• Tidak ada hasil yang ditemukan

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA."

Copied!
11
0
0

Teks penuh

(1)

NILAI KEINDAHAN UPACARA TRADISI CINGCOWONG DI DESA LURAGUNG LANDEUH UNTUK ALTERNATIF

BAHAN PELAJARAN MEMBACA DI SMA1

Aang Dedi Permana2

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya pengetahuan masyarakat mengenai kebudayaan yang ada di Kabupatén Kuningan, hususnya budaya upacara tradisi cingcowong. Dengan adanya penelitian ini, diharapkan bisa memperkenalkan kembali upacara tradisi cingcowong kepada masyarakat luas, yang mencakup pelaksanaannya, kedudukan termasuk pungsi dan manfaat, nilai keindahan yang ada di dalamnya, dan untuk alternatif bahan pelajaran membaca di SMA. Selain itu, penelitian ini juga bertujuan untuk menumbuhkan dan memelihara budaya yang ada di masyarakat Sunda hususnya para remaja yang ada di Kabupatén Kuningan mempunyai rasa kebanggaan kepada kebudayaan lokal. Metode yang digunakan dalam penelitian ini yaitu metode deskriptif, dengan teknik observasi, wawancara, dan studi dokumentasi. Datanya berupa foto, video, maupun catatan hasil wawancara. Hasil penelitian menemukan bahwa: (1) Keadaan upacara tradisi cingcowong masih ada sampai sekarang dan sudah ada calon generasi punduh untuk mewariskannya yaitu Waskini; (2) upacara tradisi cingcowong mempunyai tujuan utama yaitu untuk meminta hujan dan sebagai sarana interaksi dan komunikasi untuk masyarakat; (3) upacara tradisi cingcowong mempunyai manfaat di bidang pendidikan yaitu harus sabar, harus mau meminta, harus kerja sama, dan penduli terhadap lingkungan; (4) keindahan dalam upacara tradisi cingcowong ada dalam seni busana (kostum) bonéka cingcowong dan seni musik (alat musik); dan (5) upacara tradisi cingcowong bisa dijadikan alternatif bahan pelajaran membaca artikel budaya di SMA

(2)

Aang Dedi Permana, 2015

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

MAGNIFICENCE VALUE OF TRADITIONAL CEREMONY CINGCOWONG IN THE LURAGUNG LANDEUH VILLAGE AS AN ALTERNATIVE

READING LESSON MATERIAL IN HIGH SCHOOL3

ABSTRACT4

This research is motivated by the lack of people's knowledge about tradition in Kabupaten Kuningan, especially cingcowong traditional ceremonies. This research is expected to reintroduce the traditional ceremony cingcowong to the general public, which includes the implementation, including functions and benefits, the value of the beauty that is in it, and for an alternative teaching material to read in high school. In addition, this study also aims to foster and maintain a culture in Sundanese society especially teenagers in Kabupaten Kuningan have a sense of pride to the local culture. The method used in this research is descriptive method, by observation, interviews, and documentation study. The data of this research is in the form image, video, or interview record. The results of this research found that: (1) The traditional ceremony cingcowong is still exist today and there are already candidates of punduh generation to inherit it is Waskini; (2) cingcowong traditional ceremony has two main purposes: to call the rain and as a media of interaction and communication for the society; (3) The traditional ceremony of cingcowong have benefits in the field of education that have to be patient, to be willing to ask, to work together, and worry on the environment; (4) the beauty of cingcowong traditional ceremony is in the art of fashion (costume) cingcowong doll and music art (musical instruments); and (5) cingcowong traditional ceremony can be used as an alternative lesson material of cultural article reading in high school.

Keywords: Magnificence Value, Cingcowong, and alternative lesson material

3

Skripsi ini dibawah bimbingan Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. dan Drs. Dede Kosasih, M.Si. 4

(3)

BAB 1 BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Masarakat Sunda mangrupa salah sahiji sélér bangsa anu aya di Indonesia nu

miboga kabudayaan sorangan. Kabudayaan nya éta hasil budi daya manusa dina

kahirupan di masarakat anu ngawengku pangaweruh, kapercayaan, seni, hukum, moral,

adat, jeung sakumna kabisaaan anu aya di masarakat (Hermanto, 2010, kc. 105).

