• Tidak ada hasil yang ditemukan

KARINDING KAWUNG :Kajian Hérméneutik Kana Seni Tradisional Di Cinéam.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "KARINDING KAWUNG :Kajian Hérméneutik Kana Seni Tradisional Di Cinéam."

Copied!
39
0
0

Teks penuh

(1)

DAPTAR EUSI

PANGJAJAP ... i

ABSTRAK ... iv

DAPTAR EUSI ... vii

DAPTAR TABEL ... xi

DAPTAR GAMBAR ... xii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Rumusan Masalah ... 7

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 8

1.3.1 Tujuan Umum ... 8

1.3.2 Tujuan Husus ... 8

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 9

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 9

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 10

1.5 Wangenan Istilah ... 10

1.5.1 Karinding ... 10

1.5.2 Kawung ... 11

1.5.3 Kajian Hérméneutik ... 11

1.5.4 Waditra ... 12

1.5.5 Seni ... 13

1.5.6 Tradisional ... 13

1.6 Sistematika Laporan Panalungtikan ... 14

BAB II SENI TRADISIONAL KARINDING KAWUNG JEUNG HÉRMÉNEUTIKA SUNDA ... 16

2.1 Seni Tradisional ... 16

(2)

2.1.2 Wangun, Eusi, jeung Ajén Seni ... 19

2.1.3 Wangenan Tradisional ... 21

2.1.4 Seni Tradisional Sunda ... 22

2.2 Karinding ... 24

2.2.1 Wangenan Karinding ... 24

2.2.2 Wangun Karinding ... 25

2.2.3 Rupa-rupa Karinding ... 26

2.2.4 Cara Nabeuh Karinding ... 28

2.2.5 Riwayat Karinding ... 30

2.2.6 Fungsi Karinding ... 33

2.2.7 Pintonan Seni Karinding ... 34

2.2.8 Grup Seni Karinding ... 35

2.3 Kawung ... 36

2.3.1 Rupa-rupa Kawung ... 40

2.3.2 Mangpaat Kawung ... 45

2.4 Hérméneutika ... 46

2.4.1 Hérméneutika Umum ... 46

2.4.2 Hérméneutika Sunda ... 56

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ... 62

3.1 Pamarekan ... 62

3.2 Métode Panalungtikan ... 65

3.2.1 Milih Topik anu Luyu ... 67

3.2.2 Ngajujut Sakabéh Evidensi (Bukti) nu Relevan jeung Topik ... 68

3.2.3 Nyieun Catetan nu Dianggap Penting ... 68

3.2.4 Ngaévaluasi kalayan Gemet jeung Kritis Data nu Dikumpulkeun ... 68

3.2.5 Nyusun Hasil Panalungtikan kalayan Puguh Éntép-Seureuhna ... 69

3.2.6 Midangkeun Hasil Panalungtikan kalayan Jéntré ngaliwatan Cara anu Matak Ngirut ... 69

(3)

3.4 Téhnik Panalungtikan ... 70

3.5 Data jeung Sumber Data Panalungtikan ... 71

3.6 Prosédur Panalungtikan ... 71

BAB IV KAJIAN HÉRMÉNEUTIK KARINDING KAWUNG ... 73

4.1 Kaayaan Wewengkon ... 73

4.1.1 Lokasi ... 74

4.1.2 Jumlah Penduduk ... 75

4.1.3 Kayakinan (Agama) ... 76

4.1.4 Pakasaban Masarakat ... 76

4.2 Sajarah Karinding Kawung ... 80

4.3 Pungsi Karinding Kawung ... 84

4.3.1 Pikeun Panglipur Kalbu ... 85

4.3.2 Pikeun Pergaulan Rumaja ... 85

4.3.3 Pikeun Pagelaran Seni/ Pintonan ... 87

4.4 Nyieun Karinding Kawung ... 87

4.4.1 Bahan Karinding ... 88

4.4.2 Pakakas Nyieun Karinding ... 96

4.4.3 Cara Nyieun Karinding ... 97

4.4.3.1 Ngala Bahan ... 98

4.4.3.2 Ngabaladah ... 99

4.4.3.3 Ngagaringkeun Bahan ... 101

4.4.3.4 Ngajadikeun ... 101

4.4.3.5 Ngunun ... 111

4.5. Nabeuh Karinding Kawung ... 112

4.5.1 Cara-cara Nyadakeun Karinding Kawung ... 112

4.5.2 Lalaguan Karinding Kawung ... 116

4.5.2.1 Tonggérét ... 117

4.5.2.2 Tokécang ... 117

(4)

4.5.2.4 Tolénjéng ... 119

4.5.2.5 Nanyaan ... 119

4.5.2.6 Ungkut-ungkut Nyandung ... 120

4.5.2.7 Buncis ... 121

4.5.2.8 Karinding ... 122

4.5.2.9 Jungjaé ... 123

4.5.2.10 Dengkleung ... 124

4.5.2.11 Rajah ... 125

4.6 Kajian Hérméneutik ... 126

4.6.1 Hérméneutika dumasar Wangunna ... 126

4.6.2 Hérméneutika dumasar Ngaranna ... 130

4.6.3 Hérméneutika dumasar Fungsina ... 134

4.6.1 Hérméneutika dumasar Lagu-laguna ... 136

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 143

5.1 Kacindekan ... 143

5.2 Saran ... 146

DAPTAR PUSTAKA ... 148

(5)

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Nagara Indonésia diwangun ku mangratus-ratus sélér bangsa anu béda-béda, boh ditilik tina dedeg-pangadeg manusana boh disawang tina budayana. Budaya nu dipibanda ku hiji sélér bangsa téh mibanda fungsi anu mandiri, sarta dina seuhseuhanana mah ngan larap dina hirup kumbuh éta sélér bangsa. Sok sanajan kitu, ku mekarna pamahaman katut kasadaran sakumna rahayat Indonésia kana perjuangan jeung rasa sanasib, enggoning ngawujudkeun nagara kesatuan nu dingaranan Républik Indonésia, karinékaan budaya téh dianggap kakayaan anu kacida pentingna sarta bisa dijadikeun modal pikeun ngukuhan persatuan jeung kesatuan katut jati diri bangsa Indonésia.

Kaluhungan ajén-ajén budaya daérah enggoning ngamajukeun budaya nasional, dirojong ku aturan pamaréntah nu kaunggel dina pasal 32 ayat 1 UUD 45 ieu di handap.

“Negara memajukan kebudayaan nasional Indonesia di tengah peradaban dunia dengan menjamin kebebasan masyarakat dalam memelihara dan mengembangkan nilai-nilai budayanya”.

