SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat ngahontal gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah
ku
Siti Meisaroh NIM 1104898
DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
BANDUNG
Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi yang berjudul “Hubungan Lingkungan Atikan jeung Sikep Basa Siswa Kelas VII SMPN 44 Bandung Taun Ajaran 2014/ 2015” ini beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri. Saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara tidak sesuai dengan etika ilmu yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan tersebut, saya siap menanggung resiko/sanski apabila kemudian ditemukan adanya pelanggaran etika keilmuan ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.
Bandung, Februari 2015 Yang membuat pernyataan,
ii
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya keinginan masyarakat, khususnya siswa dalam menggunakan bahasa Sunda dalam kehidupan sehari-harinya yang diakibatkan karena rasa gengsi menggunakan bahasa Sunda , dan menganggap remeh terhadap bahasa Sunda. Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui dan mendeskripsikan hubungan lingkungan atikan dan sikap bahasa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung terhadap bahasa Sunda. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif kualitatif. Data yang dikumpulkan melalui teknik unsur bawahan langsung. Hasil penelitian ini dideskripsikan sebagai berikut: (1) keadaan lingkungan pendidikan sekolah SMPN 44 Bandung yang terdiri dari guru, siswa, kepala sekolah, pustakawan, penjaga sekolah, penjaga keamanan, penjaga kantin, dan tenaga administrasi, (2) Berdasarkan hasil responden yang tingkatan dalam bahasa Sundanya bagus, sedang, dan kurang, walaupun rata-rata jawaban yang dijawab responden yang tingkatan bahasa Sundanya kurang, lebih banyak yang memberikan respon biasa saja dalam bahasa Sunda, sikap bahasa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung terhadap bahasa Sunda yang mempunyai sikap bahasa yang terbilang positif, (3) hubungan lingkungan pendidikan dan sikap bahasa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung saling berkaitan satu sama lain yang bisa dilihat dari komunikasi sehari-hari antara warga SMPN 44 Bandung dengan siswa yang mempengaruhi terhadap pembangunan sikap bahasa siswa.
Kata Kunci: Hubungan Lingkungan Pendidikan dan Sikap Bahasa
1 Skripsi dibawah bimbingan Dr. H.Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Drs H.Oleh Solehudin, M.Pd.
iii
1Thesisis under the guidance of Dr.H.Yayat Sudaryat, Hum. and Drs H.Oleh Solehudin, M.Pd.
2Students of the Department of Local Language Education FPBS of UPI Bandung batch of 2011
HUBUNGAN LINGKUNGAN ATIKAN JEUNG SIKEP BASA
SISWA KELAS VII SMPN 44 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/ 20153
Siti Meisaroh4
ABSTRAK
Kasang tukang masalah dina ieu panalungtikan nya éta kurangna kahayang masarakat hususna siswa dina ngagunakeun basa Sunda di kahirupan sapopoé nu diakibatkeun ku rasa géngsi ngagunakeun basa, jeung nganggep sapélé basa Sunda. Tujuan panalungtikan nya éta nepikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung. Ieu panalungtikan dianalisis ngagunaekun métode déskriftif kualitatif. Data dikumpulkeun ngagunakeun téhnik analisis unsure bawahan langsung. Hasil panalungtikan nya éta: (1) kaayaan lingkungan atikan sakola di SMPN 44 Bandung nu ngawengku guru, siswa, kepala sakola, penjaga pabukon, penjaga sakola, penjaga kaamanan, penjaga kantin, jeung tanaga administrasi, (2) sikep basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung nu miboga sikep basa nu kawilang positif. Dumasar tina hasil réspondén nu tingakatan basa Sundana alus, sedeng, jeung kurang, sok sanajan rata-rata jawaban nu dijawab ku réspondén nu tingkatana kurang, leuwih loba nu ngaréspon biasa waé kana basa
Sundana, (3) hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa siswa kelas VII di SMPN 44 Bandung silih pakuat pakait hiji jeung séjénna nu katémbong tina komunikasi sapopoé antara warga SMPN 44 Bandung jeung siswa nu mangaruhan kana ngawangun sikep basa siswa.
Kecap Galeuh: Hubungan, Lingkungan Atikan, Sikep Basa
3
Skripsi diaping ku Dr. H.Yayat Sudarat, M. Hum. jeung Drs. H. Oleh Solehudin, M.Pd. 4
iv
1Thesisis under the guidance of Dr.H.Yayat Sudaryat, Hum. and Drs H.Oleh Solehudin, M.Pd.
