• Tidak ada hasil yang ditemukan

MEDIA AUDIO VISUAL PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGAREGEPKEUN TEMBANG PUPUH SEKAR AGEUNG.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "MEDIA AUDIO VISUAL PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGAREGEPKEUN TEMBANG PUPUH SEKAR AGEUNG."

Copied!
33
0
0

Teks penuh

(1)

halaman

1.1 Kasang Tukang Masalah ...

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ...

1.2.1 Watesan Masalah ...

BAB II NGAREGEPKEUN, TEMBANG PUPUH SEKAR AGEUNG,

MEDIA AUDIO VISUAL, SARTA ANGGAPAN DASAR

2.1 Ngaregepkeun ...

2.1.1 Wangenan Ngaregepkeun ...

2.1.2 Tahap – tahap Ngaregepkeun ...

2.1.3 Rupa – rupa Ngaregepkeun ...

2.1.4 Tujuan Ngaregepkeun ...

2.1.5 Faktor – faktor anu Mangaruhan kana Kualitas Ngaregepkeun ...

(2)

2.2.2 Babagian Pupuh ...

2.2.3 Watek Pupuh ...

2.2.4 Aturan Nulis Pupuh ...

2.2.5 Rumpaka Pupuh Sekar Ageung ...

2.3 Media Audio Visual ...

2.3.1 Wangenan Media Audio Visual ...

2.3.2 Ciri – ciri Media Audio Visual ...

2.3.3 Mangpaat Media Audio Visual ...

2.4 Anggapan Dasar ...

3.1 Metode, Desain, jeung Teknik Panalungtikan ...

3.1.1 Metode Panalungtikan ...

3.1.2 Desain Panalungtikan ...

3.1.3 Teknik Panalungtikan ...

BAB IV DESKRIPSI JEUNG ANALISIS HASIL PANALUNGTIKAN

4.1 Léngkah – léngkah Pangajaran Ngaregepkeun Rumpaka Tembang

Ngagunakeun Media Audio Visual ...

4.1.1 Siklus I ...

4.1.2 Siklus II ...

37

37

(3)

4.2.1 Siklus I ...

4.2.2 Siklus II ...

4.2.3 Ningkatna Hasil Diajar Pra Panalungtikan, Siklus I jeung Siklus II ...

4.3 Ngaronjat atawa Henteuna Kamampuh Ngaregepkeun Rumpaka

Tembang Ngagunakeun Media Audio Visual ... 46

49

52

54

BAB V KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan ...

5.2 Rekomendasi ...

56

57

DAFTAR PUSTAKA...

LAMPIRAN-LAMPIRAN

(4)

Halaman Tabel 3.1

Tabel 3.2

Tabel 4.1

Tabel 4.2

Tabel 4.3

Tabel 4.4

Tabel 4.5

Validitas Butir Soal Tés Kamampuh Siswa...

Waktu Panalungtikan ...

Hasil Diajar Dumasar Peunteun Pra Panalungtikan jeung Siklus I ..

Persentase Hasil Diajar Ngaregepkeun Rumpaka Tembang Pupuh

Sekar Ageung Dumasar Peunteun Pra Panalungtikan jeung Siklus I

Hasil Diajar Ngaregepkeun Rumpaka Tembang Pupuh Sekar

Ageung Dumasar Peunteun Siklus I jeung Siklus II ...

Persentase Hasil Diajar Ngaregepkeun Rumpaka Tembang Pupuh

Sekar Ageung Dumasar Peunteun Siklus I jeung Siklus II ...

Hasil Diajar Ngaregepkeun Rumpaka Tembang Pupuh Sekar

Ageung Dumasar Peunteun Pra Panalungtikan, Siklus I jeung

Siklus II ... 24

34

46

48

49

51

(5)

DAFTAR GAMBAR

halaman Diagram 3.1

Diagram 4.1

Diagram 4.2

Diagram 4.3

Diagram 4.4

Alur PTK ...

Persentase Hasil Diajar Ngaregepkeun Rumpaka Tembang

Pupuh Sekar Ageung Dumasar Peunteun Pra Panalungtikan

jeung Siklus I ...

Persentase Hasil Diajar Ngaregepkeun Rumpaka Tembang

Pupuh Sekar Ageung Dumasar Peunteun Siklus I jeung Siklus

II ...

Hasil Diajar Siswa Dumasar Pra Panalungtikan, Siklus I jeung

Siklus II ...

Rata – rata Hasil Diajar Siswa Dumasar Pra Panalungtikan,

Siklus I jeung Siklus II ... 21

48

51

53

(6)

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Kaparigelan basa ngawengku opat aspék, diantarana ngaregepkeun,

nyarita, maca jeung nulis. Tujuan pangajaran basa Sunda di sakabéh tingkatan

sakola hususna di tingkat SMP, tangtuna waé pikeun meunangkeun jeung ngagali

leuwih jero ngeunaan sastra Sunda tur nyangkem kana opat kaparigelan basa.

Pangajaran ngaregepkeun sarua pentingna sarta raket patalina jeung

nyarita, maca, sarta nulis. Sabab kagiatan awal manusa ti saprak lahir ogé pasti

ngaliwatan ngaregepkeun heula, kakara bisa diajar ngomong atawa nyarita,

satuluyna diajar maca, nu ahirna bisa nulis. Lamun dilenyepan kagiatan

ngaregepkeun téh ampir sarua jeung ngadéngékeun, tapi teu sagemblengna sarua.

Dina ngadéngékeun can tangtu ngaregepkeun, tatapi lamun ngaregepkeun mah

geus pasti ngadéngékeun.

