71
Januar Prayitno, 2014
Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar kana masalah jeung analisis hasil panalungtikan anu geus dipedar dina bab
saméméhna, aya sababaraha kacindekan anu bisa dirumuskeun . dihandap ieu baris ditulis
sababaraha kacindekan.
Ragam basa lisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3
Bogor hasil tina analisis transliterasi biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi
Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor anu jumlahna 33 siswa nya éta 355 kalimah. Kalimah
baku nu di gunakeun dina biantara nyaéta 116 kalimah (32,68%). Kalimah nu teu baku
nyaéta 239 kalimah (67,32%).
Ragam basa tulisan siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3
Bogor tina hasil analisis karangan pangalaman siswa kelas X Jurusan Akomodasi
Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor anu jumlahna 33 siswa nya éta 367 kalimah. Kalimah
baku dina karangan pangalaman nya éta 58 kalimah (15,80%). Kalimah nu teu baku dina
karangan pangalaman nya éta 309 kalimah (84,19%).
Latar makéna basa siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotélan miboga kasang
tukang anu béda-béda anu asalna ti luar daérah Jawa Barat. Hal ieu miboga pangaruh kana
hasil pembelajaran basa jeung sastra Sunda kusabab kurang bisana ngagunakeun basa
Sunda dina wangun lisan jeung tulisan. Salian ti éta kurangna perhatian kolot siswa anu ti
72
Januar Prayitno, 2014
Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
wangun tulisan boh dina wangun lisan, sabab basa sapopoéna ngagunakeun basa
Indonesia atawa malayu.
Jejer dina transliterasi biantara siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK
Negeri 3 Bogor anu jumlahna 33 siswa nya éta ngeunaan kabersihan 1 siswa (30,30%),
sakola adywiyata 4 siswa (12,12%), pentingna hirup séhat 4 siswa (12,12%), pajuang 3
siswa (9,09%), kamerdékaan 3 siswa (9,09%), budaya 2 siswa (6,06%), sedengkeun jejer
anu pangsaeutikna nya éta paturay tineung, caah, saum, gawé bareng, diajar, senioritas di
sakola, ulin nya éta 3,03%.
Wangun jejer siswa kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor
dina karangan pangalaman jejer panglobanna nya éta ngeunaan Perhotelan anu jumlahna
20 siswa (60,61%). Jejer lainna nya eta Jejer ngeunaan ngawanohkeun diri nya éta 4 siswa
(12,12%). Jejer ngeunaan Jurusan sakola nya éta 3 siswa (9,09%). Jejer anu
pangsaeutikna nya éta jejer ngeunaan pariwisata 1 siswa (3,03%), jejer ngeunaan
Multimedia 1 siswa (3,03%), jejer ngeunaan Peunteun UN 1 siswa (3,03%).
Pasosokna ragam basa lisan dina biantara nya éta, ayana pasosokna ragam basa
Batawi anu jumlahna 10 kalimah (2,82%) tina 355 kalimah, pasosokna ragam basa
Indonesia nya éta 137 kalimah (38,59%) tina 355 kecap, pasosokna ragam basa Inggris
nya éta 17 kalimah (4,79%) tina 355 kalimah, sedengkeun pasosokna ragam basa arab nya
éta 69 kalimah (19,44%) tina 355 kalimah.
Pasosokna ragam basa tulisan wangun karangan pangalaman siswa kelas X Jurusan
Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor, meunangkeun data yén ayana ragam basa
73
Januar Prayitno, 2014
Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(70,02%) tina 367 kalimah. pasosok ragam basa Inggris anu jumlahna 80 kalimah
(21,79%) tina 367 kalimah. pasosok ragam basa Malayu (Batawi) anu jumlahna 37
kalimah (10,08%) tina 365 kalimah. pasosok ragam basa Arab nya éta 21 kalimah (5,72%)
tina 365 kalimah.
Data anu kapaluruh nya éta ciri basa Perhotelan ti mimiti élmu ngeunaan hotel,
bagian-bagian di hotel, téhnik pikeun pagawéan di hotel jeung pagawé hotél. Kahiji ciri
basa Perhotelan nya éta dina élmu ngeunaan hotel, diantarana Inper, SHKK.
Kadua ciri basa Perhotelan nya éta tina bagian-bagian hotel, diantarana Food and
Beverage, Front Office, Garde manger nya éta, House Keeping, Laundry, Reservation.
Katilu ciri basa Perhotelan nya éta tina téhnik pikeun pagawéan di hotel. Diantarana
Brushing, Drying Hiji, Glass cleaning, Grooming, Making bed, Mooping.
Kaopat, ciri basa Perhotelan nya éta istilah pagawé nu aya di hotel. Bellboy,
Bellman, Butcher, Chasier, Doorboy, General manager, Public Relation, Receptionist,
jeung Room Attendant.
Saran
Dumasar kana hasil panalungtikan, analisis, jeung kacindekan anu geus ditulis di
luhur, aya sababaraha hal anu perlu dilakukeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh jeung
kaparigelan dina nyarita (biantara) jeung nulis (karangan pangalaman) pikeun siswa kelas
74
Januar Prayitno, 2014
Ragam Basa Lisan Jeung Tulisan Siswa Kelas X Jurusan Akomodasi Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor Taun Pelajaran 2013-2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
a) Pikeun guru, anu sacara langsung ancrub dina prosés ngajar di Jurusan Akomodasi
Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor. Hasil panalungtikan jeung analisis, bisa nambahan
bahan ajar jeung métode bahan ajar dina pangajaran basa Sunda ku ayana ragam basa.
b) Pikeun siswa, hasil panalungtikan jeung analisis ieu panalungtikan. Bisa méré
sumanget jeung kadeudeuh ka siswa hususna siswa kelas X Jurusan Akomodasi
Perhotelan SMK Negeri 3 Bogor, sangkan leuwih resep jeung teu éra pikeun
ngagunakeun basa Sunda.
c) Mugia tina ieu panalungtikan jadi bahan ngeuyeuban panalungtikan liana ngeunaan