Hal éta ogé diwewegan ku Peraturan Menteri Dalam Negeri Nomor 39 Tahun 2007 ngeunaan “Pedoman Fasilitasi Organisasi Kemasyarakatan Bidang

Kebudayaan, Keraton, dan Lembaga Adat dalam Pelestarian dan Pengembangan

(6)

Seni atawa kasenian salaku unsur budaya, mangrupa média anu pangpentingna dina méré gambaran visual ngeunaan kahirupan hiji komunitas (masarakat). Seni bisa jadi basa nu universal pikeun komunikasi antar-bangsa, antar-étnis, malah antar-pribadi manusa salaku mahluk sosial, sanajan béda-béda kasang tukang kahirupanana. Malah salila ieu, seni salawasna disandingkeun jeung rupaning kagiatan, kaasup diplomasi-pulitik pamaréntahan jeung nagara-nagara séjén, nu dilaksanakeun ku wawakil nagara-nagara Indonésia nu aya di luar negri. Ku lantaran kitu, nilik kana jasana mah geus sawadina kasenian téh diperhatikeun, dipiara, dimumulé, sangkan hirupna mulus nanjung enggoning ngajungjung darajat bangsa.

Patalina jeung hal di luhur, seni minangka titinggal budaya téh bisa dijadikeun sumber pikeun ngungkab sajarah atawa peristiwa hiji bangsa dina mangsa bihari, pikeun gambaran ka manusa nu hirup di jaman kiwari. Titinggal budaya téh teu mustahil bisa jadi alat komunikasi nu mundel ku informasi pikeun manusa anu bisa napsirkeunana. Langer (1957:30) dina Sunarto (2008:21) nétélakeun yén kadieunakeun manusa mekarkeun komunikasi dina hirup kumbuhna téh teu saukur pikeun ngawewegan pangabutuh pokona, tapi mekarkeun ogé pangabutuh anu sipatna leuwih luhur, dina wangun usaha pikeun

paham kana ma’na-ma’na anu leuwih abstrak. Ma’na-ma’na abstrak diciptakeun

(7)

Parsons (Walker, 1977:11 dina Sunarto, 2008:21) anu nyebutkeun yén kabudayaan téh enas-enasna mah ngagugulung perkara ma’na, nepi ka gumantung pisan kana sistem simbolisme. Ku kituna, sistem simbol geus jadi padoman pikeun nyumponan pangabutuh manusa (primér, sékundér, jeung tértiér) nepi ka sistem ajén-inajén jeung sistem simbol komunikasi téh ngawangun hubungan anu kacida dalitna dina hiji kabudayaan.

Tatar Sunda, Parahiyangan, atawa Pasundan nya éta sesebutan pikeun wewengkon nu ayeuna disebut Jawa Barat jeung Banten, mangrupa tempat hirup kumbuhna hiji sélér bangsa nu disebut suku Sunda. Tatar Sunda pada mikawanoh minangka salah sahiji wewengkon nu jembar budayana. Ieu hal bisa dibuktikeun ku sumebar jeung mekarna rupa-rupa kasenian di tatar Sunda nu teu bisa dipastikeun sabaraha jenis jeung jumlahna. Tapi ku lantaran loba téa, sawatara kasenian milik urang Sunda téh mindeng katolér-tolér. Teu saeutik kabudayaan (utamana seni) Sunda warisan karuhun anu teu kaburu kaungkab lantaran kaburu pareum saméméh ayana régenerasi.

Dina mangsa kiwari, kacatet sababaraha seni Sunda anu geus tilem jeung nu méh pareum atawa ninggang di babasan “hirup teu neut paéh teu hos”. Sawatara seni budaya Sunda nu kacatet saperti kitu téh di antarana aya pantun, beluk, macapat, lais, tarawangsa, calung tarawangsa, jentréng, jeung sawatara

kaulinan barudak. Teu anéh upama kana wangun-wangun seni atawa jenis

(8)

Niténan kanyataan saperti kitu, teu saeutik nu manghariwangkeun kana hirup-huripna kasenian Sunda. Urang Sunda sorangan saenyana sadar, loba budaya hususna kasenian Sunda anu kalindih ku budaya deungeun. Ku lantaran kitu, rupaning tarékah perlu dipatéakeun pikeun ngungkulanana, sanajan kamekaran jaman jeung campur gaulna masarakat Sunda anu beuki dieu beuki jembar (terbuka), bakal jadi cukang lantaran tumuwuhna kanibalisme budaya nu hésé dibendungna.

Tina sababaraha pasualan nu mindeng diwacanakeun dina gempungan-gempungan atawa sawala budaya Sunda, nu jadi cukang lantaran muguranana hiji kasenian atawa leuwih legana hiji budaya téh salahasahijina ku sabab sikep masarakat Sunda-na sorangan. Urang Sunda, utamana generasi béh dieu, loba nu mibanda anggapan éta kasenian atawa budaya téh geus teu larap jeung kamajuan jaman atawa jeung aspék-aspék kahirupan séjénna. Budaya warisan karuhun téh laun-laun ditinggalkeun, lantaran dianggap teu perlu dipaké deui.

Di sagigireun éta, perlu tarékah ti masarakat pikeun ngungkab ajén-ajén séjén atawa guna jeung mangpaatna seni budaya Sunda pikeun kahirupan urang Sunda kiwari. Kitu gé upama urang Sunda sadar, yén bangsa anu maju téh nya éta bangsa anu tetep ngamumulé jeung mikukuh budayana. Upama diibaratkeun, nagara téh minangka hiji tangkal, nu jadi akarna nya éta budaya; éta tangkal téh bakal ajeg, henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan, upama akarna kuat ngaranggeum lemah.

(9)

hirupna ngakar kana budayana. Ceuk babasaan: “sagancang-gancangna nu leumpang, upama nuturkeun jalan batur mah salawasna bakal tinggaleun lengkah”. Upama kitu, geus waktuna urang Sunda nangtukeun sikep, ludeung leumpang dina jalanna sorangan, jalan nu geus ditaratas ku karuhunna, ulah hayoh baé nutur-nutur tapak deungeun.

Nurutkeun Sumardjo (2003:297) masarakat Sunda nya éta sakumpulan manusa nu ngagunakeun basa Sunda. Ngaliwatan éta basa, ajén-inajén budaya Sunda bisa diungkab. Salian ti éta, urang Sunda ogé némbongkeun ajén-inajén budayana ngaliwatan tingkah laku sapopoé, ngaliwatan barang-barang anu diciptakeunana. Basa Sunda jeung artéfak mangrupa wujud-wujud nyata interprétasi nilai koléktif masarakat Sunda. Ku cara ngulik, napsirkeun, jeung

maham kana wujud budayana, hiji komunitas bakal nimukeun pola-pola dasar gagasan ngeunaan ajén-inajén nu dipiharep bisa diwujudkeun dina kahirupan sapopoé ku urang Sunda.