Standar kompetensi lulusan SMP/MTs mata pelajaran basa Sunda kelas IX

ngawengku opat aspék nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Salah

sahiji kompeténsi dasarna nya éta ngaregepkeun rumpaka tembang. Tembang anu

mangrupa salasahiji kabudayaan Sunda, geus sakuduna dipikawanoh ku nonoman

Sunda, ku kituna diajarkeun ti danget sakola kénéh.

Dumasar kana hasil pangamatan di SMP Negeri 14 Bandung, materi

pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang mangrupa salasahiji bahan

pangajaran anu dianggap ngabosenkeun. Faktor nu ngabalukarkeun siswa bosen

téh museur kana diri siswa jeung faktor ti guru. Faktor ti diri siswa nya éta siswa

kurang mampu ngimpleng jeung merhatikeun kana materi. Sedengkeun faktor ti

guru nya éta kurang kreatif dina ngagunakeun alat sarta media pangajaran.

Kamajuan dina widang teknologi, informasi, jeung komunikasi tangtuna

méré pangaruh nu teu leutik kana dunia atikan atawa dunia pendidikan,

sabab dina prosés diajar ngajar aya nu disebut prosés komunikasi. Di jaman anu

geus serba canggih tangtuna geus loba jalma-jalma nu geus pinter kana teknologi

(7)

Ku ayana siswa nu geus palinter dina widang teknologi, tangtuna guru teu

meunang éléh. Sabisa-bisa guru kudu leuwih kréatif jeung inovatif nalika ngajar

sangkan barudakna teu bosen, sarta materi nu diajarkeunana bisa nerap ka para

siswa.

Dina hakékatna prosés diajar ngajar téh mangrupa hiji sistem, nu dijerona

miboga komponén-komponén sangkan prosés diajar ngajar bisa

éféktif. Komponén-komponén nu dimaksud ngawengku tujuan pangajaran, guru,

murid, bahan pelajaran, stratégi belajar, alat atawa media, sumber pelajaran, jeung

evaluasi.

Saluyu kana judul, dina hal ieu media pembelajaran mangrupa alat pikeun

nepikeun informasi ka murid. Ku ayana media dina prosés diajar ngajar tangtuna

dipiharep sangkan media bisa mantuan ningkatkeun prestasi muridna. Ku kituna,

dina nepikeun pangajaran guru dipiharep maké media sangkan tujuan

pembelajaran bisa kahontal jeung siswa gampang nyangkem kana materi. Media

anu saluyu pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngaregepkeun rumpaka

tembang nya éta media audio visual. Media audio visual kacida dibutuhkeunana

dina pangajaran ngaregepkeun, ku kituna tembang Sunda hususna pupuh anu

mangrupa bagian anu penting dina pangajaran basa Sunda kudu diajarkeun ti

danget sakola kénéh.

Tanpa ngaleungitkeun peran guru salaku pangajar, media audio visual ieu

dianggap cocok pikeun ngajarkeun pupuh di kelas. Saenyana disetél ngaliwatan

media audio visual, peran guru di dieu jelas kudu aktif ogé, sangkan siswa leuwih

bisa muserkeun panitén. Ku kituna guru dipiharep sangkan bisa leuwih kreatif

jeung inovatif.

Anu geus nalungtik ngeunaan pangajaran ngaregepkeun jeung media

pembelajaraan aya sababaraha urang, diantarana nya éta ngeunaan Kamampuh

Siswa Ngaregepkeun Dongéng kalawan Ngagunakeun Media Audio di Kelas VII

SMPN 12 Bandung ku Ivan Sufaran Permadi, Média Audio-Visual Dina

Pangajaran Ngaregepkeun Kawih ku Hana Igan Susana, jeung Média

(8)

Nurmayatini. Bahasan anu dipaké béda jeung anu ditalungtik ngeunaan

pangajaran ngaregepkeun tembang kalawan ngagunakeun media audio visual.

Ku kituna pikeun ngaréngsékeun pasualan ngeunaan kurang bisana siswa

dina museurkeun panitén jeung mekarkeun implenganana nalika pangajaran

ngaregepkeun rumpaka tembang, diperlukeun parobahan atawa pamekaran dina

ngagunakeun media ajar. Dumasar éta tinimbangan perlu ayana tindakan kelas.

Ku ayana kitu, ieu panalungtikan téh dibéré judul Media Audio visual Pikeun

Ngaronjatkeun Kamampuh Ngaregepkeun Tembang Pupuh Sekar Ageung

(Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas IX B SMP N 14 Bandung

Taun Ajaran 2012/2013).

1.2 Watesan Jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Media téh kabagi jadi sababaraha jenis diantarana media audio, media

visual, sarta media audio visual. Dumasar kana kasang tukang nu geus

diébréhkeun di luhur, sangkan ieu panalungtikan teu lega teuing ambahanana, ku

kituna baris diwatesanan kana media audio visual.

Masalah dina ieu panalungtikan nya éta leuwih nyoko kana media

pembelajaran nu dipaké dina nepikeun pangajaran ngaregepkeun rumpaka

tembang ka siswa kelas IX B SMP Negeri 14 Bandung kalawan maké media

audio visual. Dina prak-prakanana, siswa diajar sangkan nyangkem kana eusi

rumpaka Pupuh Sekar Ageung nu geus ditayangkeun nu ngawengku pupuh

Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang sarta watesan masalah anu geus diébréhkeun

di luhur, ieu masalah téh diwangun ku sababaraha patalékan di handap ieu.

1) Kumaha prak - prakan pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh

Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula)

(9)

2) Kumaha kamampuh (hasil diajar) siswa dina pangajaran ngaregepkeun

rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung

Dangdanggula) kalawan ngagunakeun media audio visual siswa kelas IX B

di SMP N 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 dina siklus I?

