• Tidak ada hasil yang ditemukan

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO VISUAL PIKEUN PANGAJARAN NULIS ÉSÉY: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu Taun Ajaran 2012/2013.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO VISUAL PIKEUN PANGAJARAN NULIS ÉSÉY: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu Taun Ajaran 2012/2013."

Copied!
35
0
0

Teks penuh

(1)

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO VISUAL PIKEUN PANGAJARAN NULIS ÉSÉY (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu

Taun Ajaran 2012/2013)

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku

AGUNG ADITYA SAPUTRA NIM 0900437

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO VISUAL

PIKEUN PANGAJARAN NULIS ÉSÉY

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas

XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu

Taun Ajaran 2012/2013)

Oleh

Agung Aditya Saputra

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Agung Aditya Saputra 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

April 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Lembar Pengesahan Skripsi AGUNG ADITYA SAPUTRA

NIM 0900437

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO VISUAL PIKEUN PANGAJARAN NULIS ÉSÉY (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu

Taun Ajaran 2012/2013)

Disaluyuan jeung disahkeun ku Pangaping I,

Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. NIP 197212021999032001

Pangaping II,

Ade Sutisna, S.Pd. NIP 197607312001121001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO VISUAL PIKEUN PANGAJARAN NULIS ÉSÉY (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu

Taun Ajaran 2012/2013)1)

Agung Aditya Saputra2)

ABSTRAK

Pembelajaran menulis karangan esai dalam pelaksanaannya siswa dituntut untuk membuat karangan berdasarkan sistematika karangan. Tapi pada kenyataannya masih banyak siswa yang tidak mampu membuat karangan dengan standar sistematika penulisan karangan. Itu disebabkan karena siswa tidak paham dengan materi yang tidak dikuasainya dan tidak mempunyai ide dalam menulis karangan esai. Salah satu cara untuk dapat meningkatkan kemampuan siswa dalam menulis karangan esai yaitu dengan menggunakan model ataupun media pembelajaran yang tepat. Untuk itu dilaksanakan penelitian berjudul “Éféktivitas Média Audio Visual pikeun Pangajaran Nulis Éséy (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu Taun Ajaran 2012/2013)” yang bertujuan untuk menguji efektivitas media audio visual dalam meningkatkan kemampuan menulis karangan esai siswa. Metode yang digunakan dalam penelitian ini yaitu metode kuasi eksperimen yang tidak menggunakan kelas kontrol. Teknik yang digunakan adalah teknik tes. Sumber data yang diambil adalah siswa kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu taun ajaran 2012/2013 yang berjumlah 38 orang, terdiri dari 24 perempuan dan 14 laki-laki. Untuk mengetahui hasil tes tersebut, maka dilakukan analisis data dengan cara uji normalitas dengan menggunakan chi kuadrat. Uji homogenitas data menggunakan uji F, dan uji hipotesis data dengan menggunakan uji t. Uji normalitas prates menunjukan bahwa distribusi datanya normal. Berdasarkan nilai X2

itung < X2 tabél yaitu 3,95 < 11,3, uji normalitas postes X2 itung < X2 tabél yaitu 7,41 <

11,3, skor uji rata-rata prates adalah 16,4 dan postes 21,5 dengan selisih 5,1. Hasil uji homogenitas distribusi variansi data prates dan postes dengan menggunakan taraf kepercayaan 99% adalah homogen karena Fitung < Ftabel, yaitu 1,12 < 2,46. Melalui hasil

uji hipotesis dengan menggunakan taraf kepercayaan 99%, titung > ttabél yaitu 12,44 >

2,46. Karena adanya beda yang signifikan antara prates dan postes jadi Ha diterima, yaitu media audio visual efektif bisa meningkatkan kemampuan menulis esai siswa kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu.

Kata kunci: Éféktivitas, média audio visual, dan éséy

(5)

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO VISUAL PIKEUN PANGAJARAN NULIS ÉSÉY (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu

Taun Ajaran 2012/2013)1)

Agung Aditya Saputra2)

Program Study S-1 Local Language Education Indonesian University of Education

agung.adhitya@yahoo.co.id ABSTRACT

In the implementation of learning to write an essay, the students’ are demanded to create writings with the basis of systematical writing. Even so, the evident shows that there are still many students’ who are not able to make writings with the writings systematic standards. This is because the students’ do not understand the materials that they do not master and also not having ideas about writing an essay. One way to enhance the students’ ability in writing an essay is by using an appropriate model or learning media. By that, a research entitled “The Effectiveness of Audio Visual Media for The Teaching of Writing an Essay (Quasi Experimental Study to The Students of the XII-Pelabuhanratu in the Academic Year of 2012/2013 which totaled of 38 people, consisted of 24 females and 14 males. To know the outcome of the test, data analysis was conducted by applying the normality test using the chi square. For the data homogeneity test the F test was used, and for the data hypotheses test the t test was used. The normality test shows that the data distribution was normal. Pre-test data normality, X2 itung < X2 tabél, which was, 3,95 < 11,34, post-test data normality, X2 itung < X2 tabél, which was 7,41 < 11,3, the average score for the pretest was 16,4 and for the posttest was 21,5 with the gap of 5,1. The results from the homogeneity variant distribution test the data for the pretest and posttest by using the believe degree of 99% was homogeny because Fitung < Ftabel, which was 1,12 < 2,46. From the result of the hypotheses test by using the believe degree of 99%, titung > ttabél which was 12,44 > 2,46. Because there was a significant difference between the pretest and the posttest, the Ha was accepted, which was that audio visual media effective could enhance the essay-writing ability of the students of the XII-IPA.1 class.

Key word: The effectiveness, audio visual media, and essay

1)

This script is guided by Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum. and Ade Sutisna, S.Pd.