Kabudayaan ogé mangrupa hasil prosés mikir nu jero tur waktu nu panjang, unggal

wewengkon boga ciri has budayana séwang-séwangan. Nurutkeun Komara (2011, kc.

39), kabudayaan asalna tina kecap ka-budaya-an. Budaya hartina budi jeung daya, anu

unsurna ngawengku cipta (akal), rasa, jeung karsa (kahayang). Jadi kabudayaan nya éta

hasil budaya (cipta, rasa, jeung karsa) manusa anu hirup di masarakat

Koentjaraningrat (1974, kc. 2) nétélakeun, yén kabudayaan ngawengku tujuh unsur

budaya sacara universal, nya éta; 1) sistem kepercayaan atawa réligi, 2) sistem jeung

organisasi masarakat, 3) organisasi pangaweruh, 4) sistem basa, 5) sistem kasenian, 6)

sistem pakasaban, jeung 7) sistem téhnologi.

Budaya miboga ciri anu ngabédakeun antara budaya hiji daérah, atawa sélér bangsa

jeung budaya séjénna. Salah sahiji nu ngabédakeunana téh di antarana kagiatan upacara

tradisi. Upacara tradisi téh mangrupa inti tina kabudayaan anu sumberna tina historis,

misalna tradisi tina ide-ide, tina ajén, jeung tina sistem budaya (Krober & Kluckhon

dina Liliweri, 2014, kc. 5). Upacara tradisi tangtu miboga kasang tukang jeung

ajén-inajén anu ngahaja dijieun tur dijerona nyangkaruk makna nu luhung contona aya dina

prak-prakanana boh dina raksukan, pakakas, mantra, waditra, boh sasajén, sarta

mangrupa identitas nu ngabédakeun hiji budaya tina hiji daérah jeung daérah séjéna.

Jadi kalawan teu langsung salah sahiji hasil tina pamikiran jeung budaya manusa nya

éta ayana ajén inajén kaasup ayana ajén éstétika.

Nurutkeun Danadibrata (2006, kc. 9), ajén asalna tina kecap ajian, hartina aya

ajianana, boga ajén, sedengkeun éstétika téh cabang filsafat anu ngabahas ngeunaan

(4)

2

Aang Dedi Permana, 2015

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Beungharna kabudayaan dinawangunrupa-rupaupacara tradisi nu aya di nagara

Indonesia hususna di Jawa Barat ngajadikeun ciri has di masing-masing

daérahna.Upacara tradisi ieu geus mekar tur tumuwuh sacara turun-tumurun di

masarakat. Upamana baé upacara tradisi Nadran ti Cirebon/Indramayu, upacara tradisi

Jaroh ti Garut, upacara tradisi Labuh Suji ti Sukabumi, upacara tradisi Nyuguh ti

Ciamis, jeung réa-réa deui.

Kabupatén Kuningan euyeub ku rupa-rupa upacara tradisi nukiwari “dikemas” jadi

agenda pariwisataminangka warisan ti para karuhunmasarakat Kuningan. Salah sahiji

upacara tradisi anu jadi ciri has Kabupatén Kuningannya éta upacara tradisi “sérén

taun”. Ieu upacara tradisi salaku gambaran pikeun ngadeukeutkeun rasa sukur ka Gusti

Nu Maha Suci nu geus méré rejeki nu loba hususna dina hasil tatanén nu aya di

sabudeureun Kabupatén Kuningan.

Salian ti upacara tradisi Sérén Taun, di Kuningan ogémekar warna-warna upacara

tradisi séjénna boh anu sipatna umum boh anu husus. Upacara tradisi anu umum

mangrupaupacara tradisi anu tumuwuh ragemdi sakuliah tatar Sunda, sedengkeun

upacara tradisi anu husus mangrupa upacara tradisi anu has nu aya di hiji wewengkon

nu geus nyebar tur mekar ka wewengkon séjénna, di antarananya éta upacara tradisi

cingcowong.Upacara tradisi cingcowong beda jeung upacara Sérén Taun. Hartina ieu

upacara henteu kaasup kana babagéan upacara Sérén Taun, tapi mangrupa upacara

tradisi anu misah.

