• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1104898 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1104898 Chapter1"

Copied!
7
0
0

Teks penuh

(1)

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Kahirupan manusa tangtu waé raket patalina jeung nu ngaranna kahirupan

sosial. Hiji individu jeung individu lianna ngébréhkeun sagala kahayang jeung

rasana ngaliwatan basa. Ku ngagunakeun basa, sagala kahayang jeung maksud

bisa ditepikeun langsung ka jalma atawa individu lianna. Prosés ngagunakeunna

basa ti jalma hiji ka jalma lianna disebut prosés komunikasi. Dina enas-enasna

mah antara manusa jeung basa téh teu bisa dipisahkeun. Saluyu jeung nu

diébréhkeun ku Chaer jeung Agustina (2010, kc. 11) nétélakeun yén basa téh

mangrupa alat komunikasi nu pangsampurnana, dibandingkeun jeung alat

komunikasi lianna; kaasup ogé alat nu digunakeun ku sato.

Dina hirup kumbuh manusa, basa téh geus hakékatna jadi pakakas komunikasi

sapopoé, boh di lingkungan kulawarga, masarakat, boh di lingkungan atikan,

kaasup lingkungan sakola. Tétéla budak di jaman ayeuna kurang pisan dina

ngagunakeun basa Sunda. Sabada ditanyakeun balukar teu nyarita basa Sunda téh

nya éta masih aya rasa gengsi nalika nyarita ngagunakeun basa Sunda, sabagian

budak nalika ditanya, masih aya nu nyapirakeun basa Sunda jeung kurangna

kahayang diajar basa Sunda. Ieu hal kudu jadi motivasi urang pikeun

numuwuhkeun rasa miboga deui kana basa Sunda, sangkan kaayaan lingkungan

kahirupan basa Sunda di lingkungan masarakat jeung di lingkungan sakola teu

leungit. Ku kituna ieu masalah penting jeung perlu pikeun ditalungtik. Kusabab

budak mangrupa generasi penerus anu bakal nangtukeun maju mundurna hiji

bangsa nu didasaran ku mertahankeun basa Indungna sorangan.

Dina ngagunakeun basa, minangka alat komunikasi pikeun manusa, tangtu

miboga fungsi-fungsi nu kawilang gedé pikeun prosés komunikasi manusa

(2)

Anggraeni 2013, kc. 1) yén unsur tina komunikasi basa téh muncul genep fungsi

nya éta fungsi kognitif, imajinatif, métabasa, émotif, konatif, jeung patis.

Aya sababaraha cabang élmu linguistik nu nalungtik élmu sosial jeung

linguistikna nya éta sosiolinguistik. Nurutkeun Mahsun (dina Gunawan 2007, kc.

1) sosiolinguistik teu nalungtik perkara basa sacara individual, tapi nalungtik

paripolah basa sacara kelompok. Ieu hal dumasar kana konsép sosiolinguistik

salaku sub bidang intérdisiplinér nu ngaguar fénoména kabasaan patalina jeung

faktr sosial, kaasup jenis kelamin, umur, etnisitas tur dina waktu nu sarua ngulik ogé perkara fénoména sosial kalayan ngagunakeun penjelasan dumasar kana

tingkat kejelasan (evidensi) kabasaan.

Sosiolinguistik raket patalina jeung paripolah jalma jeung basa nu dipakéna

atawa bisa disebut sikep basa. Anderson (dina Chaer jeung Agustina 2010, kc.

151) ngabagi sikep jadi dua rupa, nya éta (1) sikep kabasaan, jeung (2) sikep non

kabasaan, saperti sikep pulitik, sikep sosial, sikep éstétis, jeung sikep kaagamaan.

Dina sikep basa aya sababaraha hal nu jadi ciri-ciri nu ngajanggélék di jerona,

saluyu jeung nu ditétélakeun ku Garvin jeung Mathiot (dina Chaer jeung Agustina

2010, kc. 152) nu nétélakeun yén ciri sikep basa aya tilu nya éta (1) kasatiaan basa

(language loyalty) nu ngarojong masarakat hiji basa mertahankeun basana, lamun perlu mencegah ayana pangaruh ti basa lian; (2) Reueus makéna basa (language pride) nu ngarojong jalma lian pikeun mekarkeun basana jeung ngagunakeun basa salaku lambang idéntitas jeung kasatuan masarakatna; (3) kasadaran ayana norma

basa (awareness of the norm) nu ngarojong jalma pikeun ngagunakeun basana sacara santun jeung cermat; jeung mangrupa faktor nu gedé pisan pangaruhna

kana paripolah nya éta kagiatan ngagunakeun basa (language use).

