• Tidak ada hasil yang ditemukan

BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "BAB I BUBUKA 1.1. Kasang Tukang Masalah"

Copied!
8
0
0

Teks penuh

(1)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Masalah

Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa hirup gulangkep jeung budayana. Manusa ngabogaan budaya lantaran boga akal jeung pikiran. Akal jeung pikiran nu dipiboga ku manusa téh minangka ciri anu ngabédakeun jeung mahluk séjénna. Éta kabudayaan téh diciptakeun sarta digunakeun ku manusa éta sorangan. Kabudayaan bakal terus tumuwuh bareng jeung kamekaran jaman.

Manusa téh mangrupa mahluk sosial, nu butuh ku jalma séjén dina nyanghareupan kahirupanana. Sakumaha anu kaunggel dina sempalan rumpaka pupuh Pucung “utamana jalma kudu loba batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri, budi akal lantaran ti padajalma”. Ku kituna manusa hirup dina hiji kelompok nu bisa disebut ogé masarakat.

Numutkeun William A. Haviland (Sundjaya, 2008, kc.4), masarakat minangka sakelompok jalma anu nyicingan hiji daérah sarta miboga kabudayaan nu sarua, ogé numuwuhkeun interaksi sosial. Demi interaksi sosial minangka konci tina kahirupan sosial. Ilaharna, tina interaksi sosial bisa ngadatangkeun balukarna, boh balukar positif boh balukar négatif. Balukar négatif bisa mangaruhan jalma pikeun ngalakukeun hal-hal anu teu luyu jeung norma-norma agama ogé norma-norma sosial. Pikeun mageran pangaruh négatif nu aya di lingkungan, manusa butuh ku sistem pikeun ngurangan éta pangaruh négatif téh. Éta sistem pikeun ngungkulan pangaruh négatif téh mangrupa aturan norma, kaidah, hukum nu tinulis jeung teu tinulis.

Aturan nu teu tinulis umumna nyampak dina budaya lokal nu salasahijina mangrupa aspék kapamalian, sabab dina éta budaya lokal téh kacida leubeut pisan ku ajén-inajén jeung palsapah hirup. Upamana dina kapamalian, urang Sunda

(2)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

baheula nepikeun pikiran, rasa, kahayang dina wangun lisan ku cara dibalibirkeun sangkan masarakat teu ngarasa langsung dipapatahan.

Koentjaraningrat (2009, kc.144), nétélakeun yén kabudayaan nyaéta sistem gagasan, tindakan jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu dipiboga manusa ku cara diajar. Kabudayaan kacida mangaruhan kana ajén atikan masarakatna, kitu ogé sabalikna atikan mangaruhan pisan kana kamekaran kabudayaan. Ku atikan urang bisa mekarkeun budaya-budaya nu geus aya sangkan teu kalindih ku kamekaran jaman, ogé ajén-inajén nu aya dina budaya bakal mangaruhan kana kamekaran atikan.

Dina kabudayaan, nyangkaruk ajén-inajén nu ngajanggélék dina wujud ideel anu sifatna abstrak, teu bisa ditempo, teu bisa di cabak, tapi tempatna aya dina alam pikiran masarakat dimana éta kabudayaan téh tumuwuh jeung mekar. Wujud ideel bisa disebut ogé jeung paripolah, ieu hal téh nuduhkeun yén wujud ideel téh fungsina pikeun ngatur sarta méré arahan kana paripolah manusa dina masarakat salaku tatakrama atawa sopan santun.

Ajén ngandung harti pangaji, harga (LBSS, 1995, kc. 18). Ajén di dieu lain hartina harga nu bisa diukur ku angka, tapi nu patalina jeung norma kahirupan. Dina norma kahirupan tangtu nyangkaruk mangpirang-pirang aturan anu aya patalina jeung atikan, ngatik budak kana kahadéan sangkan ngajadikeun budak nu patuh kana norma norma kahirupan. Atikan numutkeun Danadibrata (2009, kc.39) nyaéta pangajaran kana jalan kahadéan, méré, malajarkeun, warah, ngabingbing.

