• Tidak ada hasil yang ditemukan

Cinta Teu Pandang Dunya Dunya

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2018

Membagikan "Cinta Teu Pandang Dunya Dunya"

Copied!
12
0
0

Teks penuh

(1)

PAMAÉN-PAMAEN

Ayes Setiawan Dinny Mulyasari Mira Mardiana Widya Agustin Robbi Nasrullah Anisya Maulidiawati Nurhalida

Ngalakonkeun Ngalakonkeun Ngalakonkeun Ngalakonkeun Ngalakonkeun Ngalakonkeun Ngalakonkeun

Asép (Genderuwo) Iis ( Kuntilanak)

Mimin (Wéwé Gombél) Siti

Tatang Néng Déwi Ma Dukun

(2)

Kacaritakeun aya tilu jurig anu unggal peuting beuki ngaheureuyan anu laliwat atawa hicing dina korsi handapeun Tangkal Caringin. Éta jurig teh aya Gunderewo ngarana Asép, aya Wéwé Gombél ngarana Mimin, jeung kunti ngarana Iis.

ADEGAN KAHIJI

Dina hiji peuting éta jurig téh keur ngawangkong tuluy ngaheureuyan Néng Déwi anu keur sorangan dihandapeun tangkal caringin bari ngomé HP.

Asép : “Min, cik uing hayang apal. Manéh maot kunaon?”

Mimin :“Oh, caritana kuring teh lapar, peuting peuting téh kuring leumpang ka warung sisi jalan, ari pék téh aya mobil gancang…”

Asép : “Terus manéh katabrak?”

Mimin : “Yéh lain. éta mobil gancang téh ngagéléng legok anu aya caian, caina muncrat kanu benget urang. Nah geus meuli emih, kuring téh teu kuat hayang kiih, nya kuring téh indit ka cai”

Iis : “Terus? Manéh tikoséwad?”

Mimin : “Yéh lain. geus ka cai, kuring tuluy ninyuh emih, pas ngadahar emih tikoro téh kot nyeri kabina bina”

Iis : “Har? Kunaon? Cai na panas teuing?”

Mimin : “Yéh laiin.. éta cangkang bungbu na teu kapiceun, kuring kaselek terus ma-éot”

Asép : “Kuat naas kitu manéh mah hirup teh” Néng Déwi diuk dina korsi bari ngomé hapé.

Néng Déwi : “Hello sis? Gan? Anjeun milarian barang anu mirah jeung kualitas na alus? Cek yuk instagram kuring. Éh aya nu order yeuh. Cék heula aaaah”

Iis : “Héh héh. Tingali tuh aya awéwé diuk! Hayu urang heureuyan”

(3)

Iis niupan punduk Néng Déwi anu keur anteng ngome HP. Néng Déwi : “Astagfirullah. Ih meni garéték” Genderuwo mindahkeun kantong Néng Déwi.

Néng Déwi : “Ih kantong kuring jadi aya didinya? Asa sieun kieu” Tuluy Néng Déwi nelepon babaturanana pikeun ngajemput manéhna.

Néng Déwi : “Elis buruan atuh! Dimana kénéh manéh téh? Urang sieun ih” Jol Wéwé Gombél nembongan.

Néng Déwi : “AAAAA..JURIG BULEUD JURIG BULEUD AAA AAA” Bari lumpat

Mimin : “Wah.. Wantuneun tah awéwé téh ngomongan urang jurig buleud” Asép : “Ah nggeusan yuk. Geus peuting eweh deui nu liwat”

Iis : “Hayu ah balik balik”

ADEGAN KADUA

Éé Penonton! Peuting isukanana, Genderuwo, Wéwé Gombél, jeung kunti karumpul deui di tangkal caringin pikeun ngaheureuyan anu laliwat. Béda na, ayeuna mah anu méjéng di korsi téh anu keur bobogohan. Hayang apal kumaha aksi Trio Caringin éta? Tah Ieu yeuuuh..

Siti : “Aa, tos wengi kieu ih, badé naon ngajakan Siti kadieu?” Tatang : “Wios atuh néng sakedap wéh”

Siti : “Atuh a.. sieun ih! nya poék, tiiseun, handapeun tangkal caringin deuih. Mun aya jurig kumaha?”