(10)

senina nu disebut seni karinding. Ngaliwatan hiji kajian nu ngagunakeun pamarekan heuristik – hérméneutik, bakal kaludang kandungan ajén-ajén historis, éstétis, jeung pilosofis hiji waditra salaku artéfak budaya atawa hiji kasenian titinggal karuhun Sunda.

Dina kamekaran budaya hususna kasenian mangsa kiwari, karinding téh mémang keur mimiti neutneutan muncul deui. Malah nurutkeun informasi nu kapanggih tina média masa atawa tina internét, aya sababaraha grup/komunitas

nu ngagunakeun ngaran “karinding” saperti “Karinding Attac (Karat)”,

“Karinding Militan (Karmila)”, Komunitas Karinding (Kokar)”, jsté., sarta di

sababaraha wewengkon utamana di puseur dayeuh, karinding téh keur padamigandrung utamana ku barudak sakola (rumaja). Sababaraha kagiatan pagelaran nu ngahaja diancokeun pikeun ngawanohkeun karinding ka masyarakat geus diupayakeun di sababaraha wewengkon saperti di Bandung, di Sumedang, di Tasikmalaya, di Ciamis, di Subang, di Cianjur, jeung di Garut.

Di lingkungan akademik, sanajan can pati loba, saenyana geus aya karya tulis ilmiah, pangpangna skripsi anu medar jeung ngaguar hasil panalungtikan nu patalina jeung karinding, upamana baé skripsi beunang Tia Siti Aisah nu judulna

“Ajén Falsafah Sunda dina Kasenian Karinding pikeun Bahan Pangajaran Maca

Artikel Budaya di SMA Kelas XII”, atawa skripsi beunang Dian Maulana anu

judulna “Perkembangan Kesenian Karinding di Désa Sindang Pakuon Sumedang

Tahun 1970 – 2004 (Suatu Tinjauan Budaya)”. Tapi tulisan-tulisan ngeunaan karinding anu geus aya, lolobana nyoko kana kamekaran seni pagelaranana sacara

(11)

Di sagigireun éta, karinding nu jadi jejer dina panalungtikan saméméhna luyu jeung nu mekar dina jaman kiwari, nya éta karinding nu dijieunna tina awi (karinding awi). Ku kituna, asa munasabah upama diayakeun panalungtikan nu husus ngeunaan karinding kawung, nu ceuk anggapan gelarna leuwih ti heula batan karinding awi.

1.2 Rumusan Masalah

Méh di unggal tempat di sakuliah Jawa Barat kungsi aya waditra atawa seni Karinding. Sakumaha nu ditétélakeun ku Atik Sopandi (1978:86) yén karinding téh sumebar di tatar Sunda, di antarana, di Baduy, Tasik, Subang, Ciamis, Sumedang, jeung Bandung.

Karinding kawung minangka hasil kreativitas seni karuhun Sunda geus

tangtu ngandung ajén sajarah, éstétika, jeung pilsafat. Dina nangtukeun bahanna, cara nyieunna, metakeunana, lain hiji hal anu sahayuna tapi pinuh tinimbangan nu asak jeung udagan nu tangtu. Aya prosés atawa peristiwa nu bakal jadi gambaran kumaha kaparigelan, kaluhungan budi, jeung kajembaran paham urang Sunda dina hiji mangsa.

(12)

Alatan kitu, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan bakal diwatesan ku mangrupa patalékan ieu di handap.

1) Naon atawa nu kumaha karinding kawung téh?

2) Di mana jeung kumaha hirup-huripna éta kasenian atawa waditra dina mangsa baheula jeung ayeuna?

3) Kumaha cara nyieun (ngawengku alat-bahanna) jeung mintonkeunana?

4) Ajén-inajén naon nu nyampak dina ieu kasenian patalina jeung kahirupan masarakat anu makéna?

1.3 Tujuan panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

1) Ngaguar deui salah sahiji budaya titinggal karuhun anu boh barangna boh ajén-inajénna masih kénéh bisa dipaké sarta gedé gunana pikeun kahirupan masarakat Sunda kiwari.

2) Pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan kasenian Jawa Barat (tatar Sunda), sangkan nu haat kana kasenian teu saukur apal nataan ngaran-ngaran seni atawa alat seni, tapi weruh kana cara nyieunna, mintonkeunana, katut ajén-inajén anu nyangkaruk di jerona.

1.3.2 Tujuan Husus

(13)

1) Medar perkara nyieun karinding kawung, alat-bahanna, jeung cara nyadakeun jeung mintonkeunana, jeung

2) Ngaludang jeung ngungkab ajén-inajén karinding kawung anu raket patalina jeung kahirupan masarakatna, hususna masarakat di wewengkon Kacamatan Cinéam, Kabupatén Tasikmalaya, umumna masarakat Sunda satatar Sunda.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Panalungtikan ngeunaan karinding kawung di kacamatan Cinéam, mangrupa panalungtikan budaya nu hasilna dipiharep aya mangpaatna boh keur kapentingan tioritis boh keur kapentingan praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Keur kapentingan tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa:

1) Ngabeungharan pangaweruh anu patali jeung kajembaran budaya Sunda, hususna kasenian karinding nu kungsi hirup di tatar Sunda;

2) Jadi pedaran anu komprehensif patali jeung pamahaman sacara hérméneutik anu jadi kasang tukang kamekaran budaya Sunda, hususna kasenian karinding; jeung

(14)

1.4.2 Mangpaat Praktis

Keur kapentingan praktis, ieu panalungtikan dipiharep bisa:

1) Digunakeun pikeun bahan pangajaran basa Sunda nu patali jeung kamekaran budaya, utamana kamekaran kasenian Sunda;

2) Digunakeun pikeun bahan pangajaran seni budaya nu patalina jeung kaparigelan ngagunakeun alat kasenian (waditra); jeung

3) Dijadikeun dokumentasi budaya nu bakal ngadeudeulan data/informasi pikeun panalungtikan-panalungtikan nu sarua, dina mangsa nu bakal datang.

1.5 Wangenan Istilah

Pikeun gambaran, istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan bakal diébréhkeun dina pedaran ieu di handap.

1.5.1 Karinding

Karinding téh salah sahiji ngaran waditra (alat tatabeuhan) urang Sunda anu geus buhun pisan. Seni karinding, nya éta kasenian anu ngagunakeun karinding minangka waditra utamana.

