• Tidak ada hasil yang ditemukan

T PBBS 1103674 Chapter1

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "T PBBS 1103674 Chapter1"

Copied!
8
0
0

Teks penuh

(1)

1

Irpan Maulana, 2014

Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Basa mangrupa alat komunikasi nu dipaké ku manusa pikeun ngayakeun interaksi atawa hubungan jeung papada jalma. Ku cara maham tur ngawasa sawatara basa, tangtu manusa bisa meunangkeun sawatara informasi jeung meunangkeun pangalaman nu saméméhna can pernah kapikiran tur karandapan ku manéhna. Ngaliwatan basa ogé, manusa bisa ngébréhkeun sagala ide pikiranana boh dina wangun lisan boh dina wangun tulisan. Dina prosésna ngedalkeun pikiranana, manusa tangtu kudu ngaronjatkeun kaparigelan makéna basa, salah sahijina kaparigelan nulis.

Kagiatan nulis diwujudkeun ku média basa tulis, anu ngajanggélék jadi téks atawa wacana tulis. Palebah dieu, wacana mangrupa media prosés tina mekarkeun komunikasi kalawan ngagunakeun simbol-simbol sarta kajadian-kajadian nu lumangsung dina sistem kamasarakatan. Ngaliwatan wacana, sagala hal nu hayang ditepikeun ngaliwatan komunikasi, contona dina wangun kecap, tulisan, gambar, sarta nu lianna, baris ditangtukeun ku jalma-jalma nu makéna. Ieu hal luyu jeung pamadegan Sudaryat (2007:284), nu nétélakeun yén wacana téh nyaéta wangun basa pangjembarna anu disusun tina runtuyan kalimah-kalimah anu sambung-sinambung, tatali unsurna ngéntép seureuh tur tatali

ma’nana dalit luyu jeung kontéks situasi.

(2)

Irpan Maulana, 2014

Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2

Ari bédana nyaéta lebah médiumna, wacana lisan patali jeung ucapan atawa omongan (fonologis), wacana tulis patali jeung aksara katut éjahan (grafologis).

Wacana bisa dianalisis tina rupa-rupa aspék, boh nu sipatna internal boh nu

sipatna éksternal. Analisis wacana internal museurkeun paniténna kana struktur

basa kayaning frasa, klausa, kalimah, kohési, kohérénsi, jeung sajabana. Sedengkeun analisis wacana éksternal museurkeun paniténna kana hal nu aya di saluareun téks saperti kumaha situasi sosial politik nalika téks dijieun, kumaha éta téks mangaruhan ka masarakat nu macana, jeung sajabana.

Pamahaman dasar ngeunaan analisis wacana nyaéta wacana teu bisa dicangkem ku nu maca, ngan ukur jadi objék dina studi basa wungkul. Basa tangtu dipaké pikeun nganalisis téks, tapi basa nu dipaké teu ukur disawang tina sisi linguistik tradisional. Basa dina analisis wacana kritis, salian tina téks ogé disawang tina kontéks basa minangka alat nu dipaké pikeun tujuan sarta prakték nu tangtu kaasup prakték idéologi. Idéologi pangarang nu diébréhkeun dina wangun wacana can tangtu bisa kacangkem tur dipikaharti ku nu macana, sabab dina ngedalkeun pamanggihna loba pangarang nu nyamunikeun maksud anu sabenerna, komo lamun anu diébréhkeunana téh patali jeung ideologi pulitikna. Ieu hal biasana mah disababkeun lantaran pangarang niténan kaayaan sosial nu aya di sabudeureun masarakat.

(3)

Irpan Maulana, 2014

Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3

Di nagara deungeun mah ulikan analisis wacana kritis téh geus kaitung lila. Salasahiji inohong analisis wacana kritis anu kawéntar nyaéta Teun Adrianus van Dijk. Inyana kagolong salah saurang sarjana dina widang linguistik téks, analisis wacana, jeung analisis wacana kritis. Van Dijk mah niténan hiji téks téh diwangun ku sababaraha struktur/tingkatan anu unggal-unggal bagianana silirojong. Dina nganalisis hiji téks, van Dijk ngabagi jadi tilu tingkatan. Kahiji struktur makro, nu mangrupa ma’na sacara umum tina hiji téks, nu bisa disurahan kalawan ningali topik atawa téma nu diasongkeun dina hiji wacana. Tingkatan nu kadua nyaéta superstruktur, mangrupa struktur wacana nu aya patalina jeung rangka hiji téks, kumaha bagian-bagian téks ngajanggélék jadi hiji wacana sacara gembleng. Tingkatan katilu struktur mikro, nyaéta ma’na tina wacana nu bisa dititénan tina sababaraha bagian nu ngarojong kana téks saperti kecap, kalimah, proposisi, anak kalimah, paraprase, jeung gambar.