Tatang : “Sieun sieun teuing atuh néng ku jurig. Pan aya aa”

Siti : “Yeh a. kan saur pak ustad oge upami aya anu duduaan, anu katilu na sétan”

Tatang : “Kalem néng. Moal dikukumahakeun aa ge”

(4)

Iis : “Éh éh. Tingali tuh! Aya anu keur bobogohan” Mimin : “Mana? Ih meni mesra nya. Kabita euy urang mah” Iis : “Hayu urang heureuyan Min”

Mimin : “Hayu hayu. Héh sép! hayu urang heureuyan éta anu keur bobogohan”

Asép : “Mana? Oh hayu hayu”

Asép, Iis, jeung Mimin ngaheureuyan anu bobogohan. Iis jeung Mimin ngaheureuyan lalakina, Asép ngaheureuyan awéwéna. Ari pék téh awéwé anu diheureuyan ku Asép teh mantan kabogohna.

Asép : “Héh.. Geus ah ulah diheureuyan!”

Iis : “Dih kunaon émang?”

Asép : “Henteu nanaon geus ah hayu urang balik” Mimin : “Ah teu ramé manéh mah sép!”

Siti : “Tuh kan a.. sieun didieu mah. Hayu ah urang uih” Tatang : “Yéh enéng mah. Nya entos atuh”

Siti jeung Tatang ninggalkeun korsi handapeun tangkal caringin.

Mimin : “Tuh tuh kosong tuh” Asép, Iis, jeung Mimin diuk dina korsi.

Asép : “Jadi, awéwé bieu téh mantan kabogoh urang” Mimin jeung Iis : “HAH?!”

Mimin : “Ning manéh bisaan meunang anu geulis” Asép : “Nya atuh da urang na ogé kasép”

Iis : “Hah? Awéwé bieu geulis? Henteu ah ceuk urang mah geulisan keneh urang”

Mimin : “Geulis timana éta panon manéh méhong!”

Iis : “Daripada bedak manéh kandel jiga cabé-cabéan. Hih!” Mimin : “Maneh tah buuk loba ketombéan!”

Iis : “Naon sih manéh gendut? Diét matakna jiga urang!”

(5)

Iis : “Tuh kan baju urang soék.. tanggung jawab siah!” Asép : “Teu daraék ngajedog maranéh mah tuda”

Mimin : “Diiih hampuran nya Iis.. kumaha mun manéh balanja waé ka si Déwi?”

Iis : “Hah? Déwi? Saha Déwi?”

Mimin : “Éta anu peuting kamari kuarurang diheureuyan téa” Iis : “Oh mana coba urang hayang milihan”

Mimin : “Tah tah”

Iis : “Ih hayang anu ieu wéh Min.” Mimin : “Heu’euh sok pesen”

Asép : “Héh! Baroga duit timana arék balanja?”

Iis : “Boga lah urang mah. Émangna manéh sép!” Ngomong ka Mimin “Min mana ah urang hayang kénéh milihan”

ADEGAN KATILU

Nah, Penonton.. caritana, dina hiji peuting, Tatang datang deui ka handapeun tangkal caringin. Béda na ayeuna mah Tatang téh henteu jeung Siti. Tapi jeung awéwé séjén. Hayang nyaho teu kumaha réaksi Trio Caringin? Tah… Ieu yeuuuh…

Tatang : “Halo, Néng? Aa tos didieu yeuh. Hah? Enya dihandapeun tangkal caringin. Sok ku aa di tungguan” Tatang nelepon awéwé.

Mimin : “Éh éh, tingali tuh aya anu keur ngadaweung”

Asép : “Mana? Ih éta mah asa lalaki anu kamari ejeng Néng Siti?”

Iis : “Dih heu’euh étamah”

Asép : “Har Is? Naha manéh mamaké daster?”

Iis : “Ih gandéng ah gara-gara si Dewi tah. Salah ngirim barang” Mimin : “Hahaha.. Geus baé daripada teu dibaju”

Iis cembedud

Tatang : “Eh Néng? Dieu calik!”

(6)

Tatang : “Wah nu bener? Percaya kanu kitu enéng mah”

Néng Déwi : “Ih… Hayu ah a urang ka emol yuk. Néng hoyong mésér jeroan” Tatang : “Wah jeroan naon néng?”

Néng Dewi : “Jeroan embé aa ih. Kanggo ngadamel soto”

Tatang : “Hayu hayu”

Asép : “Wah teu bisa di antepkeun éta lalaki téh! Arurang kudu ngabasmi jelema tukang salingkuh!”

