• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1102445 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1102445 Chapter3"

Copied!
4
0
0

Teks penuh

(1)

Titin Kurniati, 2015

FRASA ÉNDOSÉNTRIK KOORDINATIF DINA FIKSIMINI BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Desain Panalungtikan

Panalungtikan frasa éndoséntrik koordinatif dina fiksimini basa Sunda téh

kagolong kana panalungtikan kualitatif. Panalungtikan kualitatif téh nya éta

panalungtikan anu datana atawa sumber datana mangrupa kecap-kecap dina

wangun lisan atawa tulisan, sarta barang nu ditalungtik nepi ka bubuk leutikna sangkan bisa kacangkem ma’na tina dokumén atawa barang nu geus ditalungtik (Moeleong dina Arikunto, 2010, kc. 22).

Patali jeung tipe panalungtikan kualitatif, dina ieu panalungtikan digunakeun

métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode panalungtikan anu maksudna

pikeun ngungkulan jeung ngaréngsékeun pasualan-pasualan aktual ku cara

ngumpulkeun data, nyusun papasingan, nganalisis, sarta nafsirkeun data

(Arikunto, 2010, kc. 3).

Métode déskriptif digunakeun pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun data

frasa éndoséntrik koordinatif dina fiksimini basa Sunda dumasar kana unsur

puseur nu disambungkeun, kecap panyambung frasa éndoséntrik koordinatif,

adegan frasa éndoséntrik koordinatif, warna (kategori) frasa éndoséntrik

koordinatif, jeung patali harti antarunsur frasa éndoséntrik koordinatif.

Satuluyna desain ieu panalungtikan digambarkeun dina bagan galur

(2)

28

Titin Kurniati, 2015

FRASA ÉNDOSÉNTRIK KOORDINATIF DINA FIKSIMINI BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 3. 1 Desain Panalungtikan

3.2Data jeung Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nya éta frasa éndoséntrik koordinatif nu disusun

tina unsur puseur nu disambungkeun, kecap panyambung frasa éndoséntrik

koordinatif, adegan frasa éndoséntrik koordinatif, warna (kategori) frasa

éndoséntrik koordinatif, jeung patali harti antarunsur frasa éndoséntrik

koordinatif. Data frasa éndoséntrik koordinatif dicokot tina sumber data.

Sumber data panalungtikan mangrupa subjék ti mana data dimeunangkeun. Ieu

panalungtikan digunakeun ragam basa tulis. Sumber data dina ieu panalungtikan

nya éta sakabéh carita nu dicokot tina website fikminsunda.com dina bulan

Oktober minggu kahiji jeung kadua nya éta dina tanggal 2 nepi ka tanggal 15.

Jumlahna aya 149 karya, nu ditulis ku 81 pangarang. Téhnik Ngumpulkeun Data

Digunakeun téhnik talaah pustaka

Instrumén Panalungtikan ngagunakeun Kartu data Masalah:

1) unsur puseur nu disambungkeun frasa éndoséntrik koordinatif 2) kecap panyambung frasa éndoséntrik koordinatif

3) adegan frasa éndoséntrik koordinatif

4) warna (kategori) frasa éndoséntrik koordinatif

5) patali harti antarunsur pangwangun frasa éndoséntrik koordinatif

Nyusun kacindekan Analisis Data

Digunakeun téhnik unsur langsung

Deskripsi Data

1) Unsur puseur nu disambungkeun

2) Kecap panyambung frasa

éndoséntrik koordinatif

3) Adegan frasa éndoséntrik

koordinatif

4) Warna (kategori) frasa éndoséntrik koordinatif 5) Patali harti antarunsur

(3)

29

Titin Kurniati, 2015

FRASA ÉNDOSÉNTRIK KOORDINATIF DINA FIKSIMINI BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumen Panalungtikan

Arikunto (2010, kc. 203) nétélakeun yén instrumén panalugtikan téh nya éta

alat/fasilitas anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data sangkan pagawéan leuwih

gampang jeung hasilna leuwih hadé. Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan

nya éta kartu data.

Kartu data digunakeun pikeun nyatet frasa éndoséntrik anu aya dina fiksimini

basa Sunda nu diunggah dina bulan Oktober 2014. Dina kartu data dicatet

informasi frasa éndoséntrik koordinatif jeung sumber data.

