• Tidak ada hasil yang ditemukan

Jieun hiji karangan nu eusina nyarittakeun hiji tokoh nu jadi idola hidep!

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "Jieun hiji karangan nu eusina nyarittakeun hiji tokoh nu jadi idola hidep!"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

Niléy Tanda Tangan Guru

3. Sebutkeun ciri-ciri pupujian!

4. Sebutkeun papasingan pupujian katut contona!

5. Naon bédana sajak lirik jeung epik?

III. Ngarang

(2)

UJI KOMPETÉNSI / UJIAN AHIR SEMESTER

(ULANGAN UMUM)

I. Pilih jawaban nu pangbenerna!

Wacana

Baca wacana di handap!

Sétra : “Hallo ... Assalaamu’alaikum” Gentra : “Wa’alaikumsalam, sareng saha ieu?” Sétra : “Abdi Sétra ti SMP Sunda Sawawa”

Gentra : “Oh, Sétra aya naon, mani rareuwas keui yeuh ?”

Sétra : “Ieu Pa, abdi téh aya taroskeuneun ka bapa perkawis Budaya Sunda” 1. Paguneman di luhur mangrupa paguneman antara ...

a. bapa jeung anak c. murid jeung guru b. babaturan ulin d. babaturan sapagawéan 2. Nu jadi jejer dina éta paguneman téh nya éta ...

a. Budaya Sunda b. Basa Sunda c. Sastra Sunda d. Pangajaran Basa Wacana

Ilaharna saméméh ngagarap sawah anu baris ditandur- an téh, patani sok ngaheulakeun pabinihan, nya éta tempat ngipukeun paré anu engkéna keur binih téa. Ngahaja paréna gé dipilih heula, sangkan alus jadina. Kitu deui empatna ogé kudu anu léndo pisan, upamana dina babaladon anu deukeut sungapan. Pangna kitu téh sangkansubur. Geus kitu mah kakara tebar, nya éta ngawurkeun pibiniheun téa.

3. Pikiran lulugu tina paragraf di luhur téh nya éta:

a. Saméméh ngagarap sawah nu rék ditanduran, patani sok ngaheulakeun pabinihani. b. Pabinihan téh tempat ngipukeun paré anu engkéna keur binih téa. c. Paréna ngahaja dipilih sangkan alus jadina.

d. Tempatna dina babaladon anu deukeut kana sungapan. 4. Dina paragraf di luhur aya kecap ditanduran, tandur hartina:

a. melak paré di kebon b. melak beubeutian c. melak palawija d. melak paré di sawah

5. Salian ti kecap tandur aya ogé kecap léndo, sinonim kecap léndo nya éta: a. angar c. garing

b. subur d. bécék

6. Pagawéan meresihan jujukutan nu jaradi dina sabudeureun paré di sawah disebut: a. ngoyos c. ngarambét

b. ngoréd d. ngaseuk

7. Ayeuna mah ngala paré téh ku arit, sedengkeun baheula mah.... a. ku bedog c. ku péso

(3)

Wacana

Borondong téh dijieunna tina paré (béas anu can digiling/ dilaan kulumudna), rasana amis semu gurih, ngepros, sarta seungit deui. Rupana aya nu bodas aya anu semu konéng. Wangunna baruleud ti mimiti nu sagedé bal pingpong nepi ka anu sagedé bal sépak. Malah anu motékar mah aya anu dijieun paparahuan sagala.

8. Paragraf di luhur téh eusina ngeunaan: a. Pedaran ngeunaan rupa borondong. b. Pedaran ngeunaan rasa borondong. c. Pedaran ngeunaan wangun borondong.

d. Pedaran ngunaan sagala hal anu aya patalina jeung borondong. 9. Numutkeun paragraf di luhur, borondong téh dijieunna tina....

