• Tidak ada hasil yang ditemukan

Pupuh Asmarandana 1. Kawitan purwa dianggit

Dalam dokumen Wawacan Carios Munada (Halaman 50-60)

WAWACAN CARIOS MUNADA

I. Pupuh Asmarandana 1. Kawitan purwa dianggit

didangding didamel tembang manawi suka nu ngaos kana carios Munada tangtu rea nu palay anu anom anu sepuh hikayatna anu terang.

2. Malah dugi ka kiwari Munada jadi babasan jadi ciciren nu jentre dianggo kana dugaan diaranggo ngetang yuswa upami rek neang umur umur si anu sabraha.

3. Kumaha baheula geuning

keur basa jaman Munada anjeun kumaha geus gede jawabna teh rupa-rupa aya nu geus sawawa

ceuk sawareh masih lembut ceuk nu sejen tacan aya.

4. Dietang tahun nu pasti

tiwangkid jaman Munada dumugi ka ayeuna teh sak itu tahun lilana ditambah ku umuma jaman Munada sakitu kira tahun teh yuswana.

5. Dijumlahkeun jadi hiji

sakitu puluh tahunna tah ki tu biasana teh ieu oge caritaan anu dikarang ku kula sanes tina kitab buku kenging kukumpul tatanya.

6. Ti sepuh-sepuh nu ngarti

ti Rahaden Yudasastra sareng ti sepuh nu sanes nu terangmn cariosna ku kula dicatetan

II

dikwnpulkeun jadi buku dikarang sabisa-bisa.

7. Kantenan sisipna pasti

lepatna geus moal gagal mugi hapunten sakabeh geuning biasa beja mah hiji sok jadi dua dua sok jadi sepuluh sasiku jadi sadeupa.

8. Beja dibejakeun deui

eta kitu teh lwnbrahna ieu ge nu dikarang teh manawina cara eta tapi najan salahna tangtu rea anu estu loba bener batan salah.

9. Maksud ati mugi jadi

ngadadar ieu hikayat anu sakalangkung aheng endahna kabina-bina muga aya sapaat

sapaatna Kanjeng Rasul Muhamad dinil mustopa.

10. Sareng pitulung Yang Widi

Allah anu murbeng alam nu kagungan maksud kabeh mugi maparinan rahmat pitulung ka kaula bisa ngalajukeun catur ngebatkeun ieu carita.

11. Ayeuna nu jadi kawit

dina tahun nu kacrios sarewu dlapan ratusna sareng opat puluh dua tahunna anu kasebut Desem ber nuju sasihna. 12. Nu jadi karaton nagri

Kanjeng Residen calikna di Cianjur harita teh Tuan Kl om berg resdenna nu ngaheuyeuk nagara Tuan kon� adil mashur sabar darana plamarta. 13. Ari nu jadi bupati

di Cianjur teh re genna dina waktu harita teh Raden Adipati Surya Kusumah Adiningrat um bang dedeg kasep segut moncorong cahaya serab. 14. Susah nyiar pilih tanding romanna kanjeng bupatya

segut dedeg sarta

//

obyor

kaumbang ku kapinteran pangaruh mancawama ruhiyat nurbuat luhung ngentra matak kasima. 15. Jeung eta Kanjeng Bupati

kagungan saderek tunggal putri langkung endahna teh Raden Ayu Ratnaningrat estu tunggal sarama putra bupati Cianjur regen Prawiradireja.

16. Bupa itanu sawargi Kanjeng Dalem Kaum tea demi eta gan putri teh parantos kagungan raka ka sinatria binekas anu kasep cahya mancur rat Priangan moal mendak. 17. Nu kasep lenjang jalantir

n�ncong mancur nurbuatna lir dewa sawarga bae

kamajaya manil oka turun ka mercapada estu satria pinunjul lalanang jagat Priangan. 18. Waktu harita teu manggih

pameget nu cara eta kasep taya tandingna teh anu ngawonkeun Arjuna sang panengah Pendawa surem cahyana kaungkul kahandapan ku satria. 19. Sinatria Bandung wingit

putrana kanjeng bupatya kanjeng dipati kasohor

sabar plamarta jeung beunghar Raden Adipati Wira

Natakusumah nu luhung Bupati Bandung narita.

20. Kakasih satria wingit

//

jenenganana ti rama

anu parantos kasohor Rahaden Suriakarta Hadiningrat pinulya

pangkatna kumetir kidul kumetir pakopen tea. 21. Jadi basa den kometir

cocog ka putri garwana anu geulis kanu kasep pinulya sang sinatria lir Dewa Kamajaya jeung Supraba sami lucu matak resep anu ningal. 22. Rea istri nu kapilis

rea juwita kabengbat rea enden nu kapelet nyimas-nyimas kaedanan gandrung ka sinatria tapi sadayana lapur da prantos aya jodona. 23. Satria Raden Kumetir

lulut layeut jeung garwana sami pada asihna teh tayoh sarua bogohna wan tu sami mustika

emas n�mpur sami ngempur inten campur jeung berlian. 24. Sumawon rama bupati

Dipati Bandung teu kira asih nyaah ka putra teh dienod didama-dama gadangan gentos rama welas asih jeung kayungyun benten ti putra nu loba. 25. Kitu deui raka gusti

welas asih ka s (s) < e > derek nyaah teh kaduanana

henteu aya bentenna siang dalu henteu jauh nu anom geugeut kacida.

