• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1104257 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1104257 Chapter1"

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

Suci Nurul Qori’ah, 2015

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Budaya Sunda mangrupa hasil tina karancagéan masarakat Sunda anu salawasna kudu

dimumulé tur dijaga sangkan teu tumpur kalindih ku kamajuan jaman. Ngariksa tur ngaraksa

tradisi warisan karuhun urang Sunda geus jadi pancén sakumna jalma nu hirup kumbuh di

tatar Sunda. Karuhun urang Sunda, mibanda kabudayaan anu luhung. Kabudayaan éta téh aya

nu mangrupa wangunan aya ogé warisan budaya anu teu éléh penting, nya éta nu mangrupa

tulisan jeung lisan.

Warisan karuhun nu mangrupa tulisan sok disebut ku istilah naskah. Éta naskah éta

umumna ditulis maké aksara atawa basa daérah, nepi ka can tangtu kabéh jalma bisa maca

jeung ngawasa kana éta eusi karya.

Ari warisan budaya karuhun anu mangrupa lisan sok disebut ku istilah folklor, tapi aya

ogé folklor anu gabungan lisan jeung tulisan sarta folklor lain lisan. Sacara istilah, folklor

(folklore) téh asalna tina kecap folk jeung lore. Nurutkeun Alan Dundes (dina Danandjaja,

2002, kc. 1-2) folk nya éta sakumpulan jalma anu ngabogaan ciri-ciri husus atawa mandiri

tina fisikna, sosialna, jeung kabudayaanana, nepi ka bisa dibédakeun ti kelompok-kelompok

séjénna. Éta ciri-ciri husus téh bisa katitén tina: warna kulit nu sarua, buukna sarua,

pakasaban nu sarua, bangsa nu sarua, tingkat pendidikan anu sarua, jeung agamana gé sarua.

Ngan nu leuwih penting mah ngabogaan tradisi, nya éta kabudayaan anu geus turun-tumurun

ti karuhunna jeung geus dianggap nu saréréa. Sedengkeun lore mah tradisi folk, nya éta

sabagéan kabudayaan anu diwariskeun sacara turun-tumurun sacara lisan atawa ku cara conto

anu dibarengan ku gerak isarat atawa alat bantu séjén nu bisa dipaké sangkan teu poho.

Nurutkeun Danandjaja (2002, kc. 22) rupa-rupa folklor lisan nu sumebar téh di antarana: bahasa ra‟yat, ungkapan tradisional, pernyataan tradisional, sajak jeung puisi ra‟yat, carita prosa ra‟yat, jeung nyanyianra‟yat.

Hasil karya sastra nu kagolong kana sajak jeung puisi ra‟yatdi antarana puisi pupujian. Pupujian téh minangka hasil karya sastra lisan pangaruh tina agama Islam anu sumebar di

masarakat. Nurutkeun Tamsyah (1996, kc. 53) puisi pupujian téh nya éta puisi buhun anu

(2)

Suci Nurul Qori’ah, 2015

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

pépéling ka umat, atawa pangajaran. Ieu rakitan kalimah-kalimah téh dinadomkeun, aya nu

dina basa Arab aya ogé anu dina basa Sunda. Ieu pamadegan ogé diéceskeun ku

Iskandarwassid (2003, kc. 116-117), yén puisi pupujian téh hiji karya sastra buhun dina

wangun puisi (ampir salilana dina wangun sair) nu rélatif pondok, nu eusina, ngeunaan

puji-pujian kana kaagungan Gusti Alloh, solawat ka Kangjeng Nabi, naséhat atawa ajakan

ngajalankeun ibadah (solat, puasa, jakat, jeung munggah haji), biasana sok dikawihkeun

atawa dinadomkeun babarengan di masjid-masjid dina waktu ngadagoan solat berjamaah atawa di majelis ta‟lim ku para jamaah pangajian. Dina kamus nu disusun ku LBSS (1992, kc. 401) disebutkeun yén:

“Puji, kecap-kecap atawa ucapan pikeun ngagungkeun Nu Maha Kawasa:

Sadaya puji kagungan (kanggo) Alloh, Pangéran sakabéh alam, tarjamahan tina Alhamdulillahi robbil „alamin: pupujian, 1) Kecap barang anu sok dipaké muji ka Alloh atawa ka Rosululloh, 2) Kecap pagawéan ngedalkeun atawa ngalagukeun puji-pujian ka Alloh atawa ka Rosul-Na: méméh ngaraji barudak sok pupujian

jeung saniskara anu patalina jeung ajaran agama.