Dina kahirupan masarakat, hususna dina atikan kahirupan mibanda rupaning cara pikeun ngaplikasikeun naon nu dimaksud atikan, boh métode boh bahanna. Salasahiji atikan anu aya di masarakat nyaéta ngawangun étika ku cara nepikeun hal-hal anu teu meunang dilakonan, sabab saupama dilakonan pasti bakal aya balukarna. Salasahiji hal anu sering dijadikeun alat dina ngadidik nyaéta ku ayana folklor anu ngébréhkeun ngeunaan aspék kapamalian anu dipaké ku masarakat.

Balukar upama urang ngalanggar pamali biasana aya patalina jeung kasalametan diri, boh nu langsung kajadian, boh dina jangka waktu nu tangtu. Ku

(3)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kituna, pamali téh mangrupa hal anu dianggap matih pikeun ngahulag naon nu teu meunang dilakonan ku urang.

Pamali mangrupa bagian tina folklor. Numutkeun Jan Harold Brunvand (Danandjaya, 2007, kc.21) folklor kabagi jadi tilu bagian, nyaéta folklor lisan, folklor sabagian lisan, jeung folklor non lisan. Folklor lisan nyaéta folklor anu wangunna murni lisan. Folklor sabagian lian nyaéta folklor anu wangunna mangrupa campuran unsur lisan jeung unsur non lisan. Folklor non lisan nyaéta folklor anu wangunna lain lisan, sanajan cara nyieunna ngaliwatan lisan. Tina éta papasingan diluhur téh jéntré pisan yén pamali kaasup kana folklor sabagian lisan anu kaasup kana genre kapercayaan rayat.

Unggal masarakat tangtu miboga kabudayaan séwang-séwangan, salasahijina anu mangrupa kapercayaan rayat. Kapercayaan rayat didieu nu mangrupa pamali atawa pantrangan. Kecap pamali téh digunakeun pikeun hal-hal anu sifatna tabu.

Dina kahirupan urang sunda, loba kapanggih pakeman basa, di antarana kapamalian. Cenah, kapamalian téh salah sahiji padika dina nepikeun atikan karuhun Sunda. Nurutkeun makna aslina, kecap pamali téh nyaéta sagala rupa anu ngotoran awak (mala=kokotor; mali=nu nyababkeun kokotor, leutak nu ngalimpudan awak). Kecap pamali, aya nu gampang dihartikeunana, najan ukur dilelebah, teu saeutik ogé anu bangga nepi ka hésé karampana ku akal waras. Lantaran teu apal nyurahanana, antukna sok kalah jadi kaheureuyan, majar pamali téh “paman diali”. Taya bédana jeung dongéng anu sok diheureuykeun jadi “ngabobodo budak céngéng”, tur padahal eusina kawilang leubeut ku ajén atikan (Ruhimat, 2006, kc.41).

Pamali numutkeun Danadibrata (2009, kc.489) nyaéta larangan sepuh urang anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna.

Mulkan (2007) dina artikel nu judulna “Pamali, Tradisi Budaya Lisan Leluhur Sunda” nétélakeun yén pamali nyaéta larangan pikeun ngalaksanakeun atawa ngucapkeun hiji hal nu matak mawa balai boh ka dirina sorangan boh ka

(4)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sabudeureunana. Upama dipahing, biasana nu patali jeung rejeki, jodo, turunan jeung kasalametan.

Pamali, biasana patali jeung kecap mitos, nu dianggap ku sababaraha jalma minangka hal nu teu asup akal, sabab mitos mangrupa ungkara atawa hal-hal anu dipercaya sacara turun tinurun ku hiji masarakat. Ku kituna, mitos dianggap aya patula-patalina jeung kahirupan manusa di mangsa heubeul.

Kapamalian téh lain ngan saukur istilah anu diucapkeun sacara bébas, tapi éta kapamalian téh ngandung ajén-inajén pikeun ngadidik ku cara dibalibirkeun sangkan budak bisa nurut naon anu diucapkeun ku kolot, éta kapamalian téh teu ngandung harti anu saujratna, tapi éta kapamalian téh ngandung harti anu séjén atawa multitafsir.

