• Tidak ada hasil yang ditemukan

ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN SNOWBALL TRHOWING DINA PANGAJARAN MACA SAJARAH LOKAL: Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas VII-D SMP Kartika XIX-2 Taun Pelajaran 2013/2014.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ÉFÉKTIVITAS MODÉL PANGAJARAN SNOWBALL TRHOWING DINA PANGAJARAN MACA SAJARAH LOKAL: Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas VII-D SMP Kartika XIX-2 Taun Pelajaran 2013/2014."

Copied!
9
0
0

Teks penuh

(1)

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Brown (1979) nétélakeun yén tujuan nu pangpokona dina ngajarkeun basa téh nyatana sangkan unggal budak (siswa) mampuh ngomunikasikeun naon hal nu hayang ditepikeunana jeung paham naon hal nu ditétélakeun ku nu lian. Éta tujuan téh museur kana tarékah ngahontal atawa nyangking kamampuh pikeun komunikasi nu éféktif. Ngaliwatan komunikasi, manusa ngawangun hiji sistem silipikaharti pikeun numuwuhkeun duduluran, ngariksa rasa silipikanyaah, mekarkeun pangaweruh, jeung ngamumulé peradaban. Ngaliwatan komunikasi ogé, manusa bisa numuwuhkeun pacogrégan, ngagelarkeun rasa mumusuhan, silipikangéwa, mendet kamajuan, jeung mendet munculna pamikiran-pamikiran anyar (Rakhmat, 2007, kc, vii). Samalah, nurutkeun Ashley Montagu (Rakhmat, 2007, kc, 12) mah manusa saéstuna diajar jadi manusana sorangan ngaliwatan komunikasi.

Nurutkeun Hymes (1974), kamampuh pikeun komunikasi nu éféktif atawa kompeténsi komunikatif (communicative competence) téh ngawengku dua komponén. Komponén kahiji mangrupa kamampuh pikeun ngirimkeun ma’na ngaliwatan nyarita

jeung nulis. Ari komponén kadua mangrupa kamampuh pikeun paham kana ma’na

ngaliwatan ngaregepkeun jeung maca. Kompeténsi komunikatif ogé ngalibetkeun komponén pragmatik, saperti tahapan kaformalan basa nu digunakeun.

Raketna pangajaran basa jeung tarékah nyangking kompeténsi komunikatif téh sawadina diguratbadagan dina eusi (content) jeung stratégi ngajarkeunana nu museur kana kamampuh kognitif jeung kaparigelan basa nu kudu dicangking ku siswa, dina raraga ngawangun jeung mekarkeun kompeténsi komunikatif siswa. Nurutkeun Tompkins jeung Hoskisson (1991, kc, 20), patali jeung éta hal guru sawadina méré

kasempetan ka siswa sangkan ngagunakeun basa dina situasi nu ma’nawi

(2)

Sangkan tilu karakter nu jadi déterminan pangpokona dina diajar basa di luhur kahontal, siswa perlu nyangking kompeténsi dasar diajar basa nu museur kana fungsi

jeung pamakéan basa dina situasi ma’na nu saenyana, boh dina aspék maca,

ngaregepkeun, nulis, boh nyarita. Ceuk Vygotsky (1978) mah, diajar basa téh kudu mangrupa hal nu dibutuhkeun ku siswa tur rélevan jeung kahirupan (relevant to life). Napak kana pamanggih Halliday (1973), kompetensi dasar diajar basa sawadina disusun dumasar kana kamekaran pragmatik nu patali jeung tujuh kategori basa: 1)

instrumental language (pikeun nyumponan kabutuhan); 2) regulatory language

(pikeun nyengker atawa ngawatesanan paripolah jalma lian); 3) interactional

language (pikeun ngawangun jeung miara hubungan sosial); 4) personal language

(pikeun ngébréhkeun sawangan pribadi); 5) imaginative language (pikeun ngaéksprésikeun imajinasi jeung kreativitas); 6) heuristic language (pikeun maluruh informasi jeung hal-hal lianna); jeung 7) informative language (pikeun nepikeun informasi).