Karinding kaasup alat musik jenis perkusi (tatabeuhan) nu disebut mouthharf (B. Ind.: harpa mulut).“Karinding adalah waditra termasuk jenis alat

pukul, dibunyikan dengan cara dipukul mempergunakan telunjuk atau jari tengah

(15)

Di tatar Sunda (wewengkon Jawa Barat) dumasar bahanna mah karinding téh aya dua rupa, 1) nu dijieun tina palapah kawung (sebut: karinding kawung) jeung 2) nu dijieun tina tangkal awi (sebut: karinding awi).

1.5.2 Kawung

Kawung nya éta salahsahiji jenis tutuwuhan kelompok palem (Latin: palmaceae). Dina basa Indonésia, kawung disebut aren, enau, atawa nira (Latin:

arenga pinata)

Dina waktu ieu, ku masarakat awam, kawung téh ngan dipiwanoh minangka tangkal nu ngahasilkeun lahang pikeun bahan gula beureum (gula kawung) atawa tangkal nu ngahasilkeun cangkaléng. Ku lantaran kitu, dina istilah asingna sok disebut sugar palm tree (tangkal gula).

1.5.3 Kajian Hérméneutik

Sacara jembar nu dimaksud Hérméneutik téh nya éta hiji widang élmu tafsir atawa interprétasi, hususna kana hiji téks, bahasa atawa hasil budaya sacara

(16)

Hérméneutika mangrupa élmu ngeunaan aturan-aturan mikawanoh ma’na (die Bedeutung) tanda-tanda, tujuanana pikeun nangkep pikiran-pikiran hiji jalma anu dituliskeun atawa anu dilisankeun sakumaha kahayang manéhna. August Wolf (1759-1824) ngararancang hérméneutika nu praktis, faktual, sarta (sipatna) régional, nya éta dina unggal objék (sajarah, hukum, téologi, karya sastra, jsté.) mibanda aturan séwang-séwang (mandiri). Tugas hérméneutika dirumuskeun dina tilu wangun pamahan nya éta: pamahaman matéri karya, pamahaman basa, jeung pamahaman roh karya (Poespoprodjo, 2004:21-22).

1.5.4 Waditra

Waditra téh istilah karawitan (seni musik daérah) nu ditujukeun kana sakumna alat seni sora (musik) nu dipaké dina hiji kasenian daérah.

“Waditra adalah sebutan untuk alat bunyi yang lazim dipergunakan sebagai alat musik tradisional. Waditra biasa juga disebut alat tatabeuhan (tetabuhan) atau instrumen” (Kubarsyah,1994:1).

Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda (KUBS), “Waditra: tatabeuhan, alat seni swara” (LBSS, 2007:514). Hal ieu ngandung harti yén sakumna alat nu ngahasilkeun sora dina kasenian Sunda disebutna téh waditra. Upamana, kasenian réog ngagunakeun waditra dog-dog, kasenian Cianjuran ngagunakeun waditra

kacapi jeung suling, kasenian Wayang Golék ngagunakeun waditra gamelan

(saron, bonang, kempul, goong, jns.), kasenian Penca ngagunakeun waditra

(17)

1.5.5 Seni

Nepi ka waktu ieu kecap seni dianggap sarua hartina jeung kecap ars tina basa Yunani atawa art tina bahasa Inggris nu hartina kamahéran, kaparigelan atawa kaahlian (Art is skill in making or doing).

Wangenan atawa watesan ngeunaan seni geus aya ratusna, sarta taya hiji ogé watesan nu ditarima (ragem) ku sakumna pihak (watesan nu universal). Watesan ngeunaan sato nu disebut sapi ogé bisa béda-béda, komo ieu seni atawa kabudayaan nu mangrupa pamahaman nilai (ajén). Filsuf Nietzche nétélakeun, “ngan anu teu mibanda kasang tukang sajarah nu bisa dibéré watesan”.

Sedengkeun seni jeung kabudayaan mibanda kasang tukang sajarah jeung kamekaran. Ku lantaran kitu bakal hésé diwatesanan. Saha waé nu méré watesan ngeunaan seni salawasna bakal tinggaleun, lantaran sabada éta watesan dijieun seni geus kaburu robah (Soemardjo, 2000:49).

1.5.6 Tradisional

Tradisional hartina mibanda sipat tradisi. Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda kecap tradisi asalna tina basa Walanda nu hartina “kabiasaan anu turun

tumurun ti karuhun, saperti nyawér, buka pintu, jsté.” (KUBS, 1995:537). Tradisi

ogé bisa dihartikeun adat-istiadat anu dianut ku hiji daérah /wewengkon/étnis. Ku lantaran kitu kecap tradisional bisa dima’naan “mibanda sipat kadaérahan”.

(18)

1.6 Sistematika Laporan Panalungtikan

Hasil tina panalungtikan karinding kawung di Kacamatan Cinéam, Kabupatén Tasiklamalaya, disusun mangrupa karya tulis anu dijudulan

“KARINDING KAWUNG (KAJIAN HÉRMÉNEUTIK KANA SENI

TRADISIONAL DI CINÉAM)”. Luyu jeung Pedoman Penulisan Karya Ilmiah

(Unipersitas Pendidikan Indonésia, 2011:50) ngeunaan sistematika skripsi, tesis, jeung disertasi, eusi laporan panalungtikan ngawengku lima bab, kalayan sistematikana saperti ieu di handap.

BAB I BUBUKA

Ieu bab ngadadarkeun kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah panalungtikan, tujuan panalungtikan, wangenan istilah (definisi operasional) nu dipaké dina panalungtikan, jeung sistematika laporan panalungtikan.

BAB II KAJIAN PUSTAKA

Ieu bab medar sajumlahing konsép dasar anu dijadikeun tatapakan ku panalungtik enggoning nyawang masalah anu baris ditalungtik. Éta konsép-konsép dasar téh sumberna tina buku atawa bahan bacaan séjén anu dijieun rujukan konséptual jeung tioritis.

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

(19)

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN

Ieu bab ngadéskripsikeun hasil panalungtikan nu dipatalikeun jeung dasar tioritis nu geus dibahas dina Bab II. Patalina jeung ieu panalungtikan, dina ieu bab dipedar rupaning hal nu kapanggih tina prosés panalungtikan karinding kawung di lapangan, diadumaniskeun jeung rupaning téori katut anggapan dasar nu dibahas dina bab-bab saméméhna.