Upacara tradisi cingcowong nya éta upacara tradisi asli masarakat Kampung Wagé,

Désa Luragung Landeuh, Kécamatan Luragung, Kabupatén Kuningan. Upacara tradisi

ieu mangrupa salasahiji upacara tradisi pikeun ménta hujan. Bisaana nu

méntadiayakeunieuupacaranya eta pataninalikakeurusumhalodo.Ngaran cingcowong

nurutkeun etimologis atawa bahasa kabagi jadi dua nya éta “cing” jeung “cowong”.

Kecap“cing” dina kamus bahasa Indonesia-Sunda, Sunda-Indonesia, miboga harti nu

sarua jeung kata “cik”, anu hartina “coba” dina bahasa Indonesia. Kecap“cowong” dina

bahasa Indonesia ngandung harti “ngomong anu bedas”. Jadi dina segi basa cingcowong miboga harti “cik” (bisaa) ngomong tarik atawa bisaa dilakukeun ku ngomong anu tarik.Nurutkeun Pamaréntah Kabupatén Kuningan (2013, kc. 7), nyebutkeun yén

(5)

3

bebegig (orang-orangan). Cingcowong nya éta bebegig atawa boneka nu dijadikeun

media dina upacara tradisi ménta hujan.

Kadieunakeunupacara tradisi cingcowong ieu meunang panitén anu daria ti Dinas

Pariwisata jeung Kabudayaan (Disparbud) Kabupaén Kuningan pikeun nyieun kagiatan

(agénda) budaya jeung pariwisata. Salah sahijina Dinas Pariwisata jeung Kabudayaan

Kabupatén Kuningan nyoba nyieun hiji tarian cingcowong dina wangun téatrikal, tarian

ieu mangrupa salah sahiji usaha pikeun upacara tradisi sangkan henteu tumpur.

Pintonan tari cingcowong lain ngan salaku seni ritual tapi geus dimekarkeun jeung

diangkat jadi pintonan nu diluyukeun jeung kamekaran jaman. Kaayeunakeun upacara

tradisi cingcowong mekar jeung remen dipintonkeun dina acara seremonial boh dina

mapag tamu pamaréntahan boh acara hiburan ku seniman-seniman di Kabupatén

Kuningan.Pikeun masarakat ogé ieu upacara tradisi cingcowong miboga mangpaat anu

kawilang gedéna utamana dina widang tatanén nya éta pikeun nurunkeun hujan, ogé

bisa ngaraketkeun masarakat.Ku ayana ieu upacara tradisi,

masarakatbisakarumpulogéinteraksi.

Dumasar kana hal éta manusa miboga poténsi anu gedé pikeun mekarkeun sagala

hal anu aya di sabudeureunana kaasup ngamekarkeun budaya. Pikeun ngajaga tur

ngariksa budaya éta, tangtu kudu aya panitén ti sababaraha pihak, boh ti pamaréntah

boh ti lembaga-lembaga séjénna. Pamaréntah daérah, sakola, guru katut réngrénganna

miboga wewenang pikeun ngajaga tur ngamekarkeun budaya-budaya luyu jeung

pangabutuhna, salila teu papalingpang jeung tujuanana. Poténsi nu aya di daérah saperti

kabeungharan budaya, kaéndahan alam, ajén-inajén kahirupan masarakat sarta

poténsi-poténsi daérah séjénna saperti basa daérah, salah sahijina basa Sunda.

Ku kituna panalungtik boga kawajiban pikeun ngingetan deui yén di Kabupatén

Kuningan, hususna di Désa Luragung Landeuh, Kecamatan Luragung téh miboga hiji

upacara tradisi cingcowong.