2)

(6)

DAPTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... iv

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR GRAFIK ... xi

DAPTAR SINGGETAN ... xii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Watesan Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Pananglutikan ... 3

1.3.1 Tujuan Umum ... 3

1.3.2 Tujuan Khusus ... 4

1.4 Mangpaat Pananglutikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4

1.5 Raraga Tulisan ... 4

BAB II MÉDIA AUDIO VISUAL, NULIS ÉSÉY, ASUMSI, JEUNG HIPOTESIS ... 6

2.1 Média Pangajaran ... 6

(7)

2.1.2 Ciri-ciri Média Pangajaran ... 6

2.1.3 Fungsi Media Pangajaran ... 7

2.1.4 Mangpaat Média Pangajaran ... 8

2.1.5 Kriteria Milih Média Pangajaran ... 9

2.1.6 Wangun Audio Visual salaku Média Pangajaran ... 9

2.1.6.1Wangenan jeung Ciri Média Audio Visual ... 9

2.1.6.2Fungsi Média Audio Visual ... 10

2.1.6.3Mangpaat Média Audio Visual ... 10

2.1.6.4Rupa-Rupa Média Audio Visual ... 11

2.1.6.5Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Média Audio Visual ... 12

2.2 Nulis ... 13

2.2.1 Wangenan Nulis ... 13

2.2.2 Fungsi Nulis ... 13

2.2.3 Tujuan Nulis ... 14

2.2.4 Mangpaat Nulis ... 16

2.2.5 Rupa-rupa Tulisan ... 16

2.2.6 Léngkah-léngkah Nulis ... 17

2.2.6.1Léngkah-léngkah Ngantebkeun Idé ... 17

2.2.6.2Léngkah-léngkah Ngébréhkeun Karangan ... 21

2.2.7 Kriteria Nulis Karangan ... 22

2.3 Nulis Éséy ... 23

2.3.1 Wangenan Éséy ... 23

2.3.2 Ciri-ciri Éséy ... 24

2.3.3 Papasingan Éséy ... 24

2.3.3.1Éséy Carita ... 24

2.3.3.2Éséy Lukisan ... 26

2.3.3.3Éséy Pedaran (ulasan) ... 26

2.3.4 Léngkah-léngkah Nulis Éséy ... 29

2.4 Rarancang Média Audio Visual pikeun Pangajaran Nulis Éséy ... 29

(8)

2.4.2 Silabus ... 30

2.4.3 Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) ... 31

2.5 Asumsi jeung Hipotesis ... 32

2.5.1 Asumsi ... 32

2.5.2 Hipotesis ... 32

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 33

3.1 Métode Panalungtikan ... 33

3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 33

3.3 Desain Panalungtikan ... 34

3.4 Sumber Data ... 35

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 35

3.6 Wangenan Operasional ... 38

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 39

3.7.1 Méré Peunteun Karangan Nulis Éséy Siswa ... 39

3.7.2 Uji Sipat Data ... 43

3.7.2.1Uji Normalitas ... 43

3.7.2.2Uji Homogenitas ... 45

3.7.3 Uji Gain ... 46

3.7.4 Uji Hipotésis ... 47

3.8 Prosedur Panalungtikan ... 48

3.8.1 Tahap Tatahar ... 48

3.8.2 Tahap Pelaksanaan ... 49

3.8.3 Tahap Ngolah Data ... 49

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG HASIL ANALISIS PANALUNGTIKAN ... 50

(9)

Pelabuhanratu sabada Ngagunakeun Média Audio Visual ... 54

4.3 Éféktivitas Média Audio Visual pikeun Pangajaran Nulis Éséy di Kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu ... 59

4.3.1 Uji Sipat Data ... 59

4.3.1.1 Uji Normalitas Pratés ... 59

4.3.1.2 Uji Normalitas Postés ... 63

4.3.1.3 Uji Homogénitas ... 67

4.3.2 Uji Gain ... 69

4.3.3 Uji Hipotésis ... 73

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 76

5.1 Kacindekan ... 76

5.2 Saran ... 77

DAPTAR PUSTAKA ... 78

(10)

1

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Basa téh alat komunikasi manusa dina kahirupan sapopoé. Ku kituna, manusa teu leupas tina masalah basa. Kagiatan komunikasi basa dina hakékatna ngawengku opat kaparigelan, nya éta: (1) nyarita; (2) ngaregepkeun; (3) maca; jeung (4) nulis. Tina opat kaparigelan basa, aya dua wangun basa, nya éta basa lisan jeung basa tulisan. Basa lisan nya éta sistem lambang sora anu diucapkeun ku manusa salaku pakakas komunikasi antara panyatur (nu nyarita) jeung pangregep (nu ngaregepkeun). Basa lisan raket patalina jeung nyarita katut ngaregepkeun. Basa tulisan nya éta sistem sora nu disalin kana tulisan salaku pakakas komunikasi antara panulis (nu nulis) jeung pamaca (nu maca). Jadi, basa tulisan raket patalina jeung nulis katut maca.

Tina opat kaparigelan anu kudu dicangking ku siswa, nulis mangrupa salah sahiji aspek kaparigelan basa nu mibanda sipat anu kompléks jeung unik. Disebut kompléks jeung unik téh pedah dina ieu kaparigelan nulis siswa ditungtut kudu bisa ngébréhkeun hiji maksud jeung kahayangna dina wangun tinulis. Ku kituna nulis disebut élmu anu medar perkara kedaling basa dina unggal jalma. Mingkin alus pangaweruhna dina widang tinulis mingkin jembar élmuna dina kaparigelan tinulisna.