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

(20)

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Pamarekan

Nu dimaksud pamarekan dina ieu panalungtikan ngindung kana istilah paradigma nu ditepikeun ku Alwasilah (2008:78), nya éta jenis hiji pola atawa

modél sakumaha dina ungkapan “a paradigm for other to copy”. Dina panalungtikan, paradigma ngarujuk kana seperangkat pranata kapercayaan katut métode-métode nu marenganana. Paradigma mangrupa distilasi atawa ésénsi nu jadi anutan urang salaku panalungtik, ngeunaan dunya katut alam sabudeureunana (kaasup nu teu nyata). Naon nu dipilampah ku hiji jalma (kaasup panalungtikan), teu mungkin lumangsung tanpa didadasaran ku hiji paradigma. Salian ti peranna salaku rujukan jeung sudut pandang (puseur panitén), paradigma diperlukeun pikeun ngawatesanan rohang jeung gerak panalungtik. Panalungtik bakal tuhu nuturkeun kisi-kisi metodologis luyu jeung paradigma nu dianutna.

Hiji panalungtikan (research), dina seuhseuhanana mangrupa usaha pikeun maham fakta sacara rasional-émpiris, nu dipigawé ngaliwatan léngkah-léngkah kagiatan nu tangtu, luyu jeung prosedur nu dipilih tur ditangtukeun ku panalungtik. (Maryaeni, 2005:1). Dina kontéks panalungtikan, pakta téh lain ngan sakadar kanyataan, tapi leuwih condong kana hiji hal (sesuatu) anu bisa diténjo, didéngé, dicabak, dirasa, jsté.

(21)

Karinding Kawung salaku artéfak kabudayaan, kalayan udaganana pikeun mikanyaho adeg-pangadeg katut ajén-inajén nu nyangkaruk di jerona.

Dumasar karakteristik panalungtikan nu ngawengku aspék (1) Terms/Phrases Associated with the Approach, (2) Key Concepts Associated

with the Approach, (3) Theoritical Affiliation, (4) Goals, (5) Design, jeung (6)

Data, panalungtikan budaya leuwih cocog ngagunakeun métode/pamarekan

kualitatif.

Di sagigireun éta, pamarekan kualitatif dipaké dina panalungtikan budya ku lantaran panalungtikan widang kabudayaan mah méré lolongkrang anu lega, muka, mekar, sarta moal réngsé dina waktu anu singget. Panalungtikan budaya bakal pakait jeung sakumna aspék kahirupan manusa. (Maryaeni, 2005:5).

Pamarekan kualitatif mangrupa hiji pamahaman nu nyindekel kana hiji métodologi pikeun neuleuman hiji fénoména sosial jeung masalah manusa. Dina ieu pamarekan, panalungtik kudu nyieun gambaran kompléks, naliti kecap-kecap, laporan nu runtut tina pamadegan réspondén, jeung ngalaksanakeun studi dina situasi nu alami. Bogdan jeung Taylor (Maleong, 2007:3), nétélakeun yén métode panaluntikan nu ngagunakeun pamarekan kualitatif, mangrupa prosedur panalungtikan nu ngahasilkeun data déskriptif dina wangun ungkara-ungkara tinulis atawa lisan ti jalma-jalma, jeung tina paripolah nu jadi puseur panitén dina panalungtikan.

(22)

(presfektif) partisipan. Pamarekan panalungtikan kualitatif dumasar kana pilsapat konstruksivisme nu mibanda anggapan yén kanyataan téh berdimensi jamak

(rinéka), interaktif, sarta meredih interpretasi (pamahaman), dumasar pangalaman sosial. “Reality is mulilayer, interactive and shared social experience interpretation by individuals.” (Mc Millan and Schumacker, dina Sukmadinata 2010:60).

Patalina jeung panalungtikan „Karinding Kawung‟, kualitative approach (pamarekan kualitatif ) dianggap luyu digunakeun, lantaran dina prakprakanana panalungtik bakal ancrub kana hiji komunitas sosial, fénoména-fénoména nyata, kontak langsung jeung masarakat salaku réspondén, sarta rupa-rupa interprétasi ti respondén, anu kudu didéskripsikeun, minangka hasil tina kagiatan panalungtikan.

Di sagigireun éta, ieu panalungtikan ogé ngagunakeun pamarekan heuristik. Dumasar harti kecapna heuristik téh ngandung harti seni atawa élmu

pangaweruh dina nimukeun hiji hal. Éta kecap asalna tina basa Yunani eureka nu pihartieunana „pikeun nimukeun’.

(23)

Heuristik dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun nimukeun jeung ngumpulkeun data-data anu diperlukeun. Data-data nu dimaksud, nya éta sakumna data nu sumebar di respondén.

Salian ti pamarekan di luhur, ieu panalungtikan ngagunakeun kajian hérméneutik anu dina jaman kiwari dipikawanoh minangka hiji métodologi anu

punjul, lain waé dina tradisi kapercayaan/agama (sakumaha awalna), tapi dina disiplin élmu séjén saperti pilsafat, seni, jeung budaya sacara umum. Hérméneutik jadi péso bedah nu seukeut pikeun napsirkeun karya-karya ilmiah atawa sastra, atawa karya-karya dina widang élmu séjén, upamana humaniora, sains, sajarah, jsté., anu sacara langsung atawa teu langsung pasti aya patalina jeung basa salaku

unsur budaya.

3.2 Métode Panalungtikan

Métode téh hiji cara, prosedur, atawa téhnik pikeun ngawujudkeun hiji udagan, atawa ngokolakeun hiji hal sacara éféktif jeung éfisién. Métode mangrupa tatapakan praktis nu méré pituduh ngeunaan cara, prosedur, jeung téhnik nu sistematis dina hiji panalungtikan.

(24)

ngungkab aspék-aspék internal jeung éksternal nu bisa ngécéskeun masalah nu ditalungtik. Luyu jeung pamadegan nu ditepikeun ku Nasir (2003:35), yén métode déskriptif ngabogaan tujuan pikeun nyieun déskripsi, gambaran, lukisan sacara sistématik, paktual, luyu jeung pakta, sipat-sipat sarta hubungan antar pénoména nu ditalungtik.

Nurutkeun Sukmadinata (2009:72), métode déskriptif mangrupa métode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fénoména, boh anu sipatna alamiah boh jijieunan atawa rékayasa, kalawan museurkeun ulikanana kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaanana, sarta bédana jeung fénoména lianna.

Puseur panitén panalungtikan, neueul kana perkara karinding kawung nu aya (hirup, mekar) di Kacamatan Cinéam, Kabupatén Tasikmalaya, kalayan udaganana pikeun mikanyaho adeg-pangadeg katut ajén-inajén nu nyangkaruk dina ieu kasenian. Ku lantaran kitu, métode déskriptif dina ieu panalungtikan dipaké pikeun dua hal ieu di handap.

