• Tidak ada hasil yang ditemukan

Lampiran MATERI PEMBELAJARAN

N/A
N/A
Okeu Kusumawati

Academic year: 2024

Membagikan "Lampiran MATERI PEMBELAJARAN "

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

Lampiran

MATERI PEMBELAJARAN

PERKARA BUDAYA

Ku majuna téknologi jeung kamekaran jaman gedé mangaruhan kana robahna budaya.

Tapi masih kénéh aya sawatara daérah anu nyepeng kana tali paranti karuhunna séwang- séwangan, nyepeng pageuh adat kabiasaan karuhunna, upamana waé aya nu disebut Kampung Naga di Tasikmalaya, Kampung Dukuh di Garut, Ciptagelar di Sukabumi, jeung Kampung Cireundeu anu dibaca ku hidep di luhur. Jaba ti éta, masih kénéh réa budaya Sunda anu séjénna.

Budaya nu aya di unggal daérah di tatar Sunda ogé béda-béda. Sanajan sarua basa indungna basa Sunda, tapi basa Sunda nu dipaké di unggal daérah henteu kabéh sarua. Kitu ogé kasenianana nu kacida réana tur teu sarua di unggal daérah. Geura urang tataan sabagian, Sisingaan ti Subang, Kuda Rénggong ti Sumedang, Tarling Cirebon, Topéng Banjet ti Karawang, jeung réa deui nu séjénna. Sajaba ti kasenian, aya deui kadaharan, kayaning tahu ti Sumedang, tauco ti Cianjur, borondong ti Majalaya, dodol ti Garut, jeung réa deui nu séjénna.

Pakéan ogé loba nu nuduhkeun has daérah, kayaning motip batik nu teu sarua di unggal daérah. Loba daérah di tatar Sunda nu ngahasilkeun batik, kayaning Cirebon, Garut, Tasik, jeung daérah-daérah séjénna.

Basa, kasenian, kadaharan, nepi ka kabiasaan hirup sapopoé, upama ku urang dipaluruh kacida lobana tur pariasi. Beunghar pisan ku budaya bangsa urang mah. Sacara umum masarakat Indonesia ngabogaan rupa-rupa budaya. Béda-bédana budaya Indonesia téh lantaran bédabédana Sélér (suku) bangsa, ku lantaran kitu ti Sabang nepi ka Maroké budayana teu sarua. Kitu ogé masarakat Sunda, ngabogaan budaya nu teu sarua jeung masarakat séjén.

(sumber: Pamekar Basa) ADAT ISTIADAT

Sélér bangsa naon waé jeung dimana waé ayana tangtu ngabogaan budaya séwang- séwangan, sakapeung méh sarua, sakapeung béda pisan. Rupa-rupa kacirina téh. Upamana tina pakéanana, kaseninanana, kadaharanana, wangun imahna, jeung adat-istiadatna.

Ari ngurus orok jaman behula tangtu bakal béda jeung ayeuna nu sarwa lengkep jeung moderen. Baheula mah estu pakakasna gé sarwa basajan, boh pakakasna boh cara ngurusna.

Baheula mah réréana nu ngalahirkeun diurusna ku paraji. Ayeuna mah ilaharna ku bidan atawa dokter, komo mun di rumah sakit mah pakakasna gé meuni sagala aya. Tapi di sawatara daérah boh di kampung boh di kota.

Cara ngurus orok mimitina mah sok dipapagahan. Anu mapagahanana biasana mah paraji. Sanggeus ngurus nu ngalahirkeun, biasana paraji gé ngurus orokna. Sajeroning ngurus orok, paraji méré conto jeung mapagahan ka indungna orok, pangpangna dara, nu can boga pangalaman ngurus orok, da munggaran pisan.

Ari anu dipapagahkeunana saperti cara ngamandian, cara ngabedongna, cara ngamongmongna, jeung nepi ka marancahanana. Lila-lila indung orok téh jadi biasa. Lamun orok heuay kudu téh sok dihalangan sungutna ku ramo, bari ngucap “sup baju ka kurungan.

Lamun orok sisidueun sok geuwat dijawab rada digebah, bari ngucap “maling cikur”.

Lamun masih sisidueun kénéh, éta orok sok digebah deui bari nyarita “maling jahé”. Lamun orok tuluy baé sisidueunana, sok ditapelan pucuk daun seureuh, atawa rambu samak di antara halisna.