Panalungtikan-panalungtikan nu dilakukeun ku para mahasiswa atawa

lembaga-lembaga nu miboga minat jeung raga katineung nu gedé kana budaya geus loba pisan,

boh ditilik tina ajén moral, éstétika, agama, boh falsafahna. Hasil panalungtikan nu

kungsi dilaksanakeun ngeunaan budaya di antaranaAjén Falsafah Upacara Sawér

(6)

4

Aang Dedi Permana, 2015

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ngagunakeun metode Demonstrasi, ku Temmy Widyastuti taun 2008, Ajén Falsafah

dina Simbol-simbol Upacara Adat Sedekah Bumi di Kampung Urug Tonggoh Désa

Kiara Pandak Kecamatan Sukajaya Kabupatén Bogor, ku Trias Handoko taun 2009,

Ajén Estetika dina Kabudayaan Hajat Laut di Palabuanratu Kabupatén Sukabumi

pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA, ku Mona Monica taun 2009, jeung

Simbol-simbol Budaya nu Nyampak dina Kasenian Cingcowong di Désa Luragung Landeuh

Kecamatan Luragung Kabupatén Kuningan Pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMA,

ku Ikin Sodikin taun 2009.

Nilik kana hasil panalungikan, tétéla ambahan kabudayaan téhlega pisan. Kiwari

loba masarakat anu teu wanoh kana kabudayaanana sarta ajén-inajén anu nyampak

dijerona, nepi ka loba kabudayaan anu leungit lantaran taya regenerasi. Ku ayana éta

pasualan sarta pentingna ngainventarisir kabudayaan. Panalungtik miharep ieu

panalungtikan téh bisa jadi bahan ajar pikeun ngawanohkeun tur nambah pangaweruh

sangkan para nonoman mikawanoh tur mikareueus kana kabudayaana, lian ti éta pikeun

pangaweruh ngeunaan budaya-budaya lokal sarta diimpleméntasikeun kanapangajaran

maca kacida pentingna. Ku kituna panalungtikan anu judulna “Ajén Éstétika dina

Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh Kecamatan Luragung

Kabupatén Kuningan Pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA” perlu

dilakukeun.

1.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan

dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha prak-prakanana upacara tradisi cingcowong di Désa Luragung Landeuh,

Kecamatan Luragung, Kabupatén Kuningan téh?

2) Kumaha kalungguhan upacara tradisi cingcowong dumasar pungsi jeung mangpaat

di Désa Luragung Landeuh, Kecamatan Luragung, Kabupatén Kuningan?

3) Ajén éstétika naon waé anu nyampak dina upacara tradisi cingcowong di Désa

Luragung Landeuh, Kecamatan Luragung, Kabupatén Kuningan téh?

4) Naha upacara tradisi cingcowong téh bisa dijadikeun panalungtikan pikeun bahan

(7)

5

1.3Tujuan Panalungtikan

Tujuan tina ieu panalungtikan dibagi jadi dua, nya éta aya tujuan umum jeung

tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan ieu panalungtikan pikeun ngawanohkeun upacara tradisi cingcowong ka

sélér Sunda hususna nonoman-nonoman ogé masarakat nu aya di Kuningan, ogé nyaho

kana pungsi jeung tujuan diayakeunna upacara cingcowong. Dipiharep masarakat ogé

rumaja di Kuningan miboga rasa kareeus kana kabudayaan lokalna, lantaran lamun

wanoh kana budaya sorangan tangtu bakal tumuwuh hayang ngamumulé éta

kabudayaan. Salian ti éta sacara umum ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun

maluruh ajén éstétika dina upacara tradisi cingcowong di Désa Luragung Landeuh,

Kecamatan Luragung, Kabupatén Kuningan pikeun alternatif bahan pangajaran maca di

SMA kelas XII.

1.3.2 Tujuan Husus

Luyu jeung rumusan masalah di luhur, tujuan husus ieu panalungtikan téh nya éta

pikeun ngadeskripsikeun:

1) prak-prakanana upacara tradisi cingcowong di Désa Luragung Landeuh, Kecamatan

Luragung, Kabupatén Kuningan;

2) kalungguhan upacara tradisi cingcowong dumasar pungsi jeung mangpaat di Désa

Luragung Landeuh, Kecamatan Luragung, Kabupatén Kuningan;

3) ajén éstétika anu nyampak dina upacara tradisi cingcowong di Désa Luragung

Landeuh, Kecamatan Luragung, Kabupatén Kuningan;

4) rarancang bahan pangajaran maca bahasan kasenian di SMA kelas XII ngeunaan

upacara tradisi cingcowong jeung kasenian cingcowong anu aya di Kabupatén

(8)

