BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Basa téh salasahiji pakakas anu dipaké ku manusa dina hirup kumbuhna.
Basa diulik ku paélmuan nu husus nu disebut élmuning basa atawa lingusitik.
Jadi, basa téh mangrupa obyék linguistik. Ieu téh nuduhkeun yén disawang tina
jihat filsafat, linguistik diaku minangka hiji paélmuan lantaran miboga sipat
ontologis atawa mibanda obyék ulikan nya éta basa.
Basa mangrupa alat komunikasi nu éféktif, nu dilengkepan ku unsur-unsur
nu aya di jerona, nu ngawengku aspék-aspék basa sarta aturan-aturan ngeunaan
basa nu dipikawanoh ku panyaturna. Wardhaugh dina Sudaryat (2004:6)
nyebutkeun yén “Language is a system of arbitrary vocal symbols used for human
communication”, basa téh nya éta sistem lambang sora nu arbitrér nu dipaké ku
manusa pikeun komunikasi.
Basa perlu pisan ditalungtik jeung diajarkeun. Hartina pikeun negeskeun
basa ku cara nyaritakeun pangalaman manusa dina beungkeutan nu miboga ma’na
katut ngagunakeun kabébasan robahna basa.
Basa miboga harti nu lega, nya éta salaku alat komunikasi. Manusa moal
leupas tina basa, sabab euweuh kagiatan manusa nu teu maké basa. Aya sawatara
hal nu perlu diperhatikeun dina komunikasi, nya éta 1) tempat lumangsungna
paguneman, 2) saha panyaturna, 3) maksud nu rék ditepikeun, 4) eusina ngeunaan
naon, 5) kumaha carana, 6) alatna lisan atawa tulisan, 7) norma atawa aturan,
Basa Sunda mangrupa basa indung, basa panganteur di masarakat, sarta
basa nu ngarojong kana kabudayaan Sunda, saperti nu geus diunikeun dina
Penjelasan Pasal 36 Undang-Undang Dasar 1945, yén basa daérah kaasup kana
basa anu dipiara jeung dimumulé ku rahayatna kalawan bener-bener. Ku kituna,
basa kudu dipiara ku nagara, nurutkeuun anggapan yén basa daérah ogé mangrupa
bagian tina kabudayaan Indonésia nu hirup. Basa Sunda kaasup kana salasahiji
basa daérah di Indonésia anu nepi ka ayeuna pungsi basa Sunda masih kénéh tetep
kuat.
Basa Sunda téh basa nu miboga ma’na nu leubeut, produktip, unik,
dinamis, dialékna loba, sarta manusiawi nu luyu jeung hakékat basa. Salasahiji
pungsi basa Sunda dina komunikasi nya éta pungsi fatis (phatic function) dina
harti mangrupa pungsi basa nu nerangkeun ngeunaan bubuka, nandeskeun, sarta
mairan. Éta pungsi basa téh sok digunakeun ku masarakat dina gunem catur
pikeun ngaraketkeun hubungan sosial.
Basa Sunda ngalaman kamekaran sarta parobahan ti jaman ka jaman, sarta
bisa leungit lamun teu digunakeun kalawan bener jeung teu dipiara ku urang
Sundana sorangan. Salian tina kamekaran basana, basa Sunda ogé miboga kecap
nu ngalaman prosés nalika dina ngagunakeunnana, boh dina basa tinulis boh dina
basa lisan. Dumasar prosés dipakéna basa, basa lisan ngalaman parobahan leuwih
gancang tibatan basa tinulis. Sanajan ngalaman parobahan dina kalimah ku cara
ngaleungitkeun unsur-unsur atawa bagéan-bagéan kalimah, ieu hal teu
mangaruhan kana harti prosés komunikasina. Unsur atawa bagian anu henteu
ayana dina hiji struktur, atawa nurutkeun kontéks situasina éta unsur téh geus
dipikaharti ku nu marakéna basa.
Nurutkeun Sudaryat, spk. (2007:4) ragam basa nurutkeun atikan formal
ngabédakeun ayana ragam basa nyakola jeung ragam basa teu nyakola. Ragam
basa ti panyatur anu nyakola ilaharna ébréh lebah ucapan foném-foném tina basa
kosta, ngukuhan kaédah basa, boh tata basana boh undak-usuk basana.