2Students of the Department of Local Language Education FPBS of UPI Bandung batch of 2011
THE CORRELATION BETWEEN EDUCATIONAL ENVIRONMENT AND LANGUAGE ATTITUDES OF THE SEVENTH GRADE STUDENTS OF
SMPN 44 BANDUNG IN THE ACADEMIC YEAR 2014/2015
Siti Meisaroh1
ABSTRACT
This research is motivated by the lack of desire of the people, especially students in Sundanese language in their daily lives as a result of the reluctanceto use Sundanese, and underestimate against the language. This study aims at identifying and describing the correlation between learning environment and language attitude of the seventh grade of SMPN 44 Bandung towards Sundanese language. The method used in this research is descriptive qualitative method. Data were collected through direct subordinate element techniques. The results of this study are described as follows: (1) the state of school educational environment of SMPN 44 Bandung, which consists of teachers, students, principals, librarians, school guard, security guard, guard of the cafeteria, and administrative personnel, (2) the language attitude of the seventh gradeof SMPN 44 Bandung towardsSundanese language has a fairly positive in attitude. Based on the results of respondents whose level in Sundaneseare good, moderate, and less, although the average response answered by the respondents whose level of their Sundanese are less, there are more of the normal response in Sundanese, (3) the relationship between environmental education and language attitude of the seventh grade students of SMPN 44 Bandung are related to each other that can be seen from the daily communication between citizens of SMPN 44 Bandung with students that influence the development of students' language attitudes.
viii
DAPTAR EUSI
Kaca
PERNYATAAN ... i
ABSTRAK ... ii
PANGJAJAP ... iii
TAWIS NUHUN ... iv
DAPTAR EUSI ... viii
DAPTAR SINGGETAN ... xi
DAPTAR BAGAN ... xii
DAPTAR TABEL ... xiii
DAPTAR LAMPIRAN ... xiv
BAB I BUBUKA ... 1
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1
1.2 Rumusan Masalah ... 4
1.3 Tujuan Panalungtikan... 5
1.3.1 Tujuan Umum ... 5
1.3.2 Tujuan Husus... 5
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6
1.5 Raraga Tulisan... 6
BAB II ULIKAN PUSTAKA 2.1 Tiori Lingkungan Atikan jeung Sikep Basa ... 8
2.1.1 Lingkungan Atikan... 8
2.1.1.1Wangenan Lingkungan ... 8
2.1.1.3Jinis Lingkungan Atikan ... 11
2.1.1.4Fungsi Lingkungan Atikan... 12
2.1.1.5Tripusat Atikan... 12
2.1.1.6Unsur-unsur Atikan ... 15
2.1.2 Sikep Basa ... 15
2.1.2.1Wangenan Basa ... 15
2.1.2.2Fungsi Bahasa ... 19
2.1.2.3Komunikasi Bahasa ... 23
2.1.2.4Ragam Basa ... 24
2.1.2.5Basa jeung Masarakat... 25
2.1.2.6 Sikep ... 27
2.1.3 Basa jeung Atikan ... 33
2.1.3.1Atikan jeung Pangajaran Basa... 34
2.1.3.2 Variabel Pembelajaran Basa... 34
2.1.3.2Tujuan Diajar Basa ... 36
2.2 Panalungtikan saméméhna ... 36
2.3 Kalungguhan Tiori ... 37
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data ... 39
3.1.1 Lokasi Panalungtikan ... 39
3.1.2 Sumber Data Panalungtikan ... 39
3.2 Desain Panalungtikan ... 40
3.3 Ngumpulkeun Data ... 43
3.3.1 Instrumén Pangumpul Data ... 43
3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 46
BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN
4.1 Lingkungan Atikan SMPN 44 Bandung ... 48
4.1.1 Guru……….48
4.1.2 Siswa………... 50
4.1.3 Kapala Sakola………..51
4.1.4 Penjaga Sakola jeung Kaamanan……….51
4.1.5 Staff TU (Tanaga Administrasi) jeung nu ngokolakeun kantin……...52
4.2 Kaayaan Basa di SMPN 44 Bandung... 53
4.2.1 Siswa ... 53
4.2.2 Guru... 54
4.2.3 Kapala Sakola... 55
4.2.4 Penjaga Sakola ... 56
4.2.5 Pustakawan ... 56
4.2.6 Penjaga Kaamanan………...56
4.2.7 Penjaga Kantin……….57
4.2.8 Tanaga Administrasi………57
4.3 Sikep Basa Siswa Kelas VII SMPN 44 Bandung ... 57
4.3.1 Kasatiaan Basa (language loyality) ... 57
4.3.2 Kareueus Basa (language pride) ... 65
