nyanggakeun tabe kaula bari piunjuk sakali.
149. Kiai Patih geus mangkat
tugas dawuh amit ti payun gusti ka Kanjeng Asisten cunduk enggal patih unjukan
sakumaha rasiah tadi kasebut Tuan Asisten lahima
geuwat tangkep ku den Patih.
150. Eta si Suradireja
jeung asupkeun bae ka jero bui nya eta pariksa jauh
jeung neangan katrangan
sarta jieun proses perbalna nu baku carita saksi-saksina
mangke dihukumkeun adil.
//
151. Den Patih tabe ka tuan
prantos mios ti loji gadag gidig cara tumenggung malayu Kalana Jayajatra
segut manggut anu arek nempuh musuh diiring kopral pacalang
sarawuh para pulisi.
152. Suradireja kasampak
di imahna eukeur nguruskeun mayit kaget pulisi bet ngabrul
rasuh Aria Patya
Suradireja ngadegdeg bawaning gugup beungeut pias teu getihan
badan kanyos kawas mayi t.
153. Dawuh Patih ka Ki Sura
maneh Sura kudu nyandang tatali
ku kami ditangkep kudu tim balan Dalem Bupatya
reujeung dawuh Tuan Asisten di Bandung sabab maneh boga dosa
ngaracun nepi ka mati. 154. Surapati gabrug newak
jeung Ki Suralaksana kopral deui jeung Surentempuh Pakewuh kopral Astana Anyar
ku tiluan Suradireja digugulung disered ka pangbuian
Suradireja jebeng ceurik. 155. Mayit Asmah dipariksa
ku Sang Tuan Dibben doktor nagari nyata eta teh diracun
baruangna dikompa
//
diubaran ku landong nu matih es tu pamaeh kana baruang
Nyi Asmah di rumah sakit. 156. Bawaning pinter doktoma
mayi t tadi ayeuna hirup deui meh-mehan cilaka terus lamun teu kaburu mah
nyai Asmah paehna di jero kubur da geus sadia pasaran
liang kubur geus tarapti. 157. Kira dina dua bulan
Nyai Asmah bet bisa cageur deui Suradireja tunggu hukum
tangtuna ge dibuang
ayeuna mah di jero bui ngaringkuk nalangsa sarta sangsara
jamedud jeung mucung budi.
VII. Pupuh Pucung
158. Demang Jaksa mucung budina jamedud hal Suradireja
ditangkep teu mere nyaho
henteu terang-terang acan perkarana.
159. Malah waktu Ki Sura bade dihukum Raden Demang Jaksa
teu widi jadi asisor
sabab wargi nya eta ka pasakitan.
160. Mindel manah ka Aria Patih tangtu najan ka bupatya
sumawonna ka asisten
henteu ngeunah tina teu dibawa-bawa.
161. Samalahan Demang Biskal jadi bendu dina bade landrad
geus saged batik jeung bendo didawuhan ku asisten kudu mulang.
162. Demang Biskal tangtu bae nyimpen kolbu salamina dendam
ka koleha nu gegeden
geus jamakna kapala kitu jalanna.
163. Ayeuna teh urang aya deui catur kembanging carita
tunggal dahan-dahan keneh
tina pancer
//
galur lalakon Munada.164. Kanjeng Dalem Adipati nu kacatur di Bandung nagara
kagungan putri ku aheng nu jatnika endah taya sasamina.
165. Geulis luis ampuh lungguh sarta lucu teu aya tandingna
estu punjul ti sakabeh
saderekna sadaya kawon cahyana. 166. Agan putri saestuning ayu punjul
ngider di rat jagat tangtu moal mendak bae
anu endah geulis kawas putri eta .
.
167. Sarat Bandung Priangan ge moal nimu kageulisanana
lir Dewi Rengganis bae
anu endah direngga ku mamanisna. 168. Rea raja satria anu kaduyung
nu hoyong ka agan putri anu langkung aheng kaendanan ku peta polah juwita. 169. Nu jenengan agan putri Ratna Ayu
gan Raja Pamerat
nu mancur cahaya ngencong
raray bodas kawas bulan lima welas. 170. Cek sawareh Dewi Ratih anu turun
ti sawargaloka ratu wedadari kabeh
di kahyangan Sanghiyang Guru Manikmaya. 1 7 1 . Geulisna teh turunan ti bu den ayu
den Biol Kusumah disarebat empuh ongkoh
nu bumina asal ti Cipatik Rongga. 172. Putra Raden Ayu Biol aya tilu
putri Raja Pamerat teh
kaduana Surya Kartahadiningrat.