Panyatur jeung pamiarsa bisa nepikeun maksud jeung kahayangna kalawan

lancar jeung écés dibalukarkeun ku prosés komunikasi nu lancar ogé. Prosés

komunikasi nu lancar téh tangtu bakal nyumponan sagala fungsi basa. Ieu hal bisa

jadi patokan, sangkan manusa bisa leuwih pinter tur parigel dina ngolah

kekecapan nu kaluar ngaliwatan sora téa. Manusa hirup di alam dunya téh teu

nyicingan hiji tempat. Tapi ngeusian sakabéh tempat dibumi, nu kabagi deui jadi

(3)

miboga dua basa panyatur komunikasi sapopoéna nya éta basa Indonésia salaku

basa nasionalna jeung basa Daérah. Salasahiji contona nya éta pulo Jawa nu

kabagi deui ku sababaraha daérah jawa lianna. Di antarana daérah Jawa Barat, nu

masarakatna miboga dua basa nu dipaké nalika prosés komunikasi. Basa kahiji

nya éta basa Sunda salaku basa Daérah jeung basa kadua nya éta basa Indonésia.

Basa Sunda salaku basa kahiji téh mangrupa basa panganteur dina komunikasi

sapopoé.

Lajuning waktu masarakat kurang dina hal komunikasi ngagunakeun basa

Sunda. Masarakat leuwih sering ngagunakeun basa Indonésia salaku basa

sapopoéna. Malahan mah aya sabagéan masarakat nu ngagunakeun basa Indonésia

jeung basa Sunda salaku basa sapopoéna atawa disebut interférénsi. Aya salah

sahiji conto di daérah Bandung nu disebutna daérah Tatar Sunda. Di ieu daérah

loba masarakat nu ngagunakeun basa Indonésia jeung basa campuran nya éta basa

Indonésia jeung basa Sunda, padahal ieu daérah téh kaasup di Tatar Sunda. Dina

ieu hal bisa katitén yén di jaman ayeuna minat masarakat pikeun ngamumulé

jeung mulasara basa Sunda kurang pisan, komo ditambah ku arus globalisasi nu

ngabalukarkeun masarakat nu modern.

Basa Sunda lain pikeun dimumulé hungkul, tapi pikeun dipaké dina kahirupan

sapopoé. Dina hal nu pangleutikna nya éta nalika ngobrol kudu maké basa Sunda

boh di sabudeureun lingkungan kulawarga, lingkungan masarakat boh di

lingkungan atikan. Lamun ieu hal geus kacumponan, tangtu waé basa Sunda moal

kasilib ku basa batur. Tétéla nu ngabalukarkeun masarakat hususna rumaja nya éta

kurangna kahayang ngagunakeusn basa Sunda dina kahirupan sapopoé nu

dipangaruhan ku pagaruh lingkungan, hususna di lingkungan atikan. Ieu hal

dibalukarkeun ku lobana siswa nu gengsi ngagunakeun basa, nganggep sapélé

basa Sunda. Lingkungan atikan kabagi jadi dua aya nu disebut formal jeung non

formal. Lingkungan atikan formal nya éta lingkungan atikan di sakola,

sedengkeun lingkungan atikan non formal nya éta lingkungan atikan di sakuriling

kulawarga jeung masarakat. Lamun lingkungan atikan di sabudeureunna

ngarojong sangkan budak atawa siswa bisa nyarita basa Sunda, tangtu waé éta

(4)

Sakumaha nu geus dijelaskeun saacanna, hal nu raket pisan jeung kahirupan

siswa nya éta kaayaan di lingkungan sabudeureunna, nya éta lingkungan sakola

téa. Lingkungan sakola miboga peran penting pikeun ngawangun paripolah siswa

nu lila kalilaan bisa mangaruhan kana prosés lumangsungna sikep basa. Nu

dimaksud lingkungan sakola nya éta komponén-komponén sakola nu miboga

peran penting dina ngarojong motivasi siswa sangkan miboga sikep basa nu hadé.

