• Tidak ada hasil yang ditemukan

langkung nyerina nyumaut tah kitu pambenganana

Dalam dokumen Wawacan Carios Munada (Halaman 130-140)

362. Numawi teu gasik rai ka Joji teu enggal-enggal rai teh n gan e bog bae nya ngaraoskeun kasawat wengi ge teu ngalayad henteu muru nu kahuru waos rai keur karasa. 363. Saur Raden Arya Patih

ayeuna kudu teangan si Munada brandal gede tah eta anu maehan tuan asisten tea

nya si Munada nu ngamuk

urang ulah meunang wirang.

//

XIV. Pup uh Wirangrong 364. Kocap malikan nu tadi

bas a M unada karek jol dina pukul genep jebul memeh asup kana peti lid sawelas pada dongkap kumpul di kamar rasiah. 365. Sadaya sami badami

ulah arek Juas-Jeos

Munada teh kudu nyumput di nu buni jero peti

sabab mun Munada ingkah geus tangtu urang cilaka. 366. Nu matak ka jero peti

Munada nyumput ngarengkol reh sadayana pirempug

32

Munada teh ulah indit anggur urang nyieun akal sahiji lid kudu leumpang.

367. Ka Majalaya sing gasik malah ka Leles Tarogong dirina teh kudu ngaku ngakukeun Munada kami supayana pada terang Munada ka Majalaya.

368. Miceun salasah sing rikip sangkan sadayana moro ka Majalaya nyarusul ari anu kudu indit ieu lid Sastradireja nu kudu ngaku Munada.

369. Ieu aka! es tu Ian tip geus moal bae katembong mangke urang anu nyebut yen Munada sidik indit minggatna ka Majalaya tuduhkeun ku sarerea.

3 70. Sanggeusna bentik pasini pasusuguhna enggeus jol

bibika ketan kurupuk

11

lodeh sareng en dog asin ngariung harita hajat nyalametkeun sarerea.

371. Nu ngadoaan kiai Raden Puspayuda kolot pek dahar ketan kurupuk reujeung ngaleueut ci kopi

anu medok nganggo gula nya ubar tunduh lumayan.

3 72. Kawantu sapeuting tadi lid-lid teh pada molotot teu aya nu ngageledug estuning nyaring sapeuting dina rusuh kahuruan sadaya lid oge aya.

373. Sanggeus ngaleueut cikopi lid-lid budal ting laleos ngan si Munada nu asup nya eta ka jero peti diamparan sepre dipan dicalikan Demang Biskal.

3 74. Kocap Mas Sastra eta lid­ lid pakumpulan garelo geus indit ti dayeuh Bandung ka Majalaya geus nepi

mondokna di kadatuan ngakukeun ngaran Munada.

3 75. Sanggeus meunang hiji peuting Sastradireja ngaleos

ka Leles an u dijugjug sajajalanna ngecewis ngakukeun ngaran Munada mondok di jro pikampungan.

376. Ka distrik Tarogong nepi masih keneh bae bohong di dinya ge ngaku-ngaku yen ieu Munada aing kabeneran bet kapendak

377. Anu wawuh sarta dalit ka Mas Sastra prantos wanoh pok naha Mas Sastra kitu omongan teh ulad-alid kapan sampean Mas Sastra.

3 78. Mas Sastra ngejat ngabecir ti Tarogong geus ngaleos gancangna mulang ka Bandung leumpangna teh sapeupeuting ti beurang mah susumputan ata sare ngageubra.

3 79. Ka Bandungna pran tos nepi jeung Demang Biskal geus amprok beres pisan tipu alus

estuning henteu katawis mung di Tarogong kabetak ku ngaran Jayadiraksa.

380. Tapi henteu kungsi sidik abdi kabujeng ngaleos ngejat gancang ti nya rusuh jadi henteu kantos sidik sukur dawuh Demang Jaksa ari geus beres mah Sastra.

381. Urang kudu taki-taki ulah nepi ka kadongdon sagala aka! jeung tipu kudu petakeun ku elid ayeuna nyarieun surat tempel dina unggal pilar.

382. Unina Munada sidik ayeuna enggeus ngaleos terang geus eindit ti Bandung

nya eta poe kamari sejana ka Majalaya ti kadatuan sobatna.

383. lsuk-isuk enggeus jadi ran tab surat geus katem bong narapel di tihang garduh dina pilar kitu deui ay a nu di tihang sasak unina surat sarupa.

384. Tah kitu aka! nu jahil

sanajan

//

kitu katembong

awal ahir ge kabitur da gusti Allah teu idin ka jalma anu hianat geus tangtu kabuka terang.