Iis : “Tenang.. Arurang trio carigin siap ngaberantas perselingkuhaan” Ngagaya jiga Power Ranger

Mimin : “Cara na kumaha?”

Asép : “Ih sia maaah.. geus alus alus musik na”

Iis : “Tapi bener ogé sih. Kumaha sép carana? Urang hayang ngabales si Déwi euy. Gara-gara manéhna urang jadi mamaké daster”

Asép : “Eh heu’euh kumahanya. Emm. Kieu kieu, isukan urang arék

ngaheureuyan si Tatang, nah maranéh duaan heureuyan salingkuhanana” Mimin : “Oh ngarti-ngarti. Ngarti teu maneh Is?”

Iis : “Nya ngarti lah”

Asép : “Kajeun. Hayu urang tos heula”

Trio Caringin : “Jurig jurig juriiig… bisya bisya bisyaaa”

ADEGAN KAOPAT

Asép, Mimin, jeung Iis mulai ngajalankeun misi na pikeun ngaganggu si Tatang jeung Néng Déwi. Panasaran teu kumaha aksi na? Panasan wéh nya. Améh asyik! Tah ieuu yeuuuh... Asép naplok dina tonggong Tatang

Tatang : “Aduh euy asa beurat kieu punduk téh. Ah jigana moal jadi yeuh ulin jeung si Déwi teh”

(7)

Ari pék téh Néng Déwi malik arah.

Mimin : “Eeeeeh duh kumaha ieu” Mimin jeung Iis leumpang mundur bari waswas.

Néng Déwi : “Ih ning teu jadi kang Tatang téh? Nya enggeus ah sorangan wéh.”

Mimin : “Huuuuuhhh”

Iis : “Ih teu jadi wéh ngaheureuyanana.. manéh sih Min ah!” Mimin : “Manéh maaah ka urang waé”

ADEGAN KALIMA

Dina hiji peuting, Asép boga niatan hayang ningali kaadaan Néng Siti ka imahna. Barang datang ka imahna, Néng Siti téh keur galau nungguan si Tatang. Tong aya nu seurinyaa.. adegan ieu mah teu lucu barudaaaak.

Siti : “Ih kamana nya a Tatang téh? Tikamari teu aya kabar” Siti nyokot foto Asép tuluy ngebréhkeun ka sono na ka Asép.

Siti : “Kang Asép, geura lamun akang aya kénéh didieu. Enéng moal kasepian kaang.

A Tatang mah teu kawas akang anu aya iraha waé enéng butuh” Asép : “Néng akang aya didieu néng. Sareng enéng”

Siti : “Kunaon akang ninggalkeun enéng pas enéng keur butuh akang? Kunaon kang?”

Asép : “Lain kahayang akang néng. Akang nyaah kénéh ka enéng. Nyaah pisan” Siti : “Kang? Akang aya dimana? Enéng sono kang..

Haréwoskeun.. Haréwoskeun kabar akang Ku enéng dagoan akang dina unggal mimpi Sakali wéh kang sakali..”

Asép : “Néng.. teu kudu ningali ka tukang.. Enéng aya didieu.. dihaté akang.”

Siti : “Kang Tatang.. kamana kang Tatang?

(8)

Euweuh.. Kang Asép.. abdi.. sono”

Asép : “Ieu teu bisa di antepkeun.. Ku aing datangan si Tatang”

ADEGAN KAGENEP

Peuting éta kénéh, Asép datang ka imah Tatang pikeun méré palajaran ka Tatang gara-gara geus nganyenyeri haté néng Dewi. D

Tatang : “S..s..saha sia?”

Asép : “Teu kudu apal aing saha! Naon maksud manéh salingkuh ditukangeun Siti?”

Tatang : “Aing nanya sia saha?”

Asép : “Aing mantan kabogoh Siti! Aing teu narima manéh nyalingkuhan si Siti!”

Tatang : “Maksud sia datang kadieu naon hah?” Asép : “Jelema kawas sia teu pantes hirup didunya!”

Tatang : “AAA AAA AAA”

Tatang ngadorong Asép dibantuan ku bismilah nepi ka Asép ngajengkang. Asép : “Urusan aing can anggeus!”

Tatang : “Hhh Hhh.. isukan urang kudu papanggih Siti!”