Baheula mah ngubaran orok nu sisidueun téh ku reuwas, nya éta ku cara digebah sangkan reuwaseun. Kumaha ari ayeuna? Tangtu teu sarua, ngan sabagian aya nu sok ngalaksanakeun éta kabiasaan. Malah teu kurang nu hasil. Orok eureun tina sisidueunana. Ari sisidueun téh alatan katiisan. Kiwari mah sok langsung waé awak orok téh dibalur ku kayu putih atawa minyak tawon sangkan haneut.

(2)

Lamun orok beresin sakali, sok ditembalan ku indungna ku ngucap “ceng sawan”. Lamun ngadua kalian beresinna, sok ditembalan ku indungna “hurip waras”. Nya kitu deui lamun orok kabesékan, ku indungna sok ditémbalan, pokna téh: “bong-bong jalan ka gedong”.

Palebah orok katerap panas tiris atawa ceurik teu pupuguh, pangheula-heulana dibura ku panglay, dipupuk ku gegejok jeung sawanan.

Kumaha di daérah hidep. Masih kénéh aya nu ngurus orok samodél conto di luhur? Sigana kiwari mah geus langka anu ngalakukeun kabiasaan saperti éta téh. Tapi upama aya, naha sarua jeung nu dicaritakeun di luhur? Naon bédana?

Meneran budakna lalaki. Kitu deui geus nincak mangsa nu meujeuhna disundatan ogé teu leupas tina adat kabiasaan. Di urang nepi ka kiwari geus jadi kabiasaan, lamun aya budak lalaki disundatan atawa dihitan sok diayakeun raraméan.

Gedé leutikna acara raraméan mah gumantung kana karep jeung kamampuh kolotna.

Baraya indung bapana, ti nu jauh ti nu deukeut, biasana daratang. Nyambungan atawa mantu-mantu pagawéan. Kitu deui tatangga-tatanggana nu dareukeut. Komo lamun sukuran hitanan téh dibarengan ku pagelaran kasenian.

Keur nu salametan rada rongkah mah, saméméhna budak disunatan téh sok dibawa hélaran, dina iring-iringan seni kuda rénggong mun di Sumedang, atawa sisingaan mun di Subang. Tapi di daérah séjén gé sok rajeun aya nu nanggap kuda rénggong atawa sisingaan, ngahaja ngadatangkeun.

Budak nu rék dihitan téh katingali gagah tur gandang. Pakéanana ngempur hurung- hérang. Sajajalan dipirig ku tatabeuhan kendang penca, ditarompétan, diigelan, sorana kadéngé ka mana-mana. Beuki lila aleutan téh sok beuki panjang jeung beuki ramé.

Katambah-tambah ku barudak nu kaliwatan sapanjang jalan, dibarung ku surak éak-éakan.

Kiwari mah di daérah pakotaan geus langka nu ngaréncéng-réncéng budak nu disunatan modél baheula téh. Ayeuna mah dina ayana gé langsung waé di gedong nu meunang nyéwa.

Kitu ogé keur nu loba diut. Ari nu basajan mah cukup ku siduru isuk waé. Disundatanana gé baheula mah masih kénéh ku paraji, nu sok padanyebut béngkong. Ari paraji tukang ngurus nu ngalahirkeun mah disebutna indung beurang.

Kiwari gé kétang teu kurang nu ku paraji. Umumna nyundatan di pakampungan mah masih kénéh ku paraji. Di kota mah kolot budak nu disundatan téh aya nu ngangkir dokter ka imah, tapi réa ogé nu ngahaja datang ka tempat praktékna.

Kitu ogé dina mangsana kawinan. Prak-prakan upacara ngawinkeun di unggal daérah tara leupas tina adat istiadat. Ngan unggal daérah béda-béda. Lamun upacarana dibarengan ku kaseian, kasenianana ogé béda-béda. Aya wayang golék, wayang kulit, jaipongan, degung, tarling, atawa kasenian séjénna. Éta kabéh diayakeunana sabada acara nu poko, nya éta acara walimahan.

Salahsahijina upacara nyawér pangantén. Ieu ogé kagolong adat kabiasanaan atawa tradisi. Sabada dirapalan, pangantén téh diréndéngkeun dina korsi di buruan. Dipayungan ku payung hias, husus paranti upacara. Tuluy disawér.