6

Aang Dedi Permana, 2015

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan dibagi jadi dua, nya éta mangpaat tioritis jeung

mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun: a) ngajembaran pangaweruh

ngeunaan upacara tradisi Cingcowong hususna ajén éstétikana anu aya di Désa

Luragung Landeuh, Kecamatan Luragung, Kabupatén Kuningan sangkan

nonoman-nonoman Sunda reueus kana kasenian lokal. 2) bahan pangajaran maca pikeun siswa

kelas XII, sarta 3) nambahan pangaweruh ngeunaan kabudayaan nu hirup di Tatar

Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikn nya éta ngawujudkeun bahan pangajaran

maca artikel bahasan pikeun dilarapkeun di SMA kelas XII.

1.4.3 Mangpaat Kawijakan

Upacara tradisi cingcowong mangrupa warisan budaya has anu aya di Kabupatén

Kuningan. Ieu upacara geus diaku jadi salah sahiji asét jeung tanggung jawab

pamaréntah Kabuptén Kuningan sangkan bisa dimumlué tur diriksa. Sakumaha anu

ditétélakeun ku Teddy Suminar salaku Pembina Utama Disparbud Kab. Kuningan yén

“Agar kita dapat merasakan dan mensyukuri nikmat tuhan yang telah diberikan serta dapat memanfaatkan asset yang kita miliki seoptimal mungkin, kita sebagai

bangsa Indonesia perlu mengenal apa yang kita miliki, kita akan lebih bangga sebagai

bangsa Indonesia”.

Ku kituna ieu panalungtikan dipiharep bisa leuwih ngahudang kasadaran masarakat

jeung pamaréntah sangkan leuwih méré panitén sarta ngajaga kabeungharan budaya anu

(9)

7

1.5 Raraga Nulis

Sanggeus data réngsé dianalisis, tahap ahir dina ieu panalungtikan nya éta nyusun

hiji laporan dina wangun skripsi. Raraga nulisna kabagi jadi lima bab, nya éta:

Bab I Bubuka, anu eusina ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang tina masalah anu

ditalungtik, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat

panalungtikan, anggapan dasar, jeung raraga nulis.

Bab II Tatapakan Tiori, anu eusina ngébréhkeun tiori-tiori ngeunaan ajén éstétika,

kabudayaan, upacara tradisi, jeung bahan pangajaran maca.

Bab III Métodologi Panalungtikan, anu ngawengku sumber data, désain

panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan istilah, instrumént panalungtikan,

jeung téhnik panalungtikan.

Bab IV Ngadéskripsikeun Hasil Panalungtikan. Eusina ngawengku prak-prakan

panalungtikan, nganalisis data hasil panalungtikan jeung medar ngeunaan sistem

ngawariskeun ajén éstétika dina upacara tradisi cingcowong di Désa Luragung Landeuh

Kecamatan Luragung Kabupatén Kuningan pikeun alternatif bahan pangajaran maca di

SMA.

Bab V panutup, anu eusina kacindekan hasil panalungtikan sarta saran pikeun

(10)

107

Aang Dedi Permana, 2015

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Arikunto. S. (2010) Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Bartens, K. (1994). Étika. Jakarta: Gramedia

Cahyani, Deti N. 2009. Unsur Éstétika dina Kesenian Celempungan “Sinta Grup” anu aya di Désa Cibeusi Kacamatan Ciater Kabupatén Subang.

Skripsi Sarjana dina FPBS UPI. Bandung: henteu diterbitkeun.

Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama..

Danandjaja. (2007). Foklor Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti.

Danandjaja, James. 1984. Folklor Indonesia : Ilmu gosip,dongeng, dan lain-lain.

Jakarta : Pustaka Utama Grafiti.

Darmadi. H (2007). Dasar Konsep Pendidikan Moral. Bandung: Alfabeta CV

Dinas Pariwisata dan kebudayaan Kabupatén Kuningan, 2013. Profil Seni dan

Budaya Kabupatén Kuningan. Kuningan: Disparbud Kabupatén Kuningan.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2007. Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: CV

Geger Sunten.

Eaton, M. (2010). Persoalan-Persoalan Dasar Estetika. Jakarta: Salemba

Humanika.