Ragam basa nurutkeun sikep panyatur raket patalina jeung kakawasaan,
kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma anu
dicaritakeun, disebut usuk basa atawa tatakrama basa. Ku kituna,
undak-usuk basa sok dipasing-pasing jadi ragam basa lemes (hormat) jeung ragam basa
kasar (loma, atawa teu hormat). Ragam basa lemes aya dua rupa, nya éta lemes ka
batur jeung lemes keur sorangan, anu bisa katitén wujudna dina lisan atawa kecap,
pasemon, rengkuh jeung peta, sarta lentong anu merenah.
Ragam basa nurutkeun warna makéna basa disawang tina jihat jejer
omongan, medium atawa sarana, jeung sipat pasosokna. Disawang tina jejer
omongan aya ragam basa urang réa (balaréa) anu ilahar dipaké sapopoé jeung
ragam basa urang aré anu dipaké husus dina widang jurnalistik, paélmuan, sastra,
jeung agama. Disawang tina medium makéna aya ragam basa lisan anu dipaké
dina paguneman atawa biantara, aya ragam basa tulis nu dipaké dina surat, koran,
majalah, jeung buku. Ragam basa nu rék diguar dina ieu panalungtikan nya éta
ragam basa nurutkeun sikep panyatur sarta warna makéna basa.
Salian ti éta, hirup kumbuh di masarakat tangtu moal leupas tina ragam
média lisan sarta kawatesanan ku waktu jeung tempat. Salian ti éta, situasi atawa
kaayaan ogé bisa mantuan ngungkabkeun hal nu dimaksud sarta unsur
gramatikalna loba nu teu diécéskeun sacara lengkep jeung dipangaruhan ku luhur
handapna sora atawa lentong.
Ragam basa lisan miboga kaunggulan sarta kahéngkéran. Kaunggulan nu
nyampak dina basa lisan nya éta bisa disaluyukeun jeung situasi, faktor éfisiénsi,
faktor pangjéntré dina harti panyatur bisa nambahan unsur séjén nu mangrupa
tekenan jeung gerak awak supaya nu diajak nyarita ngarti kana naon anu
dicaritakeun. Salian tina kaunggulanana, ragam basa lisan miboga kahéngkéran di
antarana basa lisan diwangun ku sababaraha kalimah nu teu lengkep, malah
diwangun ku frasa-frasa basajan, kaidah-kaidah basa nu digunakeun remen
ngagunakeun ragam basa formal. Basa lisan nu wangunna paguneman dina
situasi formal bakal béda kaédah-kaédah kabakuanana dina paguneman dina
situasi teu formal atawa dina waktu rinéh.
Hal ieu katitén dina ungkara kalimah, “Mangga atuh dileueut [kopina,
lalawuhna, opakna]!. Dina ungkara kalimah di luhur, nu di jero kurung tara
dikedalkeun, tapi hal ieu teu mangaruhan kana kontéks kalimahna, alatan hal ieu
dirojong ku situasi kondisina. Ungkara kalimah di luhur, remen kajadian dina basa
lisan. Conto séjénna nalika interaksi nu aya di lingkungan pasar, antara nu meuli
jeung nu ngajual sok tara lengkep unsur kalimahna, dina harti sok aya nu
dileungitkeun. Contona “Néng, gula jeung tipung sadayana janten dua belas
lima”. Dina ungkara kalimah nu bieu, jéntré pisan aya kecap nu ngalaman sirna
dua belas lima, padahal kalimah nu sakuduna mah nya éta “Néng, pangaos gula
jeung tipung téh sadayana janten dua belas réwu lima ratus”.
Tina katerangan di luhur ébréh yén dina kahirupan sapopoé kapanggih réa
kalimah-kalimah nu sok dileungitkeun unsur-unsurna. Unsur-unsur kalimah nu
dileungitkeun téh umumna unsur-unsur fungsional. Nurutkeun Sudaryat, spk.
(2007: 181), unsur-unsur fungsional dina kalimah basa Sunda téh ngawengku
jejer, caritaan, udagan, panglengkep, jeung katerangan.