Dina ieu panalungtikan digunakeun tilikan semiotik pikeun maluruh tanda anu aya dina éta kapamalian. Semiotik nyaéta élmu nu ngabahas ngeunaan tanda. Élmu anu nganggap yén fénoména sosial/masarakat jeung kabudayaanana mangrupa tanda-tanda. Semiotik ngaguar ngeunaan sistem-sistem, aturan-aturan, jeung konvensi-konvensi nu ngayakinkeun éta tanda-tanda téh ngabogaan harti. Jadi nu bisa dijadikeun tanda téh sabenerna mah lain ngan saukur basa hungkul, tapi sagala hal anu aya disabudeureun ieu kahirupan (Pradopo, 1995, kc. 119).

Panalungtikan kana aspék kapamalian kawilang penting pikeun maluruh kumaha ajén atikan tina éta pamali mangaruhan kana sikep hiji masarakatna. Ajén-inajén dina éta pamali téh mawa pangaruh ka masarakatna. Ku kituna, pamali dijadikeun alat pikeun kolot ngatik ka budakna. Upama urang ngatik budak ku cara nyebut pamali atawa nyingsieunan ku hal anu matak ngarugikeun, budak tangtu bakal merhatikeun tuluy ngarasa sieun nu ahirna éta budak téh bisa nurut kumaha ceuk kolotna.

Panalungtikan ngeunaan ajén atikan kawilang loba, diantarana ngeunaan kaulinan, sisindiran, pupujian, jeung wawacan, tapi dina nalungtik kumaha ajén atikan nu nyampak dina kapamalian can aya nu nalungtik, sedengkeun dina aspék

(5)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kapamalian téh leubeut ku ajén-inajén ngeunaan atikan. Aya sababaraha panalungtikan anu aya patalina jeung ajén atikan di antarana:

(1) Sri Mulyani (0700444) anu judulna “Ajén Atikan dina Kaulinan Barudak Lembur di Désa Sukamaju Kecamatan Cigudeg Kabupatén Bogor pikeun Bahan Pangajaran di SD”.

(2) Ayu Mustika Mayashinta anu judulna “Ajén atikan dina sisindiran anu aya di kampung Kiaralawang Désa Majasari Kecamatan Cibiuk Kabupatén Garut pikeun bahan pangajaran di SMP”.

(3) Eros Rosmiati anu judulna “Ajén atikan puisi pupujian di Kecamatan Ciparay Kabupatén Bandung”.

Sedengkeun panalungtikan husus ngeunaan aspék kapamalian mah can aya nu nalungtik. Ku kituna, perlu diayakeun panalungtikan kana éta hal nu dijudulan “Ajén Atikan dina Folklor Aspék Kapamalian anu Aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung (Tilikan Semiotik)”.

1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah

Masalah panalungtikan nya éta masalah objéktif dina hiji panalungtikan. Ku kituna di handap ieu baris dijéntrékeun ngeunaan watesan jeung rumusan masalah panalungtikan.

1.2.1. Watesan Masalah

Ajén-inajén anu aya dina aspék kapamalian, hususna ajén atikanna anu ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama (Setiyadi, 2011, kc. 29) nyaéta ngatik budak sangkan hadé ahlak jeung moralna. Dina kapamalian ogé, tangtu nyangkaruk unsur semiotik anu perlu ditalungtik sangkan bisa maham kana simbol éta kapamalian.

Sangkan ieu panalungtikan teu lega teuing, masalah anu dipedar museur dina ajén atikan anu ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama,

(6)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sarta simbol-simbol dina aspék kapamalian anu aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah tadi, sangkan masalah-masalah dina ieu panalungtikan jéntré, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Aspék kapamalian naon waé nu aya di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung?

2) Kumaha harti jeung fungsi éta aspék kapamalian pikeun ngatur jeung jadi padoman dina kahirupan masarakat di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicaléngka, Kabupatén Bandung?