4.3.4 Skala Sikep Basa ... 70
4.3.5 Aspék ngeunaan pentingna ngaguankeun basa Sunda dina komunikasi di lingkungan sakola... 77
4.3.6 Patalina Makéna Basa jeung Wanda Jinis ... 83
4.4 Hubungan Lingkungan Atikan jeung Sikep Basa Siswa... 84
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 86
5.2 Rékoméndasi ... 88
DAPTAR PUSTAKA ... 89
LAMPIRAN-LAMPIRAN... 90
RIWAYAT HIRUP ... 230
Daptar Singgetan
BI : Basa Indonésia
BS : Basa Sunda
Pensatrada : Pendidikan Sastra Daérah
SMP : Sekolah Menengah Pertama
SMA : Sekolah Menengah Atas
BEM : Badan Eksekutif Mahasiswa
HIMA : Himpunan Mahasiswa
LISENDA : Lingkung Seni Sunda
UPI : Universitas Pendidikan Indonesia
MKDP : Mata Kuliah Dasar Pendidikan
UU : Undang-Undang
RI : Republik Indonesia
PPL : Progam Pengalaman Lapangan
Kc : kaca
Daptar Bagan
Bagan 2.1 Simbolis Basa……….……….17
Bagan 2.2 Rinéka Basa……….17
Bagan 2.3 Funsi Basa………...20
Bagan 2.4 Prosés Komunikasi Basa……….22
Bagan 2.5 Tanggung Jawab kana Basa………30
Bagan 2.6 Jaringan Sistim………33
Bagan 2.5 Kalungguhan Tiori………..37
Daptar Lampiran
Lampiran 1 Surat Keputusan………...93
Lampiran 2 Surat Ijin Panalungtikan………..95
Lampiran 3 Data Réspondén Siswa………97
Lampiran 4 Data Réspondén Guru ………..100
Lampiran 5 Data Réspondén (penjaga sakola, penjaga kaamanan, penjaga kantin, penjaga, tenaga administrartif………..106
Lampiran 6 Soal Wawancara………108
Lampiran 7 Hasil Wawancara siswa……….111
Lampiran 9 Hasil wawancara (penjaga sakola, penjaga kaamanan, penjaga kantin,
penjaga, tenaga administrartif)……….196
1.1 Kasang Tukang Masalah
Kahirupan manusa tangtu waé raket patalina jeung nu ngaranna kahirupan sosial. Hiji individu jeung individu lianna ngébréhkeun sagala kahayang jeung rasana ngaliwatan basa. Ku ngagunakeun basa, sagala kahayang jeung maksud bisa ditepikeun langsung ka jalma atawa individu lianna. Prosés ngagunakeunna basa ti jalma hiji ka jalma lianna disebut prosés komunikasi. Dina enas-enasna mah antara manusa jeung basa téh teu bisa dipisahkeun. Saluyu jeung nu diébréhkeun ku Chaer jeung Agustina (2010, kc. 11) nétélakeun yén basa téh mangrupa alat komunikasi nu pangsampurnana, dibandingkeun jeung alat komunikasi lianna; kaasup ogé alat nu digunakeun ku sato.
Dina hirup kumbuh manusa, basa téh geus hakékatna jadi pakakas komunikasi sapopoé, boh di lingkungan kulawarga, masarakat, boh di lingkungan atikan, kaasup lingkungan sakola. Tétéla budak di jaman ayeuna kurang pisan dina ngagunakeun basa Sunda. Sabada ditanyakeun balukar teu nyarita basa Sunda téh nya éta masih aya rasa gengsi nalika nyarita ngagunakeun basa Sunda, sabagian budak nalika ditanya, masih aya nu nyapirakeun basa Sunda jeung kurangna kahayang diajar basa Sunda. Ieu hal kudu jadi motivasi urang pikeun numuwuhkeun rasa miboga deui kana basa Sunda, sangkan kaayaan lingkungan kahirupan basa Sunda di lingkungan masarakat jeung di lingkungan sakola teu leungit. Ku kituna ieu masalah penting jeung perlu pikeun ditalungtik. Kusabab budak mangrupa generasi penerus anu bakal nangtukeun maju mundurna hiji bangsa nu didasaran ku mertahankeun basa Indungna sorangan.
Siti Meisaroh, 2015
Anggraeni 2013, kc. 1) yén unsur tina komunikasi basa téh muncul genep fungsi nya éta fungsi kognitif, imajinatif, métabasa, émotif, konatif, jeung patis.
Aya sababaraha cabang élmu linguistik nu nalungtik élmu sosial jeung linguistikna nya éta sosiolinguistik. Nurutkeun Mahsun (dina Gunawan 2007, kc.
1) sosiolinguistik teu nalungtik perkara basa sacara individual, tapi nalungtik paripolah basa sacara kelompok. Ieu hal dumasar kana konsép sosiolinguistik salaku sub bidang intérdisiplinér nu ngaguar fénoména kabasaan patalina jeung faktr sosial, kaasup jenis kelamin, umur, etnisitas tur dina waktu nu sarua ngulik ogé perkara fénoména sosial kalayan ngagunakeun penjelasan dumasar kana tingkat kejelasan (evidensi) kabasaan.
