Instrumén Panalungtikan... 40

3.6.1 Kaméra Foto ... 40

3.6.2 Alat Perekam Gambar (Video Shot) ... 40

3.6.3 Hapé Rékorder (Voice Recorder) ... 41

3.6.4 Pedoman Wawancara ... 41

3.7 Wangenan Operasional ... 42

BAB IV AJEN PALSAPAH DINA UPACARA JAROH DI KAMPUNG DUKUH DÉSA CIROYOM KECAMATANCIKELÉT KABUPATÉN GARUT PIKEUNBAHAN PANGAJARAN MACA 4.1 Sajarah Tradisi Upacara Jaroh di Kampung Dukuh... 43

4.2 Prak-prakan Tradisi Upacara Jaroh di kampung Dukuh ... 47

4.2.1 Pra Upacara ... 47

4.2.2 Prakna Upacara ... 48

4.2.3 Pasca Upacara ... 50

4.2.4 Unsur-unsur/ Pakakas Kalengkepan dina Upacara Jaroh ... 51

4.3 Ajén Palsapah dina Upacara Jaroh di Kampung Dukuh ... 51

4.3.1 Déskripsi Ajen Palsapah dina Upacara Jaroh di Kampung Dukuh Dumasar Hasil Wawancara ... 51

4.4 Bahasan Ajén Palsapah dina Upacara Jaroh ... 59

4.4.1 Unsur-unsur Budaya dina Upacara Jaroh ... 59

4.4.2 Rélévansi Upacara Jaroh kana Kahirupan Masyarakat ... 62

4.5 Implikasi Ajén Palsapah dina Upacara Jaroh di kampung Dukuh pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA ... 64

4.5.1 Standar kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar ... 64

4.5.2 Bahan Pangajaran “Maca bahasan” ... 64

(9)

4.5.4 Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP)

“Maca Bahasan” ... 73

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 78

5.2 Saran ... 79

DAPTAR PUSTAKA ... 81

LAMPIRAN ... 84

(10)

BAB 1 BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Bangsa Indonesia téh mangrupa bangsa anu beunghar ku rupa-rupa sélér bangsa katut budayana. Jembarna budaya anu dipimilik ku masarakat urang perlu meunang pangrojong jeung perhatian anu leuwih daria ku cara dirumat jeung dimumulé ku pamaréntah.

Unggal sélér bangsa ngabogaan budaya anu has anu ngabédakeun jati dirina jeung sélér séjénna. Sakumaha nu kaunggel dina paribasa Sunda ciri sabumi cara sadésa. Ciri husus dina kabudayaan bisa katémbong dina kahirupan anu béda-béda, tapi bisa ogé masarakat nganut hiji téma budaya anu husus (Koentjaraningrat, 1990:263).

Sacara étimologis, kabudayaan numutkeun Koentjaraningrat (1990:12) nya éta asal tina kecap budhayah, basa Sansekerta minangka bentuk jamak tina budi atawa akal, maksudna hal-hal anu patali jeung akal. Sedengkeun kecap budaya mangrupa kecap kantétan tina budi jeung daya anu ngawengku harti tina hasil cipta, karsa, jeung rasa. Perenahna kabudayaan téh nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta diwariskeun kalawan turun tumurun ti generasi ka generasi sapandeurieunana.

Kabudayaan nya éta sistem gagasan anu dipimilik ku manusa tina hasil diajar sarta ngabogaan unsur-unsur nu méh nyampak di satukangeunana (Koentjaraningrat, 1980). Éta unsur-unsur kabudayaan téh nya éta:

1) Sistem religi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem sosial jeung sistem kamasrakatan, 3) sistem pangaweruh, 4) basa, 5) kasenian, 7) sistem pakasaban, jeung 7) sistem téhnologi.

(11)

kana budaya, sarta mana nu kaasup kana agama. Di henteu-henteu ogé adat kabiasaan atawa tradisi tradisional téh mangrupa wujud tina patali antara manusa jeung pribadina, masarakatna, alamna, katut Pangéranana.

Hasan Mustappa jeung Atik Soepandi dina Hufad (2005:130) ngadéskripsikeun kumaha adat istiadat urang Sunda nu kaunggel dina rupaning upacara, nya éta:

1) Selamatan yang berkaitan dengan anak, 2) pernikahan, 3) selamatan sekitar usaha pertanian, 4) selamatan sekitar rumah atau tempat tinggal, 5) penolak bala atau malapetaka, 6) selamatan sekitar bulan dan hari-hari penting, 7) sekitar keinginan husus, 8) mencari kekayaan dunia, 9) black magic-tenung-santét-pélét, 10) perhitungan waktu (hari, bulan, weton), 11) kesukaan, kesenangan, hobi tertentu, dan 12) selamatan sekitar kematian.