3) Kumaha kamampuh (hasil diajar) siswa dina pangajaran ngaregepkeun

rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung

Dangdanggula) kalawan ngagunakeun media audio visual siswa kelas IX B

di SMP N 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 dina siklus II?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum, tujuan anu hayang dihontal dina ieu panalungtikan téh nya

éta hayang mikanyaho sakumaha kamampuh murid dina pangajaran ngaregepkeun

rumpaka tembang kalawan ngagunakeun media audio visual.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan ngabogaan tujuan hayang ngadeskripsikeun

:

1) prak - prakan pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar

Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula) kalawan

ngagunakeun media audio visual;

2) kamampuh (hasil diajar) siswa dina pangajaran ngaregepkeun rumpaka

tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung

Dangdanggula) kalawan ngagunakeun media audio visual siswa kelas IX B

di SMP N 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 dina siklus I;

3) kamampuh (hasil diajar) siswa dina pangajaran ngaregepkeun rumpaka

tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung

Dangdanggula) kalawan ngagunakeun media audio visual siswa kelas IX B

(10)

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan téh nya éta aya mangpaat anu

sifatna tioritis sarta mangpaat anu sifatna praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tiorotis tina ieu panalungtikan dipiharep bisa méré sumbangan

pikeun kamekaran tiori dina widang atikan. Utamana waé dina widang media

pembelajaran anu bisa ngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun rumpaka

tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula).

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan téh nya éta :

1) Pikeun guru

Guru bahasa Sunda dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh dina milih

media pangajaran, hususna media audio visual dina pangajaran ngaregepkeun

tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula),

sarta mikanyaho kumaha kamampuh siswa séwang-séwangan sanggeus diajar

ngagunakeun media audio visual.

2) Pikeun Siswa

Siswa bisa mikanyaho mangpaat media audio visual dina kagiatan

pangajaran utamana dina kagiatan ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar

Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula), nepi ka bisa

ngaronjatkeun kamampuh jeung rasa sumanget diajar.

3) Nu Nalungtik

Sanggeus ngalaksanakeun ieu panalungtikan, nu nalungtik dipiharep bisa

mikanyaho ngaronjatna kamampuh ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar

Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula) nalika diajar teu

maké media audio visual jeung nalika diajar maké media audio visual.

4) Nu Maca

Hasil panalungtikan ieu dipiharep bisa nambahan pangaweruh nu maca,

hususna ngeunaan media audio visual dina ngaronjatkeun kamampuh

(11)

Asmarandana, jeung Dangdanggula) siswa kelas IX B SMP N 14 Bandung Taun

Ajaran 2012/2013.

1.5 Raraga Tulisan

Laporan panalungtikan ieu diwangun dina wangun skripsi. Léngkah

nyusunna salawasna diaping ku dosén pangaping. Sangkan leuwih jéntré

dihandap kaugel raraga tulisan nu digarap, nya éta ngawengku : ABSTRAK,

PANGJAJAP, DAFTAR EUSI, DAFTAR LAMPIRAN, DAFTAR TABEL,

DAFTAR GAMBAR, BAB I BUBUKA, BAB II NGAREGEPKEUN,

TEMBANG PUPUH SEKAR AGEUNG, MEDIA AUDIO VISUAL, SARTA

HIPOTESIS, BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN, BAB

IVDESKRIPSI JEUNG ANALISIS HASIL PANALUNGTIKAN, BAB V

(12)

BAB III

METODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan

3.1.1 Métode Panalungtikan

Dumasar kana tujuan anu hayang dihontal, ieu panalungtikan téh

ngagunakeun métode Panalungtikan Tindakan Kelas (PTK). Numutkeun Ebbut

(dina skripsi karya Zaine, 2011) panalungtikan tindakan kelas mangrupa kajian

sistematis tina upaya pikeun ngaropéa praktik atikan ku guru ku cara ngalakukeun

tindakan – tindakan dina kagiatan pembelajaran dumasar kana refleksi ngeunaan

hasil tina tindakan kasebut. Aya tilu kecap anu ngawangun PTK, nya éta saperti

ieu didandap.

1) Panalungtikan, hiji kagiatan anu nalaah hiji objék ku cara ngagunakeun cara

jeung aturan métodologi anu tangtu pikeun meunangkeun data atawa informasi

anu miboga mangpaat dina ngaronjatkeun kualitas hiji hal anu ngirut minat.

2) Tindakan, kagiatan anu ngahaja dilakukeun sarta miboga tujuan anu tangtu.

3) Kelas, dina hal ieu teu ngawengku ruangan kelas, tapi dina hal ieu nu dimaksud

kelas téh nya éta sakelompok siswa dina waktu anu sarua, narima pangajaran

anu sarua ti guru anu sarua ogé.

3.1.2 Desain Panalungtikan

Numutkeun Kemmis jeung Mc Taggart (dina Rafi′uddin, 1996)

panalungtikan tindakan bisa ditingal salaku hiji siklus spiral tina penyusunan

perencanaan, pelaksanaan tindakan, pengamatan (observasi), jeung refleksi anu

(13)

Sangkan leuwih jéntré, titénan diagram di handap.

Gambar 3.1 Diagram alur PTK

Kemmis & MC Taggart (Rafi’udin 1997)

Numutkeun diagram diluhur, tahap – tahap panalungtikan bisa katitén dina

katerangan dihandap ieu.

1) Refleksi awal. Tahap ieu dimaksudkeun salaku kagiatan penjajakan nu

dimangpaatkeun pikeun ngumpulkeun informasi ngeunaan situasi-situasi nu

rélevan jeung téma panalungtikan.

