61. Kakocapkeun Munada geus nepi ka Limbangan ka Ki Mas Wa_dana barang beh dihorrnat gede calik papayun-payun diamparan paramedani ngarotna ge satata tuangna ny a kitu saparan tos dijam una
Ki Munada nyanggakeun serat pertawis kanjeng asisten tea.
62. Pek diaos ku ki jurutulis da wadana henteu yasa maca jurutulis ngaosna teh
bedas sarta kadangu ku wadana eusining tulis ungelna eta surat
genep munding kudu hu kabiri sakabehna
hade bikeun ka ieu Munada gasik dipiwarang dijual.
63. Ari wasta wadana di distrik Mas Arsaen harita wastana asal urang Bandung keneh kana aksara luput
sumawonna kana nulis nandana tapak jalak kruis enggeus baku Mas Muhaen teh camatna eta oge kana aksara teu ngarti sami bae jeung wadana. 64. Kai Kopral ngaranna Artasim
taram oge kana angka ku patlot make dilamot campur jeung luah ciduh
jagasatruna kawarti ngaranna Ki Muhasan kabayan kasebut
ngaranna Kai Nurwiyan
//
sadayana sami henteu bisa nulis nu bisa mung jrutulisna.
65. Geus kahartos salebeting tulis
lahir Ki Mas Wadana he kakang mangga geura nyandak bae ku anjeun tuh di ditu
dina kandang saratus munding lalintuh sadayana
taya anu kuru
Ki Munada enggal ngejat
buru-buru milih genep nu kabiri lintuh hideung sadaya.
66. Kubawaning lintuh eta munding
mani datar tonggongna teh rata pageuh la.mun neundeun endog pupundakan ngahunyud kawas banteng jarah nu bengis langkung atoh Munada
rasana teh timu
teu boga rasa ngahutang
sumawonna mun boga ingetan pikir yen mangke bakal mayar.
67. Malah-malah ingetanna iblis
lelang oge teu niat dibayar karepna teh arek ngencod enggalna munding payu tilu ratus rupia leuwih ngajualna ka jagal
teu dongkap ka Bandung eureun di sajalan-jalan
maen kartu di Cigunung Agung le dis
eleh salawe perak.
11
68. Majeg ronggeng ngaranna Nyi Oyi demplon montok mohmoy kulit bodas ronggeng kaetang nu sae
sapeutingna teh sapuluh opat ringgit teu kurang deui rasana eukeur beunghar pependeman timu sumawonna udud madat
henteu eureun memang eta teh kabeuki kitu lampah Ki Munada.
69. Dina Warung Peuteuy eureun deui tuluy maen jeung batur-baturna dinya kawon deui bae
meh seep lima puluh tapi taya semu gimir sumawon ringrang manah Munada nu nyucud
pek leumpang atrok-atrokan
ka Banjaran Kopo Rongga Cisondari Ciparay jeung Majalaya
70. Prantos lami ngadeuheusan gasik ka paduka tuan Nagel enggal mando payuneun asisten Kanjeng Asisten nyaur he Munada (mana eta) duit ladang mun ding urang anu tilu ratus
kadieukeun geuwat-geuwat
urang pake mayar lelang sangkan bersih
71. Ki Munada myembah honnat tadim kaulanun duduka gamparan
mugi ulah bendu bae munding teh tacan payu engke oge tan wande gasik kasanggakeun sadaya uang tilu ratus
saprantos pajeng mundingna
gamparan teh mudi montong semang galih sing percanten nya manah.
72. Dawuh Kanjeng Asisten nu manis he Munada lamun kitu eta
kudu jual age-age jeung deui kami mundut galeuheun kuda jeung munding baris narik kareta
bager di Cinunuk
reujeung di pos Sindanglaya reana teh kira dua belas munding jeung dua welas kuda.
73. Haregana kumaha paranti sabiasa nu katukang-tukang Ki Munada nyembah walon nun dawuhan kasuhun unjuk sumangga sim abdi numutkeun katimbalan sakumaha dawuh saren g m ugi aya jiad
pangestuna kuda munding enggal kenging sapamundut -gamparan.
74. Ki Munada prantos nyembah pamit enggeus indit ti payunan tuan
11
ngagidig ti loji leos barina mikir tipu
tipu muslihat nu matih ku hayang deui meunang anu gede untung
nipu ka tuan kawasa
Tuan Nagel Asisten Residen nagri Munada kanti heula.
IV. Pupuh Kinan ti
75. Kanjeng Asisten kacatur
tuan Nagel anu wingit yuswana sedeng nonoman dedeg lenjang slira ramping cam bang seden g rum bah n �m bat parangi lemes tur manis.
76. Teu kagungan nyonya baku
nyonya anu prantos kawin salamina bubujangan kadang-kadang ari wengi sok nyelir oge wanodya istri anu budi manis.
77. Ari dina hiji waktu
mundut ka kanjeng bupati hiji ti kraton seliran tapi ulah ganti-ganti sina matuh bae eta hiji selir anu geulis.
78. Wastana henteu disebut
eta selir anu hiji
seliran kanjeng bupatya disaur ari keur wengi ti beurang di kenyapura wengi disaur ka loji.//
79. Teu beunang kersa yang agung 18 titis tulis nu sajati
kersana Allah taalah geus ditulis ti ajali
ayeuna mung bukti nyata nyi selir jadi mutiktrik. 80. Bobot prantos lima santun
tetela lamun dieusi Kanjeng Tuan sasauran nepangan Kanjeng Bupati ayeuna kuma petana rehna eta nyi mas selir.