Conto kartu data:

Tabél 3.2 Kartu Data

Katerangan:

NY : Neneng Yatikurnia

AMBCO : Aya Minyak Babi Cap Onta

4 : Tanggal 4

10 : Bulan 10 (Oktober)

14 : Taun 2014

2 : Padalisan ka 2

FEKoor : Frasa Éndoséntrik Koordinatif

K : Kecap

Kpany : Kecap Panyambung

KARTU DATA

No. Data: (002) Acah jeung Icih (NY/AMBCO/4-10-14/2)

unsur puseur : frasa éndoséntrik salancar

kecap panyambung : kecap panyambung jeung

adegan : FEKoor K + <Kpany> + K

warna (kategori) : frasa éndoséntrik koordinatif Barang

(4)

30

Titin Kurniati, 2015

FRASA ÉNDOSÉNTRIK KOORDINATIF DINA FIKSIMINI BASA SUNDA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik talaah pustaka.

Téhnik talaah pustaka digunakeun pikeun ngumpulkeun data tina bahan tinulis.

Maksudna niténan kana sajumlahing sumber pustaka saperti tulisan-tulisan dina

media massa, hasil panalungtikan buku-buku anu raket patalina jeung pangaweruh

ngeunaan basa jeung hal-hal séjénna anu patali jeung ieu panalungtikan. Léngkah

ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku:

1) Nangtukeun waktu fiksimini.

2) Muka fiksimini dina facebook.

3) Ngunduh data fiksimini.

4) Ngeprint data unduhan.

5) Maca fiksimini basa Sunda.

6) Nyirian frasa éndoséntrik koordinatif dina téks fiksimini basa Sunda.

7) Nyalin data frasa éndoséntrik kana kartu data bari sakalian dibéré kode

dumasar kana singgetan pangarang, judul fiksimini, tanggal, jeung padalisan.

3.4Analisis data

Dina analisis data digunakeun téhnik analisis unsur langsung (immediate

constituent (IC) analysis), nya éta analisis anu niténan unsur-unsur basa anu

langsung ngawangun unsur saluhureunana (Hockett dina Sudaryat, 2004, kc. 32).

Léngkah analisis data dina ieu panalungtikan ngawengku:

1) Macaan deui kartu data nu eusina frasa éndoséntrik koordinatif dina fiksimini

basa Sunda.

2) Nyalin data frasa éndoséntrik koordinatif kana tabél tuluy dialfabétkeun.

3) Nyieun papasingan data frasa éndoséntrik koordinatif dumasar kana unsur

puseur, kecap panyambung, adegan frasa éndoséntrik koordinatif, warna frasa

éndoséntrik koordinatif, jeung patali harti frasa éndoséntrik koordinatif.

4) Nganalisis data frasa éndoséntrik koordinatif.

5) Ngadéskripsikeun hasil panalungtikan.

Referensi

Dokumen terkait

Sahabat MQ/ sekitar 1.500 dari 250 ribu/ anak di bawah 5 tahun -balita- yang ada di Provinsi DIY/ menderita gizi buruk// Kepala Dinas Kesehatan Provinsi DIY Bondan Agus

Sahabat MQ/ sejumlah elemen di DIY/ antara lain Pusat Anti Korupsi Universitas Gadjah Mada/ Lembaga Bantuan Hukum DIY/ Jogja Police Wacth/ Akedemisi di

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

[r]

Implikasi Profil Perilaku Agresif Siswa bagi Layanan Bimbingan dan Konseling Pribadi-Sosial ... 91

Informasi yang diberikan kepada publik selama ini menurut saya tidak dapat meningkatkan pengelolaan transparansi penyusunan laporan keuangan. Akses untuk memperoleh dokumen

pengetahuan faktual yang membutuhkan ingatan serta keuletan siswa dalam mempelajarinya. Dalam hal ini, pendidik membutuhkan alat permainan edukatif yang dapat

Dengan perancangan ulang buku ini, para perempuan muda dapat memiliki pemahaman yang benar terkait kiat memiliki penampilan yang baik melalui pola hidup sehat yang