Salasahiji unsur budaya nya éta réligi atawa kapercayaan. Ayana upacara adat téh mangrupa perwujudan tina réligi atawa kapercayaan téa. Ari dina enas-enasna mah upacara adat tradisi téh mangrupa wujud interaksi antara manusa jeung pribadina, manusa jeung masarakat sabudeureunana, manusa jeung alamna, sarta manusa jeung Pangéranana. Interaksi éta téh tujuanana pikeun ngahontal kasalametan jeung kabagjaan, nu ngaliwatan kasadaran dirina sorangan, masarakat jeung alam sabudeureunana, jeung kakawasaan nu ngajaga tur ngamumulé kahirupanana (Koentjaraningrat, 1990).

(12)

Garut, nya éta masarakat Kampung Dukuh patali jeung tradisi jaroh ka makam ditilik tina ajén palsapahna.

Ari Kampung Dukuh téh salasahiji kampung nu aya di Desa Ciroyom, Kacamatan Cikelét, Kabupaten Garut. Kampung Dukuh bisa disebut minangka hiji komunitas nu geus tangtu kahémbos ku ngagalurana globalisasi, tapi masarakat katut wargana masih tetep pengkuh atawa tukuh dina mulasara ajén-ajén budayana. Kampung Dukuh anu pola kahirupanana has mun dibandingkeun jeung kampung séjénna, nu dibuktikeun ku masih kénéh nyimpen warisan budaya karuhun, di antarana baé kuatna kapercayaan kana alam sabudeureunana. Tradisi katut upacara-upacarana mangrupa wujud budaya masarakat Kampung Dukuh, sakaligus mangrupa gambaran tina situasi, kondisi, jeung watek masarakat Kampung Dukuh sacara gembleng. Hal ieu katitén numutkeun pamadegan Bapa Wawan salaku Kadis Bidang Kabudayaan Disparbud Kabupatén Garut.

Dina hirup kumbuh masarakat Kampung Dukuh leubeut ku hal-hal anu patali jeung kabudayaan, hususna sistem religi (aspék kapercayaan) masarakatna. Masarakat Kampung Dukuh téh lolobana ngagem agama Islam, tapi agama Islam nu dianutna téh leuwih loba kacampuran (sinkretisasi) ku animisme jeung dinamisme. Hal ieu katitén yén masarakat Kampung Dukuh unggal poé Saptu osok ngayakeun jaroh ka makam Syeh Abdul Jalil anu dianggap karamat di éta kampung. Numutkeun penjelasan Pa Sutarman, nya éta salaku wakil kuncén di Kampung Dukuh, nétélakeun yén taneuh nu aya di sabudeureun éta makam téh minangka taneuh suci, caina ogé cai suci, nya éta cai jam-jam anu baheulana téh meunang mawa Syeh Abdul Jalil ti Mekah.

Dina kahirupan sapopoé masarakat Kampung Dukuh, tukuh ngalaksanakeun katangtuan adat nu aya. Hal ieu katitén dina kahirupan sapopoé saperti dina ngantengkeun tali silaturahmi jeung saturunan kénéh. Maranéhna nganggap yén adat atawa talari karuhun téh mangrupa kabiasaan anu hadé jeung wajib pikeun dimumulé. Numutkeun maranéhna lamun ngalanggar/ ngarempak éta adat, masarakat Kampung Dukuh bakal meunang musibah atawa balai.

(13)

kadua, nya éta jalma anu luar agama Islam. Nu katilu, nya éta PNS. Sarta nu kaopat, nya éta jalma anu keur papacangan. Jalma anu rék jaroh mah kudu jalma anu bener-bener keur dina kaayaan suci.

Kampung Dukuh salasahiji komunitas nu unik pikeun ditalungtik, lantaran kuat nyekel adat luluhur jeung narima Islam salaku agamana. Kaayaan geografis anu mencil, sanajan parobahan ditarima dina watesan-watesan nu tangtu. Naon nu nyampak dina Tradisi Upacara Jaroh tangtu miboga kasang tukang jeung tujuan ngaliwatan ajén palsapahna.

