• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1002631 Chapter 5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1002631 Chapter 5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Dian Nurul Hidayanti, 2014

Kamampuh Ngagunakeun Unsur Serepan D ina Karangan Éksposisi Siswa Kelas Vii B SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana déskripsi dina bab saméméhna, hasil panalungtikan bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

Unsur serepan basa Sunda dina karangan éksposisi siswa téh kapanggih tina 11 basa, nyaéta 74 kecap (42,04%) tina basa Inggris, 34 kecap (19,31%) tina basa Indonesia, 22 kecap (12,5%) tina basa Sangsekerta, 19 kecap (10,79%) tina basa Arab, 14 kecap (7,95%) tina basa Walanda, 3 kecap (1,70%) tina basa Malayu, 3 kecap (1,70%) tina basa Jawa, 2 kecap (1,13%) tina basa Kawi, 2 kecap (1,13%) tina basa Prancis, 2 kecap (1,13%) tina basa Persia, jeung sésana sakecap (0,56%) asal kecapna tina basa Jepang. Umumna Unsur serepan téh asalna tina basa Inggris, anu pangsaeutikna nyaéta tina basa Jepang.

a. Kasalahan nuliskeun unsur serepan anu dipilampah ku siswa kelas VII B SMP Negeri 3 Lembang nyaéta aya 30 kecap unsur serepan anu frékuénsina 124 kali. Éta kasalahan téh nyoko kana (1) patukeurna vokal /é/, /eu/, /a/ jeung patukeurna konsonan /p/ 24 kecap (80%), (2) kasalahan nulis engang 2 kecap (6,66%), (3) kasalahan ngurangan jeung nambahan foném kana kecap aya 4 kecap (13,33%).

b. Kamampuh siswa dina ngagunakeun unsur serepan téh gegedéna kagolong istiméwa (48,7%) jeung hadé pisan (24,3%).

5.2 Saran

Dumasar kana hasil panalungtikan, aya sababaraha saran anu perlu ditepikeun. a. Pikeun guru

(2)

54

Dian Nurul Hidayanti, 2014

Kamampuh Ngagunakeun Unsur Serepan D ina Karangan Éksposisi Siswa Kelas Vii B SMP Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 2013/2014

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sunda sangkan leuwih jero, leukeun jeung leuwih teleb deui ngajéntrékeun palanggeran éjahan basa Sunda hususna pamakéan huruf vokal /e/, /eu/ jeung /é/. Guru ulah ngan ukur ngajéntrékeun matérina hungkul, tapi ogé dina prak-prakanana. Parasiswa bisa dilatih ngaliwatan tés, boh tés lisan boh tulisan. Dina tés lisan parasiswa ditanya sacara langsung ku guru ngeunaan matéri éjahan, ari dina tés nulis, hasil tulisan parasiswa lain ngan ukur dibéré peunteun, tapi dikoréksi ejahan basa Sundana, anu saterusna éta hasi tulisan dibagikeun deui ka parasiswa sangkan parasiswa apal kasalahanana.

b. Pikeun siswa

Parasiswa dipiharep merhatikeun deui palanggeran éjahan basa Sunda hususna dina ngagunakeun unsur serepan, kecap-kecap atawa istilah anu dipaké dina komunikasi lisan boh tulisan kudu disaluyukeun jeung kaédah basa Sunda nu geus ditangtukeun.

c. Pikeun Masarakat

Referensi

Dokumen terkait

Panalungtikan ieu téh dipiharep bisa méré pangaweruh ka siswa ngeunaan mangpaat média gambar séri pikeun ngalatih kamampuh nyarita, hususna ngadongéng. Lian ti

Instrumén panalungtikan nyaéta alat/fasilitas anu digunakeun dina panalungtikan pikeun ngumpulkeun data sangkan gampang diolah. Instrumén anu digunakeun dina ieu

Desain panalungtikan nyaéta rarancang, runtuyan, jeung stratégi invéstigasi salaku tungtunan atawa arahan ngeunaan eusi patalékan panalungtikan nu geus dijieun

Ieu panalungtikan ngeunaan puisi mantra tatanén anu sumebar di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang. Tujuan tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun

Sacara tioritis ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan élmu pangaweruh ngeunaan média-média pangajaran hususna dina pangajaran nulis sajak, ogé bisa jadi alternatif

téhnik tés jeung obsérvasi. Tés anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta tés lisan. Tés awal dilakukeun saméméh dibéré “perlakuan”, tujuanna pikeun mikanyaho

Téhnik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik tés pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis biografi singget saméméh jeung

matak ngirut siswa jeung luyu kana pangajaran nu rék ditepikeun. 3) Lantaran ieu panalungtikan ngeunaan média origami dina pangajaran nulis di. SMP ngagunakeun métode