Nurutkeun van Dijk, najan hiji wacana téh diwangun ku sababaraha bagian, tapi éta bagian-bagian téh tetep mangrupa hiji beungkeutan nu silih deudeul.

Ma’na global tina hiji téks (téma) dirojong ku ayana rangkay téks, nu ahirna mah éta rangkay téh baris dimekarkeun jadi hiji wacana anu gembleng ngaliwatan pilihan kecap sarta kalimah nu dipaké ku pangarang.

Makéna runtuyan kecap, kalimah, proposisi sarta rétorika nu tangtu ku média citak disurahan ku van Dijk mah mangrupa bagian tina stratégi wartawan. Makéna kecap-kecap, kalimah, gaya nu tangtu lain ukur disawang minangka alat

komunikasi, tapi disawang ogé minangka pulitik dina komunikasi. Ieu hal

(4)

Irpan Maulana, 2014

Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 4

Sakumaha nu geus ditétélakeun yén analisis wacana kritis nu objékna wacana basa Sunda mah kaitung langka, boa teu aya. Upama macaan daptar hasil panalungtikan boh nu mangrupa skripsi atawa tésis, ulikan kana analisis wacana kritis nu objékna wacana basa Sunda teu kapaluruh ayana. Ku kituna panalungtik nyobaan nyurahan wacana ngagunakeun analisis wacana kritis dumasar modél Teun A. van Dijk dina rubrik “Balé Bandung” nu aya dina majalah Manglé. Ieu rubrik mangrupa salah sahiji conto tina wacana tulis. Dina ieu rubrik, nu biasa diluluguan ku Karno Kartadibrata, dipedar sawatara pamadegan ti pangarang nu biasana patali jeung kajadian-kajadian ahéng di masarakat sarta karandapan ogé ku pangarangna. Karno salaku panulis dina ieu rubrik, remen ngébréhkeun pamadegan-pamadegan pulitikna ngaliwatan wacana anu ditulisna.

Dumasar kana kasang tukang di luhur, karasa perluna diayakeun panalungtikan ngeunaan analisis wacana nu aya dina rubrik “Balé Bandung”. Ku

kituna ieu panalungtikan téh dijudulan “Adegan Wacana Rubrik Balé Bandung

dina Majalah Manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)”

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, ieu di handap dijelaskeun ngeunaan watesan jeung rumusan masalah panalungtikan.

1.2.1 Watesan Masalah

(5)

Irpan Maulana, 2014

Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5

téks nyaéta analisis wacana kritis modél Teun A. van Dijk. Ieu pamarekan nekenkeun kana tilu unsur panalungtikan, nyaéta: (1) struktur makro nu ngawengku tématik; (2) superstruktur nu ngawengku skématis; jeung (3) struktur mikro nu ngawengku semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétoris. Ari wacana nu dijadikeun bahan analisis nyaéta rubrik “Balé Bandung” nu aya dina majalah Manglé taun 2012. Rubrik nu dijadikeun bahan gé henteu dianalisis sadayana, tina rubrik nu medal dina taun 2012 téh ditalungtik tujuh wacana rubrik “Balé Bandung” nu saméméhna geus dipasing-pasing heula dumasar kana témana séwang-séwangan. Éta sakabéh wacana téh dianggap bisa ngagambarkeun idé-idé pulitik ti Karno salaku nu nulisna. Ieu hal diluyukeun jeung analisis wacana kritis Teun A. van Dijk nu mémang leuwih museurkeun panalungtikanana tina segi pulitik.

1.2.2 Rumusan Masalah

Sangkan dina maluruh masalah-masalah dina ieu panalungtikan leuwih gampang dilakukeunana, dirumuskeun dina kalimah pananya saperti ieu di handap.

a. Kumaha struktur makro nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina

téma puseurna?

b. Kumaha superstuktur nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina

skématisna?

c. Kumaha struktur mikro nu aya dina rubrik “Balé Bandung” disawang tina

semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétorisna?

d. Kumaha karakteristik wacana kritis basa Sunda nu aya dina rubrik “Balé Bandung” majalah Manglé?