Sosiolinguistik raket patalina jeung paripolah jalma jeung basa nu dipakéna atawa bisa disebut sikep basa. Anderson (dina Chaer jeung Agustina 2010, kc. 151) ngabagi sikep jadi dua rupa, nya éta (1) sikep kabasaan, jeung (2) sikep non kabasaan, saperti sikep pulitik, sikep sosial, sikep éstétis, jeung sikep kaagamaan. Dina sikep basa aya sababaraha hal nu jadi ciri-ciri nu ngajanggélék di jerona, saluyu jeung nu ditétélakeun ku Garvin jeung Mathiot (dina Chaer jeung Agustina 2010, kc. 152) nu nétélakeun yén ciri sikep basa aya tilu nya éta (1) kasatiaan basa (language loyalty) nu ngarojong masarakat hiji basa mertahankeun basana, lamun perlu mencegah ayana pangaruh ti basa lian; (2) Reueus makéna basa (language
pride) nu ngarojong jalma lian pikeun mekarkeun basana jeung ngagunakeun basa salaku lambang idéntitas jeung kasatuan masarakatna; (3) kasadaran ayana norma basa (awareness of the norm) nu ngarojong jalma pikeun ngagunakeun basana sacara santun jeung cermat; jeung mangrupa faktor nu gedé pisan pangaruhna kana paripolah nya éta kagiatan ngagunakeun basa (language use).
miboga dua basa panyatur komunikasi sapopoéna nya éta basa Indonésia salaku
Lajuning waktu masarakat kurang dina hal komunikasi ngagunakeun basa Sunda. Masarakat leuwih sering ngagunakeun basa Indonésia salaku basa sapopoéna. Malahan mah aya sabagéan masarakat nu ngagunakeun basa Indonésia jeung basa Sunda salaku basa sapopoéna atawa disebut interférénsi. Aya salah ngabalukarkeun masarakat nu modern.
Siti Meisaroh, 2015
Sakumaha nu geus dijelaskeun saacanna, hal nu raket pisan jeung kahirupan siswa nya éta kaayaan di lingkungan sabudeureunna, nya éta lingkungan sakola téa. Lingkungan sakola miboga peran penting pikeun ngawangun paripolah siswa nu lila kalilaan bisa mangaruhan kana prosés lumangsungna sikep basa. Nu dimaksud lingkungan sakola nya éta komponén-komponén sakola nu miboga peran penting dina ngarojong motivasi siswa sangkan miboga sikep basa nu hadé. dan Kemampuan Berbahasa Masyarakat Dwibahasawan serta Model Pembinaannya: Studi Deskriptif Analisis pada Masyarakat Sindang Sari, Kecamatan Kersamanah, Kabupaten garut taun 2013”. Tuluy ku Abhurizal Muhammad Yusuf ngeunaan “Sikep Basa kulawarga Dina Ngukuhan Basa Sunda di Désa Lebakmuncang Kacamatan Ciwidéy Kabupatén Bandung”. Antara judul nu ditulis ku Abhurizal Muhammad Yusuf nya éta Sikep Basa kulawarga Dina Ngukuhan Basa Sunda di Désa Lebakmuncang Kacamatan Ciwidéy Kabupatén Bandung miboga sasaruan jeung judul panalungtikan nu ditalungtik ku panalungtik, nya éta sarua ngajelaskeun ngeunaan sikep basa nu dialaman ku hiji lingkungan. Salian ti sasaruan aya ogé bédana nya éta dina ieu panalungtikan matalikeun antara hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa sedengkeun skripsi nu ditulis ku Abhurizal ngeunaan sikep basa jeung pemertahanan basa. Panalungtikan anu ngulik ngeunaan hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa
acan aya anu ngagarap. Ku kituna, ieu panalungtikan nu judulna “Hubungan
1.2Rumusan Masalah
Dumasar kana kasang tukang anu geus ditepikeun, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan nya éta pangaruh lingkungan atikan nu mangrupa komponén-komponén sakola nya éta, 1) tujuan, 2) manusa (guru, siswa, kapala sakola, laboran, pustakawan, tanaga administrasi, patugas kabersihan, jsb, 3) kurikulum, 4) média atikan jeung téhnologi atikan, 5) sarana, prasarana, jeung fasilitas, sarta 6) nu ngokolakeun sakola nu diwatesanan jadi guru, siswa, kapala sakola, staf TU atawa tanaga administrasi, penjaga sakola, penjaga kantin, jeung penjaga kaamanan nu bisa dirumuskeun dina kalimah pananya ieu dihandap.
a. Kumaha lingkungan atikan sakola di SMPN 44 Bandung?
b. Kumaha sikep basa kana basa Sunda siswa kelas VII SMPN 44 Bandung? c. Kumaha hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa kana basa Sunda siswa
kelas VII di SMPN 44 Bandung?
