• Tidak ada hasil yang ditemukan

Kritik Sastra-2x - Direktori File UPI

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2024

Membagikan "Kritik Sastra-2x - Direktori File UPI"

Copied!
4
0
0

Teks penuh

(1)

Kagiatan Dasar (Aspek Poko) Kritik Sastra

1. Analisis: Karya sastra mangrupa struktur anu kompleks (pajeujeut), pikeun nyurahan sarta nyangkem kana eusina, perlu dianalisis, nya eta diguar

unsur-unsur atawa norma-normana.

2. Interpretasi/napsirkeun: napsirkeun kana sagala aspek-aspekna (Abram, 1981:84). Medar harti basa(na)/babasan jeung paribasa oge ambiguitas makna, parafrase, jeung komentar.

3. Evaluasi/ngajen: Ngungkarakeun punjul jeung hengkerna hiji karya sabada dianalisis jeung ditapsirkeun.

Analisis jeung interpretasi dina karya sastra kudu dipatalikeun jeung ngajen kana eta karya (Wellek & Warren, 1968).

(2)

Kritik nu hade/sampurna Kritik nu kurang hade/teu sampurna

1. Nganalisisna dumasar kana teori jeung hakekat sastra;

2. Nganalisisna kana sakumna norma sastra, lain kana salahsahijina wungkul

1. Subjektif tur mihak;

2. Teu bisa nuduhkeun ngandung ajen seni atawa hentuna hiji karya;

3. Nguatamakeun hal-hal nu remeh, sastra, lain kana salahsahijina wungkul

3. Objektif tur teu mihak;

4. Aya tinimbangan hade jeung goreng kana karya nu dianalisis;

5. Bisa nuduhkeun hal nu anyar tina karya nu dianalisis (mun aya)

3. Nguatamakeun hal-hal nu remeh, sedengkeun pasualan nu penting teu dipedar;

4. Taragal jeung teregesan tur kurang toleran jeung kompromi;

5. Mapatahan teuing;

6. Teu tepi kana ngajen;

7. Sawanganana cupet, ngulikbek, tur kurang hojah.

(3)

Bangbaluh/keberatan terhadap kritik sastra

1. Karya sastra diciptakeun pikeun dibaca, dirarasakeun kaendahanana, diteuleuman eusining pikiranana, lain pikeun dicacag dipisah-pisah antar unsurna nepi ka leungiteun hartina.

2. Nganalisisna henteu gembleng, ukur kana salah sahiji norma atawa unsurna wungkul, atawa ukur kana salah sahiji jihat sawangan wungkul pikeun nohonan kaperluan paelmuan sejen (sajarah, biografi, linguistik).

pikeun nohonan kaperluan paelmuan sejen (sajarah, biografi, linguistik).

3. Masarakat ukur maca karya kritikna, teu maca karya nu dikritikna. Ku kituna pamaca nyawang hiji karya sastra dumasar kana sawangan kritikus.

(4)

WARNA KRITIK

a. Dumasar Metode Ngalarapkeunana:

(Abram ngabagi jadi kritik judisial & kritik impresionistik, sedengkeun Hudson ngabagi jadi kritik judisial & kritik induktif)

1. Kritik Induktif 2. Kritik Judisial

3. Kritik Impresionistik

b. Dumasar Corak atawa Nu Nulisna:

1. Kritik Akademik 1. Kritik Akademik

2. Kritik Sastrawan, (& Kritik Umum)

c. Dumasar Cara Gawena:

1. Kritik Deduksi 2. Kritik Induksi

d. Dumasar Orientasi atawa Dasar Sawangan:

1. Kritik Objektif 2. Kritik Ekspresif 3. Kritik Mimetik 4. Kritik Pragmatik

Referensi

Dokumen terkait

3.7.3 Dilarapkeunana Data Luyu jeung Pamarekan Panalungtikan Data anu geus ditabulasi tuluy diolah dumasar kana pamarekan struktural jeung kritik sastra féminis

Adapun tujuan penelitian ini adalah untuk mendeskripsikan serta menjelaskan bentuk-bentuk kritik sosial yang terdapat dalam naskah drama alangkah lucunya negeri ini Karya

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉDAGOGIK DINA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WANDA PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMA. Oleh Noni

Ari KSK téh tujulna atawa oriéntasina kana (1) hasil jeung dampak anu dipiharep muncul dina diri murid ngaliwatan runtuyan kagiatan diajar nu miharti, jeung (2)

Kurikulum Mata pelajaran Basa jeung Sastra Sunda anu dumasar kana Standar Kompetensi miang tina lima pananya, nya éta (1) kompeténsi naon nu kudu dihontal