a. ketan c. paré

b. béas d. tipung béas

10. Dina paragraf di luhur aya kecap motékar, antonim tina kecap motékar nya éta: a. pinter c. rancingeus

b. kuuleun d. percéka

11. Pun bapa mulih ti Sumedang nyandak oléh-oléh... a. tahu c. wajit

b. dodol d. tauco

12. Kadaharan has Sunda anu dijieunna tina sampeu, dijerona aya gulaan sarta dibungkus ku daun cau, nya éta;

a. katimus c. bugis b. peuyeum d. ladu

Wacana

Kacaturkeun aya manuk Manintin jeung caladi keur maracokan bonténg catang anu kabeneran kabawa palid di susukan, nepi ka éta bonténg téh kari sabeulah, eusina geus méh béak, pada macokan, tuluy ngawujud paparahuan leutik. “Lakadalah kabeneran, Ki Sobat urang téh boga parahu nya yeuh!” ceuk sakadang Manintin ka sakadang Caladi. “Enya!” walon sakadang Caladi, “Peujit buncir heug parahu boga, seug urang senang-senang kakawihan yu!”

13. Wacana di luhur téh mangrupa sempalan tina dongéng, lamun dititénan eusina éta dongéng téh kaasup kana...

a. parabel c. sagé b. fabel d. mite 14. Palaku dina dongéng di luhur téh nya éta:

a. Manintin jeung Tunggeu b. Caladi jeung Tunggeu c. Manintin jeung Caladi d. Tunggeu jeung monyét 15. Eusi paragraf di luhur téh nya éta:

a. Manintin jeung Caladi macokan bonténg. b. Bonténg catang palid ka susukan.

c. Manintin jeung Caladi keur paparahuan.

d. Manintin jeung Caladi macokan bonténg nu palid nepi ka jadi paparahuan. 16. Dongéng anu eusina nyaritakeun asal muasal kajadian hiji perkara, disebut:

(4)

17. Dongéng sasakala anu hirup tur kakoncara di wewengkon Bandung diantarana; a. Situ Panjalu b. Sangkuriang

c. Maung Panjalu d. Situ Bagendit

Wacana

KAHÉMAN

(Galindeng asih keur Sétra jeung Gentra)

Anaking,

dina léngkah anjeun nyampakna pangharepan pikahareupeun ngalangkang sugan jeung sugan bray beurang nembang kahéman

wanci peuting ngawih kaasih: “ayun ambing ayun ambing...” pareng hudang geura tandang ngudag bagja ku wiwaha nyuprih élmu ku kapengkuh Mun pareng éléh jajatén, anaking Héman indung ‘na embun-embunan

18. Wacana di luhur téh mangrupa salahsahiji karya sastra wangun puisi anu disebut: a. guguritan c. sajak

b. pupujian d. dongéng

19. Téma tina wacana di luhur téh nya éta:

a. kanyaah anak ka indung b. anak anu dititah néangan élmu c. anak nu éléh jajatén d. kanyaah indung ka anak 20. Judul wacana di luhur téh kahéman, sinonim tina kecap kahéman nya éta:

a. ceuceub c. geuleuh b. kangéwa d. kanyaah 21. Dina wana di luhur téh aya kecap tandang anu hartina....

a. bajuang c. digawé b. indit d. lunta 22. Rasa anu kagambarkeun dina sajak di luhur téh nya éta:

a. bagja c. sedih b. asih d. waas

Wacana

...

Irfan Hakim mémang pengkuh pisan dina ngajalankeun saréat Islam. Inyana henteu ngaroko sumawonna nginum inuman nu ngandung alkohol atawa maké narkoba mah. Dina milih perang deui anu picontoeun téh, Irfan Hakim mah salilana nyingkahan peran-peran nu ngudukeun dirina ngalakukeun adegan anu teu sopan jeung lawan maénna....