Nganalisis unsur-unsur nu sirna dina kalimah, bisa digunakeun rupa-rupa
pamarekan di antarana waé pamarekan struktural jeung pamarekan transformasi.
Ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan transformasi dina nganalisis unsur
sirnaan kalimah. Tiori transformasi méré wangenan yén transformasi téh salaku
parobahan wangun kalimah tina wangun kalimah anu disebut kalimah dasar.
Ciri-ciri kalimah transformasi téh nya éta mangrupa kalimah rangkepan (ngantét,
sumélér), tanlengkep (tansampurna), pananya (interogatif), panitah (imperatif),
pamungkir (négatif), jeung dipigawé (pasif). Konsép transformasi miboga
sasaruaan jeung konsép strukturalisme, nya éta struktur basa anu alami mangrupa
struktur, anu nétélakeun yén basa alami téh bisa ditepikeun ngaliwatan sistem anu
logis anu miboga maksud ngaleungitkeun rasa samar, istilah anu kurang merenah,
sarta méréskeun pasualan-pasualan basa sacara umum. Inti tina ieu tiori nya éta
maluruh hubungan antara hiji kalimah jeung kalimah lianna dumasar kana
tingkatan kacukupan, dina harti hiji basa nyumponan tingkatan kacukupan téh
lamun ngaliwatan kacukupan observasi, kacukupan déskripsi, jeung kacukupan
Sudaryat, spk.(2007: 273) nétélakeun yén konsép transformasi kalimah
didadasaran ku anggapan yén kalimah-kalimah anu dipaké dina komunikasi, anu
rupa-rupa wangunna téh, lolobana mangrupa rékaan tina hiji wangun kalimah anu
disebut kalimah dasar. Ditilik tina jihat transformasi, kalimah-kalimah nu aya dina
hiji basa bisa diklasifikasikeun jadi dua rupa nya éta kalimah dasar (inti) jeung
kalimah transformasi (rékaan). Kalimah inti miboga ciri nya éta salancar tur
sampurna, aktif, afirmatif, jeung déklaratif. Sabalikna tina kalimah salancar tur
sampurna, aktif, afirmatif, jeung déklaratif disebut kalimah transformasi.
Transformasi téh loba rupana, anu ngawujud dina prosés parobahan-parobahan
tina kalimah dasar kana kalimah transformasi, saperti parobahan tina kalimah
salancar kana kalimah rangkepan, tina kalimah wawaran kana kalimah pananya,
jeung saterusna, anu patali jeung parobahan tina cirri-ciri kalimah dasar téa. Ieu
parobahan téh lumangsung nurutkeun kaédah anu aya dina sistem basana, anu
disebut kaédah transformasi. Anapon rupa kalimah transformasi nya éta
pérmutasi/ paselup (prosés parobahan susunan unsur-unsur kalimah), topikalisasi
(parobahan salasahiji unsur kalimah topik), négasi/pamungkir (prosés ngarobah
kalimah positif jadi kalimah negatif atawa kalimah ingkar), délisi/ elipsis (kalimah
sirnaan). Ieu panalungtikan leuwih nyoko kana prosés kalimah transformasi
délisi/élipsis.
Transformasi kalimah saacanna geus aya nu nalungtik nya éta “Kalimah
Transformasi Basa Sunda dina Média Citak Patalina jeung Adegan Batin katut
Adegan Lahir” (Widyastuti, 2012), tapi bédana kalimah transformasi di dieu mah
ngeunaan jejer (Pelesapan Subjek dalam Bahasa Indonesia) dina ragam basa tulis,
sarta tina pangalaman nganalisis sirnaan jejer dina ambahan wacana katitén yén
gejala sirnaan jejer leuwih alus dina ragam basa lisan alatan lain ukur kaédah
basana wungkul nu mangaruhan téh tapi ngeunaan sababaraha paktor di antarana
paktor budaya atawa pola pikir panyatur basa nu teu ngungkabkeun hiji hal
kalawan écés pikeun panyatur jeung nu ngaregepkeun. Nepi ka ayeuna, can aya
panalungtikan ngeunaan unsur sirnaan dina kalimah basa Sunda, komo deui dina
basa Sunda lisan.