Panalungtikan-panalungtikan ngeunaan budaya katut sakabéh hal unak-anikna geus réa ditalungtik ku lembaga-lembaga atawa para mahasiswa nu boga minat kana budaya. Di handap ieu, dipidangkeun judul skripsi hasil panalungtikan ngeunaan ajén inajén sarta simbol:

1) Ajén Palsapah dina Simbol-Simbol Tradisi Hajat Makam di Kampung

Kawunganten Babakan Désa Kawunganten Kecamatan Cikaum

Kabupatén Subang (Ulikan Struktur Semiotik), ku Deasy Hapsari Suciati Harsono taun 2012;

2) Ajén Palsapah Sunda dina Kasenian Karinding pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA Kelas XII, ku Tia Siti Aisyah taun 2007; 3) Ajén Palsapah Upacara Sawér Pangantén pikeun Bahan Pangajaran

Basa Sunda di SMP 12 Bandung Kelas VIII Ngagunakeun Métode

Demonstrasi, ku Temmy Widyastuti taun 2008;

4) Hajat Sasih di Kampung Dukuh jeung Parobahan Sosial Budaya, ku Listiani Essa taun 2009;

(14)

di Kampung Dukuh Desa Ciroyom Kabupaten Garut pikeun Bahan Pangajaran

Maca Bahasan di SMA Kelas XI”.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Luyu jeung kasang tukang panalungtikan nu geus dipedar saméméhna, ieu panalungtikan téh baris diwatesanan. Sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan diwatesanan, nya éta dijanggélékeun dina wangun pertanyaan. Kumaha ajén palsapah dina Tradisi Jaroh di Kampung Dukuh pikeun Bahan

Pangajaran Maca di SMA?”

1.2.2 Rumusan Masalah

Ieu panalungtikan dirumuskeun dina sababaraha patalékan, nya éta: 1) Naon kasang tukang ayana Tradisi Upacara Jaroh?

2) Kumaha prak-prakanana tradisi jaroh di Kampung Dukuh?

3) Ajén palsapah naon nu nyangkaruk dina tradisi jaroh di Kampung Dukuh?

4) Aya unsur-unsur budaya naon waé nu nyangkaruk dina tradisi jaroh di Kampung Dukuh ?

5) Kumaha implikasina tradisi Upacara Jaroh pikeun bahan pangajaran maca di SMA?

1.3Tujuan Panalungtikan

Tujuan anu dipiharep tina panalungtikan ieu nya éta hayang ngadéskripsikeun:

1) Kasang tukang ayana tradisi jaroh 2) Prak-prakan jaroh di Kampung Dukuh

3) Ajén palsapah nu nyangkaruk dina tradisi jaroh di Kampung Dukuh 4) Unsur-unsur budaya nu aya dina tradisi jaroh di Kampung Dukuh 5) Implikasina tradisi Upacara Jaroh pikeun bahan pangajaran maca di

(15)

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Teoritis

1) Pikeun nambahan wawasan sarta pangaweruh ngeunaan tradisi jaroh, hususna pikeun dunya atikan.

2) Pikeun dunya pangajaran, bisa dijadikeun salashiji sumber pikeun bahan pangajaran di sakola.

1.4.2 Mangpaat Praktis

1) Pikeun masarakat, sangkan ulah mopohokeun kana kabudayaan nu aya di Jawa Barat, nya éta hususna nu aya di Kabupatén Garut. Urang kudu bisa ngarojong jeung ngamumulé kabudayaan nu aya di Jawa Barat.

2) Pikeun panalungtik, bisa ngamangpaatkeun ieu panalungtikan salaku alat pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan kabudayaan, hususna tradisi jaroh di Kampung Dukuh.

1.5Raraga Tulisan

Sistematika penulisan dina nyusun skripsi, diantarana:

1) BAB I: Bubuka medar ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika penulisan.

2) BAB II: Tatapakan téori medar ngeunaan filsafat, budaya, sistem nilai, sistem kapercayaan, tradisi, upacara jaroh, jeung asumsi.

3) BAB III: Métode panalungtikan medar ngeunaan désain panalungtikan, métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, sumber data, jeung wangenan operasional.

4) BAB IV: Ngadéskripsikeun data jeung pedaran hasil panalungtikan (pembahasan).

(16)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Geografis

Sacara administratif, Kampung Dukuh kaasup ka wilayah RT 01, 02, 03/ RW 06, Kapunduhan Barujaya, Désa Ciroyom, Kecamatan Cikelét, Kabupatén Garut, Provinsi Jawa Barat (Désa Ciroyom mangrupa pamekaran ti Désa Cijambé sataun ka tukang). Jarak Kampung Dukuh ti Kecamatan Cikelét ±8 km. Ti puseur pamaréntahan Kabupatén Garut ±100 km, sarta ti Kota Bandung ±160 km ka beulah kidul.

Kondisi topografina aya dina kaluhuran 390 m di luhureun permukaan laut, suhu rata-ratana 26º C, sarta letak astronomisna aya dina 7º - 8º Lintang Selatan, 7º - 108º Bujur Timur. Hawa di Kampung Dukuh henteu panas sok sanajan deukeut ka basisir kidul. Hal ieu ku sabab pangaruh leuweung geledegan di beulah kalér Kampung Dukuh.