2) Rancangan tindakan. Tahap ieu dadasar tina hasil refleksi awal. Lamun dirinci,

rarancang tindakan téh ngawengku tindakan anu rék dilakukeun pikeun

menerkeun, ningkatkeun atawa ngarubah polah anu dipikahayang salaku solusi

tina masalah anu sipatna fleksibel dina harti bisa robah saluyu kana situasi

(14)

3) Pelaksanaan tindakan. Tahap ieu nyoko kana naon anu dilakukeun ku

panalungtik salaku upaya pikeun menerkeun, ningkatkeun atawa ngarobah

dumasar kana rarancang tindakan.

4) Observasi. Tahap observasi ieu nyoko kana instrumen panalungtikan. Dina

kagiatan ieu panalungtik nalungtik hasil atawa dampak tina tindakan anu

dilakukeun ka siswa.

5) Refleksi. Tahap refleksi ieu mangrupa kagiatan analisis sarta interpretasi kana

sakabéh informasi hasil tina kagiatan tindakan. Dina kagiatan ieu, panalungtik

neuleuman sarta mertimbangkeun hasil – hasil tina tindakan. Ngaliwatan

refleksi anu jero, bisa ditarik kacindekan. Réfleksi mangrupa bagian anu

penting dina panalungtikan tindakan kelas, nya éta pikeun maham kana prosés

jeung hasil anu aya, anu mangrupa parobahan salaku akibat tina tindakan anu

geus dilakukeun.

3.1.3 Téknik Panalungtikan

1. Téknik Ngumpulkeun Data

Téknik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan

ngawengku tés kamampuh siswa, observasi, jeung catetan lapangan.

a. Tés Kamampuh Siswa

Tés kamampuh siswa dilaksanakeun pikeun mikanyaho jeung ngukur hasil

diajar siswa dina pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang kalayan

ngagunakeun media audio visual. Tés ieu dilaksanakeun ngaliwatan tés tulis

diunggal tahap pangajaran pikeun mikanyaho jeung ngukur kamampuh siswa dina

ngaregepkeun rumpaka tembang, ti mimiti pra-panalungtikan, siklus I, jeung

siklus II.

b. Observasi

Observasi dina ieu panalungtikan dilakukeun pikeun nalungtik aktivitas

antara guru jeung siswa dina prosés diajar ngajar. Daryanto (2012:15) nétélakeun

(15)

alami. Format observasi dina ieu panalungtikan ngawengku lembar observasi ka

guru jeung lembar observasi ka siswa, anu langsung dieusian ku observer.

c. Catetan Lapangan

Catetan lapangan mangrupa instrumen pikeun nyatet sagala kajadian anu

karandapan dumasar kana tindakan anu dilakukeun ku guru, anu gunana pikeun

nempo perkembangan tindakan jeung perkembangan siswa dina ngalakukeun

prosés pangajaran (Sanjaya, 2009:98). Dina catetan lapangan ieu, dieusian ku

hasil observasi, réaksi, jeung refleksi panalungtikan nalika lumangsungna prosés

pangajaran.

2. Alat Ngumpulkeun Data

Alat ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya éta : 1) lambaran tés,

2) lambaran obsérvasi, jeung 3) catetan lapangan.

a. Lambaran Tés

Lambar tés anu diujikeun dina ieu panalungtikan, mangrupa paréntah anu

kudu dilakukeun ku siswa salila ngalaksanakeun pangajaran ngaregepkeun

rumpaka tembang. Saacan lambar tés dibikeun ka siswa kelas IX B SMP N 14

Bandung, nu nalungtik mikeun heula ieu soal ka kelas X AP (Administrasi

Perkantoran) SMK N Manonjaya pikeun diuji cobakeun, sabab kelas X geus

pernah ngalaman pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang nalika kelas IX.

1) Uji Validitas Butir Soal

Validitas soal mangrupa ukuran ketepatan soal. Numutkeun Arikunto,

Suharsimi (1998:160) “validitas adalah suatu ukuran yang menunjukan tingkat

kevalidan atau kesahihan sesuatu instrumen. Suatu instrumen yang valid atau

sahih mempunyai validitas tinggi. Sebaliknya instrumen yang kurang valid berarti

memiliki validitas rendah.” Pikeun ngitung koevisien validitas dina

panalungtikan nu dilaksanakeun, nu nalungtik ngagunakeun rumus korelasi

(16)

Rumusna nya éta :

Klasifikasi interpretasi koefisien korelasi numutkeun Guilford, (dina

Widaningsih, Dedeh 2008:4d) nya éta saperti ieu di handap.

0,90 ≤ rxy≤ 1,00 Validitas sangat tinggi (sangat baik)

0,70 ≤ rxy< 0,90 Validitas tinggi (baik)

0,40 ≤ rxy< 0,70 Validitas sedang (cukup)

0,20 ≤ rxy< 0,40 Validitas rendah (kurang)

0,00 <rxy< 0,20 Validitas sangat rendah, dan

rxy≤ 0,00 Tidak valid

Hasil perhitungan uji validitas butir soal tés kamampuh siswa dina

pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung ngagunakeun

media audio visual bisa katitén dian lampiran, hasilnas aya dina tabel 3.1 di

handap.

Tabel 3.1

Validtias Butir Soal Tés Kamampuh Siswa

No. Soal Koefisien Validitas Derajat Validitas Keterangan

1 0,77 Tinggi Digunakan

2 0,78 Tinggi Digunakan

3 0,66 Sedang Digunakan

(17)

5 0,63 Sedang Digunakan

Reliabilitas aya hubunganana jeung ketetapan. Pikeun ngukur reliabilitas

tés bentuk uraian, ngagunakeun rumus Alpha Cronbach saperti ieu di handap.

