BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Basa dipaké dina kahirupan manusa pikeun pakakas komunikasi. Hal ieu luyu jeung
Keraf dina Smarapradipa (2005. Kaca 1) anu nyebutkeun ogé dua harti basa. Harti kahiji
nétélakeun basa salaku pakakas komunikasi jeung sasama masarakatna mangrupa simbol
sora anu dihasilkeun ku alat ucap manusa. Kadua, basa nya éta sistem komunikasi anu
ngagunakeun simbol-simbol vokal (bunyi ujaran) anu sipatna arbitrér.
Basa Sunda lahir bareng jeung lahirna masarakat Sunda katut budayana. Dina hirup
kumbuhna, basa Sunda téh mibanda anéka ragam basa. Ragam basa Sunda nurutkeun
warna makéna basa bisa disawang tina jihat jejer omongan, médium atawa sarana, jeung
sipat pasosokna. Disawang tina jejer omongan aya ragam basa urang réa (balaréa) anu
ilahar dipaké sapopoé jeung ragam basa urang aré nu dipaké husus dina widang
jurnalistik, paélmuan, sastra, jeung agama. Disawang tina medium makéna aya ragam
basa lisan anu dipaké dina paguneman atawa biantara, aya ragam basa tulis nu dipaké
dina surat, koran, majalah jeung buku (Sudaryat, Spk. 2007, kaca 4).
Disawang tina jihat pasosokna, aya ragam basa nu nyunda jeung ragam basa nu
teu nyunda. Ieu téh henteu ngandung harti masarakat Sunda ulah narima pangaruh tina
basa lian. Nyerep unsur tina basa lian dimeunangkeun pisan, pangpangna dina hal
pakeman-pakeman basa anyar dina basa Indonésia anu beuki loba tur popilér sarta dina
Januar Prayitno, 2014
Ari ragam basa nu kapangaruhan ku latar, nya éta naha di imah, di pakumbuhan,
atawa di kantor. Imah jadi latar tempat panglobana dipakéna basa Sunda, ditéma ku latar
pakumbuhan sapopoé di imah, tuluy dipaké di sakola atawa di kantor.
Asupna jalma-jalma nu asalna ti saluareun Jawa Barat bisa mangaruhan
kabudayaan kayaning segi basa. Jalma-jalma nu asalna ti saluareun Jawa Barat loba
kapangaruhan budaya daérah utamana basana. Sacara sadar atawa henteu sadar
maranéhna ngadarangu jeung boga kahayang bisa nyarita basa nu aya di sabudeureunana.
Nepi ka basa nu dimeunangkeun ku jalma-jalma nu asalna ti saluareun Jawa Barat
mangrupa hasil budaya. Makéna basa di imah mangrupa ulikan Sosiolinguistik Saperti nu
ditétélakeun ku Pride & Holmes (1972), sosiolinguistik sacara basajan ditétélakeun …the
study of language as part of culture and society. Ulikan basa salaku bagian tina
kabudayaan jeung masarakat. Aya kacindekan basa mangrupa bagian tina kabudayaan.
Kedalna omongan atawa basa Sunda téh kapangaruhan ku tempat, waktu, jeung suasana
makéna. Di mana dipakéna, iraha dipakéna, jeung kumaha waktu dipakéna.
Salasahiji latar dipakéna basa nya éta sakola latar anu sarupa, kaalaman ogé murid
di SMK Negeri 3 Bogor nu pernahna di JL. Pajajaran No.84 Kota Bogor, lantaran
maranéhna aya sabudeureun nu maké basa Sunda antukna dina kagitan diajar ngajarna
ogé sacara aturan kudu ngagunakeun panganteur basa Sunda.