81 Bet dikersakeun yang agung
ku Gusti Allah nu rahim geuning aya kajadian di jero beuteungna sidik melendung dieusi budak kajadian beunang mesin
82 Dalem ngawalonan imut
salahiran Tuan tadi eta henteu pisan lepat
yaktos dijro beuteung eusi kajadian mesin Tuan
memang ayeuna geus yakin. 83. Ayeuna kula miunjuk
kumaha nu dipigalih perkawis eta seliran engke upama geus bijil geus babar kaluar budak kumaha nu dipigalih. 84. Bade diangken saestu
dipiara ku gamparan atanapi kuma galih kaula seja ngiringan ku sobat nu dipigalih. 85. Aiss ten Nagel teh im u t
niat kula dina pikir kula teh moal miara ka eta budak nu bijil tangtu kaula teh era da kaula tacan kawin. 86. Ayeuna upama rempug
sareng Raden Adipati
selir teh sumangga
//
tikah 19upami engke geus lahir eta angk.en putra sobat kitu lamun rujuk galih. 87. Kanjeng Bupati ngawangsul
mun kitu rem pug teh teuing mangga ku kula ditikah sartana mangke mun lahir diaku putra kaula
sarta jadi ahli waris. 88: Dua pangageng geus akur
badami pran tos ngajadi tinya lajeng tatabean Asisten mulih ka loji Kanjeng Dalem madaleman dipapag ku prameswari. 89. Parameswari miunjuk
tadi teh dalem badami jeung tuan asisten lila naon anu dipilahir
dibarempagkeun ku tuan abdi seja hoyong nguping.
90. Geus lenggah dalem teh nyaur
he eulis parameswari tadi teh lahiran tuan selir anu sok diangkir ayeuna bet kakandungan ngabendeyang enggeus buncir.
91. Duh gamparan atuh sukur
lahiran parameswari saladina abdi niat
miunjuk ka kanjeng gusti tina hal eta seliran bobotna prantos katawis.
92. Ayeuna prantos kabitur
ku kanjeng tuan pribadi sinareng prantos barempag abdi ngiring suka galih mangga tikah ku gamparan
lajeng disaur nyi selir.
//
93. Selir dongkap mando tungkul 20
dawuhan parameswari naha maneh eta enya bet beuteung siga mutiktrik teu hed geus sabraha bulan jeung rupa maneh teh lus.
94. Nyi selir nyembah piunjuk
kaulanun abdi gusti teu palangan lima bulan kulit beuteung geus tararik saren g sanes raraosan yaktos reuneuh jisim abdi.
95. Nyaur deui nyai ratu sukur teh kaliwat saking maneh teh reuneuh ku saha anu karasa ku diri
nyi parekan ngawalonan sumuhun dawuhan gusti.
96. Taya sanes anu estu
any karaos ku abdi nya eta ku kanjeng tuan Asisten Residen sidik tuan Nagel nu karasa henteu aya sanes deui.
97. Malah abdi geus miunjuk
kinten prantos tujuh wengi ka kanjen g tuan earl ta beuteung abdi ditingali lahirannana teh enya
beuteung maneh reuneuh sidik.
98. Lahiran tuan teh sukur
maneh baris meunang mukti darajat gede kacida
mangke mun budak geus lahir tur hirup kasalametan
aing rek meresen duit.
99. Reana uang sarewu
rewu rupia geus pasti keur ganjaran ka manehna kitu timbalan ka abdi
eta teh sadaya-daya
//
ngambangkeun ka kersa gusti. 21
I 00. Prameswari alon nyaur heueuh sukuma teh teuing
ayeuna tim balan tuan Asisten ka kanjeng gusti maneh teh kudu ditikah ku Kanjeng Dalem Dipati.
101. Sartana kudu diaku putrana Kanjeng Bupati diislamkeun lebet putra sarta jadi ahli waris
beuki untung teh manehna darajat gede teh teuing.
102. Lajeng nyaur den pangulu kalipah sinareng modin
prantos dongkap ngadeuheusan lajeng nikah kanjeng gusti ka nyai mas selir tea selir bungah liwat saking.
103. Pangulu lajeng ngariung kalipah sumawon modin malah den patih ge aya sinareng ponggawa mantri lulus laku lampah nikah nu ngariung prantos bijil
V. Pup uh
Mijil
104. Lami-lami eta nyi mas selir bobotna geus abot
geus salapan sasih bobotna teh malah-malah prantos leuwih waktuna dum ugi
105. Putra teh pameget ku wingit cahaya moncorong
bodas ngeplak lir walanda bae suci bersih sarta wingit kasep m urangkalih wantu 11 turas luhung.
I 06. Jegur maryem teh sapuluh kali dayeuh mani genjlong
pada kaget abdi-abdi kabeh aya naon mariyem nitir diwartosan sidik nyi mas selir mulus.
I 07. Ba bar putra pameget respati tinya pada nyaho
abdi-abdi ngiring suka kabeh pek ngalahir sang sri bopati ieu murangkalih
kudu disarebut.
I 08. Dijenenganan ieu sakali wasta Agan Eros
Eros eta kembang nu mencenges anu seungit sok ngadalingding kembangna jro puri
Eros anu alus.
109. Geus nyakseni ponggawa pra mantri ngiringan sang katong
jegur deui diseungeut maryem teh reana sapuluh kali
tawis jeneng nami
gamelan gong ngungkung.
110. Kanjeng Dalem miwarangan patih unjuk hatur wartos