• Tidak ada hasil yang ditemukan

Kritik Sastra Ronggeng Sajajagat Karya A

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2018

Membagikan "Kritik Sastra Ronggeng Sajajagat Karya A"

Copied!
6
0
0

Teks penuh

(1)

Rini Anggraini

180210120033

Aya Ahmad

Bakri

sajeroeun Ua Haji Dulhamid jeung

Ronggeng Sajajagat

Sastra téh gambaran kahirupan, jeung éta gambaran kahirupan téh kanyataan sosial. Hartina naon boa lalakon nu karandapan dina karya sastra, éta téh mangrupa refléksi tina hubungan pangarang jeung masarakatna. Lalakona aya nu pribadi, individual, atawa personal. Aya ogé nu ngagambarkeun réalitas nu leuwih lega, nu patali jeung kamekaran sosial, kajadian politik, atawa kajadian budaya nu mawa pangaruh dina hiji sélér bangsa, nagara, atawa dunya.

Lamun urang sumender kana teori Goldman, tangtu nu disebut gambaran kahirupan sosial téh taya lian kahirupan jembar; kajadian nu mawa pangaruh gedé kana kahirupan masarakat jeung nagarana, misalna baé konflik politik, robahna tatanan kahirupan masarakat, budaya nu jadi dasar kana kamekaran, nu mawa pangaruh badag dina unggal lini kahirupan lain ngalalakonkeun pangalaman pribadi wungkul.

Di tataran sastra sunda, Ahmad Bakri (1917-1988) mangrupa sastrawan nu kahot jeung geus loba medarkeun buku, nyumbangkeun kaparigelan nulisna dina kasundaan nu mangrupa carita pondok, carita nyambung, novel, jrrd. Karya-karya Ahmad Bakri nu geus medal mangrupa buku di antarana Payung Butut, Rajapati di Pananjung, Sanghiang Lutung Kasarung, Srangéngé Surup Mantén,

(2)

Asmaramurka jeung Bedog Si Rajapati, jeung Ki Merebot, Kabandang ku Kuda Lumping, Nu Seungit Dipulang Asih. Salian ti éta, carpon-carpona ogé dikumpulkeun dina buku Dina Kalangkang Panjara jeung Dukun Lepus.

Ahmad Bakri lain waé kaasup kana pangarang Sunda produktif, tapi deuih kungsi meunang jujuluk pangarang paporit dumasar kana hasil angkét majalah Manglé dina taun 80-an. Tangtu aya dasarna hasil angkét Manglé téh, karangan Ahmad Bakri boh carpon boh carnyam anu dimuat dina éta majalah loba nu mikaresep, malah sok kacida diarep-arepna. Lantaran salian ti produktivitasna dina nyieun karya, kaparigelanana dina ngagambarkeun kahirupan masarakat leutik kacida hirup tur seger pisan. Kritik-kritikna kana pamaréntahan nu teu adil loba ditepikeun ku basa nu basajan tur nyantéi. Minangka karya hiji Guru, karya-karyana pinuh ku amanat anu nyamuni dina carita nu ditepikeunana.

Kaparigelana dina nulis nu diwangun ku gunem catur mangrupa kapunjulan ti Ahmad Bakri. Tokoh-tokohna karasa hirup. Caritana gampil ditarima, tapi gede pisan amanat nu bisa dijadikeun eunteung keur kahirupan. Eusina teu pernah jauh tina kahirupan sapopoé di daérah padésaan. Loba diantarana nu nyokot latar nalika jaman panjajahan Walanda saacan Perang Dunia ka-2. Kusabab éta karya-karya Ahmad Bakri ngandung nilai historis kultural.

(3)

Dina obrolan nu dijudulan Ki Madlani, Ronggéng Sajajagat, jeung

Tanjakan Cigaru, utamana ngaliwatan tokoh Ua Haji, Ahmad Bakri ngagambarkeun poékna kahirupan jaman baheula. Ki Madlani, tokoh nu dijadikeun judulna nyaéta bandar judi nu dilandi raja téga. Sedengkeun dina Tanjakan Cigaru, nu dicaritakeun ku Ua Haji nyaéta Si Sabda. Saperti Ki Madlani, Sabda ogé tukang rampok, maéhan jeung ngarogahala. Lian ti Madlani jeung Sabda, aya oge Anis, ronggéng geulis sripanggung nu ahirna paéh alatan rajasinga.

Dina carita Kariaan Dalem jeung Moro Maung, Ua Haji nyaritakeun hiji sisi kahirupan ménak nu aya patalina jeung hal-hal mistis. Dina

Kariaan Dalem, lian ti nyaritakeun fénoména masarakat Ciamis dina mangsa bupati ngayakeun kariaan, ogé dicaritakeun ngeunaan tamu ondangan ti Rawa Onom. Keur tamu-tamu nu teu lain nyaéta mahluk halus, disadiakeun ténda husus. Mun tatamu éta mulang, ngadadak balong pinuh ku lauk, nyampak munding sababaraha hiji, teuing timana datangna, geus ditalian kana tatangkalan.