1) Medar jeung maparkeun kariding nu ngawengku wangunna, alat-bahanna, cara-cara nyieun, nyadakeunana, katut mintonkeunana.

2) Maparkeun ajén éstétis, jeung filosopisna.

Di sagigireun métode deskriptif, ieu panalungtikan ogé ngagunakeun métode historis, anu dina prakprakanana éta métode dipaké pikeun ngaanalisis

(25)

métode historis (sajarah) nya éta hiji prosés pengkajian, penjelasan, jeung penganalisaan sacara kritis kana rékaman jeung titinggal mangsa baheula.

Kalayan tinimbangan yén objék panalungtikan (karinding kawung) mangrupa pintonan kasenian anu bisa dirékam, sarta mangrupa barang/waditra titinggal karuhun nu dianggap heubeul (artefak kabudayaan), dina ieu hal métode historis dianggap luyu digunakeun pikeun ieu panalungtikan.

Ngeunaan métode historis, Wood Gray dina Syamsuddin (2007:89) nétélakeun aya genep léngkah kagiatan panalungtikan nu ngagunakeun métode hiostoris, nya éta 1) milih topik anu luyu, 2) ngajujut sakabéh évidénsi (bukti) nu rélevan jeung topik, 3) nyieun catetan kana hal-hal anu dianggap penting, 4)

nga-évaluasi kalayan gemet jeung kritis data nu dikumpulkeun, 5) nyusun hasil

panalungtikan kalawan puguh éntép seureuhna, jeung 6) midangkeun hasil panalungtikan kalawan jéntré ngaliwatan cara anu matak ngirut.

3.2.1. Milih Topik anu Luyu

(26)

3.2.2 Ngajujut Sakabéh Évidénsi (Bukti) nu Rélevan jeung Topik

Dina léngkah ieu, panalungtik néangan jeung ngumpulkeun data nu patalina jeung objék panalungtikan, di antarana buku-buku nu rélevan, tokoh/seniman nu kompetén tur masih kénéh gedé perhatianana kana masalah nu ditalungtik, jeung néangan hal-hal penting séjén nu mangrupa data pangrojong kana ieu panalungtikan.

3.2.3 Nyieun Catetan Hal-Hal nu Dianggap Penting

Hal-hal penting nu kapanggih sajero lumangsungna kagiatan panalungtikan, perlu dicatet didokuméntasikeun pikeun nyingkahan ayana data-data bias/samar, atawa asupna anggapan-anggapan nu sifatna subjéktif ti panalungtik. Dina tahapan ieu, panalungtik nyatet atawa ngarékam hasil wawancara, motrét (ngadokuméntasikeun) sakabéh peristiwa/data nu kapanggih.

3.2.4 Ngaévaluasi Data nu Dikumpulkeun kalayan Gemet jeung Kritis

(27)

3.2.5 Nyusun Hasil Panalungtikan kalayan Puguh Éntép Seureuhna

Sabadana data jeung informasi diolah, panalungtik nyusun laporan hasil panalungtikan dina wangun tulisan anu sistematis, nyoko kana aturan baku Penulisan Karya Ilmiah pikeun mahasiswa Universitas Pendidikan Indonésia

(UPI) Bandung taun 2011.

3.2.6 Midangkeun Hasil Panalungtikan Kalawan Jéntré Ngaliwatan Cara

anu Matak Ngirut

Dina tahap ieu, luyu jeung pameredih perkuliahan di Sekolah Pascasarjana (SPs UPI) Bandung, panalungtik nyusun hasil panalungtikan dina

wangun Tésis anu judulna “Karinding Kawung (Kajian Hérméneutik kana Seni Tradisional di Cinéam)”. Sangkan leuwih ngirut, pidangan hasil panalungtikan dilengkepan ku gambar-gambar (potrét), lampiran hasil wawancara, jeung CD hasil rékaman.

3.3 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan anu digunakeun pikeun ngarojong téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya éta lambar obsérvasi jeung

daptar patalékan. Lambar obsérvasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data

(28)

3.4 Téhnik Panalungtikan

Sacara umum téhnik panalungtikan anu digunakeun dina nalungtik perkara Karinding Kawung di Kacamatan Cinéam téh ngawengku opat hal ieu di handap.

1) Obsérvasi

Obsérvasi atawa studi lapangan, nya éta téhnik nu digunakeun pikeun maluruh jeung ngumpulkeun rupaning data nu patalina jeung panalungtikan, langsung ka lokasi (tempat) nu raket patalina jeung objék nu ditalungtik.

2) Wawancara

Wawancara mangrupa téhnik maluruh jeung ngumpulkeun data, langsung ti jalma nu dianggap kompetén dina widang nu ditalungtik, ngaliwatan tanya jawab nu geus diatur dina format wawancara (wawancara tertutup), atawa ngaliwatan ngobrol biasa (wawancara terbuka)

3) Ngarékam

(29)

4) Analisis Data

Téhnik analisis data digunakeun pikeun ngolah, nitén, jeung ngaanalisis data anu geus dikumpulkeun dina raraga nimukeun hubunganana jeung jejer pasualan anu ditalungtik.

3.5 Data jeung Sumber Data Panalungtikan

Data dina ieu panalungtikan nya éta waditra karinding nu ngawengku wujud barangna, lalaguanana, jeung fungsi sosialna. Data panalungtikan nu dimaksud, diwatesanan ngan karinding kawung (jenis karinding nu dijieunna tina palapah kawung), nu masih kénéh aya di wewengkon Kacamatan Cinéam, Kabupatén Tasikmalaya.

Nu jadi sumber data ieu panalungtikan, di antarana paratokoh/seniman karinding, jalma-jalma nu kompetén méré informasi (data) nu diperlukeun, jeung literatur-literatur nu aya kaitanana jeung perkara karinding, boh nu mangrupa buku, boh nu sumebar dina média séjén, kaasup dina internét.

3.6 Prosedur Panalungtikan

Karinding kawung minangka artéfak budaya, dijadikeun puseur panitén dina ieu panalungtikan, sedengkeun aspék sosial-budaya dijadikeun pangdeudeulna. Prosedur panalungtikanana ngagunakeun téhnik analisis interaktif. Numutkeun Miles jeung Huberman (1992:16), téhnik analisis interaktif

(30)

(bareng). Data anu geus dikumpulkeun jeung diréduksi, satuluyna dianalisis dumasar léngkah-léngkah kagiatan sakumaha nu digambarkeun dina bagan ieu di handap.