Dina kalumangsunganana pupujian téh sumebar sacara lisan. Ayana pupujian biasana di

lingkungan pasantrén jeung masigit. Pupujian anu di pasantrén biasana dinadomkeunana dina

mangsa nungguan ajengan datang itung-itung ngaderes atawa nalika ajengan nepikeun

pangajaran, sedengkeun ari anu di masigit biasana di nadomkeunnana dina waktu anu tangtu,

upamana baé dina mangsa nungguan adan jeung nungguan komat.

Kiwari pupujian mangrupa salah sahiji bagian tina sastra daérah anu perlu dimumulé tur

dimekarkeun ngarah tetep bisa lumangsung jeung henteu kalindih ku pangaruh anu séjén. Di

lingkungan masarakat Sunda, pupujian téh mibanda fungsi anu kawilang pentingna. Salah

sahiji contona, nyaéta dipaké alat pikeun panggeuing jeung silih élingan ka papada jalma.

Pupujian ogé mibanda fungsi pikeun nyalametkeun jeung ngamumulé ajén budaya anu geus

(3)

Suci Nurul Qori’ah, 2015

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Tarékah pikeun ngamumulé budaya daérah, pangpangna anu mangrupa sastra lisan salah

sahijina nyaéta ku cara macaan jeung ngagunakeun karya sastra nu gelar dina kahirupan

sapopoé, kitu deui pupujian. Lian ti éta, bisa ku cara dilaksanakeun panalungtikan kana éta

karya sastra, contona dilaksanakeun panalungtikan pupujian nu aya di Pondok Pasantén

Al-Barokah Bandung pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP.

Pupujian-pupujian nu aya di Pasantrén Al-Barokah Bandung bakal leuwih mangpaat

upama dikumpulkeun jeung ditalungtik. Pupujian anu ditalungtik di Pasantrén Al-Barokah

téh nya éta pupujian anu masih kénéh dinadomkeun ku barudak santri-santriah jeung jama‟ah

majlis ta‟lim. Eusina mangrupa pépéling, muji ka Pangéran, solawat ka kangjeng Rosul, do‟a, sarta pupujian ngeunaan ajaran agama.

Di sagigireun éta, pupujian ogé bisa dijadikeun bahan pangajaran di sakola. Dumasar

kana Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat No. 5 Taun 2003, ngeunaan Pemeliharaan

Bahasa, Sastra, jeung Aksara Daérah. Basa daérah diajarkeun dina atikan formal jeung non

formal di Jawa Barat. Éta kawijakan sajalan jeung UU No.22/1999 ngeunaan Pamaréntah

Daerah jeung UU No. 20/2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional nu sumberna tina UUD

1945 ngeunaan Pendidikan jeung Kabudayaan, sajalan ogé jeung rékoméndasi UNESCO taun

1999 ngeunaan pemeliharaan bahasa-bahasa ibu, jeung Peraturan Pemerintah Republik

Indonesia No. 19 Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, BAB III pasal 7 ayat

3-8, nétélakeun yén ti SD/MI/SDLB, SMP/Mta/SMPLB, SMA/MAN/SMALB, jeung

SMK/MAK dibéré pangajaran muatan lokal nu relevan, bisa dijadikeun ogé sumber inspirasi

pikeun sastrawan modern sangkan jadi bacaan anu boga kualitas hadé jeung relevan pikeun

dunya atikan, sarta jadi bahan apresiasi sastra. Ambahan Pangajaran Basa Sunda dumasar

kana Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD), pangajaran Basa jeung Satra

Sunda nu ngawengku opat aspék kaparigelan basa, nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca,

jeung nulis.