Kaparigelan basa téh boga sipat reseptif jeung sipat produktif. Kaparigelan maca jeung ngaregepkeun kaasup sipat reseptif, sedengkeun kaparigelan nulis jeung nyarita kaasup sipat produktif. Nulis mangrupa kaparigelan nu sipatna produktif dina harti bisa ngahasilkeun tulisan tina daya pikir jeung cipta manusa. Kitu deui ku tulisan ogé manusa bisa ngukur kamampuh siswa di widang basana. Katitén dina bangbaluh-bangbaluh nu karandapan ku siswa dina prosésna nulis, ti mimiti basa nu rék digunakeun, palanggeran nulis, undak-usuk basana, téma nu rék dijieun tulisan nepi ka eusina.

(11)

2

basa Sunda dina wangun tinulis. Faktor guru jeung média katut bahan pangajaran salaku fasilitator, sakapeung mah teu dipaliré dina prosésna. Dina enas-enasna mah memang loba bangbaluh nu karandapan ku siswa salaku nu diajar jeung guru salaku fasilitator pangajaran.

Tingkat pangaweruh jeung kamampuh siswa mangrupa salah sahiji dadasar pikeun ngahontal hadé-goréngna dina nyieun atawa waktu migawé hiji karya tulis. Mingkin luhur tingkat kamampuhna boh dina widang tinulis boh dina widang basana, mingkin luhur ajén nu dihasilkeun dina karyana. Ku ayana pangajaran nulis éséy ngagunakeun média audio visual jadi patokan dina ngajén resep-henteuna siswa dina ngaaprésiasikeun jeung ngukur pangaweruh basana dina wangun tinulis.

Audio visual minangka média pangajaran bisa digunakeun sangkan siswa leuwih maham kana materi nu ditepikeun ku guru. Wanda pangajaran nu ditepikeun dina nulis éséy kaitung réa. Ku ngaliwatan média audio visual, dipiharep siswa nu asalna can nyangking materi pangajaranana bisa leuwih maham sabada ngagunakeun média audio visual dina pangajaran nulis éséy.

Panalungtikan ngeunaan éféktivitas média audio visual kungsi dilaksanakeun, kayaning ”Efektifitas Media Audio Visual pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nepikeun Biantara Siswa Kelas XI MTs Negeri Sukasari Cimahi” anu ditalungtik ku Lilis Wahyu Winarni taun 2010, “Keefektifan Media Audio Visual dalam Pembelajaran Debat Kompetitif untuk Meningkatkan Keterampilan Berbicara (Penelitian Eksperimen Kuasi terhadap Siswa Kelas VIII SMP Negeri 1 Lembang

Tahun Ajaran 2008/2009)” anu ditalungtik ku Dita Prawitasari taun 2009, jeung

“Keefektifan Media Audiovisual dalam Pembelajaran Menerapkan Pola Gilir dalam Berkomunikasi (Studi Eksperimen Semu terhadap Siswa Kelas XI

Akutansi SMK Negeri 1 Bandung Tahun Ajaran 2001/2012)” anu ditalungtik ku

(12)

3

pikeun Pangajaran Nulis Éséy (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu Taun Ajaran 2012/2013)” perlu dilaksanakeun.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Kurangna minat siswa kana pangajaran nulis mangrupa kasang tukang masalah dina ieu panalungtikan. Sangkan ieu panalungtikan teu nimbulkeun salah harti, masalahna diwatesanan dina aspék siswa pikeun nulis éséy réfléksi siswa kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, rumusan masalahna dirumuskeun dina kalimah pananya saperti ieu.

a. Kumaha kamampuh nulis éséy siswa kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu saméméh ngagunakeun média audio visual pikeun pangajaran nulis éséy? b. Kumaha kamampuh nulis éséy siswa kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu

sabada ngagunakeun média audio visual pikeun pangajaran nulis éséy?

c. Naha média audio visual éféktif pikeun ningkatkeun kamampuh nulis éséy di kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu?

1.3Tujuan Pananglutikan 1.3.1 Tujuan Umum

(13)

4

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: a. kamampuh nulis éséy siswa kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu

saméméh ngagunakeun média audio visual;

b. kamampuh nulis éséy siswa kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu sabada ngagunakeun média audio visual;

c. éféktif-henteuna média audio visual pikeun ningkatkeun kamampuh nulis éséy di kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu.

1.4 Mangpaat Pananglutikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta guru dipiharep bisa ngaronjatkeun pangaweruh ngagunakeun alat/média pangajaran jeung ngalatih nulis éséy dumasar kana pangaweruh siswa séwang-séwangan.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan, nya éta:

a. bisa méré déskripsi ka guru basa Sunda dina ngajarkeun nulis éséy; b. bisa ngirut siswa kana pangajaran nulis éséy;

c. ngaronjatkeun aktivitas siswa nulis éséy di kelas;

d. ngalarapkeun média pangajaran nu luyu jeung pangajaran nulis éséy.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu skripsi disusun jadi lima bab, BAB I eusina ngawengku kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga tulisan.

(14)

5

pangajaran, kriteria milih média pangajaran, jeung wangun audio visual salaku média pangajaran. Pedaran ngeunaan nulis diwengku ku wangenan nulis, fungsi nulis, tujuan nulis, mangpaat nulis, rupa-rupa tulisan, jeung léngkah-léngkah nulis. Salajengna dina nulis éséy dipedar ngeunaan wangenan éséy, ciri-ciri éséy, papasingan éséy, jeung léngkah-léngkah nulis éséy. Pedaran ngeunaan rarancang média audio visual pikeun pangajaran nulis éséy diwengku ku média audio visual dina pangajaran nulis éséy, silabus, jeung RPP. Salaku matéri pamungkas dina BAB II diébréhkeun ngeunaan asumsi jeung hipotésis.