Batas administratif Kampung Dukuh nya éta:

- Beulah Kalér ngawates jeung Kampung Palasari, Désa Karangsari; - Beulah Kidul ngawates jeung Kampung Cibalagung, Désa Cijambé; - Beulah Wétan ngawates jeung Kampung Nangéla, Désa Karangsari; - Beulah Kulon ngawates Kampung Ciawi, Désa Ciroyom.

(17)

3.1.2 Kondisi Sosial Budaya Masarakat Désa Ciroyom 3.1.2.1 Démografi

Dumasar data nu aya di Désa Ciroyom dina taun 2012, jumlah penduduk nu aya di Désa Ciroyom téh nya éta 2.440 jiwa. Jumlah lalakina nya éta 1.228 jiwa, sedengkeun jumlah awéwéna nya éta 1.212 jiwa. Di Désa Ciroyom éta kabagi kana 3 Dusun, 6 RW, sarta 25 RT anu sumebar di 12 kampung nu aya di Désa Ciroyom, nya éta: 1) Datarpari; 2) Sukadana; 3) Cikupa; 4) Cikaréo; 5) Barujaya; 6) Ciawi; 7) Cilamé; 8) Rancaputat; 9) Marémé; 10) Ciroyom; 11) Rancahaur; sarta 12) Dukuh.

Wincikan jumlah penduduk dumasar kana klasifikasi umur bisa katitén dina tabél 3.1:

Tabel 3.1

Jumlah Penduduk Dumasar kana Klasifikasi Umur

No. Umur Jumlah

1. 0-4 253

2. 5-9 526

3. 10-14 521

4. 15-19 161

5. 20-24 104

6. 25-29 70

7. 30-34 108

8. 35-39 157

9. 40-44 139

10. 45-49 153

11. 50-54 81

12. 55-59 124

13. 60-ka luhur 43

(18)

3.1.2.2 Pakasaban

Pakasaban masarakat Désa Ciroyom umumna nya éta patani. Tapi aya ogé anu jadi pagawé negri, ABRI, wiraswasta, dagang, tim kesehatan, jeung paraji. Wincikan jumlah penduduk dumasar kana pakasaban bisa katitén dina tabél 3.2:

Tabel 3.2

Jumlah Penduduk Dumasar kana Pakasaban

No Pakasaban Jumlah

1. PNS 17

2. Guru Honor 27

3. TNI 3

4. Karyawan Swasta 2

5. Buruh 75

6. Tukang 34

7. Wiraswasta/ Pengrajin 95

8. Dagang 128

9. Petani 312

10. Buruh Tani 105

11. Kuli 103

12. Tukang Ojeg 60

13. Ustadz 15

14. Perawat 1

15. Bidan 1

16. Paraji 4

17. Mahasiswa 77

18. TKI/ TKW 27

19 Supir 60

(19)

3.1.2.3 Pendidikan

Dumasar kana widang pendidikan, masarakat Désa Ciroyom kaasup kana tingkatan anu sedeng, ku lantaran kalolobaanana masarakat Désa Ciroyom téh ngan saukur tamatan SD, teu saeutik deuih anu teu tamat sarta teu pernah nincak bangku SD ogé. Tapi ka béh dieunakeun mah teu saeutik deuih anu nuluykeun ka tingkat SMP, SMA, malah aya nu nepi ka kuliah ogé.

Sarana pendidikan nu aya di Désa Ciroyom kaasup cukup/ memadai. Hal ieu katitén tina sarana jeung prasarana nu aya di Désa Ciroyom aya ti mimiti PAUD, SD, SMP, sarta MA. Sok sanajan euweuh SMA di désa éta, tapi teu saeutik nu nuluykeun ka SMA nu aya di kecamatan.

Wincikan jumlah penduduk dumasar kana tingkat pendidikan bisa katitén dina tabél 3.3.

Tabél 3.3

Tingkat Pendidikan di Désa Ciroyom

No. Tingkat Pendidikan Jumlah

1. Pra sakola 410

2. Teu tamat SD/ sederajat 321

3. Tamat SD/ sederajat 748

4. Tamat SMP/ sederajat 331

5. Tamat SMA/ sederajat 189

6. D-1 112

7. D-2 198

8. D-3 39

9. S-1 45

10. S-2 47

11. S-3 -

(20)

3.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan

Sakabéh masarakat Kampung Dukuh téh ngagem agama Islam. Hal ieu katitén yén masarakat Kampung Dukuh taat ngajalankeun kana syariat-syariat agamana, nya éta ngajalankeun sakabéh paréntah Allah SWT sarta ngajauhan sagala larangan-Na. Dina ibadahna nganut mazhab Syafi’i, sarta ajaran anu diagemna nya éta tasauf, nya éta ajaran kaum sufi anu ngajarkeun hirup basajan (teu ngungudag kasenangan dunya wungkul). Hal ieu katitén dina kahirupan sapopoéna masarakat Kampung Dukuh anu basajan, teu papanas-panas antara masarakatna, sarta teu ngungudag kaméwahan dunya. Sabab hal éta dianggap minangka perangkap sétan pikeun ngajebak manusa.