Komponén pangajaran basa téh ngawengku (a) komponén kabasaan jeung kasastraan, (b) komponén pamahaman, jeung (c) komponén ngagunakeun basa. Komponén kabasaan jeung kasastraan padu jeung komponén pamahaman sarta komponén makéna basa. Pangajaran komponén pamahaman jeung komponén makéna basa jeung sastra Sunda téh dalit jeung konsép kabasaan jeung kasastraan. Pangajaran maca téh kaasup kana komponén pahamanan anu museur dina kompeténsi psiko-fisiologis kaparigelan basa (Sudaryat, 2004, kc, 13-14).

Salasahiji kompetensi dasar pangajaran maca di SMP/MTS nya éta maca sajarah lokal (babad). Dina kanyataan sapopoé, réa siswa nu ngalaman masalah dina prakna pangajaran maca sajarah lokal. Éta hal bisa kapaluruh tina peunteun nu aya dina posisi handapeun kriteria ketuntasan minimal (KKM). Leuwih legana, pasualan sarupa kitu bisa dipaluruh ogé tina jawaban siswa nalika ngaréspon pertanyaan lisan ti guruna.

(3)

ngalaman masalah. Éta masalah téh pangpangna mah nyampak dina teu mampuhna siswa maham atawa nyangkem eusi wacana anu dibacana. Salian ti éta, aya sababaraha faktor anu mangaruhan, di antarana matéri sajarah lokal dianggapna monoton jeung hese diapalkeun ku sabab kajadiana teh jaman baheula anu teu kaalaman ku siswa. Bisa disebutkeun yén matéri sajarah lokal téh kurang ngirut kana minat siswa sangkan daék maca.

Pasualan sarupa kitu tangtu kudu diungkulan. Réa cara jeung tarékah anu bias dilaksanakeun pikeun ngaronjatkeun atikan basa Sunda ngeunaan sajarah lokal ka peserta didik, salasahijina museur dina model pangajaran. Dumasar kana éta hal, kudu aya tarékah ti guru pikeun ngamangpaatkeun modél atawa métodé pangajaran anu interaktif, sangkan barudak resep diajar sajarah lokal. Dina praktékna memang taya modél pangajaran anu sampurna anu bisa dipaké dina sagala kaayaan. Ku sabab kitu, guru kudu bisa milih modél pangajaran anu pas sangkan bisa ngungkulan pasualan-pasualan anu disanghareupan ku siswa, fasilitas jeung media anu aya jeung guruna sorangan. Salasahiji model pangajaran interaktif anu bias dicoba pikeun dilaksanakeun dina pangajaran maca sajarah lokal di antarana waé Model Pangajaran

Snowball Throwing.

Modél pangajaran interaktif Snowball Throwing nya éta model pangajaran kelompok, anu diwakilan ku ketua kelompokna sangkan menang tugas ti guru. Tuluy unggal siswa nyieun pertanyaan dina wangun bola–bola patalekan, tuluy dialungkeun ka siswa anu séjén. Siswa anu meunang éta bola kudu bisa ngajawab patalékan anu aya dina éta bola.

Pangaruhna model pangajaran interaktif Snowball Throwing kana ngaronjatna hasil pangajaran maca sajarah lokal téh perlu pikeun ditalungtik. Ku éta hal, ieu

(4)

1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang anu diebrehkeun diluhur, katiten yén para murid kurang kairut sikep jeung pangaresepna dina pangajaran sajarah lokal di sakola. Ku kituna, masalah dina ieu panalungtikan diwatesanan ku dipuseurkeun kana éféktivitas modél pangajaran snowball throwing dina pangajaran maca sajarah lokal di kelas VII- D SMP KARTIKA XIX-2.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun sakumaha ieu dihandap.

1) Kumaha kamampuh siswa kelas VII- D SMP KARTIKA XIX-2 dina pangajaran sajarah lokal saméméh ngagunakeun model pangajaran interaktif snowball

throwing?