Nyawér téh saenyana mah mapatahan atawa nganaséhatan pangantén, tapi bari ditembangkeun. Disaksian ku saréréa, sakur nu hadir, kolot budak.

Bari tembang, tukang sawér téh kadang-kadang ngawurkeun béas tina bokor, campur jeung duit logam, jeung konéng meunang ngeureutan. Ngawurkeunana kana payung upacara téa. Sora béas patingparalak. Duitna marurag, patinggorolong. Barudak parebut, pahibut mulungan duit. Upacara nyawér mah biasana didaragoan, pangpangna ku barudak. Ramé ari upacara nyawér mah, ramé ku nu marulungan duit, ramé ku nu saleuseurian, nimbulkeun rasa gumbira.

Dangdanan pangantén téh béda ti sasari. Didangdanan ku papakéan husus nu ngahaja meunang milih tukang rias. Nepi ka kiwari ogé rupa-rupa upacara pangantén diparaké kénéh di unggal daérah. Baju pangantén di unggal daérah ngabogaan ciri has séwang-séwangan.

Dipakékeunana baju pangantén téh pikeun ngabédakeun jeung nu séjén. Tamu nu datang gé sok langsung apal, nya di antara cirina téh baju pangantén téa. Pangantén dina poé kawinan mah jadi raja. Ari raja mah umumna sok maké papakéan nu béda ti nu séjén.

(3)

Sarua unggal daérah gé, adat kabiasaanana teu jauh ti kitu. Nya di sagédéngeun pikeun ngareuah-reuah, ogé pikeun ngamumulé adat budaya karuhun.

(Sumber: Pamekar Basa)

(4)

Lampiran 2

LEMBAR KERJA SISWA (LKS-1) (BAHASAN TRADISI SUNDA) Kompetensi Dasar

3.1 Menganalisis isi, struktur dan aspek kebahasaan teks bahasan tradisi Sunda.

Indikator Pencapaian Kompetensi

1. Menyebutkan bagian-bagian Bahasan dengan sistematis dan benar

2. Menjelaskan langkah-langkah membuat Bahasan dengan cermat dan banar

3. Menyimpulkan isi Bahasan dan kaidah-kaidah penulisan Bahasan dengan teliti dan benar 4. Menulis amanat Bahasan dengan tepat dan benar.

Tes Pengetahuan

Ieu di handap wacana pedaran ngeunaan Kampung Cireundeu karya Ari Andriansyah.

Pék baca ku hidep kalawan gemet nepi ka paham eusina!

Kampung Cireundeu

“Wilujeng Sumping di Kampung Cireundeu Rukun Warga 10”, aksara latén jeung Sunda Kuna natrat dina gapura, mapag léngkah basa mimiti anjog ka tempatna téh. Padumukan katangén suhunanana, mudun ka handap. Da puguh kampung téh pernahna di léngkob, handapeun sélér Gunung Kunci, Ciménténg, Gajahlangu, jeung Sayangkaak. Paeunteung- eunteung deuih jeung urut TPA Leuwigajah nu kungsi maragatkeun puluhan jiwa.

Pernahna mah di Kalurahan Leuwigajah, Kacamatan Cimahi Selatan, Kota Cimahi.

Kaitung jauh ti puseur Kota Bandung mah, kira-kira 40 km laju ngulon. Merlukeun waktu perjalanan 1,5 nepi ka 2 jam. Éta gé lamun ngagunakeun kandaraan pribadi, sedeng kana umum mah leuwih lila ti sakitu. Da puguh kudu sababaraha kali ganti angkot. Ti Leuwipanjang mah naék angkot nu ka Cimahi, laju naék deui jurusan Cimahi-Leuwigajah, terus jurusan Cimahi-Cangkorah, jeung ditung tungan ku naék ojég sangkan nepi ka nu dituju.

Sabéngbatan mah Cireundeu téh prah baé kawas kampung séjénna. Lebah kamekaranna gé sarua. Imah témbok ngajarengléng, atuh télévisi, radio, hapé, jeung barang éléktronik séjén gé geus lain barang anéh.

Dina widang atikan gé kaitung maju, wuwuh réa nu sakola ka paguron luhur. Cindekna, tingkat ékonomina geus lumayan maju. Ngan nu matak narik, lian ti masarakatna masih kénéh nyekel pageuh tatali tradisi, kadaharan pokona gé lain béas, tapi sampeu (manihot esculenta crautz).