Sok sanajan sakabéh masarakat Kampung Dukuh ngagem agama Islam, tapi masarakatna masih percaya kana konsép kapercayaan mangsa bihari, nya éta masih percaya kana adat karuhun. Adat kabiasaan éta bakal atra pisan kumaha gumulungna antara unsur animisme/ dinamisme jeung agama Islam. Hal ieu ditandaan biasana lamun rék ngayakeun upacara-upacara tradisi di Kampung Dukuh masih osok maké sasajén, anu fungsina nya éta pikeun perantara antara urang jeung karuhun di dinya. Salian ti éta, masarakat kampung Dukuh ogé masih kauger ku kecap “pamali” atawa pantrangan.

Anapon tempat ibadah anu aya di Kampung Dukuh nya éta mangrupa sababaraha masjid, mushola, sarta langgar. Biasana di Kampung Dukuh sok diayakeun kagiatan kaagamaan anu mangrupa rajaban dina Bulan Rajab, muludan, ibadah jum’atan, tarawéh sarta tadarus dina bulan puasa, sarta osok aya pangajian rutin mingguan.

3.1.2.5 Basa

(21)

Priangan. Kitu ogé tina strukturna teu jauh béda jeung struktur basa Sunda baku atawa lulugu. Jadi, basa Sunda nu digunakeun masarakat Kampung Dukuh teu jauh béda jeung basa Sunda di masarakat umumna.

3.2 Sumber Data

Numutkeun Arikunto (2010:172), sumber data nya éta:

“Subjek dari mana data dapat diperoleh. Apabila peneliti menggunakan

kuesioner atau wawancara dalam pengumpulan datanya, maka sumber data disebut responden, yaitu orang yang merespon atau menjawab pertanyaan-pertanyaan peneliti, baik pertanyaan tertulis maupun lisan”. Sumber data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ngagunakeun sababaraha buku Sumber, di antarana waé Seputar Garut jeung Potensi Wisata di Daérah Pameungpeuk Kabupaten Garut. Salian tina buku sumber ogé data sumber meunang ti sababaraha informan, di antarana:

1) Rukmana Hakim, Désa Ciroyom Kecamatan Cikelét – Garut (kuncén

4) Data ti Dinas Pariwisata & Kebudayaan Kabupatén Garut, pikeun référénsi buku nu ngarojong kana bahan panalungtikan.

3.3 Métode Panalungtikan

Panalungtikan ieu kaasup kana panalungtikan kualitatif. Ku kituna teu ngagunakeun populasi, ku sabab minangka kasus tina situasi sosial anu tangtu, jeung hasil panalungtikan moal dilarapkeun kana populasi, tapi ditransfer ka tempat séjén anu miboga kaayaan sosial jeung kasus anu ampir sarua (Sugiyono, 2009:298).

(22)

utama nu digunakeun panalungtik pikeun ngahontal tujuan sarta nangtukeun jawaban tina masalah anu diajukeun (Nasir, 1988:51).

Dumasar kana tujuan nu hayang dihontal, métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Hal ieu saluyu jeung pamadegan Suyatna (2002:14), nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan nu mangrupa akumulasi data dasar dina cara déskripsi wungkul, henteu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan, atawa teu meunangkeun ma’na implikasi.

Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun ajén palsapah anu nyangkaruk dina Upacara Jaroh di Kampung Dukuh Désa Ciroyom Kabupatén Garut.

3.4 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan mangrupa salasahiji usaha atawa cara nu kudu dilaksanakeun kalawan maké métode nu tangtu, sangkan tujuan atawa sasaran nu dipikahayang dina hiji panalungtikan bisa kahontal (Suyatna, 2002:18). Sangkan panalungtikan ieu lumangsung kalayan lancar, panalungtikan budaya ieu dibagi dua, nya éta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.4.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

(23)

3.4.2 Téhnik Ngolah Data

Data nu geus kakumpulkeun tina hasil panalungtikan tuluy dianalisis maké téhnik déskripsi, nya éta ngadéskripsikeun ngeunaan ajén palsapah dina Upacara Jaroh.