ADEGAN KATUJUH

Kaisukkan poéna, Tatang papanggih jeung Siti pikeun nanyakeun ngeunaan kajadian sapeuting

Tatang : “Siti.. Akang hayang naros ka Siti”

Siti : “Sami kang Siti ogé hayang naros ka Akang” Tatang : “Ehh.. sok Siti heula”

Siti : “Akang kamana keur kamari? Kunaon Siti nelepon Akang teu diangkat?”

Tatang : “E..eh.. Akang nganteur keun ibu akang berobat.”

Siti : “Ooo kitu”

(9)

Tatang : “Keur peuting akang didatangan jelema maké baju bodas ngakuna mantan kabogoh enéng.”

Siti : “Hah? Anu leres kang?”

Tatang : “Leres. Tos nya néng. Ayeuna akang arék ka Ma Dukun pikeun néangan maksud jurig éta”

ADEGAN KADALAPAN

Tatang : “Assalamualaikum Mbah?”

Ma Dukun : “Wa’alaikumsalam, Hah? Mbah? Ngomong sakali deui ku urang cium yeuh”

Tatang : “Nya naon atuh?”

Ma Dukun : “Geroan urang.. Enéng. Néng Dukun” Tatang : “Alaah Enéng tapi meni geus kariputan kitu”

Ma Dukun : “Kieu kieu ge urang téh artis dangdut. Teu Percaya?” Tatang : “Ma ma diuk heula atuh. Kuring rek ngomong!”

Ma Dukun : “Tenang tenang! Kuring geus nyaho tujuna manéh kadieu arék naon”

Tatang : “Naon cik?”

Ma Dukun : “Arék ménta digampangkeun jodoh kan?”

Tatang : “Sok tau euy. Lain Ma! Jadi kieu, kamari peuting urang didatangan jurig. Ngaku na mantan kabogoh kabogoh urang. Urang teu nyaho maksud manéhna naon. Urang ménta bantuan Ma Dukun pikeun néangan éta jurig tuluy téangan maksudna naon”

Ma Dukun : “Manéh tingali ieu cai!” Tatang ningali cai “Katingali naon?”

Tatang : “Cai”

Ma Dukun : “Nya heu’euh cai”

Tatang : “Dih naon sih. Balég atuh Ma.”

Ma Dukun : “Eheheh.. Ayeuna peuting, bawa kabogoh manéh. Ku ema dagoan dihandapeun tangkal caringin. Jam sapuluh peuting.”

Tatang : “Siap ma!”

(10)

Ma Dukun : “Pamirsa, ayeuna ema geus aya dihandapeun tangkal caringin pikeun néangan kabeneran ngeunaan jurig anu ngadatangan jang Tatang peuting kamari.”

Tatang : “Ma!”

Ma Dukun : “Astagfirullah”

Tatang : “Keur naon? Hayu urang mulai!”

Ma Dukun : “Heu’euh hayu!” Ma Dukun maca jajampé “Hombilahompimpah alaiom gambréng Ma Ijah maké baju rombéng”

Siti : “Kang éta jajampe naon?”

Tatang : “Teuing geus kumaha si ema wéh”

Asép : “Aya naon ieu?”

Iis : “Ih sép éta mah mantan kabogoh manéh téa.”

Asép : “Wah heu’euhnyah?”

Mimin : “Ejeng kabogoh na sép. Mawa dukun”

Ma Dukun : “Ema arék ngalakukeun méditasi, Neng Siti pindah kadieu gigireun ema. Tatang siap” Ma Dukun maca deui jajampé.

Asép : “Ieu kasempetan alus urang pikeun méré nyaho néng Siti” Asép asup kana awak Tatang. Tatang kasurupan

Tatang : “Errghh Errghh”

Ma Dukun : “Saha ieu? Saha saha?”

Tatang : “Aing Asép”

Siti : “Hah? Kang Asép?”

Ma Dukun : “Arék naon manéh asup kana awak jalma ieu?” Tatang : “Pan ku sia diondang Kuprét!”

Ma Dukun : “Eh Heu’euh poho. Asép ema arék nanya. Bener manéh némbongan si Tatang peuting kamari?”

Tatang : “Bener”

(11)

Tatang : “Kuring hayang méré palajaran ka si Tatang” Ma Dukun : “Naha kudu kitu? Si Tatang boga salah naon?”

Tatang : “Si Tatang salingkuh jeung awéwé sejen. Mana Néng Siti mana?”