Ku kituna, panalungtikan ngeunaan “Wangunan Sirnaan dina Kalimah
Basa Sunda Lisan di Pasar Padayungan Tasikmalaya (Tilikan Tata Basa
Transformasi)” perlu diayakeun.
1.2 Identifikasi Masalah
Pasualan ngeunaan sirnaan remen kapanggih dina ragam basa tulis jeung
ragam basa lisan. Dina ragam basa lisan utamana dina paguneman nu digunakeun
dina kahirupan sapopoé, kalimah atawa kontéks basa nu ngalaman sirnaan leuwih
loba, alatan dirojong ku sababaraha paktor. Sedengkeun pikeun nganalisis éta
sirnaan téh ngagunakeun pamarekan transformasi kalimah. Dina harti pamarekan
ngeunaan parobahan kalimah tina kalimah dasar ka kalimah transformasi.
Sangkan panalungtikan leuwih museur kana masalah nu ditalungtik, nu
nyusun ngawatesanan ieu panalungtikan kana ungkara kalimah nu ngalaman
prosés transformasi kalimah nu museur kana unsur-unsur sirnaan dina ragam basa
1.3 Rumusan Masalah
Aya sababaraha masalah anu dirumuskeun dina wangun patalékan, nya
éta:
a. Kumaha wangun kalimah anu ngalaman parobahan sirnaan dina komunikasi
masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya?
b. Unsur-unsur naon waé anu ngalaman parobahan sirnaan dina kalimah nu
dipaké ku masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya?
1.4 Tujuan Panalungtikan
Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalah nu geus diébréhkeun,
ieu panalungtikan sacara umum miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun
“Wangunan Sirnaan dina Kalimah Basa Sunda Lisan di Masarakat Pasar
Padayungan Tasikmalaya (Tilikan Tata Basa Transformasi)”.
Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung
ngadéskripsikeun Wangunan Sirnaan dina Kalimah Basa Sunda Lisan di
Masarakat Pasar Padayungan Tasikmalaya (Tilikan Tata Basa Transformasi )”.
Ari déskripsina ngawengku opat hal ieu di handap, nya éta:
a. Wangun kalimah anu ngalaman parobahan sirnaan dina komunikasi masarakat
Pasar Padayungan Tasikmalaya;
b. Unsur-unsur anu ngalaman parobahan sirnaan dina kalimah nu dipaké ku
1.5 Mangpaat Panalungtikan
a. Mangpaat Tioritis
Ieu panalungtikan dipiharep pikeun nambahan référénsi utamana dina tata
basa ngeunaan wangun kalimah nu asalna kalimah dasar jadi sirna atawa leungit
bagian-bagian kalimahna. Sacara umum, ieu panalungtikan dipiharep méré
mangpaat pikeun ngungkab sacara tuluy tumuluy ngeunaan basa Sunda dina
rupaning widang utamana dina basana. Salian ti éta, panalungtikan dipiharep
miboga mangpaat pikeun kamekaran basa Sunda.
b. Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta panalungtik bisa weruh
kana tata basa transformasi kalimah sarta prosés dina transformasi kalimah
utamana prosés sirnaan, ogé panalungtik bisa weruh kana unsur-unsur naon waé
nu sirna dina ragam basa lisan utamana dina paguneman sapopoé nu nyampak di
masarakat.
1.6 Srtuktur Organisasi Tulisan
Ieu panalungtikan diébréhkeun sacara écés di antarana nya éta bab hiji nu
mangrupa bubuka ngawengku (1) kasang tukang masalah ngeunaan basa lisan nu
mangrupa paguneman sapopoé nu ngalaman sirnaan, (2) idéntifikasi masalah, (3)
rumusan masalah, (4) tujuan panalungtikan, jeung (5) mangpaat panalungtikan
tioritis sarta mangpaat panalungtikan praktis. Bab dua diwengku ku ulikan tiori
ngeunaan (1) hakékat kalimah, (2) tata basa transformasi, jeung (3) transformasi
nalungtik wangunan sirnaan. Bab opat nya éta nganalisis hasil panalungtikan
dumasar tiori anu geus dijelaskeun dina bab dua. Bab lima ngawengku kacindekan