Hermanto, I. (2010). Pintar Antropologi. Jogjakarta: Tunas Publishing.

Haerudin, Dingding dan Kosim Kardana. 2013. Panganteur Telaah Buku Ajar.

Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

http://www.artikelbagus.com/2011/12/pengertian-artikel.html (23 Januari 2015 /

20.00).

Kartika, D. (2007). Estetika. Bandung: Rekayasa Sains.

Kartika, D.S & Nanang G.P. (2004). Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa

Sains.

Koentjaraningrat. (1997). Manusia dan Kebudayaan di Indonesia: Ilmu Sosial.

Bandung: Djambatan.

Koentjaraningrat. (1974). Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta:

PT.Gramedia.

(11)

107

Komara, E. (2011). Filsafat Ilmu dan Métodologi Penelitian. Bandung: Refika

Aditama

Kuntjara, E. (2006). Penelitian Kebudayaan: Sebuah Panduan Praktis.

Jogjakarta: Graha Ilmu.

Liang, G. (1976). Garis Besar Estetika (Filsafat Keindahan). Yogyakarta:

Penerbit Karya.

Liliweri, Alo. (2014). Pengantar Studi Kebudayaan. Bandung: Nusa Media

Rahman. 2000. Perencanaan Pengajaran Bahasa. Bandung: Fakultas Pendidikan

Bahasa dan Seni,

Ratna, N. (2007). Estetika Sastra dan Budaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sauri, S. spk. (2010). Filsafat Ilmi Pendidikan Agama. Bandung: CV Arfindo

Raya.

Sibarani, R. (2004). Antropolinguistik Linguistik Antropologi. Medan: Poda

Suparlan, P. (1980). Manusia, Kebudayaan, dan Lingkungan. Jakarta: CV.

Rajawali

Soedarsono, R. (1976). Pengantar Pengetahuan Tari. Yogyakarta: Akademi Seni

Tari Indonesia.

Sugiyono. 2012. Metode Penelitian Kombinasi : Mixed Metode. Bandung:

Alfabeta

Sugiyono. 2010. Metode Penelitian Pendidikan : Pendekatan Kuantitatif,

Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta

Suyatna, Amir. 2002. Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan

Pengajaran Bahasa. Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia FPBS UPI.

Tafsir, A. (2009). Filsafat Umum. Bandung: PT Remaja Rosdakarya

Tarigan, Henry Guntur. 1987. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.

Bandung: Angkasa

TIM Redaksi Kamus Besar Bahasa Indonesia. (2008). Kamus Besar Bahasa

Indonesia Edisi Keempat. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama

Referensi

Dokumen terkait

Untuk memenangkan persaingan, perusahaan harus mampu memberikan kepuasan kepada para pelanggannya, misalnya dengan memberikan pelayanan yang mutunya lebih baik, harganya relatif

Temuan penelitian menunjukan bahwa manfaat hasil belajar membuat pola busana pesta sistem draping ditinjau dari kompetensi pengetahuan draping, alat dan bahan pembuatan pola,

Penelitian ini diharapkan memberikan informasi dalam pemakaian cangkang kapsul alginat sebagai sediaan floating yang dapat bertahan di lambung, sehingga dapat menjadi salah

Perusahaan diawali dengan adanya beberapa tujuan tertentu yang hanya dapat dicapai melalui tindakan yang harus dilakukan dengan persetujuan bersama.Sejalan dengan

“Membuat Pola busana Pesta Sistem Draping” Sebagai Kesiapan Menjadi Pattern Maker di Butik, secara sistematisterbagi ke dalam lima bab, yaitu:. Bab I Pendahuluan menguraikan

Penelitian ini dilakukan di Lembaga Pendidikan dan Pelatihan Ekonomi Syariah (LP2ES) Learning Center Bandung dimana peneliti mengambil responden dari dua orang

Adapun permasalahan yang ingin diungkap dalam penelitian ini adalah “Implementasi Model Project Based Learning Untuk Meningkatkan Kepercayaan Diri Siswa dalam

Kothek lesung merupakan salah satu jenis kesenian tradisional dengan instrumen lesung dan alu yang terbuat dari batang pohon kelapa (glugu) sebagai