2) Kumaha kamampuh siswa kelas VII- D SMP KARTIKA XIX-2 dina pangajaran sajarah lokal sabada ngagunakeun model pangajaran interaktif snowball

throwing?

3) Kumaha bédana kamampuh siswa kelas VII- D SMP KARTIKA XIX-2 dina pangajaran sajarah lokal saméméh jeung sabada ngagunakeun model pangajaran interaktif snowball throwing?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

(5)

1.3.2 Tujuan Husus

Luyu jeung masalah anu diébréhkeun di luhur, tujuan husus ieu panalungtikan téh pikeun mikanyaho:

1) kamampuh siswa kelas VII- D SMP KARTIKA XIX-2 dina pangajaran sajarah lokal saméméh ngagunakeun model pangajaran interaktif snowball throwing; 2) kamampuh siswa kelas VII- D SMP KARTIKA XIX-2 dina pangajaran sajarah

lokal sabada ngagunakeun model pangajaran interaktif snowball throwing; jeung 3) bédana kamampuh siswa kelas VII- D SMP KARTIKA XIX-2 dina pangajaran

sajarah lokal saméméh jeung sabada ngagunakeun model pangajaran interaktif

snowball throwing.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep mangpaat pikeun ngeuyeuban métode cara diajar siswa, sangkan materi pengajaran bisa nerap jeung pelajaran bisa éféktif ogé kahontal tujuan tina éta pangajaran.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan dipiharep mangpaat pikeun sawatara pihak sakumaha ieu di handap.

a. Pikeun Guru

Guru, bisa nyaho cara belajar kumaha anu dipikareseup ku siswa na sewang- sewangan, bisa nambahan pangaweruh guru dina modél-modél pangajaran anu éféktif,guru oge bisa mere motivasi sangkan siswa bisa lewih sumanget kana diajarna.

b. Pikeun Siswa

(6)

c. Pikeun nu Nalungtik

Panalungtik bisa nyaho kumaha éféktivitas model pangajaran Snowball Throwing anu di talungtikna.

d. Pikeun nu maca

Nu maca bisa lewih milih-milih model pangajaran anu lewih éféktif sangkan tujuan pangajaranana kahontal.

1.5 Raraga Tulisan

Sistematika penulisan dina ieu skripsi diwangun ku lima bab utama anu eusi tiap bab na nya éta :

Bab I mangrupa bagian bubuka tina skripsi anu ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang tina masalah, tujuan panalungtikan,mangfaat panalungtikan, boh anu ngawengku mangpaat praktis boh mangpaat teoritis,sarta raraga tulisan.

Dina bab II dipedar ngeunaan ulian tiori, raraga mikir, asumsi jeung hipotésis panalungtikan.

Dina bab III dibahas ngeunaan Métodologi panalungtikan, Eusina ngawengku sumber data, métode panalungtikan, desain panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, sarta wangenan oprasional.

Dina bab IV minangka bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, anu ngawengku prak-prakan panalungtikan, kamampuh awal jeung akhir siswa tina hasil panalungtikan,sarta ngadéskripsikeun kaéféktivan modél Snowball Throwing dina maca sajarah lokal.

(7)

MIRA OKTAVIANA, 2014

Éféktivitas Modél Pangajaran Snowball Trhowing Dina Pangajaran Maca Sajarah Lokal Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil pedaran dina bab IV, bisa dicindekkeun hal-hal saperti kieu.

a) Kamampuh maca sajarah lokal siswa kelas VII-D SMP Kartika XIX-2 Kota Bandungsaméméh dilaksanakeun kagiatan diajar-ngajar ngagunakeun modél

snowball throwinghasilna kurang nyugemakeun lantaran masih loba kénéh

anu can mampuh maca sajarah lokal.

b) Kamampuh maca sajarah lokal siswa kelas VII-D SMP Kartika XIX-2 Kota Bandungsabada dilaksanakeun kagiatan diajar-ngajar ngagunakeun modél

snowball throwinghasilna cukup nyugemakeun lantaran jumlah siswa anu

geus mampuh maca sajarah lokal ngaronjat.

c) Aya béda anu signifikan antara hasil pratés jeung postés atawa kamampuh siswa dina maca sajarah lokal saméméh jeung sabada ngagunakeun modél

snowball throwing. Buktina aya béda anu signifikan, bisa katitén tina hasil uji

hipotésis anu nuduhkeun yén titung (12,28) > ttabél (2,62).