Nurutkeun katerangan, masarakat Cireundeu mimiti ngonsumsi sampeu ti taun 1918, mangsa Walanda keur ngajajah kénéh. Cenah, harita Cireundeu ngalaman paila nu matak nalangsana.

Pikeun ngungkulanana, salah saurang sesepuh kampung néangan tarékah, nu satuluyna meunang pituduh sangkan ulah ngadahar kadaharan tina béas. Nya nyobaan ganyol, taleus, jeung hajeli pikeun gantina. Tapi teu kuat lila, nu antukna pindah kana sampeu nepi ka kiwari. Pantes rék kituna téh, da puguh Cireundeu mah wewengkonna kurang cocog pikeun nyawah. Malah cenah lamun melak paré, komo nincak katiga, sok gagal waé, cai téh ngadak- ngadak saat.

Teu nanaon teu boga huma asal boga paré, teu boga paré asal boga béas, teu boga béas asal ngéjo, teu ngéjo asal ahar, teu dahar asal hirup, mangrupa palsapah Cireundeu dina mertahankeun hirup ku jalan néangan alternatif kadaharan pokok (béas) ku sampeu.

Mémang ngadahar sangu lain pantrangan, tapi wuwuh geus jadi kabiasaan kana sampeu, cenah, kiwari masarakatna loba nu jarijipen, malah loba nu nyareri beuteung lamun geus ngadahar sangu téh.

(5)

Sanggeus hidep maca pedaran ngeunaan Kampung Cireundeu di luhur, pigawé ieu pancén di handap.

1. Kecap-kecap naon waé nu teu dipiharti? Pék catet sarta paluruh hartina dina kamus!

...

...

...

...

...

...

2. Sawalakeun jeung babaturan hidep, perkara naon waé anu aya dina téks pedaran Kampung Cireundeu di luhur?

...

...

...

...

...

...

3. Hal naon waé anu nimbulkeun rasa kapanasaran atawa teu ngarti sanggeus maca éta wacana, cing tuliskeun éta kapanasaran téh dina wangun kalimah pananya, tuluy sawalakeun jeung babaturan!

...

...

...

...

...

...

4. Naon ari bahasan téh?

...

...

...

...

...

5. Naon waé léngkah-léngkah dina nyieun bahasan tradisi?

...

...

...

...

...

6. Tuliskeun komentar hidep kana basa nu dipakéna dina bahasan Basa, Kasenian, jeung kahirupan Sunda.

...

...

...

...

...

7. Naha hésé kaharti, babari kahartina, loba salahna, atawa samasakali teu kaharti jeung teu nyaho lebah mana nu salahna?

...

...

...

...

...

(6)

8. Kumaha cara nepikeun (sistematika) eusi dina bahasan Basa, Kasenian, jeung Kahirupan Sunda, ngaguluyur (runtun) atawa henteu? Cing tuduhkeun contona!

...

...

...

...

9. Merenah henteu judul eta bahasan téh? Upama teu merenah pék ganti, tapi tuliskeun naon alesan hidep!

...

...

...

...

Referensi

Dokumen terkait

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta téhnik tés. Téhnik tés dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nyangking data boh saméméh boh

Saluyu jeung pamanggih Suyatna (2002: 14) anu nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif téh nya éta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dasar dina cara

Ku kituna, panalungtikan anu judulna ”Wangun Kalimah Singget Basa Sunda dina Majalah Manglé: Tilikan Adegan jeung Semantik” dilaksakeun. 1.2

mah anu dipaluruh téh perkara biografi pangarang ngaliwatan pamarekan sosiologi sastra anu dipatalikeun jeung fakta carita dina éta novel. Ieu panalungtikan béda

tujuh unsur kabudayaan téh nya éta aya dina wangun babasan jeung paribasa.. Babasan mangrupa salah sahiji sélér tina pakeman basa nu nyampak dina

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta téhnik tés. Téhnik tés dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nyangking data boh saméméh boh

Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, tujuan umum dina ieu panalungtikan téh nya éta pikeun maluruh struktur jeung ajén étnopédagogik dina.. Wawacan Jalalana, sangkan

Saperti anu geus dipedar dina wangenan istilah yén ari istilah téh nya éta kecap atawa kantétan kecap anu kalawan gemet ngagambarkeun harti hiji konsép, prosés, kahanan,