�11 =

r = Koefisien reliabilitas

n = Banyaknya soal

Klasifikasi interpretasi koefisien korelasi numutkeun Guilford, J.P

(Widaningsih, Dedeh 2008:4d) nya éta saperti ieu di handap.

r11< 0,20 Derajat reliabilitas sangat rendah

(18)

0,70 ≤ r11< 0,90 Derajat reliabilitas tinggi

0,90 ≤ r11≤ 1,00 Derajat reliabilitas sangat tinggi

Numutkeun hasil itungan tés kamampuh siswa dipaluruh hasil r11 =

0,94. Ku kituna, soal tés kamampuh siswa asup kana kategori reliabilitas sangat

tinggi.

Ditilik tina validitas butir soal jeung reliabilitas instrumen nu geus

dijéntrékeun, bisa dicindekkeun yén soal tés kamampuh siswa layak pikeun

digunakeun dina ieu panalungtikan. Hasil itungan uji validitas jeung reliabilitas

bisa katitén dina lampiran.

Ngaregepkeun Rumpaka Tembang Pupuh Sekar Ageung

Eusian patalékan – patalékan di handap !

Kinanti

1. Budak leutik dina pupuh Kinanti, sok liar (ngapungna) wayah naon?

2. Naon nu ditéangan ku éta budak leutik?

3. Ngadon naon cenah éta budak leutik lamun beurang-beurang

aleuntreup dina tangkal kai?

4. Kumaha disadana éta budak leutik téh?

5. Naon nu dimaksud “budak leutik” dina éta pupuh?

Sinom

6. Dina pupuh Sinom nu tadi, naon nu jadi udagan manusa di dunya,

malahan tepi ka ngahalalkeun sagala cara?

7. Naon nu sok kapopohokeun ku jalma di dunya téh?

8. Dina pupuh Sinom nu tadi, naon anu bisa nedunan sagala kahayang

téh?

9. Naon sasruaan harta jeung harti?

10.Naon bédana harta jeung harti?

Asmarandana

11.Saha musafir anu keur sila sisi jalan?

(19)

13.Naha bet éta musafir jadi sasadu ménta hampura sanggeus nempo ka

jalma anu ngadupakna?

14.Naon nu dilakukeun ku ngadupak (nu balangsiar) sanggeus manéhna

labuh nindihan musafir?

15.Ahirna musafir jeung nu balangsiar jadi sosobatan dalit, jeung musafir

bisa ngabantuan nu balangsiar dina néangan sandang pangan ku

cara……….

Dangdanggula

16.Lambang RI jero pisan hartina lamun ku urang di……….

17.Naon lambang Naara Republik Indonesia?

18.Naon Semboyan Nagara urang?

19.Naon harti Semboyan Nagara urang?

20.Naon nu jadi wujud Bangsa Indonesia, dina pupuh Dangdanggula nu

tadi?

b. Lambaran Obsérvasi

Lambaran obsérvasi mangrupa salasahiji instrumen anu dipake pikeun

ngumpulkeun data dina panalungtikan.dina observasi ieu aya dua hal anu

ditalungtik, nya éta lambar obsérvasi aktivitas guru jeung lambar obsérvasi

aktivitas siswa.

1. Lambaran Observasi Aktivitas Guru

Observer niténan langsung jeung ngaévaluasi panalungtik (guru) nalika

keur ngajar salila lumangsungna prosés KBM.

Lembar Observasi Aktivitas Guru

Wasta Obsérver :

(20)

Standar Kompetensi : 9.1 Mampu menyimak untuk memahami dan menanggapi

wacana lisan yang berupateks pidato/khotbah, lirik lagu

jenis tembang, dan pembacaan cerita pendek.

Kompetensi Dasar : 9.1.2 Menyimak lirik (rumpaka) lagu – lagu jenis

tembang.

No. Aktivitas Ya Tidak Komentar

1. Kagiatan Awal

a. Nuliskeun topik

pangajaran, ngabsén.

b. Ngajelaskeun ngeunaan

tujuan pembelajaran

c. Méré apersepsi jeung

motivasi.

d. Ngainstruksikeun siswa

sangkan ngaregepkeun

materi nu rék diajarkeun.

2. Kagiatan Inti

a. Méré materi pangajaran

ngeunaan ngaregepkeun

rumpaka tembang.

b. Mapagahan siswa sangkan

bisa ngaregepkeun

tembang anu rék disetél

ngaliwatan media audio

visual.

c. Nyetél tembang

ngaliwatan media audio

(21)

d. Ngabimbing siswa

sangkan bisa

ngaregepkeun kalawan

daria

e. Méré kasempetan ka

siswa pikeun nanya.

2. Kagiatan ahir

a. Negeskeun deui matéri

pangajaran anu geus

ditepikeun

b. Ngalaksanakeun tes.

c. Mungkas kagiatan

pangajaran.

Jumlah

Catatan Obsérver :

Bandung, Nopember 2012

Observer Nu Nalungtik

_______________________________ Karina Barliani

(22)

2. Lambaran Observasi Aktivitas Siswa

Observer niténan aktivitas siswa salila lumangsungna prosés pangajaran

anu aya patalina jeung motivasi anu tumuwuh salila prosés pangajaran.

Lembar Obsérvasi Aktivitas Siswa

Wasta Obsérver :

Poé, Ping :

Jam :

Standar Kompetensi : 9.1 Mampu menyimak untuk memahami dan

menanggapi wacana lisan Yng berupa téks

pidato/khutbah, lirik lagu jenis tembang, dan

pembacaan cerita pendek.