Dina SKKD pangajaran Basa jeung Sastra Sunda, pangaweruh anu kudu ditepikeun ka

siswa di tingkat SMP kelas VII di antarana ngaregepkeun pupujian. Pupujian bisa diriksa

ngaliwatan atikan formal di sakola. Pikeun lumangsungna pangajaran ngaregepkeun pupujian

di sakola, perlu dieuyeuban deui bahanna. Pupujian-pupujian anu aya di Pondok Pasantrén

Al-Barokah Bandung kacida merenahna upama diriksa, dianalisis, tur diajén

kalumangsunganana, sabab euyeub pisan ku bahan lenyepaneun anu patali jeung kahirupan

(4)

Suci Nurul Qori’ah, 2015

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Saméméhna ogé kungsi aya sababaraha mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

anu nalungtik Pupujian di patalikeun jeung bahan pangajaran pikeun murid sakola di antarana ku Didin Solehuddin (2012), medar masalah pupujian dina skripsina ngeunaan “Pupujian di Kampung Manis Désa Haurkuning Kacamatan Nusahérang Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP”. Panalungtikan ngeunaan pupujian anu dilaksanakeun di Pondok Pasantrén ogé aya, nya éta ku Abdurrahman Wahid dina taun 2014 kalawan judul ”Pupujian di Pasantrén Syafi‟iyah Al-Falah Desa Mekarjaya Kecamatan Bungbulang Kabupatén Garut”. Aya anu nalungtik ngeunaan téks jeung kontéks dina tésis nu disusun ku Rusmiati anu judulna “Manaqib Syéh Abdul Qodir Jailani di Kacamatan

Sukabumi, Kabupatén Sukabumi (Ulikan Sémiotik Téks jeung Kontéks)”.

Dikasangtukangan ku hal-hal sakumaha dipedar di luhur, ieu panalungtikan

dilaksanakeun. Dina sababaraha panalungtikan nu geus dilaksanakeun, katitén yén

panalungtikan anu nalungtik ngeunaan pupujian hususna di Departemen Pendidikan Bahasa

Daerah, anu nalungtik kana pupujian hususna ngulik kana téks jeung kontéksna can kapanggih. Ku kituna ieu panalungtikan anu judulna “Pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP Kelas VII (Ulikan

Semiotik, Téks jeung Kontéks) perlu diayakeun pikeun ngaguar pupujian nu kapanggih di

Pondok Pasantrén Al-Barokah, maluruh jeung nyusud kumaha eusi téks jeung kontéksna.

Lian ti éta, upama dipatalikeun ieu panalungtikan jeung SKKD, tangtu raket patalina.

Hartina, pupujian anu ditalungtik bisa dijadikeun alternatif pikeun bahan pangajaran

ngaregepkeun basa Sunda di SMP kelas VII.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, karya sastra Sunda téh kacida réana jeung

jembarna. Pupujian minangka bagian tina karya sastra perlu pisan ditalungtik. Sangkan ieu

panalungtikan bisa museur, masalahna kudu diwatesanan, kalawan dipuseurkeun kana

sémiotik, téks, jeung kontéksna. Ulikan sémiotik museur kana unsur sémiotik dumasar kana

tiori Charles SanderPeirce nya éta ngawengku ikon, indéks jeung simbol. Dina téks museur

kana deskripsi eusi téks. Sedengkeun ulikan kontéks museur kana pasualan tatacara

prak-prakanana, waktu katut barang nu marengan dina nalika nganadomkeun pupujian.

(5)

Suci Nurul Qori’ah, 2015

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun

dina wangun pananya ieu di handap.

a. Pupujian naon waé anu kapanggih di Pondok Pasantrén Al-Barokah?

b. Tanda ikon, indéks jeung simbol naon waé nu nyampak dina pupujian di Pondok

Pasantrén Al-Barokah Bandung?

c. Kumaha deskripsi eusi téks pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung?

d. Kontéks naon waé anu patali jeung pupujian di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung?

e. Kumaha wangun bahan pangajaran pupujian dina aspék kaparigelan ngaregepkeun?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung masalah-masalah anu geus dirumuskeun, tujuan umum dilaksanakeunana

ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngadeskripsikeun pupujian anu masih aya kénéh (hirup)

di masarakat.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun.

a. Ngainventarisasi pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung;

b. Maluruh ikon, simbol jeung indéks nu nyampak dina téks pupujian nu aya di Pondok

Pasantrén Al-Barokah Bandung;

c. Ngaguar sarta ngulik eusi téks nu aya dina pupujian anu kapanggih di Pondok Pasantrén

Al-Barokah Bandung;

d. Kontéks nu patali jeung pupujian nu aya di Pondok Pasantrén Al-Barokah Bandung; jeung

e. Ngalarapkeun hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun pupujian di

SMP kelas VII.

