• Tidak ada hasil yang ditemukan

lir Arayana mamanis putra Mandura nu lucu

Dalam dokumen Wawacan Carios Munada (Halaman 93-101)

anu ladak sarta wingit

kasep gumebyar moncorong.

209. Rea randa Cianjur anu kaduyung parawan nu muntit-muntit sore isuk dipalupur

sangkan juragan kumetir anu dipalar kabongroy.

210. Tapi Raden Kumetir mah jongjon suhud kana damel teu gumingsir

ngurus padamelan baku istri teu pisan ditolih nyi mas nyi mas arolohok .

.211. Den Kumetir jenengannana kasebut nu nelah dina bisluit

pasihan ti rama prabu paduka kanjeng bupati

Regen Sumedang nu sohor

.212. Raden Surya Kusumahdinata luhung nu rajin sarta berbudi

artu getol temen suhud ku Kanjen g Resden diasih sareng ku kanjeng bupatos . .213. Buru enggal ayeuna anu dicatur

eta teh raden kumetir ku kersana rama ibu ditikahkeun ka gan putri Raja Pamerat nu anom.

214. Agan putri mustika nagara Bandung sarat jagat moal manggih

anu geulis cara kitu

ayeuna mendakan

//

tanding

emas duket teh ditelon.

215. Lulus mulus enggening anu ngadahup Arjuna mendak Srikandi

mutuh teuing sami lucu kasep geulis pada tanding sami pada emas obyor.

216. Istri geulis putrina Bupati Bandung

raka kumetir nu tadi anu parantos dicatur pameget putra narpati Bupati Sumedang kahot.

21 7. Engkena teh eta kumetir geus tangtu

ngagentos rama bupati jumeneng deui para bu eta di Sumedang nagri jumeneng kanjeng bupatos.

218. Malah-malah kenging nugraha nu agung

pangkat pangeran bupati Sumedang bupati agung teh kitu carios putri dongengna ti kolot-kolot.

219. Nu kedanan Demang Biskal nu nga < ha > (la ) mun

nu ngalamun unggal wengi malah sering sok ngalindur ngagundamkeun raden putri ngimpen mah prantos ngagoyot.

220. Kari-kari ayeuna bet kop ku batur

lah badan nalang;;a teuing naha nyeri pisan kalbu nya ati asa disiksik

221. Atuh tambah-tambah deui ti kapungkur kapungkur geus nyeri ati

lantaran Sura ngaracun henteu dibawa n gumisi kagungan raos diperong.

222. Kaduana ayeuna langkung ti kitu

geus henteu kedah di

11

wincik

kanyeriannana kalbu da meureun sadaya ngarti urang oge tangtu sewot.

223. Ayeuna teh jadi nyimpen dendam kalbu kanyeri dua perkawis

disim pen nu buni es tu kaluar henteu katawis amis pasemon teu serong.

IX. Pupuh Dangdanggula 224. Ayeuna teh malikan nu tadi

Ki Munada anu nyiar kuda sareng munding prantos jogo sareng prantos kahatur

ka mandor pas anu geus nampi Cinunuk Sindanglaya

Distrik Ujungberung demi uang ladangna mah

dibayama ti kantor ku uang nagri katampa ku Munada.

225. Ta pi sanes ku tuan pribadi Asisten mah eta teu uninga ngan Tuan Jrutulis bae nyeta Tuan Van den Broek

jeung Van Nenda deui jrutulis eta duka kumaha

anu mawi kitu

nepi ka henteu unjukan

bade mayar ka Munada eta duit bawaning bisa Munada.

226. Tayoh-tayoh eta titis tulis sugan-sugan nu jadi lantaran di Bandung teh aya cekcok tinya Asisten nyaur

ka eta dua jrutulis

Van den Broek jeung Van Nenda he jrutulis baku

kuma duit ladang kuda

reujeung ladang munding geus dibayar bersih ku maneh ka Munada.

