• Tidak ada hasil yang ditemukan

PERLUNA PARA RUMAJA NGAMUMULE BASA SUNDA

N/A
N/A
Irma Mulyati

Academic year: 2024

Membagikan "PERLUNA PARA RUMAJA NGAMUMULE BASA SUNDA"

Copied!
1
0
0

Teks penuh

(1)

PERLUNA PARA RUMAJA NGAMUMULE BASA SUNDA

Assalamualaikum Wr. wb.

Mangga urang panjatkeun puji sareng sukur ka Allah SWT. Solawat sareng salam mugi tetep dilimpahkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad saw, ka kulawargana, ka para sahabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna tug dugi ka ahir jaman.

Girang pangajen Pasanggiri Biantara Basa Sunda sareng panitia nu ku simkuring dihormat.

Ibu/bapak, saderek sadaya, sareng rerencangan rumaja nu ngiringan lomba biantara anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, anu ku simkuring dihormat. Dina waktu ieu simkuring baris medar biantara anu judulna : PERLUNA PARA RUMAJA NGAMUMULE BASA SUNDA DINA RARAGA NGAMEKARKEUN BUDAYA NASIONAL.

Para saderek sadayana.

Unggal bangsa di dunya tangtuna oge boga basa masing-masing anu dijadikeun alat pikeun ngayakeun hubungan antara hiji jelema jeung jelema sejenna dina hirup kumbuh sapopoe. Ku alatan basa jelema bisa muaskeun kabutuhan senina ku jalan ngareka basa sangkan

nimbulkeun ajen seni. Ku sabab basa jelema bisa nambahan pangaweruh jeung

ngamekarkeun pikiranana. Basa oge mangrupakeun ciri mandiri hiji bangsa. Dina basa kasimpen kabudayaan hiji bangsa. Tegesna mah basa teh nunjukkeun hiji bangsa.

Urang sadaya parantos maphum yen nagara Indonesia teh ngabogaan adat, suku, basa, agama, jeung tata kahirupan anu beda-beda di unggal tempat. Alhamdulillah ku ayana Pancasila anu mangrupakeun dasar nagara jeung palasipah nagara, sanajan beda-beda kabudayaan jeung tata kahirupan oge tapi tetep dina hiji beungkeutan, Negara Kesatuan Republik Indonesia anu ngabogaan motto Bhineka Tunggal Ika.

Salah sahiji unsur tina budaya teh nyaeta basa. Basa Sunda jeung budaya Sunda

mangrupakeun hiji hal anu raket pisan hubunganana anu teu bisa dipisahkeun jadi sewang- sewangan. Lamun urang nyaritakeun basa Sunda hartina urang nyaritakeun budaya

Sunda.Sanajan nagara netepkeun basa Indonesia jadi basa nagara, tapi basa daerah tetep dipiara jeung dimekarkeun ku nagara. Atuh rahayatna mah dikudukeun pisan. Basa daerah ku nagara dijadikeun alat pikeun ngamekarkeun jeung ngadukung budaya daerah, alat pikeun ngarojong basa nasional, jeung jadi basa panganteur di sakola dasar. Di daerah sorangan basa teh mangrupakeun lambang kareueus daerah, ciri daerah, jeung alat komunikasi dina

kulawarga jeung masyarakat daerah. Salah sahiji cara pikeun nanjeurkeun kabudayaan daerah diantarana ku jalan ngamumule basa Sunda, babakuna mah ku para rumaja.

Basa Sunda teh milik urang, milik urang Sunda, milik nagara Indonesia. Maju mundurna basa Sunda, mekar henteuna basa Sunda gumantung ka urang, para rumaja.

Mung sakieu biantara ti simkuring. Hapunten pami aya cariosan anu kirang merenah dina manah. Hatur nuhun ka sadayana.

Assalamualaikum Wr. wb.

Referensi

Dokumen terkait

Jadi, média Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda, nyaéta média nu digunakeun dina Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda, anu ngawéngku alat bantu guru dina ngajar jeung

Sukabum i teh, dina sapopoena ge teuw eleh cacarita. ku B asa Sunda jeung ngajarkeun

Kalimah demi kalimah diregepkeun ku hadirin, Rada direumbeuy ku heureuy jeung ngiritikleutik ka nu sok rada tibabaragug nyarita ku basa Sunda,.. Bianlara Gupernur teh ku Basa

Ieu panalungtikan dikasangtukangan ku handapna kamampuh undak-usuk basa Sunda siswa dina pangajaran basa Sunda. Dumasar kana masalah jeung tujuanana, didéskripsikeun

Standar Kompeténsi Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda tujulna kana hakekat pangajaran basa, yen diajar basa téh nya éta diajar komunikasi, ari diajar sastra nya éta

Patalina jeung upaya mekarkeun bahan pangajaran Basa jeung Sastra Sunda berbasis karakter nu sumberna tina ajén-inajén karakter nu kakandung dina paribasa Sunda,

Tah, sangkan hidep terang, kumaha urang lembur miara budayana, dina ieu pangajaran aya sababaraha tulisan anu medar éta perkara; Kampung Budaya Sindangbarang, kabiasaan urang Sunda anu

- Awug nyaéta kadaharan khas urang sunda anu dijieunna tina tipung beas, tipung ketan, gula beureum, kalapa parud jeung bentukna krucut.. - Papais nyaèta hiji nami katuangan anu didamel