Dina ieu panalungtikan, aya léngkah-léngkah ngolah data anu dikumpulkeun, di antarana:

1) Obsérvasi ka lapangan ngeunaan tradisi Upacara Jaroh di Kampung Dukuh jeung nu aya patalina jeung sajarah ayana upacara éta.

2) Nganalisis ajén palsapah anu aya dina tradisi Upacara Jaroh di Kampung Dukuh.

3) Ngadokuméntasikeun sakabéh hasil ngeunaan tradisi Upacara Jaroh. 4) Ngajéntrékeun luyu henteuna ajén palsapah dina tradisi Upacara Jaroh di

Kampung Dukuh lamun dipatalikeun jeung bahan pangajaran maca bahasan pikeun SMA kelas XI.

5) Ngadéskripsikeun sarta nyindekkeun data hasil analisis ngeunaan ajén palsapah jeung sakabéh hal anu aya patalina jeung tradisi Upacara Jaroh.

3.5 Désain Panalungtikan

Désain panalungtikan dina panalungikan ieu dimimitian ku ngaidéntifikasi masalah, ngarumuskeun tur ngawatesan masalah, obsérvasi ka lapangan, nyieun instrumén panalungtikan, ngumpulkeun data, ngolah data, sarta nu pamungkas ngadéskripsikeun data.

(24)

Idéntifikasi masalah

Ngarumuskeun tur ngawatesan masalah

Obsérvasi ka lapangan

Ngumpulkeun data

Ngolah data

Ngadéskripsikeun data

3.6 Instrumén Panalungtikan 3.6.1 Kaméra Poto

Kaméra poto digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar (visual) dina prak-prakanana Upaca Jaroh di Kampung Adat Dukuh.

3.6.2 Alat Perekam Gambar (Video Shot)

(25)

3.6.3 Hapé Rékorder (Voice Recorder)

Hapé rékorder digunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téhnik wawancara ka kuncén, tokoh masarakat, sarta informan nu séjénna ngeunaan tradisi Upacara Jaroh.

3.6.4 Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara narasumber di Kampung Adat Dukuh ngeunaan tradisi Upacara Jaroh. Pedoman wawancara di antarana mangrupa sababaraha patalékan. Dina ieu panalungtikan ngagunakeun sistem wawancara terstruktur.

Tabél 3.4 Daptar Patalékan

No Daptar Patalékan

1. Kumaha sajarah ngadegna Kampung Dukuh?

2. Kumaha sajarahna tradisi Upacara Jaroh di Kampung Dukuh? 3. Naon waé saratna anu kudu aya dina Upacara Jaroh téh? 4. Naon waé pakakas kalengkepan dina Upacara Jaroh? 5. Naon tujuan Upacara Jaroh ieu?

6. Iraha lumangsungna Upacara Jaroh? Sarta dimana tempatna?

7. Naha dilaksanakeunana Upacara Jaroh téh di makam Syekh Abdul Jalil? Saha ari Syekh Abdul Jalil téh?

8. Saha nu mingpin Upacara Jaroh téh?

9. Saha waé anu sok ngilu dina Upacara Jaroh ieu?

10. Naha aya pihak atawa jalma anu teu meunang ngalaksanakeun Upacara Jaroh ieu?

11. Kumaha ari prak-prakanana Upacara Jaroh téh?

12. Ari dina Upacara Jaroh téh aya simbol-simbol husus atawa henteu? 13. Dina simbol-simbol éta aya ajén palsapah naon waé nu nyangkaruk dina

Upacara Jaroh téh?

(26)

3.7 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré jeung teu lésot tina udagan, perlu wangenan istilah-istilah nu aya patalina jeung ieu panalungtikan, sakumaha ditétélakeun di handap.

Panalungtikan ieu dibéré judul “Ajén Palsapah dina Upacara Jaroh di

Kampung Dukuh Desa Ciroyom Kabupaten Garut piekun Bahan Pangajaran

Maca Bahasan di SMA Kelas XI”. 1. Ajén palsapah

Dina Kamus Umum Basa Sunda (1995: 7), ajén nya éta pangaji jeung harga. Ajén anu dipaluruh dina ieu panalungtikan nya éta ajén anu aya hubunganana jeung Upacara Jaroh. Numutkeun Langeveld “filsafat

adalah suatu perbincangan mengenai segala hal, sarwa sekalian alam

secara sistematis sampai ke akar-akarnya dengan tujuan menemukan

hakikatnya.” Palsapah dina ieu panalungtikan nya éta harti tina

simbol-simbol anu aya dina Upacara Jaroh di Kampung Dukuh. 2. Tradisi jaroh

Tradisi numutkeun Kamus Basa Sunda beunang R.A. Danadibrata nya éta kabiasaan atawa adat istiadat. Sedengkeun jarah/ jaroh nya éta ngadatangan kuburan atawa tempat suci. Jarah téh osok ogé disebut nyekar. Jadi tradisi jaroh téh nya éta adat kabiasaan ngadatangan kuburan atawa tempat suci pikeun ngado’akeun jalma nu geus teu aya éta sabari nyungkeun berkah ti Manten-Na.