Siswa biasana maké basa teu saluyu jeung makéna basa di lingkungan

kulawargana. Di SMPN 44 Bandung rata-rata siswa jeung siswina jarang nu maké

basa sunda lolobana basa Indonésia, sanajan diantarana aya ogé nu maké basa

Sunda, tapi bisa kawilang saeutik. Ku kituna kumaha sikep jeung makéna basa

Sunda di ieu sakola masih dipaké atawa geus loncér, perlu dijieunna salasahiji

tarékah nyaéta nyundakeun pangajaran basa Sunda di Sakola sangkan bisa jadi hal

nu dipikaresep ku siswana.

Panalungtikan ngeunaan sikep basa samodél kieu, saméméhna geus aya nu

nalungtik, saperti ku Ari Kartini (2013), anu maluruh ngeunaan “Sikap Bahasa

dan Kemampuan Berbahasa Masyarakat Dwibahasawan serta Model

Pembinaannya: Studi Deskriptif Analisis pada Masyarakat Sindang Sari,

Kecamatan Kersamanah, Kabupaten garut taun 2013”. Tuluy ku Abhurizal

Muhammad Yusuf ngeunaan “Sikep Basa kulawarga Dina Ngukuhan Basa Sunda

di Désa Lebakmuncang Kacamatan Ciwidéy Kabupatén Bandung”. Antara judul

nu ditulis ku Abhurizal Muhammad Yusuf nya éta Sikep Basa kulawarga Dina

Ngukuhan Basa Sunda di Désa Lebakmuncang Kacamatan Ciwidéy Kabupatén

Bandung miboga sasaruan jeung judul panalungtikan nu ditalungtik ku

panalungtik, nya éta sarua ngajelaskeun ngeunaan sikep basa nu dialaman ku hiji

lingkungan. Salian ti sasaruan aya ogé bédana nya éta dina ieu panalungtikan

matalikeun antara hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa sedengkeun

skripsi nu ditulis ku Abhurizal ngeunaan sikep basa jeung pemertahanan basa.

Panalungtikan anu ngulik ngeunaan hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa acan aya anu ngagarap. Ku kituna, ieu panalungtikan nu judulna “Hubungan Lingkungan Atikan jeung Sikep Basa Siswa Kelas VII SMPN 44 Bandung Taun

(5)

1.2Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang anu geus ditepikeun, anu jadi masalah dina ieu

panalungtikan nya éta pangaruh lingkungan atikan nu mangrupa

komponén-komponén sakola nya éta, 1) tujuan, 2) manusa (guru, siswa, kapala sakola,

laboran, pustakawan, tanaga administrasi, patugas kabersihan, jsb, 3) kurikulum,

4) média atikan jeung téhnologi atikan, 5) sarana, prasarana, jeung fasilitas, sarta

6) nu ngokolakeun sakola nu diwatesanan jadi guru, siswa, kapala sakola, staf TU

atawa tanaga administrasi, penjaga sakola, penjaga kantin, jeung penjaga

kaamanan nu bisa dirumuskeun dina kalimah pananya ieu dihandap.

a. Kumaha lingkungan atikan sakola di SMPN 44 Bandung?

b. Kumaha sikep basa kana basa Sunda siswa kelas VII SMPN 44 Bandung?

c. Kumaha hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa kana basa Sunda siswa

kelas VII di SMPN 44 Bandung?

1.3Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung

ngadéskripsikeun hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa siswa kelas VII

SMPN 44 Bandung.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan hayang mikanyaho jeung

ngadéskripsikeun hal-hal nu ngawengku:

a. Lingkungan atikan sakola di SMPN 44 Bandung.

b. Sikep basa kana basa Sunda siswa kelas VII SMPN 44 Bandung kana nyarita

basa Sunda.

c. Hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa kana basa Sunda siswa kelas

VII di SMPN 44 Bandung.