BAB III eusina ngeunaan métode panalungtikan. Eusina ngawengku sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data. Pedaran ngeunaan téhnik ngolah data dimimitian ku uji sipat data (ngawengku uji normalitas jeung uji homogénitas), uji gain, jeung uji hipotésis.

BAB IV eusina mangrupa hasil panalungtikan, anu ngawengku kamampuh

nulis éséy siswa saméméh ngagunakeun “perlakuan”, kamampuh nulis éséy siswa sabada ngagunakeun “perlakuan”, jeung éféktivitas média audio visual pikeun pangajaran nulis éséy (ngawengku uji sipat data, uji gain, jeung uji hipotésis).

(15)

33

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Métode Panalungtikan

Dina ngalakukeun panalungtikan perlu pisan ayana métode salaku léngkah gawé panalungtik pikeun nyingkahan ayana salah paham sarta pikeun ngaréngsékeun masalah.

Nurutkeun Campbel jeung Stanley dina Arikunto (2006:84) dumasar kana hadé-goréngna ékspérimén, atawa sampurna-henteuna ékspérimén sacara gurat badag desain panalungtikan ékspérimén dibagi jadi dua, nya éta: (1) Pre

Eksperimental Design atawa ékspérimén teu sampurna; jeung (2) True

Eksperimental Design atawa disebut ogé ékspérimén murni.

Pre eksperimental nya éta ékspérimén teu sampurna. Ku kituna sok disebut

ogé ku istilah “quasi experiment” atawa ékspérimén semu (teu sampurna). Disebut teu sampurna ku lantaran dina ékspérimén semu can nyumponan sarat dina ékspérimén ilmiah nu nurutkeun kana aturan-aturan nu tinangtu.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode “quasi eksperiment” atawa éksperimén semu, nya éta panalungtikan anu ngagunakeun kelas éksperimén kalawan henteu maké kelas kontrol. Tujuan ngagunakeun métode kuasi ékspérimén nya éta pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis éséy saméméh ngagunakeun média audio visual jeung sabada ngagunakeun média audio visual.

3.2Téhnik Ngumpulkeun Data

(16)

34

Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés préstasi diajar nyieun karangan ngeunaan kamampuh nulis éséy réfléksi ngaliwatan pratés jeung pascatés. Pratés mangrupa kamampuh awal saméméh siswa dibéré “perlakuan” (treatment), maksud perlakuan di dieu nya éta média audio visual, sedengkeun pascatés mangrupa tés kamampuh ahir sabada diayakeun perlakuan dina kagiatan diajar-ngajar.

Tés anu dilakukeun miboga tujuan pikeun mikanyaho efektif-henteuna média audio visual dina pangajaran nulis éséy. Tujuan ahirna nya éta data-data siswa dianalisis dumasar kana data hasil panalungtikan ka siswa.

3.3 Desain Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2006:84) desain kuasi ékspérimén aya tilu rupa, nya éta: (1) one shot case study; (2) pre-test and post-test group; jeung (3) group

comporsion. Dina ieu panalungtikan desain anu digunakeun nya éta pre-test and

pos-test group. Pratés dilaksanakeun pikeun mikanyaho kamampuh awal murid

saméméh dilaksanakeun treatment. Postés dilaksanakeun pikeun mikanyaho kamampuh murid sabada dilaksanakeun treatment (média audio visual). Tés dilaksanakeun dua kali nya eta saméméh dilaksanakeun ékspérimén jeung sabada dilaksanakeun ékspérimén. Sangkan leuwih jéntré desain panalungtikan kuasi ékspérimén nu digunakeun dina ieu panalungtikan digambarkeun saperti ieu di handap.

Desain panalungtikan pre-test and post test group

(Arikunto, 2006:85)

(17)

35

Katerangan:

O

1: tés awal saméméh perlakuan (pre-test)

O

2

: tés ahir sabada perlakuan (post-test)

X

: perlakuan ngagunakeun média audio visual (treatment)

3.4 Sumber Data

Sumber data mangrupa sakabéh obyék anu bakal ditalungtik, kaasup aspék-aspék anu dipaluruh sarta ditalungtik salila prosés panalungtikan. Hiji panalungtikan dina nangtukeun obyékna aya nu langsung ditangtukeun jeung aya oge anu kudu nangtukeun populasi jeung sampel heula. Dina ieu panalungtikan obyék datana langsung ditangtukeun lantaran métode anu digunakeunana nya éta métode kuasi ékspérimén.

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu taun ajaran 2012/2013 anu jumlahna aya 38 urang. Ngawengku 10 urang lalaki jeung 28 urang awéwé. Hasil tina nulis éséy siswa éta mangrupa data anu satuluyna dijadikeun bahan panalungtikan.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén nya éta alat bantu pikeun ngumpulkeun data dina panalungtikan. Instrumén mangrupa hal anu penting, sabab hasil-henteuna panalungtikan dipangaruhan ku instrumén anu digunakeun. Data anu diuperlukeun pikeun ngajawab masalah jeung nguji hipotesis dikumpulkeun ngaliwatan instrumén.

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta instrumén tés. Tés nya éta runtuyan patalékan atawa alat anu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, intelegénsi, kamampuh atawa bakat anu dipiboga ku individu atawa kelompok (Arikunto, 2006:150).

(18)

36

kana kagiatan praktis tur konkrét nu miboga fungsi pikeun ngumpulkeun data ngeunaan éféktivitas média audio visual pikeun pangajaran nulis éséy. Kamampuh aplikatif mangrupa kamampuh ngarobah, ngamodifikasi, nerapkeun hiji kamampuh anu dina ieu panalungtikan mangrupa kamampuh nulis éséy.

Tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés préstasi nyieun éséy. Ieu tés dipilih lantaran dianggap saluyu pikeun ngébréhkeun kamampuh hasil diajar-ngajar nulis éséy kalayan obyéktif. Topik anu disodorkeun nya éta pendidikan jeung moralitas siswa/rumaja jaman kiwari.

- Format tés

Lawungan ka-1 (pratés)

Média jeung sumber pangajaran nu digunakeun nya éta salah sahiji conto karangan éséy.

Conto Téks Karangan Éséy

Basa Sunda;

Idéntitas Pribadi Urang Sunda

Tanggal 21 Fébruari geus ditetepkeun ku UNESCO dina konpérénsi umum bulan November 1999 minangka Poé Basa Indung Internasional (International Mother Tongue Day). Upacara anu munggaranana direuah-reuah di markas besar organisasi. Ieu upacara dibuka ku Direktur Jenderal UNESCO Koichiro Matsuura. UNESCO hayang mépélingan ka sakumna bangsa yén basa téh lain ngan saukur bagéan utama dina warisan budaya manusa, tapi mangrupa éksprési tina kréativitas manusa jeung karageman budayana. Tujuanana nya éta pikeun miara basa-basa indung di sakuliah dunya sangkan teu ilang.

(19)

37

ditangtayungan ku ayana Perda No. 5 taun 2003 ngeunaan pamakéan basa, sastra, jeung aksara daérah.

Kiwari hirup-huripna basa Sunda mémang masih katitén tapi sakadar nada-nada silung, aya rasa hariwang yén basa urang bakal ilang, tumpur, kalindes teumenyat deui. Éta téh aya nu ngarasa inggis tur melang basa Sunda bakal ngahiang, lantaran kasaksén pisan mingkin dieu mingkin loba tangtangan pikeun hirup-huripna basa Sunda. Mingkin dieu basa Sunda mingkin ditinggalkeun ku panyaturna. Padahal basa téh mangrupa idéntitas pribadina.

Salaku sumber atikan anu pangheulana, lingkungan kulawarga kudu bisa jadi tempat anu pangheulana nanjeurkeun Ki Sunda, utamana indungna. Ieu bisa jadi salah sahiji alternatif sangkan basa urang teu ilang. Para panyatur basa Sunda kudu bisa nempokeun identitasna, para panyatur basa Sunda kudu bisa nempokeun silungna. Pancegkeun haté pikeun nanjeurkeun idéntitas pribadi, teu saukur dina omong tapi kudu jeung lampahanana. Cag!!!

*Dicutat kalayan diropéa tina Kuru Setra majalah Turus edisi 35

Ade Herni N ( Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah entragan 2008)

Instrumén Pratés

Prak jieun karangan éséy nu topikna ngeunaan pendidikan jeung moralitas siswa/rumaja di jaman kiwari!

Katangtuan karangan:

1) Karangan diwangun minimal ku tilu paragraf, maksimal lima paragraf. Saparagraf diwangun ku opat kalimah.

2) Warna tulisan, karangan éséy 3) Komponén nu dipeunteun:

I. Kualitas jeung lingkup eusi II. Organisasi jeung tampilan eusi III. Gaya basa

IV. Wangun gramatik

(20)

38

VI. Karapihan tulisan 4) Waktu 45 menit

Lawungan ka-2 (postés)

Média jeung sumber pangajaran nu digunakeun nya éta pilem (format VCD) Média Pangajaran Kelas A Entragan 2009 Pendidikan Bahasa Daérah-UPI nu judulna “Gatika”.

Instrumén Postés

Prak jieun karangan éséy nu topikna ngeunaan pendidikan jeung moralitas siswa/rumaja di jaman kiwari dumasar pilem nu judulna “Gatika”!

Katangtuan karangan:

1) Karangan diwangun minimal ku tilu paragraf, maksimal lima paragraf. Saparagraf diwangun ku opat kalimah.

2) Warna tulisan, karangan éséy 3) Komponén nu dipeunteun:

VII. Kualitas jeung lingkup eusi VIII. Organisasi jeung tampilan eusi IX. Gaya basa

X. Wangun gramatik XI. Éjaan

XII. Karapihan tulisan 4) Waktu 45 menit

3.6 Wangenan Operasional

Wangenan operasional ngawengku kana wangenan sacara umum ngeunaan variabel-variabel, boh variabel bébas boh variabel kauger nya éta:

(21)

39

ngalibetkeun atawa ngagabungkeun dua indera sakaligus, nya éta indera pangrungu jeung indera pameunteu; jeung

2) pangajaran nulis éséy nya éta pangajaran nulis dina wangun karangan pondok/wangun prosa (lancaran) ngeunaan hiji pasualan dumasar kana pandangan atawa pamikiran panulisna.

Jadi anu dimaksud “Efektivitas Média Audio Visual pikeun Pangajaran Nulis Éséy” nya éta gambaran efektif-henteuna média audio visual pikeun pangajaran nulis éséy siswa SMAN 1 Pelabuhanratu.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Data anu dikumpulkeun tuluy diolah pikeun mikanyaho hasil-henteuna prosés pangajaran nulis éséy saméméh jeung sabada ngagunakeun média audio visual.

Dina ieu bagéan dipedar cara ngolah data tina hasil pangajaran anu geus dilakukeun. Léngkah-léngkah dina nganalisis data saperti ieu di handap.

3.7.1 Méré Peunteun Karangan Nulis Éséy Siswa

Saméméh ngolah data, karangan hasil siswa kudu dipeunteun heula, anu engkéna ngahasilkeun data anu mangrupa angka-angka pikeun diitung. Analisis karangan anu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku saperti ieu di handap.