1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan hayang mikanyaho jeung ngadéskripsikeun hal-hal nu ngawengku:
a. Lingkungan atikan sakola di SMPN 44 Bandung.
b. Sikep basa kana basa Sunda siswa kelas VII SMPN 44 Bandung kana nyarita basa Sunda.
c. Hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa kana basa Sunda siswa kelas VII di SMPN 44 Bandung.
Siti Meisaroh, 2015
Ieu panalungtikan tangtuna miboga mangpaat pikeun balaréa. Panalungtik ngabagi dua mangpaat tina hasil panalungtikan, nya éta:
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa méré gambaran sagemblengna ngeunaan tiori sosiolinguistik téh mangrupa gabungan antardisiplin élmu nya éta sosiologi jeung linguistik, anu pikeun maluruh kaayaan atawa kondisi masarakat hiji lingkungan.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Sangkan leuwih écés deui baris diwincik sababaraha mangpaat anu sipatna praktis, diantarana:
a. Pikeun Siswa
Bisa numuwuhkeun rasa kareueus siswa dina ngamumulé basa Sunda tur bisa ngahudangkeun minat siswa sangkan teu ninggalkeun basa Sunda salaku basa Indungna.
b. Pikeun Instansi Pendidikan
Panalungtik miboga karep pikeun méré informasi jeung data sangkan bisa jadi acuan dina panalungtikan saterusna.
c. Pikeun panalungtik
Bisa nambahan élmu pangaweruh jeung ngaliwatan ieu prosés panalungtikan, panalungtik bisa nyugemakeun rasa kapanasaran pangaruh lingkungan atikan kana sikep basa siswa hususna kelas VII SMPN 44 Bandung.
1.5 Raraga Tulisan
Sanggeus data réngsé dianalisis, tahap ahir dina ieu panalungtikan nyaéta nyusun laporan dina wangun skripsi. Anapon sacara gurat badag dina nyusun skripsi kabagi jadi lima bab, anu bisa diwincik saperti ieu di handap.
BAB II mangrupa bab nu medar ngeunaan tiori-tiori aya patalina jeung panalungtikan “Pangaruh Lingkungan Atikan kana Sikep Basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung” . Tiori anu dipedar nya éta basa, fungsi basa, komunikasi basa, ragem basa. Anu jadi dadasar dina ieu panalungtikan nya éta komponn-komponén atikan sakola jeung tilu ciri sikep basa (1) kasatiaan basa (language loyality), anu ngarojong hiji masarakat tetep maké hiji basa kalayan dipertahankeun; (2) kareueus basa (language pride), anu ngarojong hiji jalma mekarkeun basana katut maké hiji basa salaku lambang idéntitas hiji masarakat; (3) kasadaran ayana norma basa (awareness of the norm).
BAB III métode panalungtikan, medar ngeunaan Lokasi géografis tempat panalungtikan jeung sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun Data, téhnik ngolah data.
BAB IV timuan jeung pedaran, eusina mangrupa déskripsi lingkungan atikan, medar sikep basa siswa SMPN 44 Bandung,
Siti Meisaroh, 2015
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Panalungtikan
Lokasi anu dipaké panalungtikan nya éta SMPN 44 Bandung, nu perenahna di Jl. Cimanuk No. 1, Kelurahan Citarum, Kacamatan Bandung Wetan, Kota Bandung. SMPN 44 Bandung terakreditasi A. Ieu sakola ngadeg taun 1949, sedengkeun taun operasi na nya éta taun 1994. Status bangunan SMPN 44 Bandung nya éta boga pamaréntah jeung status taneuhna hak milik. Ieu sakola legana 2.020 meter, sedengkeun lega sakabéh bangunanana nya éta 3560 meter. Lokasi ieu sakola nya éta di Bandung Wetan, tepatna di puseur kota Bandung.
3.1.2 Sumber Data Panalungtikan
Nu dimaksud sumber data dina panalungtikan nya éta subjek timana éta data bisa dimeunangkeun. Lamun panalungtikan ngagunakeun kuesioner atawa wawancara dina pangumpulan datana, maka sumber data disebut respondén, nya éta jalma nu ngaréspon atawa ngajawab patalékan-patalékan ti panalungtik, boh patalékan dina wangun tinulis atawa lisan (Arikunto, 2006, kc. 129).
3.2Desain Panalungtikan
Nurutkeun Sugiyono (2008, kc. 2) métode panalungtikan dina dadasarna mah mangrupa cara ilmiah pikeun meunangkeun data saluyu jeung tujuan jeung mangpaat nu tangtu. Cara ilmiah miboga harti kagiatan panalungtikan dumasar kana ciri-ciri kaélmuan, nya éta rasional, empiris, jeung sistematis. Rasional nya éta kagiatan panalungtikan nu dilakukeun ku cara- cara masuk akal sahingga bisa katepian ku penalaran manusa. Émpiris miboga harti cara-cara nu dilakukeun jeung bisa ditilik ku indera manusa, nepika jalma lian nisa nilik jeung mikanyaho cara-cara nu digunakeun. Sistematis hartina, prosés nu digunakeun dina panalungtikan nu ngagunakeun léngkah-léngkah nu tangtu nu sipatna logis.