385. Gusti Allah Maha Suci moal cidra da teu bodo saha nu milampah alus dibalesna alus deui saha nu milampah dosa dibales deui k\l siksa.

386. Lamun hoyong senang galih ulah sok milampah serong ulah sok ngagugu napsu napsu pangajakna iblis salamina nan dang reuwas gumebeg nya mamanahan.

387. Eta kitu kumpulan lid lid rasiah nu barodo pakumpulan jalma gejul jalma nu kurang berbudi

kitu kajadiannana

kinanti ngagentos tembang.

XV. Pupuh Kinan ti

388. Kocap guyurna di Bandung para pulisi ngilari

mualap ngaran Munada anu geus hianat julig nu lancang wan tun nelasan eropa pangageng nagri.

389. Unggal-unggal tern pat garduh dijaga ku jalmi-jalmi

pakarangna tum bak cagak bedog go bang sekin keris bedil sarawuh pestolna saboga-bogana jalmi.

390. Saban parapatan pinuh ku pulisi nu ngajagi

ti peuting najan ti beurang henteu suwung nu ngajagi

malah kabeh

//

padamelan

sakur herendiens brenti.

391. Kocapkeun anu disaur jaksa-jaksa sejen nagri

ayeuna prantos darongkap ngadareuheusan ka gusti ka Kanjeng Dalem Dipatya trus ka Residen di loji.

392. Nya eta jaksa Cianjur Den Tisna Dilaga nami didawuhan kedah ngetan

ka Ujungberung ngumisi sarta mawa wadya bala ratus-ratus pra pulisi.

393. Jaksa Sumedang diutus ka Rongga jeung Cisondari diiring bala tantara

pulisi carakep ginding pacalang jeung kopral-kopral segut nyoren gobang keris.

3 94. Demi Raden Jaksa Garu t ka Banjaran Kopo distrik teangan Munada jahat poma kudu sing kapanggih garadah saksrak siing beunang pembunuh mualap dengki.

395. Jaksa Manonjaya kudu Rajamandala Cimahi

mawa kopral jeung pacalang jeung pra pulisi binangkit anu geus kongas aturan bisa mulisi nu jahil.

396. Jaksa Purwakarta kudu ngilari di jero nagri Rahaden Surialaga kaetang pangna berbudi jaksa kongas bijaksana nu lantip sarta binangkit.

397. Kudu di jro dayeuh Bandung ngilari jalan pulisi

numawi

//

ka pilih eta

kakontrak ka janapria jaksa Ian tip surti ngarti.

398. Geus prak nembean di Bandung digaradah pra pulisi

dina unggal imah jalma tapi weleh teu kapanggih saban peuting saban beurang abrul-abrulan pulisi.

399. Karareueung dayeuh Bandung guyur jalma tapi tiis

combrek dina bawa rasa rasa teh sedih prihatin nalangsa nya mamanahan dangiang nagara leungit. 400. Keur wengi di alun-alun di unggal tangkal caringin manuk tuweuw disarada sinareng manuk laleutik heulang ngagelik nalangsa semu nu milu prihatin. 40 I. Lamun siang ungkut-ungkut

ngunggut disada nirilik cokekekna patembalan bebence sada ti peuting semuna milu nalang;a prihatin katinggal gusti. 402. Saeran disada subuh

disada mani ngecewis mun kaharti omongna mah montong jauh-jauh teuing Munada mah henteu nyingkah aya di jero nagari.

403. Tah eta manuk teh kitu

ngan hanjakal teu kaharti

//

urang taya anu bisa ka basa saeran gunting kakuping ngan matak waas disadana ting caruwit. 404. Surialaga manekung.

mumujana ka Yang Widi neda pitulunging Allah karamat mujijat nabi Muhamad dinil mustapa salalahu Iiwasalim. 405. Sok mugi aya pitulung

dibukakeun hal pulisi buka kaawonannana

tembongkeun jalma nu julig dibukakeun rasiahna

jalma anu hiri dengki. 406. Kapendak di unggal juru

surat dijepit ku awi nerangkeun eta Munada ti Bandungna enggeus indit minangkana eta surat mun ayeuna mah anonim. 407. Ku Suryalaga kama lum

eta teh surat anonim geus kasangka dina manah eta perbuatan sidik lain jalma samanea anu nyarieun anonim. 408. Tangtu jalma pangkat luhur

jeung lain jalma sahiji

buktina dina aksara

Dalam dokumen Wawacan Carios Munada (Halaman 130-140)