Kompetensi Dasar : 9.1.2 menyimak lirik (rumpaka) lagu – lagu jenis

tembang.

No. Aktivitas Ya Tidak Komentar

1. Kagiatan Awal

a. Nurut nalika

dikondisikeun

b. Ngarti kana apersepsi

materi anu rék

diterangkeun

c. Sumanget jeung

ngabogaan motivasi diajar

d. Ngarti kana tujuan jeung

léngkah-léngkah

(23)

dihontal salila pangajaran

2. Kagiatan Inti

a. Ngabandungan materi

ngeunaan ngaregepkeun

rumpaka tembang.

b. Siswa kalibet kana

pangajaran nagregepkeun

rumpaka tembang nu

disetel ngaliwatan media

audio visual.

c. Segep dina ngabandungan

rumpaka tembang anu di

setel ngaliwatan media

audio visual.

d. Siswa nanyakeun

ngeunaan kekecapan anu

kurang dipikaharti.

2. Kagiatan ahir

a. Siswa ngalaksanakeun tes.

b. Siswa merhatikeun kana

penegasan materi.

c. Mungkas kagiatan

pangajaran.

Jumlah

(24)

Bandung, Nopember 2012

Observer Nu Nalungtik

Karina Barliani

NIM 0902488

c. Catetan Lapangan

Catetan lapangan dieusian ku observer salaku catetan salila prosés

pangajaran lumangsung anu mangrupa catetan kajadian dina pangajaran anu

henteu nyampak dina lembar obsérvasi.

Lambaran Catetan Lapangan

Wasta Observer : ...

Poé, Ping : ...

Jam : ...

Catetan Lapangan Refleksi jeung Analisis

Bandung, Nopember 2012

(25)

_______________________

NIP/NIM.

3.2 Analisis Data

Analisis data dilakukeun dina unggal siklus, salaku refleksi pikeun

parobahan dina siklus satuluyna. Aya sababaraha tahapan dina analisis data,

diantarana :

1) Ngawilah – wilah data saluyu jeung fokus masalah. Dina tahapan ieu

panalungtik ngawilah – wilah data mana anu rék dipaké dina panalungtikan

pikeun ngumpulkeun data, tuluy dikumpulkeun dumasar fokus masalahna.

2) Napsirkeun data nu geus diwilah – wilah dina wangun pernyataan.

3) Nganalisis data anu mangrupa hasil tés ngaregepkeun rumpaka tembang dina

unggal tindakan pikeun mikanyaho hasil panalungtikan anu geus ditangtukeun.

Kriteria ketuntasan minimal (KKM) mata pelajaran basa Sunda di SMP Negeri

14 Bandung nya éta 75. Siswa dianggap tuntas lamun bisa ngahontal KKM

atawa leuwih ti 75, sedengkeun anu disebut can tuntas nya éta siswa anu can

ngahontal 75 atawa peunteunna kurang ti 75.

4) Nganalisis hasil observasi aktivitas guru jeung siswa ku cara ngitung unggal

presentasi tiap kategori dina unggal tindakan anu dilakukeun ku panalungtik

jeung ngitung presentasi ti observer.

5) Nganalisis hasil catetan lapangan salaku hasil refleksi panalungtik kana prosés

pangajaran anu teu ditepikeun jeung teu dijelaskeun observasi ku sabab muncul

kalawan teu direncanakeun saméméhna salaku bahan tinimbangan pikeun

ngalakukeun refleksi anu baris dilarapkeun dina kagiatan pangajaran.

6) Ngalakukeun analisis kualitatif, nya éta nyindekkeun ngaronjat henteuna hasil

pangajaran anu geus dilaksanakeun dumasar tina hasil observasi kalawan

(26)

7) Nyindekkeun hasil panalungtikan, dumasar kana analisis hasil observasi anu

disaluyukeun jeung tujuan panalungtikan anu dijelaskeun dina kalimah

pernyataan.

3.3 Setting Panalungtikan

Setting panalungtikan ngawengku lokasi panalungtikan, subjék

panalungtikan, jeung waktu pelaksanaan panalungtikan.

3.3.1 Lokasi Panalungtikan

Panalungtikan tindakan kelas ieu dilakukeun di SMP Negeri 14 Bandung

Jln. Lapang Supratman No. 14 Bandung. Jln Lapang Supratman ayana di

sagédéngeun Lapang Supratman, payuneun Pusat Senjata Infanteri (PUSSENIF).

3.3.2 Subjek Panalungtikan

Subjek dina ieu panalungtikan nya éta siswa SMP Negeri 14 Bandung

kelas IX B anu jumlahna 38 urang, ngawengku 16 siswa lalaki jeung 22 siswa

awéwé.

3.3.3 Waktu Panalungtikan

Panalungtikan ieu dilaksanakeun kurang leuwih sabulan, nya éta bulan

Nopember tepi ka Desember 2012.

Tabel 3.2

Waktu Panalungtikan

No. Kagiatan Waktu

1. Pra panalungtikan 6 Nopember 2012

2. Siklus I 13 Nopember 2012

(27)

3.4 Prosedur Panalungtikan

Prosedur panalungtikan ieu ngawengku sababaraha kagiatan anu

dilaksanakeun salila kagiatan panalungtikan, ti mimiti kagiatan awal tepi ka

kagiatana ahir, diantarana saperti ieu di handap.

1) Réfleksi awal tina pangajaran ngeregepkeun anu geus diajarkeun.

2) Ngaidéntifikasi pasualan di kelas anu ngabalukarkeun munculna pasualan anu

karandapan ku siswa dina pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang.