1.4Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh miboga sababaraha mangpaat, saperti nu dipedar di handap ieu.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh dina widang

sastra buhun, ngabeungharan analisis budaya Sunda hususna ngeunaan pupujian. Ogé bisa

dijadikeun référénsi pikeun kaperluan anu aya patula-patalina jeung ieu panalungtikan.

(6)

Suci Nurul Qori’ah, 2015

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta:

a. Pikeun masarakat, bisa mikawanoh sakaligus nambahan pangaweruh kana karya sastra

Sunda hususna anu mangrupa pupujian, tur bisa dijadikeun alat da‟wah Islam.

b. Pikeun siswa, bisa mikawanoh jeung ngainventarisasi pupujian nu aya di wewengkon

sorangan, upama diajar pupujian di sakola.

c. Pikeun nu nalungtik, bisa ngadéskripsikeun pupujian anu kapanggih ti Pondok Pasantrén

Al-Barokah Kacamatan Sarijadi Kota Bandung.

d. Mangpaat pikeun guru pangajaran, bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran waktu

ngajarkeun puisi pupujian di sakola.

1.5Raraga Tulisan

Raraga tulisan dina hiji panalungtikan miboga fungsi pikeun méré gambaran ngeunaan

léngkah-léngkahna. Anapon raraga panulisan ieu skripsi baris dijéntrékeun ieu di handap.

Bab I mangrupa bagian awal dina tulisan ieu skripsi anu eusina ngawengku kasang

tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan boh anu ngawengku

tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan boh anu ngawengku mangpaat

tioritis boh mangpaat praktis, jeung raraga panulisan skripsi.

Bab II ngajelaskeun ngeunaan rupaning tatapakan tiori anu ngawengku tiori folklor,

tradisi lisan jeung sastra lisan, pupujian, semiotik, téks jeung kontéks, katut pangajaran

ngaregepkeun.

Bab III eusina mangrupa métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan, kaasup

sababaraha komponén, saperti: a. Métode Panalungtikan; b. Téhnik Panalungtikan; c. Lokasi

Panalungtikan; d. Populasi jeung Sampel; é. Instrumen Panalungtikan; f. Desain

Panalungtikan; jeung g. Narasumber.

Bab IV eusina mangrupa hasil panalungtikan anu ngawengku déskripsi kaayaan

pupujian di Pasantrén Al-Barokah. Anapon dina pedaran, eusina ngadadarkeun analisis data

panalungtikan jeung nyusun bahan pangajaran pupujian di SMP Kelas VII.

Bab V eusina ngadéskripsikeun kacindekan jeung saran atawa

rékoméndasi-rékoméndasi pikeun panalungtikan saterusna. Kacindekan dina ieu panalungtikan ditulis

dumasar hasil analisis sémiotik, téks, jeung kontéks pupujian nu aya di Pondok Pasantrén

Al-Barokah Bandung. Saran atawa rékoméndasi disusun pikeun pihak-pihak anu patali jeung

(7)

Suci Nurul Qori’ah, 2015

PUPUJIANNU AYA DI PONDOK PASANTRÉN AL-BAROKAH BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII

Referensi

Dokumen terkait

Hasil dari model ini harus dievaluasi bersama dan secara berulang oleh “pemain sistem JKN”, seperti Kementerian Kesehatan (Kemkes) RI, Dinas Kesehatan Provinsi,

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.. R Agung Ismail

Supply Chain Redesign Transforming Supply Chains into Integrated Value Systems, Financial Times.. Prentice Hall, Clamshell

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Fakultas Pasca Sarjana. © Eri Yuningsih 2014 Universitas

Angket disebarkan ke 30 sampel SD Negeri (dipilih melalui prosedur sampling cluster) dari populasi 82 SD Negeri di Kecamatan Purwakarta. Adapun metode penelitian yang digunakan

Menurut Ranto (2007), kemandirian pribadi adalah kemampuan untuk mengandalkan diri sendiri dalam upaya untuk menciptakan lapangan kerja baru tanpa harus bergantung dengan orang

3 Saya berkeinginan untuk membuat sesuatu yang berbeda dari yang lain.. Saya berkeinginan memulai usaha karena bebas mengatur ritme kerja

Pertanahan Nasional Nomor 3 Tahun 1997 tentang Ketentuan Pelaksanaan Peraturan Pemerintah Nomor 24 Tahun 1997 tentang Pendaftaran Tanah sebagaimana telah diubah