1) Kualitas jeung Lingkup Eusi

Kualitas jeung lingkup eusi nya éta mariksa gagasan dina tulisan anu disusun ku murid

2) Organisasi jeung Tampilan Eusi

(22)

40

3) Gaya Basa

Gaya basa nya éta milih gaya sarta tulisan anu merenah, katitén tina ngagunakeun kalimah anu éféktif sarta ngagunakeun basa anu bener.

4) Wangun Gramatikal

Wangun gramatikal nya éta kalimah anu ditulis ku murid. Fungsi kalimah ngawengku jejer (subyék), carita (prédikat), salaku unsur anu wajib aya, sarta udagan (obyék), panglengkep, jeung katerangan.

5) Éjahan

Éjahan dipuseurkeun dina ngagunakeun hurup kapital, ngamimitian dina nulis, ngagunakeun rarangkén hareup, jeung dina makéna tanda baca.

6) Karapihan Tulisan

Karapihan tulisan mangrupa tampilan luar, nya éta tulisan hasil murid anu bisa dibaca kalayan ngagunakeun hurup anu jelas.

Sangkan cara meunteuna leuwih babari, aspék-aspék anu dipeunteun aya dina ieu tabél di handap.

Tabél 3.1

Pedoman Meunteun Karangan Éséy

Kamampuh

Nulis Skor Tingkat Katerangan

Kualitas

Ngarti pisan, pinuh ku gagasan, luyu pisan jeung topik, jéntré pisan

Ngarti, pinuh ku gagasan nu alus, luyu jeung topik, jéntré

Ngarti kalawan ngawates, gagasan ngawates, jéntré kalawan ngawates

Kurang ngarti, kurang gagasan, kurang jéntré Teu ngarti, miskin gagasan, teu keuna jeung jejer Organisasi

Eusi lengkep pisan, rinci pisan, logis, kohési luhur pisan

(23)

41

Kamampuh

Nulis Skor Tingkat Katerangan

3

Eusi lengkep, kurang rinci, urutan logis, kohési kurang luhur

Eusi teu lengkep, kurang rinci, kurang logis, kohési teu luhur

Eusi kurang pisan, teu rinci, urutan teu logis, teu aya kohési

Merenah pisan, éféktif pisan, ngawasa pisan milih kecap anu meureunah

Merenah, éféktif, milih kecap meureunah saeutik salahna

Merenah kalawan ngawates, éféktif, milih kecap meureunah, aya kasalahan

Kurang merenah, kurang éféktif, kurang ngawasa milih kecap, loba kasalahan

Teu merenah, teu éféktif, teu paham milih kecap, loba pisan kasalahan

Nyusun kalimah komplék, ngawasa pisan tatabasa Nyusun kalimah basajan, saeutik kasalahan

tatabasana, kurang ngandung ma’na

Nyusun kalimah basajan, loba kasalahan tatabasa Hésé nyusun kalimah basajan, loba kasalahan

tatabasa nagwurkeun ma’na

Teu ngawasa nyusun kalimah, teu komunikatif, teu cukup dipeunteun

Éjaan 5

4

Hadé pisan

Hadé

Ngawasa pisan kaédah dina nulis kecap, teu aya kasalahan

(24)

42

Kamampuh

Nulis Skor Tingkat Katerangan

3

Ngawasa kaédah dina nulis kecap, kasalahan teu loba pisan

Kurang ngawasa kana kaédah dina nulis kecap, loba pisan kasalahan

Teu ngawasa kana kaédah nulis, teu cukup pikeun dipeunteun

Alus pisan, rapih, babari kabaca, beresih Rapih, kabaca, saeutik corétan

Kurang rapih, kabaca, loba corétan

Teu rapih, loba anu teu kabaca, loba corétan, kotor

Teu rapih, tulisan teu kabaca

Jumlah

Skor

6-30

Peunteun 2-10

Skala Likert (Riduwan & Sunarto, 2012:20-23)

Kriteria skor:

Sanggeus méré peunteun dumasar kana aspék anu aya dina tabél di luhur, pikeun nangtukeun jumlah skor murni karangan éséy siswa, digunakeun pedoman meunteun ngagunakeun rumus:

(25)

43

3.7.2 Uji Sipat Data

Uji sipat data ngawengku uji normalitas jeung uji homogenitas. 3.7.2.1 Uji Normalitas

Uji normalitas dilaksanakeun pikeun nguji distribusi populasi. Pikeun nangtukeun yen data téh miboga sipat anu normal atawa henteu normal, bisa ngagunakeun rumus chi kuadrat (x2).

Dina nangtukeun uji normalitas, aya sababaraha léngkah anu kudu dilakukeun. Léngkah-léngkahna nya éta:

1) nyieun tabél frekuensi skor pratés:

Tabél 3.2

Frékuénsi Peunteun Pratés

Skor (x) f f.x f.x2

2) ngitung rata-rata (mean) skor pratés:

=

∑ �

3) ngitung standar deviasi (SD):

=

∑ � −(∑ �)

( − )

Katerangan:

SD : Standar Deviasi

N : Jumlah subyék panalungtikan ∑fx2 : Jumlah frékuénsi x nilai

(26)

44

4) nangtukeun jumlah kelas (k):

= + , atawa = + ≤

5) nyieun daftar frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspétasi anu ngawengku: (1) nangtukeun rentang (r) ngagunakeun rumus:

= −

(2) nangtukeun jembar kelas (p) ku cara milis angka ganjil 1.3.5.7. =

6) nangtukeun kelas frékuénsi obsérvasi (Oi) 7) ngitung Z:

= − � �

8) nangtukeun ambahan/legana unggal kelas interval (L):

= −

9) ngitung frekuensi ékspéktasi:

= �

10) nangtukeun chi kuadrat (x2):

(27)

45

11) nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspétasi:

Tabél 3.3

Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspétasi Pratés

Kelas Oi BK Handap

BK

Luhur Z1 Z2 Z1 Tabél Z2 Tabél L Ei x 2

12) nangtukeun derajat (db):

= −

13) nangtukeun normalitas:

Pikeun nangtukeun normalitas distribusi populasi digunakeun kritéria ieu di handap.