Basa Sunda minangka panganteur di sakola mangrupa salasahiji ajén pangajaran
basa Sunda. Éta hal téh saluyu jeung kacindekan Seminar Politik Bahasa Nasional 1975
di Jakarta, basa Sunda miboga pancén atawa fungsi jadi (1) lambang kareueus masarakat
lingkungan kulawarga jeung masarakat urang Sunda, (4) pangdeudeul basa nasional, (5)
basa panganteur di kelas-kelas SD munggaran pikeun ngalancarkeun pangajaran basa
Indonésia jeung pangajaran lianna, sarta (6) alat pamekar jeung pangdeudeul budaya
Sunda (Halim Éd., 1980: 151 dina Lisnawati, 2010:3). Di kelas-kelas luhur, basa Sunda
ogé dipaké jadi basa panganteur nya éta ngajarkeun basa Sunda.
Ku kituna, kamampuan makéna basa indung boh ku guru boh ku murid
SMA/SMK dina widang atikan jeung widang pangajaran basa Sunda mangrupa
pangajaran muatan lokal anu perlu dikembangkeun di sakola. Salah sahiji tujuan poko
nya éta murid mampu jeung parigel dina ngagunakeun basa Sunda anu hadé tur bener
saenggeus ngalaman prosés diajar ngajar di sakola. Pangajaran basa Sunda diajarkeun ka
murid dumasar kurikulum SMA/SMK anu dipakéna.
Lian ti éta, anu kungsi nalungtik ngeunaan ragam basa dina panganteur
pangajaran nya éta “Ragam Basa Sunda Panganteur Pangajaran di SD Negeri Padasuka II
Désa Sukamulya Kac. Kutawaringin Kab. Bandung” (Lisnawati, 2010) anu
ngadéskripsikeun ngeunaan ragam basa nu aya di SD Padasuka II kalawan hasil basa nu
digunakeun dina prosés pangajaran, nya éta ragam basa hormat 46,08%, ragam basa
standar 36,03%, jeung ragam basa campuran 17,87%.
Éta panalungtikan téh medar ragam basa di sakola anu barudakna ngagunakeun
basa Sunda. Ragam basa nu dipaké di lingkungan sakola ku barudak boga kasang tukang
basa anu béda-béda masih perlu ditalungtik. Komo deui barudak sakola nu aya di
lingkungan SMK. Salasahiji lingkungan sakola nu kasang tukang basa barudak béda-béda
Januar Prayitno, 2014
béda-béda kasang tukang basana masih perlu ditalungtik. Ku kituna, ieu panalungtikan nu
dijudulan “Ragam Basa Lisan jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi
Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014 perludilaksanakeun.
1.2Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah
1.2.1 Watesan Masalah
Sudaryat, Spk (2007, kaca. 3) nétélakeun yén ari ragam basa téh bisa disawang tina
rupa-rupa jihat, (1) nu makéna nu nyoko kana wewengkon, (2) tahap atikan, jeung (3)
sikep panyaturna. Basa tina jihat makéna anu nyoko kana jejer omongan, sarana, jeung
sipat pasosokna. Sarana makéna éta ragam basa aya anu disebut ragam basa lisan jeung
tulisan. Tina kasang tukang di luhur, masalah anu ditalungtik diwatesanan sangkan
leuwih museur dumasar kana jihat nu makéna nya éta sarana komunikasi. Ku sabab kitu,
hal anu baris ditalungtik nyoko kana Ragam Basa Lisan jeung Tulisan Siswa Kelas X
Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014. Ragam
basa lisan dina ieu panalungtikan diwatesanan kana ragam basa baku jeung teu baku lisan
dina biantara jeung ragam basa tulis dina karangan pangalaman siswa.
1.3Rumusan Masalah
Patali jeung ieu panalungtikan aya sababaraha masalah anu perlu dirumuskeun. Éta
rumusan masalah téh bisa ditepikeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap.
a. Kumaha ragam basa lisan dina biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi
Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor?
b. Kumaha ragam tulisan dina karangan pangalaman siswa kelas X Jurusan
c. Kumaha ragam basa siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan di SMK Negeri
3 Bogor tina latar makéna basa?
d. Kumaha ciri has ragam basa siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK
Negeri 3 Bogor tina jejer omongan, pasosokna, jeung ciri has basa Perhotelan?
1.4Tujuan Jeung Mangpaat Panalungtikan.