Pon kitu deui dina Moro Maung. Dina jaman harita, aya kalana Bupati jeung masarakatna moro maung, nu mindeng ngalaan sato nu diingu ku masarakat, leuweung ngadadak siga pasar malam. Lian ti éta, Ua Haji nyaritakeun maung siluman nu dikaitkeun jeung mitos Prabu Siliwangi.

Kajadian–kajadian nu gedé gé teu weléh dicaritakeun ku Ua Haji, dina carita Nu Geulis, carita nu diangkat tina kajadian mahabuna hama beurit nu ngaruksak rébuan héktar sawah. Teu tinggaleun dicaritakeun ogé adat istiadat masarakat dina widang tatanén, sedengkeun dina Jaman Cacing Saduit, nyaritakeun kisah ngeunaan tanam paksa di Jawa Barat, dina jaman kopi keur jadi primadona harita. Nu masih kontékstual nyaéta

Rampog Kawasén. Obrolan na patali jeung jaman dimana pihak nu boga kawasa ngarampas harta banda rahayat sangeunahna.

(4)

“Lakuning kajurung nafsu, mesatna kana doraka, anggeusna dina cilaka.”

Éta mangrupa salah sahiji ungkara basa tina carita Ronggéng Sajajagat. Nu mibanda harti yén laku lampah manusa nu kajurung ku nafsu, lumpatna kana pidorakaeun nu tungtungna matak picilakaeun jeung ngadoréksakeun ka dirina sorangan. Mun sacara konsép konstektual, carita éta téh masih aya dina kahirupan jaman ayeuna, tangtu baé. Poékna sisi kahirupan nu ngawowoy hawa napsu pikeun minuhan eusi peujit ku jalan milampah laku goréng dina ngalap rejeki ku jalan jual diri, seueur kénéh kajadian,boh ronggéng tradisional nu nyamuni na kedok seni atanapi nu kedokna medernitas dina wangunan diskotik jeung tempat hiburan malam lianna.

Teu beunang dipungkiri ku urang sadayana, dina jaman ayeuna panyakit masarakat siga kieu nu jadi hiji paktor ningkatna panyakit nu tumali jeung prilaku séks bébas. Lamun dina carita Ronggeng Sajajagat

aya si Anis ronggeng kahot nu panggeulisna dina jamanna jadi sripanggung tapi lalakon na maksiat wungkul, teu lila jayana, umur tilu puluh taun gé, geus ruksak pisan awakna, irung sumpung, panon pécak, jaba leungeun kémpréng sabeulah, keuna panyakit kotor sabangsa sipilis, da tadina diobral teuing boga rasa payu, sagala bres waé. Dina jaman ayeuna aya nu ngarana HIV/AIDS anu tiap taun beuki nambahan baé jalma nu kakeunaan ku panyakit eta. Lila sanggsarana si Anis téh, malahan paéhna gé di saung sawah batur. Éta bisa dijadikeun eunteung keur kahirupan urang, hadé rupa teu dibarengan ku haté nu hadé ogé, lumpatna kana cilaka, nyangsarakeun awak sorangan.

“pan heueuh... paingan ceuk kolot, geulis rupa mah tara langgeng katarajang ku umur gé ruksak... nu langgeng mah geulis ati kabawa nepi ka ahérat.”

(5)

ngadamel carita wangun paguneman, tapi dina carita nu diterbitkeun deui ku Kiblat nu nyandak tina majalah manglé teu di revisi deui janten teu disebatkeun saha nu keur nyarita dina paguneman éta téh, mung wangun dialog nu dicirikeun ku kekenteng wungkul. Duka pédah ngudag kana orisinalitas carita nu aya dina mangle, tapi di dinya justru nu jadi hiji bangbaluhna pikeun nu maca ngarti kana eusi carita, jeung saha nu keur nyarita na. Tapi onjoyna ieu karya téh nyaéta ngangkat carita nu sumberna tina paguneman di warung kopi jadi teu karasa mapatahan pisan kawas sakumna ngobrol wéh.

Dina teori sastra aya nu disebut estetika resepsi nyaéta tanggapan pembaca terhadap karya salah sahiji kritik Jauss: horison harapan pembaca. Lamun dipaluruh tina tiori Jauss, seueur pisan kritik nu tiasa didugikeun kana ieu karya, mun ditaluntik maké teori estetika resepsi. Tanggapan nu maca kana hiji karya pasti béda jauh jeung naon nu dimaksud ku nu nulis, kusabab horison harapan na teu nepi perspektif sinkronik jeung diakronik teu saluyu.

(6)

Referensi:

http://www.klik-galamedia.com/memori-ahmad-bakri

http://kiblatbukusunda.blogspot.com/2013/10/ronggeng-sajajagat.html

http://chyeretty.wordpress.com/esai-budaya-sastra-sunda/piteuk-tongo-walangtaga/

Referensi

Dokumen terkait