X2itung< X2tabel hartina distribusi data normal

X2itung> X2tabel hartina distribusi data teu normal

3.7.2.2 Uji Homogénitas

Tujuan tina uji homogénitas nya éta pikeun mikanyaho homogén-henteuna variasi sampel tina populasi anu sarua. Sarua jeung uji normalitas, pikeun nangtukeun homogén-henteuna data ngagunakeun rumus chi kuadrat. Pikeun nangtukeun homogénitas, léngkah-léngkahna nya éta:

1) Nangtukeun variasi masing-masing kelompok: - Variasi pratés (SI2):

(28)

46

- Variasi pascatés (S22):

�� = ∑� (∑�)

( − )

2) Hasil variasi disupkeun kana distribusi F:

=

(Arikunto, 2006:321) Katerangan:

F : Harga varian anu rék ditéangan

S2b : Variasi nu leuwih gedé

S2k : Variasi nu leuwih leutik

3) Ngitung db:

= −

4) Nangtukeun F tabél:

Pikeun nangtukeun homogénitas digunakeun kritéria ieu di handap. Fitung < F tabél hartina variasi sampel homogén

Fitung > F tabélhartina variasi sampel teu homogén

3.7.3 Uji Gain

(29)

47

Tabél 3.4

Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Nulis Éséy Ngagunakeun Média Audio Visual

No. Pratés Postés d d2

3.7.4 Uji Hipotésis

Léngkah-léngkah dina uji hipotésis nya éta saperti ieu di handap. 1) Nyieun tabél uji jumlah rata-rata pratés jeung postés:

Tabél 3.5

Uji Jumlah Rata-rata Pratés jeung Pascatés

No Pratés Pascatés d d2 xd

(d-Md)

2) Ngagunakeun mean tina béda pratés jeung pascatés:

=∑

3) Derajat kabébasan (db) :

= −

4) Ngitung t:

(30)

48

5) Ngabuktikeun hipotesis:

=

∑�

( − )

(Arikunto, 2006:86) Katerangan:

MD : mean tina déviasi (d) antara pratés jeung postés xd : bédana déviasi jeung mean déviasi

n : lobana subyék df : atawa db nya éta n-1

Pikeun nangtukeun hipotésis digunakeun kritéria ieu di handap. Saupama titung > ttabél, hartina hipotésis ditarima

Saupama titung < ttabél, hartina hipotésis teu ditarima

3.8 Prosedur Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan ngawengku sababaraha léngkah anu kudu dilaksanakeun. Léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan ngawengku: (1) tahap tatahar; (2) tahap pelaksanaan; jeung (3) tahap ngolah data.

3.8.1 Tahap Tatahar

Tahap tatahar dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) ngayakeun panalungtikan awal pikeun ngaidentifikasi masalah anu perlu diungkulan. Dina ieu tahapan dilaksanakeun observasi ngeunaan prosés pangajaran basa Sunda sarta dialog ka guru jeung siswa SMAN 1 Pelabuhanratu;

2) ngajukeun judul skripsi sabada meunang masalah di sakola; 3) ngajukeun proposal skripsi;

(31)

49

5) nyusun instrumén panalungtikan pikeun ngalaksanakeun panalungtikan ka sakola SMAN 1 Pelabuhanratu ngeunaan “Éféktivitas Média Audio Visual pikeun Pangajaran Nulis Éséy (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu Taun Ajaran 2012/2013)” ; jeung

6) néangan sumber data ngeunaan média audio visual.

3.8.2 Tahap Pelaksanaan

Tahap pelaksanaan dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) nyiapkeun matéri pangajaran ngeunaan nulis éséy jeung média audio visual; 2) nyiapkeun alat panalungtikan (instrumén); jeung

3) ngalakukeun panalungtikan ka kelas.

3.8.3 Tahap Ngolah Data

Tahap ngolah data dina ieu panalungtikan, nya éta: 1) ngumpulkeun data anu geus kacangking;

(32)

76

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Média audio visual digunakeun pikeun ngukur kamampuh nulis éséy nu diterapkeun dina pratés jeung prosés postés (salaku “perlakuan”) nu dilaksanakeun ka siswa. Prosés panalungtikanana ngagunakeun métode kuasi ékspérimén. Lian ti éta téknik ngolah data nu dipaké ngawengku uji sipat data (uji normalitas jeung uji homogénitas pikeun ngukur data normal-henteuna katut homogén-henteuna data pratés jeung postés), uji gain (ngukur béda data hasil analisis pratés jeung postés nu hasilnya nguji ngaronjat-henteuna “perlakuan” sabada postés, jeung uji hipotésis (ngukur éféktif-henteuna “perlakuan” dina hasil panalungtikan).

Panalungtikan dilaksanakeun di SMAN 1 Pelabuhanratu kelas XII-IPA.1 anu jumlah siswana nya éta 38 siswa. Dina lawungan kahiji dilaksanakeun pratés pikeun mikanyaho kamampuh siswa saméméh ngagunakeun média audio visual. Lawungan kadua dilaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun média audio visual (postés) pikeun mikanyaho kamampuh siswa sabada ngagunakeun “perlakuan”.