3) Ajén atikan naon waé nu nyampak dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung?

4) Unsur semiotik naon waé nu nyangkaruk dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicaléngka, Kabupatén Bandung?

1.3. Tujuan Panalungtikan

Saperti anu geus dipedar dina kasang tukang jeung rumusan masalah, ieu panalungtikan mibanda dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1. Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta maluruh ngeunaan ajén atikan dina aspék kapamalian anu aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupatén Bandung.

1.3.2. Tujuan Husus

Tujuan husus anu hayang dihontal ngaliwatan ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun:

(7)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Aspék kapamalian nu aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupatén Bandung

2) Harti jeung fungsi dina aspék kapamalian pikeun ngatur jeung jadi padoman dina kahirupan masarakat di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung

3) Ajén atikan nu nyampak dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung

4) Unsur semiotik nu nyangkaruk dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicaléngka, Kabupatén Bandung

1.4. Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat ieu panalungtikan dijembarkeun kana dua bagian, nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan kabudayaan sunda, hususna dina widang aspék kapamalian.

1.4.2. Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan téh dipiharep sangkan bisa méré gambaran ngeunaan ajén atikan jeung ma’na simbol-simbol nu nyangkaruk dina aspék kapamalian anu aya hususna di masarakat Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka, umumna ka masarakat anu paduli kana kabudayaan.

1.5. Sistematika Penulisan

Sistematika penulisan dina ieu skripsi ngawengku lima bab, nyaéta:

1) Bab I bubuka, ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika penulisan;

(8)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Bab II ngeunaan kajian tiori tina ieu panalungtikan, medar kabudayaan, foklor aspék kapamalian, ajén atikan, jeung tilikan semiotik;

3) Bab III Métodologi Panalungtikan anu dipaké dina ieu skripsi nu medar ngeunaan métode panalungtikan, sumber data, desain panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data;

4) Bab IV ngadeskripsikeun hasil tina panalungtikan, diantarana waé pembahasan ngeunaan kondisi sosial budaya Désa Tanjungwangi, déskripsi kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka, déskripsi harti jeung fungsi aspék kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka, analisis ajén atikan aspék kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka, sarta semiotik anu aya dina aspék kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka.

5) Bab V ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan jeung saran ti panalungtik ngeunaan hal-hal nu aya pakuat-pakaitna salila panalungtikan pikeun panalungtik kahareupna.

Referensi

Dokumen terkait

Pengaruh model pembelajaran peta pikiran ( mind mapping )terhadap hasil belajar mata pelajaran ilmu bahan bangunanpada siswa kelas X program keahlian kontruksi batu

dimasukkan dalam larutan benlate 2 g/l yang ditetesi dengan tween 80 sebanyak 2 tetes kemudian dishaker selama 30 menit disterilkan dengan larutan klorox 20 dan 10% selama 10 menit

Penulisan Ilmiah ini menjelaskan proses pembuatan aplikasi belajar sholat secara interaktif dengan menggunakan Macromedia flash MX, yang ditujukan bagi siapa saja yang ingin

Terdapat enam hasil korelasi yang didapatkan dari korelasi antara kedua strategi regulasi emosi yaitu cognitive reappraisal dan expressive suppression tiga tahapan relapse

Dalam pembuatan pedoman ini di dorong oleh keinginan luhur serta tekad yang suci untuk ikut serta memajukan dan mengembangkan pendidikan tinggi atas dasar

Kemampuan berorganisasi beliau memang sudah cukup banyak sehingga dipercaya oleh ibu-ibu anggota Pimpinan Cabang „Aisyiyah untuk menjabat terus menerus sampai akhir

Dengan pengetahuan yang dimiliki tentang perpajakan, dengan kegiatan sosialisasi perpajakan yang dilakukan oleh instansi yang berkompeten dan oleh pejabat/pegawai yang

1. Internalisasi nilai- nilai akhlak pada mata pelajaran Biologi kelas XI IPA SMA Insan Cendekia al- Mujtaba memang tidak tertulis pada RPP karena RPP yang