3. Bahan pangajaran maca

(27)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung pedaranana, bisa dicindekkeun sababaraha kacindekan, nya éta:

1) Upacara Jaroh mangrupa salasahiji upacara tradisi anu dilakukeun ku masarakat Kampung Dukuh, Désa Ciroyom, Kecamatan Cikelét, Kabupatén Garut unggal poé Saptu. Upacara ieu dilaksanakeun minangka rasa hormat ka Syekh Abdul Jalil anu parantos nyebarkeun tur ngajarkeun agama Islam di éta tempat. Mimitina mah Upacara Jaroh téh ngan saukur dilaksanakeun ku urang Kampung Dukuh na wungkul, tapi ka béh dieunakeun loba ogé nu ngajugjug ti tempat-témpat séjénna, malah aya nu ti luar Pulo Jawa sagala.

2) Prak-prakan tradisi Upacara Jaroh ieu dimimitian ku ngumpulna peserta jaroh di hareupeun imah kuncén, nya éta dina poé Saptu isuk-isuk kira-kira jam 8. Sanggeus peserta jaroh kumpul diteruskun kana kagiatan mandi cébor, nya éta mandi wajib pikeun anu rék jaroh anu tujuanana sangkan ngilangkeun rereged tina diri urang. Tuluy peserta jaroh au geus ngalaksanakeun mandi cébor asup ka aréa makam karomah. Di dieu kuncén mingpin do’a sarta solawat. Do’a ieu mangrupa bentuk rasa sukur ka Allah SWT, ari solawat mangrupa lawang pikeun diijabahna éta do’a urang. Tuluy peserta jaroh ngabring ka makam karomah, nya éta ka makam Syekh Abdul Jalil téa. Di makam karomah éta peserta jaroh séwang-séwangan ngadungakeun tur ngedalkeun pamaksadanana. Kagiatan pamungkas nya éta dihaturanan tuang di imah kuncén. Dihaturanan tuang ieu nya éta peserta jaroh dahar bareng ngariung di imah kuncén pikeun média silaturahmi antar warga anu geus ngalaksanakeun jaroh.

(28)

kahirupan manusa sapopoé. Ajén palsapah éta mangrupa piwuruk jeung amanat kolot baheula pikeun generasi ayeuna dina ngajaga tur ngariksa sikep tur paripolahna.

4) Tradisi Upacara Jaroh masih kénéh rélevan pikeun kahirupan masarakat Kampung Dukuh dina jaman kiwari. Hal éta mangaruhan kana sikep tur paripolah masarakat dina hirup kumbuh sapopoéna.

5) Ajén palsapah dina Upacara Jaroh di Kampung Dukuh bisa dijadikeun pikeun bahan pangajaran maca bahasan di SMA. Ku sabab ajén palsapah dina Upacara Jaroh di Kampung Dukuh mangrupa salasahiji kabudayaan Sunda anu kudu dipikanyaho ku masarakat Sunda umumna sarta ku siswa SMA hususna, sarta hal ieu saluyu jeung SKKD Mata Pelajaran Basa Sunda, nya éta Standar Kompetensi Maca pikeun SMA/ SMK/ MA kelas XI, anu aya dina nomber 11.3 jeung kaasup dina poin 11.3.4 nya éta maca bahasan (pedaran).

5.2 Saran

Sabada nalungtik ngeunaan ajén palsapah dina Upacara Jaroh, karasa loba pisan mangpaatna pikeun panyusun. Di sagigireun ngaguar tradisi, ogé bisa nambahan élmu pangaweruh kana widang agama. Tétéla dina kagiatan Upacara Jaroh ieu téh ti mimiti prung tug nepi ka réngséna ogé miboga ajén inajén kaagamaan anu luhung.

Dumasar kana kacindekan tina hasil panalungtikan ti luhur, panalungtik hayang nepikeun saran, nya éta:

1) Pikeun lembaga pendidikan, ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun alternatif pikeun bahan ajar. Sabab di jerona leubeut ku ajén-inajén pendidikan, husuna bidang kabudayaan.

(29)
(30)

DAPTAR PUSTAKA

1. Buku

Achmadi, Asmoro. 1997. Filsafat Umum. Jakarta: PT Raja Grafindi Persada. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi

Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta. Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama. Suryalaga, Hidayat. 2010. Filsafat Sunda: Sekilas Interpretasi Folklor Sunda.