Kamampuh nulis éséy siswa kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu saméméh dilaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun média audio visual nya éta can nyugemakeun, lantaran masih kénéh loba siswa anu kriteria skor peunteunna kurang ti 18. Kamampuh siswa dina pratés bisa katitén skor rata-ratana nya éta 16,4. Kamampuh nulis éséy siswa kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu sabada dilaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun média audio visual hasilna nya éta nyugemakeun, lantaran béda jeung saméméhna. Tina 38 siswa, aya 35 siswa anu skor peunteunna leuwih ti 18. Kamampuh siswa dina postés bisa katitén skor rata-ratana 21,5.

(33)

77

hipotésis data pratés jeung jeung postés anu nuduhkeun yén titung > ttabél (12,44 >

2,46). Ku kituna, bisa dicindekkeun ieu skripsi panalungtikan nu ngagunakeun média audio visual éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis éséy siswa kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu.

5.2 Saran

Sabada dilaksanakeun panalungtikan di SMAN 1 Pelabuhanratu anu judulna “Éféktivitas Média Audio Visual pikeun Pangajaran Nulis Éséy (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Palabuhanratu Taun Ajaran 2012/2013)”, aya sababaraha hal anu baris ditepikeun sangkan ieu panalungtikan bisa leuwih ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis karangan éséy, di antarana:

1) pikeun panalungtikan anu saterusna, dipiharep sangkan anu dijadikeun populasi leuwih lega wengkuanana, sangkan hasil panalungtikan bisa digeneralisasikeun;

2) dina milih média audio visual, dipiharep anu dijadikeun médiana leuwih heureut deui sangkan hasil nu dipiharep bisa leuwih jembar jeung nyugemakeun;

3) dina nulis karangan, siswa kudu dirangsang heula pikiranana pikeun meunangkeun idé-idé saloba-lobana, lantaran sabada dilaksanakeun panalungtikan di kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Palabuhanratu katitén siswa hésé nulis hiji karangan, anu alesanana bingung nanon anu kudu ditulisna atawa kakurangan idé;

4) dipiharep média audio visual bisa digunakeun ku guru mata pelajaran pikeun leuwih ngaronjatkeun kompeténsi pangajaran séjénna.

(34)

78

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Arikunto, Suharsimi. (2006). Dasar-Dasar Evaluasi Pendidikan. Jakarta: Bumi Aksara.

Arsyad, Azhar. (2007). Média Pembelajaran.Jakarta: PT Raja Grafindo Persada. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. (2008). Palanggeran Éjahan Basa

Sunda (Edisi Revisi). Bandung: Sonagar Press.

Kustandi, Cecep & Sutjipto, Bangbang. (2011). Media Pembelajaran: Manual

dan Digital. Bogor: Ghalia Indonesia.

LBSS. (1995). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Nurjanah, Nunuy. (2008). Tiori Nulis. Bandung Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Deni Universitas Pendidikan Indonesia: Handout.

Parera, Daniel. (1987). Menulis Tertib dan Sistematik (Edisi kedua). Jakarta: Erlangga.

Poerwadarminta, W.J.S. (1966). ABC Karang Mengarang Pedoman Praktek

untuk Para Peminat dan Para Pelajar SLA. Yogyakarta:U.P. Indonesia

Rahayu, Yuyu. (2011). Éféktivitas Modél Pangajaran Konstruktivisme dina

Pangajaran Nulis Karangan Éksposisi (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-B SMP Pasundan 6 Bandung). Bandung: Skripsi.

Rahman. Teori Belajar dan Pembelajaran dalam Konteks Teaching and Learning

Process. UPI Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah: Diktat

Riduwan & Sunarto. (2012). Pengantar Statistika untuk Penelitian Pendidikan,

(35)

79

Sudjana, Nana dan Rivai, Ahmad. (1997). Media Pengajaran. Bandung: Algensindo

Sugiono. (2007). Metode Penelitian Pendidikan (Pendekatan Kuantitatif,

kualitatif, dan R&D). Bandung: Alfabeta.

Tarigan, Henry Guntur. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Turus. (2011). RBS Tarékah Mekarkeun Basa Sunda pikeun Nanjeurkeun

Budayana. Bandung: JPBD UPI

Referensi

Dokumen terkait

Tingkat kapasitas Koperasi Desa Wisata Pasir Eurih sebagai kelembagaan ekonomi lokal pedesaan yang berkaitan dengan ekonomi berkelanjutan dengan di ukur dengan menggunakan

Pada penelitian ini penulis membangun suatu sistem pakar yang mampu mendiagnosa disleksia pada anak usia 5 tahun keatas menggunakan metode Naive Bayesian (NB)

kasih kepada semua yang telah membantu penulis sehingga skripsi ini dapat.. diselesaikan.Ucapan terima kasih penulis

Opportunity Set Terhadap Kebijakan Dividen Pada Perusahaan yang Terdaftar D i LQ 45.” Medan: Skripsi Fakultas Ekonomi dan Bisnis Universitas

Manual prosedur mata kuliah Kuliah Kerja Lapangan (KKL) ini bertujuan ini bertujuan untuk memberi penjelasan mengenai prosedur mata kuliah Kuliah Kerja Lapangan (KKL) program S1

3 UP3ST memeriksa substansi dan format usulan pengabdian 7 hari 5 Dosen mengirimkan usulan pengabdian 4 eksemplar ke UP3ST 1 hari Propo sal Penga bdian 6 UP3ST mengajukan

PENGARUH PENILAIAN PRESTASI KERJA DAN PENGEMBANGAN KARIR TERHADAP KINERJA PEGAWAI PADA BIRO REKTOR.. UNIVERSITAS

Praktik bersifat kelompok, artinya satu kelompok maksimal empat mahasiswa. Sebelum praktik diadakan pre-tes dan bagi mahasiswa yang tidak lulus pre-tes, tidak. diperbolehkan