1.4.1 Tujuan Umum
Sacara umum tujuan ieu panalungtikan pikeun mikanyaho jeung
ngadeskripsikeun ragam basa lisan jeung tulisan siswa kelas X Jurusan
Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014.
1.4.2 Tujuan Khusus
Anapon tujuan husus dina ieu panalungtikan nya èta pikeun
ngadéskripsikeun.
a. Ragam basa lisan dina biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan
SMK Negeri 3 Bogor;
b. Ragam tulisan dina karangan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan
SMK Negeri 3 Bogor;
c. Ragam basa lisan siswa kelas X di SMK Negeri 3 Bogor tina jihat latar
makéna basa; jeung
d. Ragam basa siswa kelas X di SMK Negeri 3 Bogor tina jejer omongan,
Januar Prayitno, 2014
1.5 Mangpaat Panalungtikan
1.5.1 Mangpaat Teoritis
Sacara téoritis, ieu panalungtikan aya mangpaatna pikeun ngajembaran élmu
sosiolinguistik hususna ngeunaan basa di lingkungan sakola jurusan perhotélan.
Ieu sababna eusina medar perkara ragam basa lisan jeung tulisan katut.
1.5.2 Mangpaat Praktis
Ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaatna, sacara praktis pikeun
panalungtik, masarakat, guru, siswa jeung masarakat.
a. Pikeun panalungtik, hasil panalungtik bisa méré ambahan élmu ngeunaan
ragam basa jeung leuwih ngariksa basa Sunda salaku kabeungharan daérah
Jawa Barat.
b. Pikeun guru, hasil panalungtikan bahan ajar jeung métode bahan ajar anu
raket patalina jeung métode pangajaran basa Sunda jeung hasil di
meunangkeun tina aspék ayana ragam basa.
c. Pikeun siswa, hasil panalungtikan bisa méré kadeudeuh ka siswa sangkan
leuwih wanoh kana basa Sunda anu aya di sakuriling lingkungan sosialna.
1.6 Sistematika Tulisan
Ieu hasil panalungtikan dipidangkeun dina lima bab. Bab I nya éta bagian
bubuka, eusina ngasongkeun wangenan ragam basa. Anu miboga watesan masalah
ngeunaan panalungtikanna dina widang wangun tulisan jeung lisan. Kasang tukang
siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor, 2) Kumaha
ragam tulisan dina karangan pangalaman siswa kelas X Jurusan Akomodasi
Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor, 3) Kumaha babandingan ragam basa lisan jeung
tulisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan di SMK Negeri 3 Bogor, 4)
Kumaha patalina ragam basa Sunda kana ayana Campur kode di siswa kelas X
Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor.
Dina bab II dipedar ngeunaan ulikan tiori ragam basa nya éta harti tina ragam
basa anu ngawengku wangenan ragam basa, wanda ragam basa anu ngawengku
ragam basa dumasar sawangan panyatur, ragam basa dumasar kana tatakrama basa
sunda, ragam basa dumasar warna makéna, ragam basa dumasar medium atawa
sarana. Hal lain anu dipedar nya éta ngeunaan.
Bab III dipedar ngeunaan métodologi panalungtikan diantarana nya éta,
métode panalungtikan, téknik panalungtikan, pamarekan panalungtikan, téknik
nngolah data, jeung instrumén panalungtikan.
Bab IV dipedar ngeunaan analisis ragam basa nu ngawengku ragam basa
tulis dina widang pangajaran basa Sunda hususna kompetensi dasar carita
pangalaman jeung ragam basa lisan dina widang pangajaran basa Sunda hususna
kompetensi dasar biantara anu lumangsung di kelas X Jurusan Akomodasi
Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor. Salian ti éta ditalungtik aya henteuna variasi basa
dina ragam basa wangun tulisan jeung ragam basa wangun lisan.
Ari dina baba V dipedar kacindekan jeung saran tina hasil panalungtikan
ragam basa lisan jeung tulisan anu lumangsung di kelas X Jurusan Akomodasi