Métode panalungtikan mangrupa hiji cara atawa jalan pikeun meunangkeun deui pemecahan kana sagala masalah nu karandapan (Subagyo, 1991, kc. 2). Dina ieu panalungtikan, panalungtik ngagunakeun pamarekan kualitatif jeung métode deskriptif korélasional.
Kecap déskriptif asalna tina bahasa Inggris to describe, nu hartina ngagambarkeun hiji hal, misalna kaayaan, kondisi, situasi, peristiwa, kagiatan, jrrd (Arikunto, 2010, kc. 3). Ku kituna, panalungtikan deskriptif nya éta panalungtikan nu dimaksudkeun pikeun nalungtik hiji kaayaan, kondisi, atawa hal-hal séjén nu disebutkeun, nu hasilna dijelaskeun dina wangun laporan panalungtikan. Panalungtikan korélasi atawa panalungtikan korélasional nya éta panalungtikan nu dilakukeun ku panalungtik pikeun mikanyaho tingkat hubungan antara dua variabel atawa leuwih, tanpa ngalakukeun parobahan , tambahan atawa manipulasi, kana data nu geus aya (Arikunto, 2010, kc. 5).
Nurutkeun Kirk jeung Miller (dina Moleong ,2002, kc. 3) panalungtikan kualitatif nya éta “tradisi tertentu dalam ilmu pengetahuan sosial yang secara
basa ngawengku kasatiaan basa, kabanggan basa, jeung kasadaran basa. Katilu éta sikep basa diwangun ku dalapan patalékan, nu ngawakilan tina masing-masing sikep basa nu disebut diluhur.
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
Nangtukeun Masalah
- kaayan lingkungan SMPN 44 Bandung
- lingkungan atikan sakola SMPN 44 Bandung
- Sikep basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung
- Pangaruh lingkungan atikan kana sikep basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung.
Ngumpulkeun Data
- Téknik obsérvasi - Téknik wawancara - Téknik dokuméntasi
Instrumén Panalungtikan
- Alat rekam - Kaméra digital - Pedoman wawancara
Ngolah Data
- Téknik Analisis unsur langsung
Dina ieu panalungtikan, digunakeun pamarekan kualitatif. Métode panalungtikan kualitatif bisa dihartikeun métode panalungtikan dumasar kana filsafat postpositivisme, nu digunakeun pikeun nalungtik kana objék nu alamiah. (Sugiyono,2012, kc. 9).
3.4 Ngumpulkeun Data
3.4.1 Instrumén Pangumpul Data
Instrumén panalungtikan nyaéta alat anu dipaké pikeun ngukur fenomena
alam atawa kajadian sosial anu ditalungtik (Sugiyono, 2012, kc. 148). Pikeun ngahontal tujuan panalungtikan instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan, di antarana alat rekam, kaméra digital, jeung pedoman wawancara.
a. Alat Rekam
Alat rekam nu digunakeun mangrupa handphone nu miboga fungsi pikeun ngarekam jawaban-jawaban tina patalékan nu diajukeun atawa pikeun wawancara.
b. Kaméra Digital
Kaméra digital digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun sagala kagiatan panalungtikan dina wangun foto atawa video.
c. Pedoman Wawancara
Tabel 3.1
Kisi-kisi Pedoman Wawancara pikeun Siswa
No Komponén Sub Komponén No. Soal
Kisi-kisi Pedoman Wawancara pikeun Satpam, penjaga sakola, staff TU, jeung
norm)
Tabel 3.3
Kisi-kisi Pedoman Wawancara pikeun padagang kantin
No Komponén Sub Komponén No. Soal
Kisi-kisi Pedoman Wawancara pikeun Guru jeung Kapala Sakola
norm)
4 Kognitif Dipaluruh dina alam mikir (uteuk)
-
5 Afektif Sikep ngeunaan basa -
6 Konatif Dipaluruh paripolah sapopoéna 8 jeung 9
3.4.3 Téhnik Ngumpulkeun Data
Ngumpulkeun data mangrupa prosedur nu sistematik ku cara merhatikeun
penggarisan nu geus ditangtukeun. Ieu hal miboga maksud pikeun nyingkahan data nu teu kapaké kusabab jauhna informasi nu dimeunangkeun jeung kabutuhanana (Subagyo, 1991, kc. 38). Dina ieu panalungtikan ngagunakeun dua téhnik ngumpulkeun data, nya éta téhnik observasi, jeung téhnik wawancara.
a. Téhnik Observasi
Observasi nya éta pengamatan nu dilakukeun sacara sangaja, sistematis ngeunaan fenomena sosial jeung gejala-gejala psikis pikeun salanjutna dilakukeun
pencatatan (Subagyo, 1991, kc. 63). Observasi nu dilakukeun ku panalungtik kaasup kana observasi partisifatif, nu hartina observer ngan saukur nyokot sabagian nu dianggap perlu pikeun dilakukeun pangamatan (Subagyo,1991, kc. 64).
