• Tidak ada hasil yang ditemukan

T BBS 1402298 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "T BBS 1402298 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

83

Dede Raharja, 2016

KALIMAH DINA CARITA PANTUN GANTANGAN WANGI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh boga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun kalimah dina carita pantun Gantangan Wangi ditilik tina wangun kalimah, adegan (pola) kalimah, jeung wanda gaya basa (stilistik).

Tina hasil panalungtikan, yén kalimah dina Carita Pantun Gantangan Wangi

(CPGW) mibanda struktur (adegan) anu béda upama dibandingkeun jeung karya fiksi wangun prosa. Struktur kalimah dina carita pantun mah kawilang kompleks, bisa diwangun ku kecap, frasa, jeung klausa anu runtuyanana jembar sarta ngawangun hiji kalimah nu panjang.

Wangun kalimah dina CPGW téh nyoko kana rupa-rupa kalimah disawang tina jumlah jeung unsur kluasa nu jadi pangwangunna. Tina hasil analisis data kapanggih aya dua wangun kalimah, nyaéta 1) wangun kalimah sampurna jeung 2) wangun kalimah teu sampurna. Wangun kalimah sampurna ngawujud jadi wangun kalimah salancar jeung wangun kalimah ngantét. Ari wangun kalimah teu sampurna ngawujud jadi wangun kalimah ringkesan jeung wangun kalimah singget.

Tina hasil analisis 180 kalimah dina CPGW, kapanggih wangun kalimah katut adeganana anu mindeng dipaké, nya éta:

a. kalimah salancar basajan, jumlahna aya 61 sarta adeganana → (Pola A: KSB  J+C+U/Pa +In Fi). Biasana adeganana robah jadi susun balik (inversi). Ieu kalimah mindeng kapanggih dina wangun deskripsi carita;

b. kalimah ngantét sumélér, jumlahna 28 sarta adeganana → (Pola D: KNgSum  Kla Int1 + (Konj) + Kla Sel ). Biasana salah sahiji unsurna dilegaan ku klausa

anu leuwih panjang. Ieu kalimah téh ayana dina bagian naratif/ pertélaan hiji hal atawa kajadian; jeung

c. kalimah singgetan, jumlahna 23 sarta adeganana → (Kal Sing: Kal tan J/ C/

(2)

84

Dede Raharja, 2016

KALIMAH DINA CARITA PANTUN GANTANGAN WANGI

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Gaya basa nu kapanggih ngawengku: rahulan (hiperbol), mindoan (repetisi), purwakanti (asonansi), ngasor (litotes), jeung mindo kecap panungtung padalisan (anadiplosis).

Dumasar hasil analisis tina 80 pada, kalimah-kalimah dina CPGW umumna ngandung gaya basa purwakanti (asonansi) anu jumlahna 75 jeung gaya basa mindo (repetisi/ anafora) anu jumlahna 68.

Hal séjén minangka kekhasan anu kapanggih dina panalungtikan, nya éta carita pantun téh mangrupa karya sastra wangun ugeran (puisi) nu paselang jeung wangun lancaran (prosa), sarta dicaritakeunana ku cara dihaleuangkeun jeung digorolangkeun. Lebah anu dihaleuangkeun, kalimah-kalimahna mangrupa basa ugeran (puisi), sedengkeun anu digorolangkeun mah kalimah-kalimahna mangrupa basa lancaran. Ku kiktuna, carita pantun téh kagolong kombinasi antara puisi jeung prosa fiksi, anu strukturna ngawengku unsur rajah, deskripsi, narasi, dialog, jeung monolog.

Ngeunaan babandingan frékuensi antara wangun ugeran (puisi) jeung wangun lancaran (prosa) dina CPGW, tangtu waé kalimahna loba ngagunakeun basa lancaran, ngan pédah ditranskrip kana wangun tulisan mangrupa kalimah-kalimah pondok dina runtuyan pada (bait). Jadi tétéla, upama para ahli nyebutkeun yén carita pantun mangrupa karya sastra wangun ugeran (puisi) téh tangtu perlu tinimbangan deui.

5.2 Saran-saran

Dumasar kana kacindekan di luhur, aya sawatara saran anu perlu ditepikeun, di antarana waé saperti ieu di handap.

a. Panalungtikan ngeunaan kalimah dina Carita Pantun Gantangan Wangi (CPGW) téh masih kawilang heureut, ku kituna perlu ayana lajuning laku panalungtikan saterusna sangkan leuwih jembar.

b. Ieu hasil panalungtikan téh bisa dijadikeun bahan rujukan jeung bahan informasi pikeun guru dina ngajarkeun cara-cara nganalisis wangun kalimah, adegan kalimah, jeung gaya basa (stilistik) nu aya dina carita pantun.

Referensi

Dokumen terkait

Pertumbuhan yang terganggu dapat dilihat dari pertumbuhan linier mengurang atau terhenti, kenaikan berat badan berkurang, terhenti dan adakalanya beratnya menurun,

PENINGKATAN KEMAMPUAN MEMBACA SISWADENGAN MENGGUNAKAN METODE MIND MAPPING (Penelitian Tindakan Kelas Dilaksanakan pada Siswa Kelas III SD).. Universitas Pendidikan Indonesia |

PENERAPAN METODE INKUIRI UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN ANALISIS SISWA PADA MATA PELAJARAN BASIC. AIRCRAFT

Prosedur yang ada di perusahaan diterapkan dengan cara yang sama pada setiap

Transkrip nilai yang ditanda tangani oleh Dosen Wali : 6 lb.. Draf Artikel Ilmiah (abstraknya dalam bhs Ind/Eng) :

Selain tugas awal untuk mengisikan nilai HPS/OE dan melakukan persetujuan agar paket dapat diproses lebih lanjut oleh ULP, pada saat lelang akan diumumkan,

T H E I T S G R O U P PROJECT HIERARCHY The Client ITS Science Indonesia Laboratory Equipment Laboratory Furniture Civil Contractor Mechanical and Mechanical and Electrical

Penelitian ini berjudul : “ Studi Kasus Tentang Pelaksanaan Pelatihan Olahraga Renang Prestasi pada Peserta Didik Tunagrahita di SLB Az- Zakiyah.” Permasalahan yang