Siti : “Abdi kang”

Tatang : “Néng akang geus ningali. Akang geus ningali kalakuan haramjadah na si Tatang néng. Si Tatang Salingkuh jeung awéwé séjén tukangeun enéng” Siti : “Hahh? Nuhun kang Asép nuhun”

Tatang : “Néng akang nitip. Akang nitip manéh sing ati-ati jaga diri nya néng. “

Siti : “Enya kang enya”

Ma Dukun : “Hiks… hiks..”

Siti : “Ih Ma, kaluarkeun atuh kalah ceurik” Ma Dukun : “Eh punten néng. Geus? Kaluar siah!” Tatang : “Heuaaahh..” Asép kaluar tina awak Tatang.

Siti : “Akang kadieu!” Siti nyabok Tatang “Jadi akang salingkuh ditukangeun enéng? Pantesan akang tara aya lamun enéng butuh akang! Ti ayeuna. Hubungan urang PUTUS”

Tatang : “Néng. Akang bisa ngajelaskeun néng” bari ngaragap leungeun Siti, tapi dikepiskeun ku Siti “Eh Ma Dukun! Naha urang jadi diputuskeun kabogoh urang? Tanggung jawab siah!”

Ma Dukun : “Dih tanggung jawab naon? Arék bobogohan jeung ema?” Tatang : “Teu hayang! Pokokna ieu gara-gara manéh ma!”

Ma Dukun : “Pamirsa. Kasus ieu abdi anggep selesai. Abdi Mak Dukun Geulis pamit undur diri. Muach”

(12)

Sanggeus kajadian éta, Asép mutuskeun pikeun pindah teu di tangkal caringin deui. Sabab, manéhna teu hayang mikirkeun waé Siti. Manéhna hayang Siti hirup bahagia, kitu deui Asép teu loba teuing mikiran Siti

Iis : “Asép arék kamana geus bébéres?” Mimin : “Heu’euh ih Asép arék kamana?”

Asép : “Urang rék pindah. Urang hayang move on. Hampura nya Is, Min, mun urang loba salah ka manéh”

Iis : “Haaah Asép”

Asép mangkat ninggalkeun Iis jeung Mimin.

Mimin : “Huaaaaaa”

Asép : “Geus Mimin kembaé urang mah” Mimin : “Lain kitu, ieu leungeun urang kagencét”

Asép : “Yeh siamah”

Iis : “Min, urang pindah yuk?”

Mimin : “Kamana?”

Iis : “Jadi jurig mall bisa teu? Méh bisa balanja unggal poé” Mimin : “Dih heu’euh. Hayu ah Is pindah”

Mimin jeung Iis milu pindah.

Akhir carita, Asép pindah ka tempat anu teu apal dimana. Mimin jeung Iis jadi jurig kota anu hicing di toilet mall pikeun ngaganggu anu asup ka dinya. Tatang diputuskeun ku Néng Déwi saenggeus di putuskeun ku Siti sabab Tatang jadi kaganggu kajiwaanana sanggeus

Referensi

Dokumen terkait

Numutkeun C.S Peirce dina (Santosa, 1990:11) simbol nya éta hiji hal anu ngalaksanakeun fungsina salaku tanda anu geus umum digunakeun dina kahirupan masarakat.

Éta hal katitén yén naskah-naskah heubeul bisa méré sumbangan pikeun studi ngeunaan hiji bangsa atawa hiji kelompok sosial budaya anu ngalahirkeun éta naskah-naskah, lantaran

Tujuan ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngadéskripsikeun ajén moral anu aya dina dongéng-dongéng dina majalah Manglé, nya éta dina Manglé Alit anu medal taun

1) Struktur dina kumpulan carpon Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata anu dimaksud dina ieu panalungtikan téh nya éta struktur anu ngawengku téma, palaku jeung watek

di éta tempat. Aspék tatakrama masarakat sunda anu nyampak dina éta babasan jeung paribasa téh..

jelema anu milampah kagoréngan, nyaéta Si Karnadi anu cialaka ku polah sorangan. Dina novél ieu ogé dicaritakeun, lamun urang milampah hiji kagoréngan tinangtu bakal

Éta fungsi pamali téh ngarah awéwé nu keur reuneuh bisa leuwih apik ngajaga diri komo deui orok anu anu di jéro beuteung, teu meunang diuk nyanghunjar, bisi engké

Dumasar kana éta katerangan, bisa dicindekkeun yén latar téh nya éta ngawengku waktu, tempat, jeung kaayaan lumangsungna kajadian dina hiji karya sastra.. Nu dimaksud