Bandung: Nur Hidayah.

Koentjaraningrat. 1974. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.

. 1985. Ritus Peralihan di Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka. . 2009. Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta. Sugiyono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan (Pendekatan Kuantitatif,

Kualitatif dan dan R&D). Bandung: Alfabeta.

Sumakerti, Muhtarom dan Warjita. 2007. Masyarakat Adat Kampung Dukuh Kabupaten Garut (Sejarah dan Tata Kehidupannya). Garut: Pemerintah Kabupaten Garut Dinas Pariwisata dan Kebudayaan.

Suhardiman, Budi dan Darpan. 2007. Seputar Garut. Garut: Komunitas Srimanganti.

Rostiyanti, Ani, spk. 2004. Potensi Wisata di Daerah Pameungpeuk Kabupaten Garut. Bandung: Kementrian Kebudayaan dan Pariwisata Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional Proyek Pemanfaat Kebudayaan Daerah Jawa Barat.

Badudu, J.S. dan Zain, Mohammad Sutan. 1997. Kamus Umum Bahasa Indonesia. Jakarta: 1997.

(31)

Tarigan. 2008. Membaca sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Gintings, Abdurrakhman. 2008. Esensi Praktis Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Humaniora.

Hidayat, Rachmat Taufik dkk. 2005. Peperenian Urang Sunda. Bandung: Kiblat. Rosidi, A spk. 2000. Ensiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

--- . 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

2. Skripsi

Firman, Ari. (2012). Ajén Palsapah dina “Upacara Tradisi Nyuguh” di Kampung

Kuta Désa Karangpaninggal Kacamatan Tambaksari Kabupatén Ciamis

pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA. Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Hapsari, Deasy. (2012). Ajén Falsafah dina Simbol-simbol Tradisi Hajat Makam

di Kampung Kawunganten Babakan Désa Kawunganten Kecamatan

Cikaum Kabupatén Subang (Ulikan Struktur Semiotik). Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Yuniawati, Tresna. (2012). Ajén Falsafah dina Upacara Adat Nyangku di

Kampung Cukangpadung Désa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupatén

Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XI. Skripsi pada Sarjana FPBS UPI Bandung: tidak diterbikan.

Tiara, Octaviany Virginia. (2012). Ajén Falsafah dina Upacara Adat Sérén Taun

di Désa Cigugur Kecamatan Cigugur Kabupatén Kuningan pikeun Bahan

Pangajaran di SMA. Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

3. Sumber dari Internet

www.garut.org www.wikipedia.org

(32)

Ashari. (2008). Filsafat Hermeneutika. [online]. Tersedia: http://asharikeren.wordpress.com/2008/06/15/filsafat-hermeneutika/

Elnoya. (2011). Risalah Masyarakat Kampung Adat Dukuh. [online]. Tersedia:

http://el-noya.blogspot.com/2011/07/risalah-masyarakat-adat-kampung-dukuh.html

Gambar

Tabel 3.1 Jumlah Penduduk Dumasar kana Klasifikasi Umur
Tabel 3.2 Jumlah Penduduk Dumasar kana Pakasaban

Referensi

Dokumen terkait

PENGGUNAAN APLIKASI POWER POINT UNTUK MENINGKATKAN KOSA KATA PADA SISWA TUNARUNGU KELAS 4 SDLB DI SLB ANGKASA SULAIMAN KABUPATEN BANDUNG. Universitas Pendidikan Indonesia |

PERBANDINGAN KINERJA GURU PENDIDIKAN JASMANI SEKOLAH MENENGAH PERTAMA NEGERI UNGGULAN DAN NON UNGGULAN KOTA CIMAHI.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Eksistensi Bank Umum Syariah di Indonesia, Sumatera Utara dan Tanjung Balai Tahun 2015 No Bank Umum Syariah Indonesia. Sumatera

Adapun permasalahan yang dibahas dalam skripsi ini adalah bagaimana pengaturan perjanjian kredit oleh lembaga perbankan di Indonesia, bagaimana hubungan hukum klausul

membuat keputusan untuk melakukan pembelian terhadap produk yang ditawarkan. oleh

Untuk memenangkan persaingan, perusahaan harus mampu memberikan kepuasan kepada para pelanggannya, misalnya dengan memberikan pelayanan yang mutunya lebih baik, harganya relatif

Temuan penelitian menunjukan bahwa manfaat hasil belajar membuat pola busana pesta sistem draping ditinjau dari kompetensi pengetahuan draping, alat dan bahan pembuatan pola,

Penelitian ini diharapkan memberikan informasi dalam pemakaian cangkang kapsul alginat sebagai sediaan floating yang dapat bertahan di lambung, sehingga dapat menjadi salah