Dina ieu panalungtikan, panalungtik ngagunakeun observasi sacara terbuka, kusabab dina ngajalankeun kagiatanna hubungan antara responden jeung panalungtik silih interaksi. Dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan, panaluntik saméméhna nataharkeun sagala rupa pikeun meunangkeun data ku cara observasi. Léngkah-léngkahna saperti ieu di handap:
1) Ngalaksanakeun pengamatan kana lingkungan sakola SMPN 44 bandung, sakaligus ngalaksanakeun mata kuliah PPL.
3) Ngumpulkeun data- data administrasi ngeunaan profil sakola (kaasup ngadokuméntsikeun).
4) Nyadiakeun alat instrumén kaasup kana pedoman wawancara pikuen meunangkeun data nu dipikahayang.
b. Téhnik Wawancara
Wawancara salaku hiji prosés pikeun ngumpulkeun data ku cara nanyakeun patarosan-patarosan nu geus ditataharkeun saacanna. Hasilna di catet, kusabab bisa meunangkeun informasi nu penting ti respondén. Panalungtik ngalakukeun tanya jawab ka réspondén nu lumangsung sacara interaktif.
Léngkah-léngkah ngumpulkeun data, saperti ieu di handap;
1) Ngajéntrékeun tatacara jeung maksud tina wawancara nu dilakukeun ka réspondén.
2) Ngajéntrékeun sacara gurat badag ngeunaan maksud tina éta wawancara. 3) Ngawawancara langsung ka unggal réspondén saluyu jeung pedoman
wawancara nu disiapkeun.
4) Nyusun catetan hasil wawancara ti kelas A nepika kelas J, sarta idéntitas ti unggal réspondénna.
c. Téhnik Dokuméntasi
Dina ngalaksanakeun métode dokumentasi, panalungtik nalungtik barang-barang tinulis saperti buku-buku, majalah, dokumen, peraturan-peraturan, notulen rapat catetan poéan, jsb) (Arikunto, 2010, kc. 201). Dina ieu panalungtikan, aya sababaraha data nu jadi bahan pikeun ngarojong kana data-data nu ditalungtik.
3.5 Téhnik Ngolah Data
Data tina hasil panalungtikan nu geus kakumpulkeun tuluy dianalisis maké téknik analisis unsur bawahan langsung . Anu didéskripsikeun nya éta hubungan lingkungan atikan kana sikep basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung Taun Ajaran 2014/2015. Léngkah-léngkah nu dilaksanakeun dina ngolah data panalungtikan, saperti di handap:
1) Niténan deui data-data nu geus kakumpulkeun.
3) Ngayakaeun transkripsi hasil rekaman wawancara.
86
BAB V
KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI
5.1 Kacindekan
Saluyu jeung hasil tina pedaran bab saméméhna hal nu didéskripsikeun nya éta (1) lingkungan atikan sakola di SMPN 44 Bandung, (2) sikep basa siswa kelas VII SMPN 44 Bandung kana nyarita basa Sunda, jeung (3) hubungan lingkungan atikan jeung sikep basa siswa kelas VII di SMPN 44 Bandung.
Kaayaan Lingkungan Atikan Sakola di SMPN 44 Bandung mangrupa komponén-komponén sakola ngawengku; 1) tujuan atikan, 2) manusa, nya éta guru, siswa, kapala sakola, laboran, pustakawan, tanaga administrasi, patugas kabersihan, jrrd, 3) kurikulum, 4) media atikan jeung téhnologi atikan,5) sarana, prasarana, jeung fasilitas, sarta 6) nu ngokolakeun sakola, nu di watesanan jadi manusa nu ngawengku, guru, siswa, kapala sakola, pustakawan, penjaga sakola, tanaga administrasi, pedagang kantin, jeung penjaga kaamanan. Jumlah sakabéh guru nu aya di SMPN 44 Bandung hampir 50 urang nu dibagi-bagi deui jadi guru nu saluyu jeung mata pelajaranna séwang-séwang. Aya 12 mata pelajaran téh nya éta basa Sunda, basa Inggris, basa Indonésia, PKN, IPA, IPS, matematika, Penjaskés atawa olahraga, seni budaya, keterampilan, agama, jeung bimbingan konseling atawa biasa disebut BK. Unggal taun siswa nu diajar di SMPN 44 Bandung tangtu jumlahna béda-béda, ieu hal némbongkeun yén ti taun ka taun jumlah siswa nu sakola di SMPN 44 Bandung ngaronjat nu nyirikeun minat jeung kahayang siswa pikeun ngalanjutkeun
sakolana sorangan, warga sakola nu ilubiung dina prosés kamajuan sakola, milu partisipasi nepika mangtaun-taun ngabdi di SMPN 44 Bandung.