3) Netepkeun media pangajaran anu baris digunakeun dina pangajaran

ngaregepkeun rumpaka tembang. Ngaliwatan media anu dipilih dina prosés

pangajaran, dipiharep dina ngeregepkeun rumpaka tembang kamampuh siswa

bisa ngaronjat. Ku kituna media anu dipilih pikeun ngungkulan masalah anu

aya nya éta media audio visual.

4) Netepkeun jumlah siklus salila pelaksanaan PTK, nya éta dua siklus.

5) Nganalisis Standar Kompetensi (SK), jeung Kompetensi Dasar (KD).

6) Nyusun Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).

7) Nyieun instrumen panalungtikan pikeun masing masing siklus anu

ngawengku : lambar observasi guru, lambar observasi siswa, jeung catetan

lapangan.

8) Ngajukeun proposal panalungtikan

9) Nyusun bab I, bab II, jeung bab III.

10) Prak – prakan pra panalungtikan.

11) Prak – prakan siklus I.

12) Refleksi tindakan siklus I, anu hasilna digunakeun pikeun parobahan dina

nagtukeun perbaikan tindakan dina siklus II.

13) Prak – prakan siklus II.

14) Refleksi tindakan siklus II, anu hasilna digunakeun salaku kacindekan

panalungtikan. Dina siklus II mangrupa siklus pamungkas jeung siklus

perbaikan anu pamungkas pikeun mikanyaho ngaronjat atawa henteuna KBM

(28)

15) Nyusun bab IV jeung bab V.

16) Ujian sidang skripsi panalungtikan.

3.5 Wangenan Operasional

Sangkan ulah aya kasalahan nafsirkeun atawa méré interférénsi nu sarua

kana variabel-variabel nu aya dina panalungtikan, perlu ayana définisi nu aya dina

judul ngeunaan istilah – istilah nu dipaké. Ku kituna nu nulis baris ngajéntrékeun

masalah/variabel ngeunaan istilah nu dipaké.

1) Média Audio visual

Média audio visual nya éta média anu ngabogaan unsur sora jeung unsur

gambar.

2) Ngaregepkeun

Ngaregepkeun nya éta ngadéngékeun kalawan enya – enya ngahartikeunana.

3) Tembang

Tembang nya éta lagu jelema dina pupuh, ngalagu nurutkeun pupuh.

4) Pupuh

Pupuh nya éta guluyurna sora jelema anu ngalagu, sok disebut ogé sekar,

lobana aya 17 : Asmarandana, Balakbak, Dangdanggula, Durma, Jurudemung,

Gambuh, Gurisa, Kinanti, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang,

Mijil, Pangkur, Pucung, Sinom, jeung Wirangrong

5) Sekar Ageung

Sekar ageung nya éta papasingan pupuh nu ngawengku pupuh Kinanti, Sinom,

(29)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Hasil panalungtikan anu dilaksanakeun ka siswa kelas IX B SMP Negeri

14 Bandung taun ajaran 2012/2013 mangrupa data hasil Panalungtikan Tindakan

Kelas anu dilaksanakeun dina dua siklus, nya éta siklus I jeung siklus II. Dumasar

kana hasil panalungtikan jeung pembahasan anu geus dilaksanakeun, bisa

dicindekkeun yén media audio visual bisa ngaronjatkeun kamampuh

ngaregepkeun rumpaka tembang. Sangkan leuwih jéntré, di handap ieu baris

diécéskeun deui ngeunaan kacindekan hasil panalungtikan.

1) Prak – prakan kagiatan pangajaran dilaksanakeun dina dua siklus. Dina siklus I

prak-prakan pangajaran tacan pati bisa dilaksanakeun saluyu jeung rarancang

kagiatan pangajaran anu geus ditangtukeun. Kaaktipan, saregepna siswa nalika

ngaregepkeun rumpaka tembang, jeung prosés pangajaran sacara umum geus

bisa diungkulan, tapi nalika dina ngamotivasi, waktu, panitén siswa, sarta

pamahaman siswa kana eusi rumpaka tembang sacara lengkep masih kénéh

katitén tacan maksimal. Kurangna konséntrasi siswa nalika prosés

ngaregepkeun rumpaka tembang tur waktu nu kurang efisien ngabalukarkeun

kurang efektifna kagiatan pangajaran. Dina siklus II prak-prakan kagiatan

pangajaran geus bisa dilaksanakeun saluyu jeung rarancang pangajaran sarta

kagiatan pangajaran karasa leuwih efektif dibandingkeun dina siklus I.

Motivasi, waktu, panitén, sarta pamahaman siswa anu kurang nalika

pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang geus bisa diungkulan , tepi ka

katitén siswa geus bisa maham kana eusi rumpaka tembang anu geus

diajarkeun.

2) Hasil diajar ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung dina pra

(30)

rata peunteun anu dihontal dina pra panalungtikan nya éta 70,26. Dina siklus I

aya 34 urang atawa 89,47% asup kana kategori tuntas, sedengkeun 4 urang

atawa 10,53 % asup kana kategori tacan tuntas. Rata – rata peunteun anu

dihontal dina siklus I nya éta 83,95. Hasil diajar siswa dina siklus II nya éta

100% atawa kabéh siswa tina 38 urang asup kana kategori tuntas. Rata – rata

peunteun anu dihontal ku siswa dina siklus II nya éta 91,05.