(6)

Ieu panalungtikan tangtuna miboga mangpaat pikeun balaréa. Panalungtik

ngabagi dua mangpaat tina hasil panalungtikan, nya éta:

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran

sagemblengna ngeunaan tiori sosiolinguistik téh mangrupa gabungan antardisiplin

élmu nya éta sosiologi jeung linguistik, anu pikeun maluruh kaayaan atawa

kondisi masarakat hiji lingkungan.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sangkan leuwih écés deui baris diwincik sababaraha mangpaat anu sipatna

praktis, diantarana:

a. Pikeun Siswa

Bisa numuwuhkeun rasa kareueus siswa dina ngamumulé basa Sunda tur bisa

ngahudangkeun minat siswa sangkan teu ninggalkeun basa Sunda salaku basa

Indungna.

b. Pikeun Instansi Pendidikan

Panalungtik miboga karep pikeun méré informasi jeung data sangkan bisa jadi

acuan dina panalungtikan saterusna.

c. Pikeun panalungtik

Bisa nambahan élmu pangaweruh jeung ngaliwatan ieu prosés panalungtikan,

panalungtik bisa nyugemakeun rasa kapanasaran pangaruh lingkungan atikan

kana sikep basa siswa hususna kelas VII SMPN 44 Bandung.

1.5 Raraga Tulisan

Sanggeus data réngsé dianalisis, tahap ahir dina ieu panalungtikan nyaéta

nyusun laporan dina wangun skripsi. Anapon sacara gurat badag dina nyusun

skripsi kabagi jadi lima bab, anu bisa diwincik saperti ieu di handap.

BAB I bubuka, eusina ngawengku kasang tukang masalah, idéntifikasi

jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung

(7)

BAB II mangrupa bab nu medar ngeunaan tiori-tiori aya patalina jeung panalungtikan “Pangaruh Lingkungan Atikan kana Sikep Basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung” . Tiori anu dipedar nya éta basa, fungsi basa, komunikasi basa, ragem basa. Anu jadi dadasar dina ieu panalungtikan nya éta

komponn-komponén atikan sakola jeung tilu ciri sikep basa (1) kasatiaan basa (language loyality), anu ngarojong hiji masarakat tetep maké hiji basa kalayan dipertahankeun; (2) kareueus basa (language pride), anu ngarojong hiji jalma mekarkeun basana katut maké hiji basa salaku lambang idéntitas hiji masarakat;

(3) kasadaran ayana norma basa (awareness of the norm).

BAB III métode panalungtikan, medar ngeunaan Lokasi géografis tempat

panalungtikan jeung sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan,

wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun Data,

téhnik ngolah data.

BAB IV timuan jeung pedaran, eusina mangrupa déskripsi lingkungan

atikan, medar sikep basa siswa SMPN 44 Bandung,

BAB V kacindekan jeung saran, mangrupa bab pamungkas nu eusina

ngeunaan gurat badag, intisari tina skripsi panalungtikan, jeung saran pikeun

Referensi

Dokumen terkait

[r]

Menurut Zethaml dan Bitner (1996) kualitas pelayanan adalah tingkat keunggulan yang diharapkan dan pengendalian atas tingkat keunggulan tersebut untuk memenuhi

1.. Criar uma Parceria Global para o Desenvolvimento. O PED determina que “um componente-chave do Programa dos Sucos dos Objetivo de Desenvolvimento do Milénio será a construção

PENGARUH SUPERVISI KLINIS KEPALA SEKOLAH TERHADAP KINERJA MENGAJAR GURU SEKOLAH MENENGAH PERTAMA SE-KECAMATAN CIKANCUNG KABUPATEN BANDUNG.. Universitas Pendidikan Indonesia

Diberikan

3.2 Instrumen Validasi Implementasi Model Pembelajaran Pendidikan Jasmani Berbasis Kerja Otak Oleh Pakar Pembelajaran Pendidikan Jasmani (Brain-Based Physical Education

tersebut maka penulis tertarik untuk melakukan penelitian dengan judul “ Pengaruh rasio likuiditas, rasio solvabilitas dan rasio aktivitas terhadap laba perusahaan dagang di

Akan tetapi hal yang paling penting sebetulnya adalah sejauh mana pengelola dapat mensinergikan program-program perpustakaan dengan visi-misi sekolah serta kebutuhan kurikulum yang