Dumasar kana sikep basa ngeunaan aspék pentingna ngagunakeun basa Sunda dina komunikasi nu lumangsung di Sakola, rata-rata siswa ngajawab satuju nu jumlahna tilu puluh dua urang kana pananya nu nétélakeun ngeunaan kudu ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Sedengkeun pananya ngeunaan pentingna diajar basa Sunda, rata-rata siswa ngajawab satuju pisan, jumlahna tilu puluh genep urang. Dumasar kana sikep basa ngeunaan aspék ngeunaan kasatiaan, kareueus ngagunakeun basa Sunda, jeung kasadaran ayana norma basa, bisa katitén yén rata-rata siswa ngajawab satuju pisan kana pananya anu nétélakeun ngeunaan ulah ngarasa éra ngagunakeun basa Sunda nalika paguneman jeung babaturan, jumlahna tilu puluh opat urang. Pananya ngeunaan basa Sunda kudu dipaké, rata-rata siswa ngajawab satuju, jumlahna tilu puluh tilu urang. Pananya ngeunaan aspék kudu leuwih resep nyarita maké basa Sunda tibatan nyarita maké basa Indonésia nalika ngobrol jeung warga SMPN 44 Bandung, rata-rata siswa ngajawab biasa waé, jumlahna dua puluh dalapan urang. Aspék ngeunaan kudu ngagunakeun basa sunda nalika ngobrol jeung penjaga kantin jeung pustakawan, rata-rata siswa ngajawab biasa waé, jumlahna aya dua puluh salapan urang. Pananya ngeunaan aspék kudu bisa ngajawab maké basa Sunda nalika aya nu nanya rata-rata siswa ngajawab satuju, jumlahna dua puluh salapan urang. Dumasar kana sikep basa ngeunaan aspék undak usuk basa Sunda, bisa katitén yén rata-rata siswa ngajawab satuju, jumlah siswana aya tilu puluh opat urang kana aspék kudu wanoh kana undak usuk basa Sunda. Aspék kudu bisa ngagunakeun basa Sunda nu sopan nalika ngobrol jeung kapala sakola, guru, penjaga sakola, jeung penjaga kaamanan, rata-rata siswa ngajawab satuju pisan, jumlahna lima puluh urang. Dumasar kana sikep basa ngeunaan aspék penggunaan basa Sunda, bisa katitén yén rata-rata siswa ngajawab biasa waé kana aspék teu nganggep kuno nyarita ngagunakeun basa Sunda., jumlahna dua puluh hiji.
guru hususna kelas VII, siswa, kapala sakola, penjaga sakola, pustakawan, penjaga kaamanan, penjaga kantin, jeung tanaga administrasi nu interaksi langsung jeung siswa di sakola, nu nyababkeun ieu komponén miboga pangaruh nu kuat kana sikep basa siswa. Komponén manusa nu dimaksud nya éta warga SMPN 44 Bandung nu leuwih sering ngagunakeun basa Sunda jeung basa Indonésia dina komunikasi sapopoé di sakola. Ieu hal nu jadi sala sahiji alesan nu nyababkeun siswana sorangan ngagunakeun basa Indonésia jeung basa Sunda di lingkungan sakola.
5.2 Rékoméndasi
Dumasar kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun, aya sababaraha saran atawa rékoméndasi nu hayang ditepikeun ku panalungtik. Panalungtik miharep saran atawa rékoméndasi téh miboga mangpaat pikeun siswa, guru, jeung masarakat. Guru SMPN 44 Bandung dipiharep bisa miboga karep pikeun ngaronjatkeun minat jeung kahayang siswa kana nyarita basa Sunda. Siswa SMP, husus. na SMPN 44 Bandung , dipiharep bisa numuwuhkeun deui rasa satia, kareueus, siswa dina ngamumulé basa Sunda tur bisa ngahudangkeun minat siswa sangkan teu ninggalkeun basa Sunda salaku basa Indungna.
Instansi Pendidikan dipiharep miboga karep pikeun méré informasi jeung data sangkan bisa jadi acuan dina panalungtikan saterusna.Masarakat dipiharep bisa nalungtik leuwih teleb kana ulikan sosiolinguistik salian ti sikep basa, saperti interferénsi, campur kodeu.