227. Walon eta dua jrutulis kaulanun sadawuh gamparan ku abdi dibayar kabeh langkung tina sarewu

prantos bersih teu kakantun duit eta sadaya-daya

nyembahkeun bebendu abdi teu unjukan heula

rehing sanget panuhun Munada mugi neda dibayar enggal.

228. Tuan Nagel ngalahima bengis naha maneh bet langkung gagabah mayar duit gupememen

ka kami teu miunjuk padahal mah karep kami eta teh si Munada ka kami ngajeblug

reujeung deui tacan mayar ladang mun ding nu genep ti Limbangan.

229. Jurutulis salah liwat saking si Munada masih gede hutang ku kami arek dipotong bet dibayar sarewu jurutulis ngawalon tadim eta sadaya-daya

nyanggakeun bebendu lepat neda pangampura

sih haksami gamparan ka jisim abdi rumaos kalepatan

230. Tuan Nagel Asisten ngalahir hayo maneh geuwat nyieun surat ka para wadana kabeh

si Munada disaur

enggal-enggal kudu kapanggih sarta sanggakeun gancang jurutulis mundur

nyieun surat geugeuwatan

geus trapti dihaturkeun pek ditawis

ku tuan Asisten tea.

11

231. Surat iang bungbeng teh ka distrik henteu lami Munada kapendak ti Banjaran eukeur mogor ka ronggeng reujeung ngadu diiringkeun ku ki pulisi ku kopral jeung pacalang Bandung nu dijugjug mawa serat ti wadana

enggal crita ka nagari enggeus nepi disanggakeun ka paseban

232. Diunjukkeun ka Aria Patih Ki Munada diuk sila honnat Den Patih ngalahir alon Ki Munada disaur

ku Kanjeng Asisten gasik hayu reujeung kula Raden Patih tuluy

Munada ngiring di tukang

enggal Raden Patih ka Ioji geus nepi sarawuh Ki Munada.

233. Kiai Patih sanggeus ta be calik pek unjukan kulanun gamparan jisim abdi medekan teh

nyembahkeun nu dipunduk Ki Munada itu kairing Tuan Asisten enggal Munada disaur

geus diuk payuneun tuan

sarta honnat mando meh ante! ka lampit rumaos gaduh dosa.

234. Tuan Nagel pek ngalahir bengis Ki Munada mana ladang kuda eujeung ladang mun ding ongkoh duit anu sarewu

coba kami hayang ningali anu en ggeus dibayar ku Tuan van den Broek reujeung ku Tuan van Nenda

coba bilang ku maneh duit sing bukti

anu sarewu perak.

//

23 5. Ki M unada tungkul langkung isin pek unjukan semu dumareuda nyanggakeun bebendu gede artos an u sarewu

prantos seep ku jisim abdi dianggo mayor kuda ka anu garaduh

sinareng mayar mundingna ka sadaya nu ngajual abdi-abdi prantos beres sadaya.

236. Tuan Asisten ngalahir deui mana duit pikeun mayar lelang nu tilu ratus perak teh

reujeung dengdana kudu sapuluh persen geus pasti tilu puluh rupia

eta enggeus tangtu kudu dibayar ayeuna

sabab enggeus elat teuing eta duit hutang teh kana lelang.

23 7. Reujeung deui mana uang kami ladang mun ding anu genep tea nu ti Limbangan ku maneh hargana tilu ratus

kadieukeun eta teh duit sababna eunggeus lila eta duit kudu

ayeuna kudu dibayar

da aing mah mere soteh nganjuk rounding ladangna keur mayar lelang.

238. Ki Munada ngawalon deui menggah eta geus sadaya-daya nyanggakeun bebendu bae bapunten nu disuhun pangaksami kanjeng gusti nadahan ka duduka bebendu nu agung perkawis artos kagungan

Dalam dokumen Wawacan Carios Munada (Halaman 93-101)