Kacindekan di luhur bisa nuduhkeun yén ha (hipotésis kerja) ditarima, nyaéta "aya béda anu signifikan antara hasil pratés siswa kelas VII-D SMP Kartika XIX-2 Kota Bandungsaacan dibéré pangajaran maca sajarah lokal nu ngagunakeun modél snowball throwingjeung hasil postés siswa sabada dibéré pangajaran maca sajarah lokal nu ngagunakeun modél snowball throwing".

5.2 Saran

Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan kamampuh maca sajarah lokal ngagunakeun modél snowball throwing, ieu ditétélakeun saran-saran.

(8)

MIRA OKTAVIANA, 2014

jeung téhnik dina prakna diajar-ngajar sangkan siswa kapincut anu antukna bisa ningkatkeun préstasi siswa.

(9)

DAFTAR PUSTAKA

Arikunto, Suharsimi. 2006. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Brown, Roger. 1979. “Some Priorities in Language Arts Education”. Language Arts, 56, 483-484.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Disdik Jabar.

Halliday, M.A.K. 1973. Explorations in The Functions of Language. London: Edward Arnold.

Hymes, Dell. 1974. Foundations in Sociolingiustics: An Ethnographic Approach. Philadelphia: University of Pennsylvania Prees.

Joyce, Bruce jeung Marsha Weil. 1996. Model of Teaching, Fifth Edition. USA: Allyn and Bacon A Simon & Scuster Company.

Nurgiyantoro, Burhan. 1995. Penilaian dalam Pengajaran Bahasa dan Sastra. Yogyakarta: BPFE.

Prawirasumantri, Abud, Drs. H., dkk. 2003. Pedoman Pengembangan Kurikulum Berbasis Kompetensi Mata Pelajaran Bahasa Daerah (Sunda) untuk Guru

SD dan SMP. Bandung: Geger Sunten.

Rakhmat, Jalaluddin. 2007. Psikologi Komunikasi. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Rusman. 2010. Model-Model Pengajaran Mengembangkan Profesionalisme Guru. Bandung: Rajawali Press.

Sudaryat, Yayat. 2004. Modél Pangajaran Kompeténsi Basa Sunda. Tangerang: Pamulang.

Tompkins, Gail E. jeung Kennet Hoskisson. 1991. Language Arts: Content an

Teaching Strategies. New York: Macmillan Publishing Company.

Referensi

Dokumen terkait

Manual prosedur mata kuliah Kuliah Kerja Lapangan (KKL) ini bertujuan ini bertujuan untuk memberi penjelasan mengenai prosedur mata kuliah Kuliah Kerja Lapangan (KKL) program S1

3 UP3ST memeriksa substansi dan format usulan pengabdian 7 hari 5 Dosen mengirimkan usulan pengabdian 4 eksemplar ke UP3ST 1 hari Propo sal Penga bdian 6 UP3ST mengajukan

Diajukan untuk Memenuhi Sebagian dari Syarat Memperoleh Gelar Sarjana Pendidikan Program Studi Pendidikan Kepelatihan

PENGARUH PENILAIAN PRESTASI KERJA DAN PENGEMBANGAN KARIR TERHADAP KINERJA PEGAWAI PADA BIRO REKTOR.. UNIVERSITAS

Jasa Lainnya , adalah jasa yang membutuhkan kemampuan tertentu yang mengutamakan keterampilan ( skillware ) dalam suatu sistem tata kelola yang telah dikenal luas

Sistem akuntansi yang diorganisir dengan baik serta.. didukung dengan pengawasan kompeten oleh pelaku sistem

berlandaskan pada filsafat postpositivisme, digunakan untuk meneliti pada kondisi obyek yang alamiah, (sebagai lawannya adalah eksperimen) dimana peneliti adalah

[r]