3) Tina hasil diajar siswa nalika prosés pangajaran pra panalungtikan, siklus I,

jeung siklus II katitén yén hasil diajar siswa geus ngaronjat. Nalika pangajaran

pra panalungtikan, hasil rata – rata siswa nya éta 70,26 sedengkeun dina siklus

I nya éta 83,95 jeung siklus II nya éta 91,05. Dina pra panalungtikan hasil

diajar siswa masih tacan maksimal, hal ieu dipangaruhan ku sababaraha faktor

misalna waé siswa kurang bisa museurkeun panitén nalika diajar ngaregepkeun

rumpaka tembang lantaran teu ngagunakeun media pangajaran. Tina siklus I

hasil diajar siswa geus mimiti ngaronjat dibandingkeun dina pra panalungtikan

sanajan hasil diajar siswa tacan bisa tuntas 100%. Nalika siklus II geus bisa

katitén yén hasil diajar siswa ngaronjat 100%.

5.2 Rekomendasi

Sabada diayakeun panalungtikan ngeunaan pangajaran ngaregepkeun

rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung

Dangdanggula) kalawan ngagunakeun media audio visual, aya sababaraha

rekomendasi saperti ieu dihandap.

1) Tina hasil panalungtikan, media audio visual bisa digunakeun salaku salasahiji

alternatif media pangajaran dina ngaregepkeun rumpaka tembang atawa dina

pangajaran séjén.

2) Nalika prosés pangajaran, leuwih hadé lamun waktu anu rék digunakeun téh

dirarancang jeung ditangtukeun heula sangkan prosés diajar bisa dipaké

kalawan optimal.

3) Dina ngagunakeun media audio visual nalika prosés pangajaran, guru kudu

(31)

visual salaku dadasar tumuwuhna rasa saregep, konsentrasi dina ngaregepkeun

rumpaka tembang, sangkan media audio visual bisa diterapkeun dina prosés

pangajaran.

4) Perhatian anu dibikeun ku guru ka siswa nalika kagiatan pangajaran

ngaregepkeun rumpaka tembang ngagunakeun media audio visual, kudu

leuwih dironjatkeun deui sangkan siswa bisa ngaregepkeun rumpaka tembang

kalawan saregep. Nalika prosés pangajaran kudu leuwih fokus kana hal – hal

anu rék ditepikeun sangkan prosés pangajaran bisa saluyu jeung tujuan anu

hayang dihontal.

5) Sanggeus diayakeun panalungtikan ka kelas IX B SMP Negeri 14 Bandung

Taun Ajaran 2012/2013 dipiharep kahareupna aya panalungtikan séjén anu

leuwih daria deui ngeunaan media audio visual dina materi pangajaran

(32)

DAFTAR PUSTAKA

Agung, Iskandar. 2012. Panduan Penelitian Tindakan Kelas bagi Guru. Jakarta :

Bestari Buana Murni.

Arikunto, Suharsimi. 1998. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktek.

Jakarta : PT Rineka Cipta.

Danadibrata. R. A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung : PT Kiblat Buku Utama

Daryanto. 2012. Panduan Operasional Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta :

Prestasi Putrakarya.

Dwi Tresna. D., Zaine. 2011. Model Pangajaran Role Playing Pikeun

Ngaronjatkeun Kamampuh Siswa Dina Ngadongéng Sasakala (Tindakan

Kelas Ka Siswa Kelas XI C2 SMA 1 Pasundan Bandung Taun Ajaran

2010/2011). SKRIPSI di JPBD FPBS UPI Bandung : teu dipedalkeun.

Hidayat, Rachmat Taufiq. dkk. 2007. Peperenian Urang Sunda. Bandung : Kiblat.

Rustandi, Cecep dan Bambang Sutjipto. 2011. Media Pembelajaran Manual dan

Digital. Bogor : Ghalia Indonesia

Sanjaya, Wina. 2009. Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta: Kencana Prenada

Media Group.

Sudjana, Nana dan Ahmad Rivai. 2011. Media Pengajaran. Bandung : Sinar Baru

Algensindo.

Suryani, Elis. 2011. Calakan Akasara, Basa, Sastra Katut Budaya Sunda. Bogor :

Ghalia Indonesia.

Sutisna, Ade. 2008. Ihktisar Media Pembelajaran Bahasa & Sastra. Wanayasa :

(33)

Tarigan, Henry Guntur. 2008. Menyimak Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.

Bandung : Angkasa Bandung.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung : UPI.

Waryanto, Nur Hadi. 2007. Penggunaan Media Audio Visual dalam Menunjang

Pembelajaran. Yogyakarta : UNY . Teu dipedalkeun.

Widaningsih, Dedeh. 2008. Evaluasi Pendidikan Matematika Berdasarkan

Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) (Untuk Melengkapi Bahan

Perkuliahan Evaluasi Pembelajaran Matematika pada Program Studi

Gambar

Tabel 3.1 Validitas Butir Soal Tés Kamampuh Siswa......................................
Gambar 3.1 Diagram alur PTK
Tabel 3.1
Tabel 3.2
+2

Referensi

Dokumen terkait

Sebelum melaksanakan praktek mengajar, praktikan membuat RPP sesuai dengan kompetensi yang akan diajarkan. Praktikan mendapat kesempatan untuk mengajar menggunakan

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan dan menelaah kualitas BSE serta Non- BSE fisika, selanjutnya mendeskripsikan perbedaan kualitas BSE dan Non-BSE Fisika

Pelaksanaan Anggaran Belanja Pemerintah Pusat dan Daerah butuh partisipasi dan sinergi antar pemangku kepentingan .... UU 25/2004

[r]

Kasalahan Éjahan Dina Nulis Warta Siswa Kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Ilmu Pendidikan. © Pia Arina Iskandar 2015 Universitas

Perhitungan penetapan kadar sari larut dalam etanol

Berdasarkan hal tersebut, permasalahan yang diangkat didalam skripsi ini adalah bagaimana pengaturan hukum mengenai perpajakan di Indonesia, bagaimana pelaku tindak pidana