Ngumpulkeun Data

Réduksi Data

Midangkeun Data

(31)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Seni Sunda mangrupa unsur budaya Sunda nu jadi média penting pikeun méré gambaran visual ngeunaan kahirupan masarakatna. Dina wujud kasenian saenyana nyangkaruk ajén-ajén historis, éstétis, pilosofis, jsté., anu gedé mangpaatna pikeun kahirupan komunitasna. Seni bisa jadi basa nu universal pikeun komunikasi antar-bangsa, antar-étnis, malah antar-pribadi manusa salaku mahluk sosial, sanajan béda-béda kasang tukang tempat, waktu, jeung kahirupanana.

Salah sahiji kasenian tradisional Sunda nu méh kaluli-luli téh di antarana karinding kawung. Ieu kasenian nu sakaligus ngaran waditra (alat kasenian)

Sunda téh, sanajan masih kénéh aya, tapi saeutik pisan urang Sunda anu apal komo bari jeung bisa nyieun atawa ngagunakeunana. Ku lantaran kitu, ieu panalungtikan eusina medar perkara karinding (hususna karinding kawung), dideudeul ku dasar-dasar pangaweruh anu tangtu pikeun ngungkab jeung napsirkeun ajén-inajén nu nyangkaruk di jerona.

(32)

lila sabada tokoh-tokohna (nu ayeuna geus karolot) maraot, kasenian karinding di Cinéam téh bakal tumpur, kari ngaranna.

Beuki kurangna anu ngamumulé seni karinding, sajalan jeung beuki nguranganana tangkal kawung, utamana kawung saéran, anu palapahna jadi bahan utama waditra karinding. Padahal tina hasil panalungtikan, di wilayah kacamatan Cinéam, hususna di tilu désa nya éta, Cikondang, Pasirmukti, jeung Cisarua, baheula mah tangkal kawung téh ngageba. Ieu hal dibuktikeun ku kasohorna gula gunung nepi ka kiwari, sanajan beuki dieu beuki langka nepi ka pasar kacamatan

Cinéam, nu jadi puseur ngumpulna hasil bumi ti wewengkon désa-désa di wilayah kacamatan Cinéam.

Langkana anu bisa nyieun karinding tina kawung, kacida gedé pangaruhna kana kamekaran ieu kasenian. Dina waktuna ieu panalungtikan dilaksanakeun, urang Cinéam nu biasa sarta parigel nyieun karinding téh ngan kari tilu urang deui, nya éta Koha (81tn), Mamat (58), jeung Tata (42 tn) minangka generasi panggorana.

Kamekaran seni karinding kawung di Cinéam anu dianggap daérah asalna, upama dipapandékeun kana kahirupan mah ibarat babasan hirup teu neut paéh teu hos. Masarakat Cinéam sorangan, beuki dieu beuki saeutik anu nyaho, yén di

wewengkon Cinéam dina mangsa-mangsa ka tukang kungsi nanjung hiji kasenian buhun nu disebut karinding.

(33)

kuantitas mah mungkin waé bisa ngungkulan lobana grup kasenian karinding nu aya dina dekadeu saméméhna. Éta hal matak reugreug, lantaran seni karinding dipiwanoh deui ku sabagéan masarakat. Tapi di sagigireun éta, perlu jadi bahan pamikiran, lantaran tina segi kualitas seni nu némbongkeun identitas Sunda mah, masih kénéh perlu dibebenah. Salah sahiji contona, seni karinding nu kiwari manggung, lolobana dikolaburasikeun jeung alat-alat musik atawa waditra séjén anu teu ngimbangan kana sora karinding, anu antukna karinding mah ngan saukur jadi waditra pangeuyeub-euyeub, numpang ngaran alatan kaahénganana.

Penurunan kualitas dina kamekaran karinding, ogé katitén tina waditra karindingna sorangan. Penampilan luar karinding (bentukna) jadi leuwih penting batan sora nu dihasilkeunana. Ku lantaran bahan karinding tina palapah kawung mimiti hésé, karinding leuwih loba nu dijieun tina awi, padahal karinding nu salila ieu dipikawanoh ku urang Sunda mah dijieunna tina palapah kawung. Akibatna, dina pintonan ogé karinding téh asal disada waé. Teu kudu anéh upama aprésiator teu bisa ngabédakeun, kumaha sora karinding dina lagu nu hiji jeung sora karinding dina lagu nu séjénna.

Lalaguan karinding anu némbongkeun jati diri karinding salaku alat ritmis sakaligus melodis, saperti lagu Dengkleung, Nanyaan, Ungkut-ungkut Nyandung, Jungjae, jsté., beuki kapopohokeun, langka pisan anu bisa midangkeunana.

Padahal pikeun midangkeun lalaguan anu sipatna mélodis, perlu kaparigelan husus, anu dihasilkeun tina latihan (diajar nabeuh karinding) ngolah elok bangkong (rohangan baham jeung tikoro) enggoning ngahasilkeun nada (sora anu

(34)

ayeuna, teu mustahil bakan leuwih ningkatkeun ajén ieu kasenian malah mandar leuwih mekar, nanjeur, jeung nanjung jiga baheula.

Tina ieu panalungtikan, saeutikna kaguar ajén-inajén nu nyangkaruk dina karinding boh salaku waditra (alat karawitan) boh salaku wangun kasenian. Karinding salaku artéfak budaya hasil krétifitas masarakat primordial Sunda, ngandung ajén éstétis, historis, jeung pilosofis anu luhung, copélna keur kapentingan masarakat nu jadi tempat gelar jeung mekarna éta waditra.

5.2 Saran

Perkara kamekaran seni tradisional di hiji wewengkon, pasti loba rambat kamaléna. Hasil ieu panalungtikan, nuduhkeun ayana dua hal anu pagedrug dina diri seniman karinding dina mangsa kiwari. Mindeng jadi alesan anu klasik antara ngamumulé seni warisan jeung ngungkulan pangabutuh hirup (kasab). Ku lantaran kitu, disagigireun dukungan ti masarakatna, ogé perlu pisan ayana pangrojong ti pihak pamaréntah anu berwenang, dina raraga merhatikeun kasajahtraan parapalaku seni tradisional, hususna seniman karinding nu aya di Kacamatan Cinéam, Kabupatén Tasikmalaya.

Ieu laporan hasil panalungtikan téh kacida basajanna, mungkin waé tacan nyumponan harepan saméméhna . Ku kituna, kacida bungahna upama aya deui panalungtikan séjén ngeunaan seni tradisional karinding, nu leuwih sampurna, sarta pedaranana leuwih jembar, enggoning ngungkab jeung némbongkeun identitas Sunda anu saenyana. Sok sanajan kitu, ieu hasil panalungtikan bisa waé

(35)

aspék-aspék séjén tina seni karinding, anu tacan kaungkab jeung kaguar ku panalungtik saméméhna.