(6)

Irpan Maulana, 2014

Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 6

Tujuan nu hayang dihontal tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun manggihan

jeung medar wacana rubrik “Balé Bandung” dina majalah Manglé. Ari pedaran atawa déskripsina nyoko kana widang:

a. struktur makro nu ngawengku unsur téma puseur; b. superstruktur nu ngawengku unsur skématis;

c. struktur mikro nu ngawengku unsur semantik, sintaksis, stilistik, jeung rétoris; jeung

d. karakteristik wacana kritis basa Sunda nu aya dina rubrik “Balé Bandung”

majalah Manglé.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat ieu panalungtikan dijembarkeun kana dua bagian, nyaéta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nambahan kabeungharan élmu wacana tina segi analisis wacana kritis. Salian ti éta, tina ieu panalungtikan ogé bisa manggihan alternatif anyar dina nganalisis wacana. Mun biasana mah nu dianalisis wacana téh ukur unsur kabasaanana hungkul, saterusna mah bisa ngagunakeun rupa-rupa analisis wacana salah sahijina analisis wacana kritis dumasar pamarekan Teun A. van Dijk.

1.4.2Mangpaat Praktis

Tina jihat praktis, ieu panalungtikan téh gedé mangpaatna, di antarana: a. Pikeun mahasiswa, ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun référénsi dina

(7)

Irpan Maulana, 2014

Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 7

b. Pikeun panalungtik, hasil panalungtikan bisa méré gambaran ngeunaan kumaha sawangan idéologi pulitik pangarang nu nyangkaruk dina rubrik

“Balé Bandung”.

c. Pikeun guru, hasil panalungtikan bisa dipaké salasahiji sumber bahan ajar kaparigelan basa di sakola, utamana tahapan atikan menengah kayaning SMA.

1.5 Ragaga Tulisan

Eusi ieu tésis téh kabéhanana ngawengku lima bab, anu eusina ngébréhkeun ngeunaan sistematika raraga tulisan dumasar kana maksud judul bab nu dipedarna.

Bab I Bubuka, medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan (tujuan umum jeung tujuan husus), mangpaat panalungtikan (mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis), jeung raraga tulisan.

Bab II Ulikan Tiori, Raraga Mikir, jeung Anggapan Dasar, medar ngeunaan (1) ulikan tiori (wacana, analisis wacana kritis, jeung analisis wacana kritis model Teun A. van Dijk), (2) raraga mikir panalungtikan, jeung (3) anggapan dasar panalungtikan.

Bab III Métode Panalungtikan, medar ngeunaan (1) data jeung sumber data panalungtikan, (2) desain panalungtikan, (3) métode panalungtikan, (4) wangenan operasional, (5) instrumén panalungtikan, (6) téhnik ngumpulkeun data, jeung (7) téhnik ngolah data.

(8)

Irpan Maulana, 2014

Adegan wacana rubrik balé bandung dina majalah manglé (Analisis Wacana Kritis Modél Teun A. van Dijk)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 8

Bandung”, analisis struktur mikro nu aya dina rubrik “Balé Bandung”, jeung analisis karakteristik wacana kritis basa Sunda dina rubrik “Balé Bandung”.

Referensi

Dokumen terkait

SPSS yang telah dilakukan di atas, diperoleh nilai sig 0.001, nilai tersebut < 0.050, maka dapat disimpulkan bahwa Produk berpengaruh signifikan terhadap

Keputusan Menteri Riset, Teknologi, dan Pendidikan Tinggi Republik Indonesia Nomor 732/KPT/I/2018 tentang Izin Penyatuan dan Perubahan Bentuk Beberapa Perguruan Tinggi

Kondisi Model 2 pada tabel 3 menunjukkan bahwa swasembada beras dapat dicapai apabila disertai dengan berbagai upaya untuk meningkatkan produktivitas padi dan kebijakan sawah

The Application Of The English Past Tenses Knowledge To Recount Texts Of Writing I Students Of The English Education Study Program of Widya Mandala Catholic

Keputusan hakim yang menyatakan seseorang bersalah atas perbuatan pidana yang dimaksud dalam pasal 13, menentukan pula perintah terhadap yang bersalah untuk

Berdasarkan hasil penelitian yang dilakukan pada remaja di Desa Widarasari mengenai pengelolaan pendidikan karakter bagi remaja melalui pendekatan nilai- nilai

Himpunan Peraturan Gubernur Tahun 2015 1... Himpunan Peraturan Gubernur Tahun 2015

Melakukan stress testing terhadap perubahan modal inti (tier1) yang baru dibanding modal inti (tier1) awal akibat penurunan harga emas pada lag 1 bulan, 2 bulan dan 3