23. Pikiran lulugu tina paragraf di luhur téh nya éta: a. Irfan Hakim henteu ngaroko

b. Irfan Hakim tara maké narkoba

c. Irfan Hakim pengkuh pisan ngajalankeun saréat Islam

(5)

24. Dina paragraf di luhur aya kecap pengkuh, antonim tina éta kecap téh nya éta:

a. kuat c. panceg

b. taat d. lalawora

25. Kecap-kecap metik, naruk, mipit, ngajul, mupu, jrrd. téh mangrupa kecap husus tina.... a. ngala c. nyokot

b. mawa d. nuar 26. Ngumbah téh mangrupa kecap umum tina...

a. metik, naruk, jeung mipit

b. mandi, ngisikan, jeung nyeuseuhan c. nyuhun, nanggung, jeung ngélék d. nguseup, ngecrik, jeung ngundeur

Wacana

SDN Manggahang II nu perenahna di Jl. Raya Ciparay, poé Rebo (26/1) dijadikeun tempat lumangsungna kagiatan sosialisasi Wajar Dikdas 9 taun nu dibuka langsung ku Camat Balééndah Térry Rusinda,S.Ip.

27. Lamun seug dititénan pok-pokanana, paragraf di luhur téh eusina mangrupa...

a. warta c. wawancara

b. dongéng d. carita pondok

28. Pikiran lulugu tina paragraf di luhur téh nya éta: a. SDN Manggahang II perenahna di Jl. Raya Ciparay.

b. SDN Manggahang II jadi tempat sosialisasi Wajar Dikdas 9 vtaun. c. Kagiatan dibuka ku Camat Balééndah.

d. Camat Balééndah téh Térry Rusinda,S.Ip.

29. Ieu dihandap aya buku nu kaasup kumpulan carita pondok ... a. Gunung Tujuh c. Kanjut Kundang b. Dogdog Pangréwong d. Petingan

30. Kumpulan carita pondok meunang sababaraha urang pangarang nu dikumpulkeun dina hiji buku disebut ...

a. antologi c. auto biografi b. biografi d. bibiografi

II. Jawab patalékan di handap kalawan bener!

31. Naon nu ngabedakeun dongéng jeung carita pondok?

(6)

33. Sebutkeun unsur-unsur intrinsik sajak!

34. Cing pék sebutkeun tina naon dijieunna jeung kumaha rasana kadaharan di handap!

a. jalabria :

b. misro : c. angléng : d. cingcaw : e. bajigur :

35. Terangkeun harti istilah tatanén di handap! a. ngawalajar : b. tandur : c. pabinihan : d. babut : e. ngoyos : III. Ngarang

Jieun hiji karangan nu eusina nyaritakeun pangalaman nu kungsi kaalaman ku hidep sarta éta kajadian/pangalaman téh hésé dipopohokeunana!

Referensi

Dokumen terkait

Penilaian portofolio minangka pangajén anu dumasar kana informasi ngeunaan kamekaran kamampuh murid dina hiji periode. Eta informasi téh bisa mangrupa karya murid tina hiji

Penilaian portofolio minangka pangajén anu dumasar kana informasi ngeunaan kamekaran kamampuh murid dina hiji periode. Eta informasi téh bisa mangrupa karya murid tina hiji

anu matak kataji tina ieu panalungtikan nya éta prosés transformasi anu nyangkaruk dina ieu karya sastra. Carita anu mimitina mangrupa wawacan tuluy ditransformasikeun

dokumén nu mangrupa catetan jeung rekaman ragam basa Sunda Ciak. Tina éta sumber data, kecap-kecap nu dipaké téh aya dina kahirupan sapopoé. masarakatna. Éta istilah nu dijadikeun

téh miboga sifat konvénsional, nya éta gumantung kana kasapukan masarakat di hiji wewengkon dimana éta tanda dipakéna. Jadi, bisa waé dina ngama‟naan hiji hal atawa

Kontéks komunikasi dina panalungtikan ieu téh ditekenkeun kana kagiatan dina ngagunakeun basa sacara terus-terusan, nya éta dina waktu guru jeung murid ngalakukeun

Kartu kata nya éta média basajan dina wangun kartu anu eusina mangrupa kekecapan (kata) pikeun dimekarkeun sangkan jadi karangan éksposisi. Béda jeung panalungtikan

Penilaian portofolio minangka pangajén anu dumasar kana informasi ngeunaan kamekaran kamampuh murid dina hiji periode. Eta informasi téh bisa mangrupa karya murid tina hiji