II. Pupuh Sinom

26. Ayeuna gentos nu kocap

hiji

11

jalma urang asing

Cina dedegna santosa

jangkung gede badan ramping wastana nu kawarti

babah Liem Siang nu nyebut

ari pagaweanana

nya jual meuli balantik

kuda munding jeung sejen-sejen ti dinya.

27. Harita gentos agama

nya agama Kanjeng Nabi Muhamad dinil mustopa salalahu liwasalim jadi Islam geus ganti mualap rupana segut kulit koneng semu bodas kumis godegna ngajedig

bisa ngomoug perlente sarta cape tang.

28. Pake-pake cara Islam

ditotopong jeung disamping baju takwa jeung kabaya mawa tasbe cara santri budi niron kiai

daek salat lima waktu pasujudan henteu tinggal nyampay dina taktak ngawir salamina cetaan Islam nu enya.

29.

Ganti ngaranna Munada tapi kalakuan tadi

nyeret jeung nginum madatna teu pisan eureun saeutik tetep kumaha tadi maen kartu maen dadu di Cianjur teh cicingna tapi henteu kungsi lami

ti Cianjur pindah ka Bandung nagara.

30.

Demi pagaweanana

masih keneh jual meuli kuda mun ding baris kahar kahar pos bager nagari Munada geus ngajadi

jadi annem < m > er nu baku

ngasupan munding jeung kuda nya eta ka pos nadari

gede pisan untungna Kai Munada.

//

31. Ari

nu jadi kawasa

meulian kuda jeung munding nu baris kana pos tea

Tuan Asisten pribadi jenenganana kawarti Tuan Nagel anu mashur Asisten Residen ongas dedeg pangadeg respati

sedeng ageng

sedang jangkung

tur

jatnika.

32.

Jrutulis nomer hijina

Tuan van den Broek nu lami jurutulis nomer dua

Tuan van Nenda berbudi doktorna nu kawarti Tuan Dibben anu matuh sakitu pangkat Walanda

nu aya di Bandung nagri

Jurutulis Sunda Mas Raksawijaya.

33. Bupatina enya eta

Kanjeng Dalem Adipati Wira Natadikusumah ramana agan kumetir di Cianjur nu tadi anu parantos dicatur ari mungguh papatihna patih di Bandung nagari

nu jenengan den Arya Adinagara.

34. Patih nu yasa mapatah

ka ponggawa mantri titih titih lampah tur jatnika sabudi-budina manis tumut sakersa gusti rumawat jeung estu turut kanjeng bupati kalintang nymaah ka Raden Patih

kitu deui den patih langkung satia.

35. Ari anu jeneng biskal

jaksa ageng di nagari den Demang Mangunagara nu pinter// sarta berbudi bijaksana binangki t nu nyekel sagala hukum jaksa anu kawasa anu ngahukumkeun adil

m urba pisan wises a jaksa hari ta.

36. Ari wadana di Lembang

bawahan Bandung nagari den Demang Ardikusumah menak lantip sarta manis

titih sagala budi taya damel anu kusut satia tur bijaksana teu ngetang babaya pati

eta putra Rahaden Ariya Patya.

37. Demi jurutulis jaksa den Puspayuda kahiji jurutulis namer dua den Sasmi tadirja rajin aya deui jrutulis nyaeta jrutulis katilua Raden Padmakusumah ari jrutulis bupati

saharita Rahaden Sacakusumah.

38. Kutu deui panghuluna den Haji Muhamad Ardi jadi kapala agama di jero kaum nagari nyekel agama suci saparentah nabi rasul Islam ati Islam lisan

panghulu langkung berbudi lengket cepel birahi kana ibadah.

39. Jeung aya pangkat baheula um bul jangkol eta pas ti wasta Raden Natasura mantri besar di nagari harita nu kawarti den Sastranagara pamuk nu gagah rongkah tanaga segut godeg kumis muntif

40.

Wadana waktu harita

nu di Majalaya distrik

den Rangga // Anggawireja

putrana kanjeng bupati

Prakanmuncang nagari

nu sumare di Karukut

ari Wadana Banjaran

nu kawasa n�reh distrik

eta Raden Aria Sacanagara.

41.

Sajawi ti dinya pangkat

ku kula henteu kadangding

margi kirang katerangan

teu aya warta nu sidik

leu

ge

seuseut teuning

kenging katrangan sakitu

anu sakitu lamina

Dalam dokumen Wawacan Carios Munada (Halaman 50-60)