//
173. Nya Kumetir di Cianjur nu kasebut tadi diwiwitan
jeung aya deui saderek
katiluna Raden Kusumah Dilaga.
174. Jadi pangkat Kumetir Kopi di Bandung dedeg segut pisan
godeg galing langkung aheng
rumbah bapang muriding matak kasima.
175. Estu segut meh taya banding di Bandung ana keur tatandang
estu teu aya nu nendeng
pangpunjulna menak anom anu gandang.
176. Ramana teh nya Kanjeng Bupati Bandung Dalem Karang Anyar
Rahaden Adipati teh
Wiranata Kusumah bupati kongas.
177. Kakocapkeun Kajaksan girang kamashur aya kraton endah
perbuatan langkung aheng
enya eta karatonna Demang Biskal.
178. Raden Demang Mangunagara nu mashur ponggawa binekas
anu kagungan kraton teh
cinta manah birahi ka putri endah.
179. Kaedanan gandrung-gandrung kapirangu gan Raja Pamerat
nu geulis katingal bae
sang mustika pupujan di pajuaran.
180. Dina manah ngarep-ngarep sarta maksud hoyong kapiduryat
agan putri jadi jodo
da karaton padaleman geus sadia. 181. Sugan-sugan nya awak kauntun tipung
laksana ka juag anu denok kapijodo
lah mustika agan dunungan pun kakang.
//
182. Saban-saban keur ngawayang di kadatun di kanjen g bupatya
atawa ngersakeun nopeng atanapi nuju eukeur ngabadaya.
183. Demang Biskal nepangan emban di pungkur Nyai Emban Marmah
jeung Nyi Em ban Ambu Juhe pangatikna gan putri Raja Pamerat. 184. Lahir Demang Jaksa em ban maneh sukur
tepang reujeung kula ieu teh kula mihape
hiji surat dieusi uang karetas.
185. Pangnyanggakeun ka agan putri retnayu den Raja Pamerat
poma kudu rikip maneh ieu surat eusina saratus perak.
186. Cek Bi Marmah sareng Ambu Juhe nuhun seja mangga pisan
rek disanggakeun ka enden
tangtos bungah nampi serat ti gamparan. 187. Dawuh Demang Jaksa bibi atuh nuhun
pangdong (kang) keun pisan
ka agan ieu serat teh
keur bibi mah ieu persen dua pasmat. 188. Cek Nyi Marmah gamparan geura ka payun
itu gulang-gulang
Bapa Kiwud jeung Pa Tuheng
godeg jembros sarta anu pangbengisna. 18 9. Dem ang J aksa gura-giru pek ka payun
senang mamanahan sanapsuna budal kabeh
dina surat dikarang ku guguritan.
190. Dua emban Marmah Ambu Juhe bingung
auy kuma petana
//
ieu surat ti jaksa teh
da urang mah teu wani nyanggakeun inya. 191. Mun ku urang disanggakeun ka gan ayu
urang teh cilaka
dilaporkeun ka pagusten moal salah urang dibui dibuang.
192. Cek Nyi Marmah ayeuna mah lamun rempug hayu urang buka
surat disewek kerewek
ana beh teh dua lam bar uang kertas. 193. Salem barna haregana lima puluh
tah euy eek Nyi Marmah lima puluh keur Bu Juhe
nu salambar lima puluh ajang urang. 194. Ari lapor ka Demang Jaksa sing rempug
paran tos eek urang
geus disanggakeun ka enden dawuh rayi nya puji alhamdulillah.
195. Urang nyieun roko torosna nu al us make diseungitan
ku kayu garu roko teh
jeung torosna ulas ku minyak kananga.
196. Prantos rempug duaan em ban rek nipu enggaling carita
teu lami pek nanggap topeng
topeng Cerbon ngaranna Garn buh Asmara.
197. Geus karumpul patih sareng den pangulu Raden Man tri Besar
Demang Jaksa prantos jogo sakumaha biasa nu ngadeuheusan.
198. Demang Biskal nyalindung deui ka pungkur nepangan nyi em ban
Bibi Marmah Ambu Juhe
pek nyanggakeun toros roko ka juragan. //
199. Pok Nyi Marmah ieu roko teh kahatur ti rayi gam paran
gan putri juwita anom
dupi serat jeung uang alhamdulillah.
200. Lahir Raden Demang Jaksa langkung sukur ari geus kacandak
serat ku juag nu aheng
jeung uangna kertas nu saratus perak.
20 I. lyeu aya deui serat sing kahatur di jero amplopna
nya uang keneh karetas
eusina teh dalapan puluh rupia.
202. Em ban nyembah nampi serat pek disuhun atohna kacida