Pikeun kapentingan pangajaran basa Sunda di sakola, saeutikna ieu hasil panalungtikan bisa ngeuyeuban referensi bahan ajar atawa bahan acuan, dina waktu medar perkara basa jeung sastra, nu aya patalina jeung budaya, hususna seni tradisional nu aya di tatar Sunda (Jawa Barat jeung Banten).

(36)

DAPTAR PUSTAKA

Ali, Mohamad. (1985). Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Bandung: Angkasa

Alwasilah, A. Chaédar. (2009). Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan Melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya

Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta

Bakker, Anton dan Achmad Charis Zubair. (2011). Metodologi Peneletian Seni. Yogyakarta: Kanisius

Basrowi jeung Suwandi. (2008). Memahami Penelitian Kualitatif. Jakarta: Rineka Cipta

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama

Danasasmita, Saléh. (2003). Nyukcruk Sajarah Pakuan Pajaran jeung Prabu Siliwangi. Bandung: Kiblat Buku Utama

Depdikbud. (2003). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka

Ekadjati, S, Edi. (1984). Masyarakat Sunda dan Kebudayaannya. Jakarta: Giri-mukti Pasaka

Garna, Yudistira. (2009). Metoda Penelitian Kualitatif. Bandung: Yudistira Foundation & Primaco Akademika

(37)

Berdasarkan Nilai-nilai Budaya untuk Membentuk Daya Saing dan Karakter Bangsa. Jakarta: Kementrian Pendidikan Nasional Badan Penelitian dan Pengembangan Pusat Kurikulum

Hidayatullah, Muharam. (2009). Kepribadian Nabi Muhammad, dari sudut pandang numerologi. Jakarta: Ufukpress

Jalius, HR. (2011). Pengertian Tradisional [Online]. Tersedia:http//www. Jalius HR. htm

Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda (Edisi Revisi). Bandung: Sonagar Press

Kartadibrata, Karno. (2010). Lengkah-lengkah Urang Sunda dina Pulitik jeung Budaya. Bandung: Panglawungan Purnama Alam

Koentjaraningrat. (2002). Pengantar Ilmu Antropogi. Jakarta : Rineka Cipta

---. (2004). Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Jakarta: Djam-batan

Koeswara, E. (1991). Teori-teori Kepribadian. Bandung : Eresco

Kubarsah R, Ubun. (1994). WADITRA: Mengenal Alat-alat Kesenian Daérah Jawa Barat. Jakarta: Beringin Sakti

Kusmanto, Dian. (2008). Bioethanol dari Pohon Aren dan Lontar. [Online]. Tersedia: http//www. kebunaren.blogspot.com

(38)

Masinambow, EKM dan Rahayu S. Hidayat. (2001). SEMIOTIK (Mengkaji Tanda dalam Artefak). Jakarta: Balai Pustaka

Moleong, J, Lexy. (2010). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Remaja Rosdakarya

Muhammad, As’adi. (2011). Membaca Karakter Orang Berdasarkan Etnisnya.

Yogyakarta: Najah

Nasir, Moh. (2003). Metode Penelitian. Jakarta: Ghalia Indonesia

Poespoprodjo, Dr. W. L. Ph., S.S., S.H. (2004). Hermeneutika. Bandung: Pustaka Setia

Purnomo, Wahyu dan Fasih Subagyo. (2010). Terampil Bermusik. Jakarta: Pusat Perbukuan Kementrian Pendidikan Nasional

Rosidi, Ajip. (2009). Manusia Sunda. Bandung: Kiblat

---. (2011). Urang Sunda di Lingkungan Indonesia. Bandung:Kiblat

Rusyana, Yus, Spk. (1987). Pandangan Hidup Orang Sunda Seperti Tercermin dalam Tradisi Lisan dan Sastra Sunda. Penelitian Tahap I. Bandung: Bagian

Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi) Direktorat jenderal Kebudayaan, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan

Rusyana, Yus. Iskandarwassid, W. Wibisana. (1997). Ensiklopedi Sastra Sunda. Jakarta : Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa

(39)

Satori, Djam’an jeung Aan Komariah. (2009). Metodologi Penelitian Kualitatif.

Bandung: Alfabeta

Soepandi, Atik. (1988). Kamus Istilah Karawitan Sunda. Bandung. Pustaka Buana

Soepandi, Atik dan Enoch Atmadibrata. (1977). Kahasanah Kesenian Jawa Barat. Bandung: Pelita Masa

Sugiyono. (2009). Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta

Sukma, Reni. (2005). Nama Terbaik Bayi menurut Numorologi. Jakarta: Mediakita

Sukmadinata, Nana Syaodih. (2009). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya

Sumardjo, Jakob. (2000). Filsafat Seni. Bandung: Penerbit ITB

---. (2003). Simbol-Simbol Artefak Budaya Sunda. Bandung: Kelir

---. (2004). Hermeneutika Sunda. Bandung: Kelir

---. (2011). Sunda Pola Rasionalitas Budaya. Bandung: Kelir

Suryalaga, Hidayat. (1010). Filsafat Sunda. Bandung: Yayasan Nur Hidayah

Tamsyah, Budi Rahayu. (2003). Kamus Lengkap (Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda). Bandung: CV. Pustaka Setia

Universitas Pendidikan Indonesia. (2011). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2011. Bandung: Universitas Pendidikan

Referensi

Dokumen terkait

Penerapan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

konsumen dapat memilih dengan baik barang dan/atau jasa yang cocok

Diajukan untuk memenuhi sebagian syarat untuk memperoleh gelar S arjana Pendidikan pada Program S tudi Pendidikan Manajemen Perkantoran, Fakultas Pendidikan Ekonomi dan

Untuk mengurangi kerugian yang disebabkan oleh hama rayap tanah telah.. dilakukan tindakan pengendalian dengan berbagaicara, antara lain

a) lembar observasi kegiatan guru dalam pelaksanaan metode simulasi. Lembar observasi ini berfungsi sebagai instrumen untuk mengukur tingkat. ketercapaian pelaksanaan

Kasta pekerja merupakan anggota yang sangat penting dalam koloni rayap,.. dengan jumlah populasi tidak kurang

Produk Pencangkokan Anhidrid Maleat pada Karet Alam Silkis didalam pencampur Internal: sifat Fisika Dan Kompatibilitas Dengan Poliamida.Universitas Sumatera Utara..

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Fakultas Ilmu Pendidikan.